TUNGTUNG HIRUP ANU ALUS

 **Khutbah ka 1**

إِنّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن.
يَاأَيّهَا الّذَيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ حَقّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنّ إِلاّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
يَاأَيّهَا النَاسُ اتّقُوْا رَبّكُمُ الّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيْرًا وَنِسَاءً وَاتّقُوا اللهَ الَذِي تَسَاءَلُوْنَ بِهِ وَاْلأَرْحَام َ إِنّ اللهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا
يَاأَيّهَا الّذِيْنَ آمَنُوْا اتّقُوا اللهَ وَقُوْلُوْا قَوْلاً سَدِيْدًا يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْلَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللهَ وَرَسُوْلَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا، أَمّا بَعْدُ ...
فَأِنّ أَصْدَقَ الْحَدِيْثِ كِتَابُ اللهِ، وَخَيْرَ الْهَدْىِ هَدْىُ مُحَمّدٍ صَلّى الله عَلَيْهِ وَسَلّمَ، وَشَرّ اْلأُمُوْرِ مُحْدَثَاتُهَا، وَكُلّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلّ بِدْعَةٍ ضَلاَلَةً، وَكُلّ ضَلاَلَةِ فِي النّارِ.
Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullah.
Saparantosna urang ngedalkeun kalimat tahmid, kalimat tahlil, minangka muji ka Alloh swt Dzat anu hiji hijina tempat panyalindungan pikeun urang tina sagala perkara, mangka teuaya sanes anu pang pantesna didugikeun dina majelis ieu salian ti wasiat taqwa, nyaeta hiji kalimat anu parantos disebut ku Allah swt, dina sajumlah ayat dina Al Qur'an Sarta Rasulullah saw, remen pisan nganasehatan para Sahabat dina khutbah khutbahna sakumaha anu di dugikeun ka dua sahabat nyaeta Abu Dzar sareng Mu'ad bi Jabal anu diriwayatkeu ku At Thirmidzi Mantena ngandika
عن أبى ذر قال رسول الله اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ، وَاَتْبِعِ السَّيِّئَةَ اْلحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ (رواه الترمذي)
Katammpi ti Abu Dar rd anjeuna sasuran yen Rasulullah saw ngandika geura taraqwa ka Allah keur dimana wae anjeun ayana sarta tuturkeun satiap lampah goreng ku amal anu hade sarta pigawe kahadean ka sasama manusa (HR Thirmidzi)
Hadis anu nembe teh jelas parantos nerangkeun ka urang yen kataqwaan teh teu diwates ku waktu sarta tempat.
Naon nu di pahamkeun ku para sahabat anu mulya teu sasederhana anu kaharti ku urang minangka kalimat nu remen ku urang ka bandungan, gampang di ucapkeun tapi susah mahamkeunana komo ngamalkeunana dina kahirupan sapopoe.
Lantaran pentingna ma'na kalimat Taqwa, Sahabat Umar bin Khathab, kungsi nerangkeun yen Taqwa teh nyaeta
التَّقْوَى هُوَ اْلخَوْفُ بِاْلجَلِيلِ وَاْلعَمَلُ بِالتَّنْزِيلِ وَالرِّضَى بِالْقَلِيلِ وَاْلاِسْتِعْدَادِ بِيَوْمِ الرَّحِيلِ
Taqwa nyaeta boga rasa sieun ka Allah sarta ngawujudkeun dina amal, anu luyu sareng parentah Allah, sarta mitutur ka Rasul-Na jeung ngarasa cukup ku naon wae nu parantos di karuniakeun sarta saterusna tatahar diri pikeun nyanghareup ka Allah jaga diyaumal hisab.
Satemena bagian manusa atawa nu mangrupakeun modal utama teh nyaeta umurna. Ibarat bibit atawa modal. Lamun melakeun modalna atawa bibitna hade tangtu bakal ngahasilkeun tur mere mangfaat ku hasil nu mucekil jaga di akherat. Tapi lamun melakeun bibit, atawa ngolah modalna teh sangeunahna tur lalawora tegesna ngeusian umur ku amal amal nu maksiat sarta kajahatan nepi ka tungtung hirupna, maka baris papanggih jeung Allah dina kaayaan kacida rugina.
