NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN
مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. يَا أَيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ تَعَالَى: يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ.
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ (البقرة 183)
“ Yeuh jalma jalma anu ariman kamaraneh geus diwajibkeun puasa cara nu nggeus diwajibkeun ka jalma jalma anu samemeh maraneh sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu tarakwa (QS al Baqarah 183)
Hadirin kaum muslimin sidang jum’ah Rahimakumullah
Shaum teh hiji rukun anu kacida dipentingkeunana ku agama-agama nu tiheula
Di Mesir shaum dilakonan ti zaman ahli ahlina nyarembah berhala, malah nagri Griek sarta Rum henteu tinggaleun mentingkeun shaum. Nya kitu deui urang Hindu nepi ka ayeuna masih keneh sok shaum ngan tangtu cara atawa modelna sarta waktuna beda.
Dina kitab Taurat jeung Injil shaum kacida dipujina, malah aya katerangan anu negaskeun yen Nabi Musa as kantos shaum lamina opat puluh dinten, nyakitu deui nabi Isa as katut para sahabatna .
Sanajan anu sok nyembah berhala oge sok rajeun shaum, tapi ari tujuanana mah teu sarua jeung kaum Muslimin.
Kaum Musyrikin shaumna sangkan dibersihkeun dosa dosana tur ulah meunang bebendon Pangeran. Aya oge anu shaumna ku jalan mutih sangkan laksana sagala panejana, tinekanan sagala kahayang na, bisa ngaleungit, atawa jadi weduk jeung sajaba ti eta.
Ari shaum anu diwajibkeun ka bangsa Yahudi, henteu meunang dahar nginum leuwih ti sakali sapoe sapeuting. Katetepan ieu teh lila lila mah ku maranehna dirobah, shaumna teh jadi ti tengah peuting nepi ka tengah poe ( Kl jam 12.00 beurang), bukana teh lain peuting tapi tengah poe. Malah ayeuna mah make aya tambahan, nyaeta shaum pangeling eling diboyongna nagara kaum Yahudi lilana saminggu.
Dina Agama kristen aya rupa rupa shaum, aya disebut shaum daging, shaum lauk, shaum endog. Aya sabagian bangsa urang oge anu shaum cara urang kristen, ngan disebutna lain shaum tapi matang puluh cenah ngarah calakan.
Ari shaum nu diparentahkeun ku Islam mah, lain shaum rek mareuman bebendon Pangeran, atawa mikat karidoana-Na, lain mutih lain matang puluh, tapi Nahan diri tina Dahar nginum jeung jima ti mimiti bijil fajar nepi ka surupna panon poe, nohonan parentah Allah swt. Kalawan nganggap yen shaum teh hiji didikan pikeun ngalesu kalbu, nyangkling budi supaya jadi jalma anu salilana tha’at sarta mibakti ka Allah swt.
Dina ayat diluhur ditungtungan ku kecap LA ALAKUKUM TATAQUN anu maksudna : Pangna diwajibkeun shaum teh nyaeta sangkan jadi jalma anu taqwa anu mibakti, sarta supaya kaasup muttaqin.
Nurutkeun galurna ieu ayat, urang bisa mastikeun, yen shaum teh ibarat taraje, tetecean jalma nu hayang naek kana martabat muttaqin.
Naha enya shaum teh ibarat taraje anu bisa ngaronjatkeun jalma-jalma kana martabat muttaqin ? Mangga urang wicik hiji hijina anu kawengku ku diwajibkeunana shaum.
1) Waktuna shaum teh timimiti bijil fajar nepi ka surupna panon poe, tegesna sajeroning waktu eta urang ngalakonan ibadah, nu sawadina kudu ngajauhan lampah lampah anu jahat larangan Allah, lantaran kacida teu pantesna jalma nu keur mibakti ka Allah bari ngalakonan lampah jahat.
Lamun Manehna geus kuat ngajauhan larangan Allah dina jero sabulan, tangtu tambah enteng pikeun dirina ngajauhan larangan Allah dina saban waktu, sedengkeun ngajauhan larangan Allah dina saban usik malik teh kaasup sifat jalma muttaqin.
2) Jalma anu ngalakonan shaum teh kudu nahan dirina tina dahar, nginum jeung jima. Sedeng ieu anu tilu rupa teh kacida dipikaresepna jeung dipikasukana.
Lamun manehna geus kuat nahan diri tina nu dipikasukana dina jero sabulan, tangtu bakal nimbulkeun kakuatan anu luar biasa, pikeun ngawer hawa nafsu jeung nahan diri tina ngalakonan kadorakaan, kamaksiatan, sanajan eta kamaksiatan dipikaresep ku dirina. Ari nahan diri tina ngalakukeun ma’siat teh jalma muttaqin.
3) Jalma nu geus maksakeun maneh nahan kalaparan jeung dahaga dina jero sabulan tangtu bisa ngukur kumaha payahna jalma anu malarat masakat, anu meh saban poe ngarandapan kalaparan, dilantarankeun ku kawaluratanana.
Kukituna tangtu manehna jadi leuwih adil timbang tarajuna, tambah miha’at, daek mere maweh ka pakir miskin, sarta moal kaleked ngaluarkeun zakat, atawa mere sumbangan keur kaperluan umum. Kumanehna geus karasa kumaha rasana lapar jeung halabhabna anu biasa karandapan ku pakir miskin, anu teu kanti-kanti ku kasedih, teu suwung suwung ku kabingung, mikiran kumaha karupekanana alam dunya pikeun dirina dina enggoning makayakeun anak rabina.
Ari Daek mihaat ka anu masakat, mere maweh ka nu miskin teh kaasup jalma Mutaqin.
Hadirin kaum muslimin sidang jum’ah Rahimakumullah
Upama di tek tek hiji hiji, teu kinten seueurna faedah sareng hikmahna shaum anu aya hubunganana jeung kasehatan, sakumaha anu geus diterangkeun ku dokter dokter.
Kukituna shaum teh ibarat taraje pikeun ngaronjatkeun diri kana martabat mutaqin . Tapi kumaha lamun shaumna teh ngan wungkul ngentelan peujit bari teu mirosea hikmat, maksud jeung tujuanana ? Rasulullah saw parantos ngandika
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلاَّ الْجُوعُ ، وَكَمْ مِنْ قَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ قِيَامِهِ إِلاَّ السَّهَرُ.( رواه النساء)
Katampi ti Abu Hurairah rd yen anjeunan sasauran ; Rasulullah saw parantos ngandika “ Pirang pirang jalma ngalakonan shaum tapi henteu metik hasilna ngala buahna salian ti lapar jeung halabhab, Sarta pirang pirang jalma nyaring peuting tapi teu metik tina hasil nyaring peutingna iwal ti beunta peuting (bagadang) (HR An Nasai)
Oge dina hadist sejena Rasulullah saw nga uningakeun
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم : مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّورِ وَالْعَمَلَ بِهِ فَلَيْسَ لِلَّهِ حَاجَةٌ فِي أَنْ يَدَعَ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ.( رواه البخارى)
Katampi ti Abu Hurairah rd, yen Rasulullah saw parantos ngandika “ Sing saha anu teu daek ngajauhan kalakuan anu jahat ku (omongan anu goreng sarta bantah-bantahan/pasea), Allah moal butuheun ku usahana nahan lapar jeung haus “ (HR Bukhari)
بَارَكَ اللهُ لىِ وَلَكُمْ فىِ اْلقُرْاَنِ الْعَظِيْمِ
Khutbah ka 2
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَاحْدَهُ لاَ شَرِيْكَلَهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اما بعد
Hadirin kaum muslimin sidang jum’ah Rahimakumullah
Allah swt parantos ngadawuh
وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُوا لِي وَلْيُؤْمِنُوا بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ ( البقرة 186)
Jeung lamun seug abdi abdi Kami nanyakeunka maneh perkara Kami, (pok saritakeun) yen saenyana Kami teh deukeut. Kami ngaijabah pamenta jalma-jalma anu bener-bener mementa ka Kami. Kusabab eta prak maranehna sina narurut ka Kami, sarta sina ariman ka Kami, supaya maranehna dipernahkeun dina jalan anu lempeng.( QS Al baqrrah 186)
Dina ayat nembe aya kecap ibad ( عباد ) nu hartina jalma anu nga abdikeun diri. Tah, pikeun ibad eta Allah teh Qorib atawa deukeut. Lamun jalma ngarasa deukeut atawa dideukeutan ku papada jalma oge pasti bakal migawe kana perkara-perkara anu moal nguciwakeun ka jalma anu ngadeukeut eta Tah kitu oge lamun jalma geus ngarasa Yen Allah teh deukeut tangtu manehna moal bakal migawe talajak anu dibenduan ku Allah swt. Sok sanajan karasa ripuh tur beurat.
Dina tengan perjalanan anu nyaba katingal pada lesu pada sepa. Shaum hiji perjalanan keur dilatih diri di uji jiwa, teu leupas tina paningal Allah najan nyorangan bari bari sadia dahareun oge, sarta istri anu halal tapi teu nitah dahar kalayan sapatemon, sabab diri keur ngandelan tauhid anu perlu dilarapkeun sa popoe.
Sarta dina tengah perjalanan shaum karasa genah –betahna enggoning ngambah alam karohanian sabab shaum salahsahiji sabab anu bisa ngadeuketkeun (kapideuheus) ku Allah saperti anu diterangkeun dina ayat nu nembe yen Allah deuket, ngabulkeun ka sing saha bae anu ngadu’a (menta tulung) ka Kaula kalawan teu make perantaraan (tawasul), ku sabab eta jalma-jalma kudu nurut (daek narima) kana aturan jeung kawajiban anu geus diwajibkeun, tiantarana nyaeta SHAUM.
رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِين سُبْحَاَنَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ وَسَلاَمٌ عَلَى الْمُرْسَلِيْنَ وَالْحَمْدُلِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Komentar
Posting Komentar