عن معاذبن جبال قال : قال رسول الله لاَ تَزُولُ قَدَمَ عَبْدٍ يَوْمَ اْلقِيَامَةِ حَتَّى يُسْأَلَ عَنْ أَرْبَعٍ حِصَالٍ, عَنْ عُمْرِهِ فِيْمَا أَفْنَاهُ, وَعَنْ جَسَدِهِ فِيْمَا أَبْلاَهُ وَعَنْ مَالِهِ مِنْ أَيْنَ اَكْتَسَبَهُ وَفِيْمَا أَنْفَقَهُ وَعَنْ عِلْمِهِ مَاذَا عَمل فيه ( رواه الترمذى)
Katampi ti Mu'ad bin jabal rd yen satemena anjeuna sasauran Parantos ngadawuh Rasulullah saw." Moal bisa ngalengkah suka hiji hamba jaga diyaumal qiyamah sahingga ditanya heula ngeunaan opat pekara nyaeta: umurna dipake naon wae, ngeunaan jasad / awakna keur naon dimanfaatkeun, hartana meunang usaha timana sarta kamana diinfakeunana nu ka opat elmu pangaweruh nu dipibanda kumaha cara ngamalkeunana (HR Thirmidzi)
Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullah.
Anu opat perkara di penta tanggungjawabna jaga diyaumal hisab teh apanan sadayana ge aktipitas hirup urang anu sa rengkak paripolah usik diri obah awak, sagala pagawean teh kedah aya dina ugeran ibadah.
Sakumaha dawuhan Allah swt.
أَفَحَسِبْتُمْ أَنَّمَا خَلَقْنَاكُمْ عَبَثًا وَأَنَّكُمْ إِلَيْنَا لَا تُرْجَعُونَ 115. فَتَعَالَى اللَّهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ لَا إِلَهَ إِلَّا هُوَ رَبُّ الْعَرْشِ الْكَرِيمِ 116 ( المؤمنون 115-116)
*Kukituna naha maraneh nyangka yen saestuna Kami ngayugakeun maraneh teh ngan kaheureuyan wungkul, ? jeung yen maraneh moal bakal dipulangkeun ka Kami ? Nya maha Luhung Allah, raja anu hak taya deui pangeran anging Anjeuna,Pangeran anu kagungan Arasy anu mulya.* (QS. Al Mu'minun 115-116)
بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعْنِى وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمِ
**Khutbah ka 2**
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الََّذِِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullah
Hirup urang dialam dunya teh lir ibarat keur namu atawa nyemah atuh pasti dina hiji wanci mah anu nyemah teh kudu mulang tipanyemahanana balik kalembur sok sanajan beda beda waktuna nganjang teh aya nu lami aya ngan sa kedap.oge aya nu ngan sajorelat. Sarta dina aturan nganjang atawa nyemah teh geus tangtu minangka tatamu kudu ngahargaan sarta ngahormat kanu dianjangan ku jalan ngajaga sopan santun kuakhlak anu hade.salami urang nyemah.
Allah swt ngadawuh
وَلِكُلِّ أُمَّةٍ أَجَلٌ فَإِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ لَا يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً وَلَا يَسْتَقْدِمُونَ ( الاعراف 34)
*Jeung pikeun saban saban umat oge aya ajalna. Nya upama datang ajalna, maranehna moal bisa menta diundurkeun sakeudeung oge jeung moal bisa menta dipajukeun*.(QS Al A'raaf 34)
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَا قَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوا اللَّهَ إِنَّ اللَّهَ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُونَ ( الحسر 18)
*Yeuh jalma jalma nu ariman masing taqwa ka Allah sarta saban jalma kudu nebfetan naon naon nu geus ditataharkeun pikeun jaga; jeung masing taqwa ka Allah, lantaran saestuna Allah maha uninga kana saniskara anu kumaraneh dipilampahkeun*. (QS Al Hasr 18)
Hadirin Kaum Muslimnin Sidang Jum'ah Rohima kumullah
Mudah mudahan hirup urang, umur urang ditangtayungan ku Allah swt. sahingga salalamina urang dipasihan kalancaran pikeun ngalakonan ibadah ka Mantenna sarta mudah mudahan dina saatna engke kudu ninggalkeun alam Dunya ieu urang aya dina tungtung hirup anu alus.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ.
رَبّنَا لاَتُؤَاخِذْ نَا إِنْ نَسِيْنَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبّنَا وَلاَ تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى اّلذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا رَبّنَا وَلاَ تًحَمّلْنَا مَالاَ طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلاَنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ.
رَبَنَا ءَاتِنَا فِي الدّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النّارِ. والحمد لله رب العالمين.
وَصَلَّى اللهُ عَلىَ نَبِيِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَآَخِرُ دَعْوَانَا أَنَّ الْحَمْدَ لِلهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM