KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَاَنِ احْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَهُمْ وَاحْذَرْهُمْ اَنْ يَّفْتِنُوْكَ عَنْۢ بَعْضِ مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ اِلَيْكَۗ فَاِنْ تَوَلَّوْا فَاعْلَمْ اَنَّمَا يُرِيْدُ اللّٰهُ اَنْ يُّصِيْبَهُمْ بِبَعْضِ ذُنُوْبِهِمْ ۗوَاِنَّ كَثِيْرًا مِّنَ النَّاسِ لَفٰسِقُوْنَ‏
(QS Al-Ma’idah [5]: 49)
Alhamdulillah, sagala puji kagungan Alloh, Mantena Anu Maha Ngahirupkeun jeung Ngamaotkeun. Anu Maparin Kurnia ka makhluk-Na mangrupikeun rizki anu teu pilih kasih. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan Alloh nyurahlimpahkeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura takwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sabener-benerna takwa. Ta’atan sadaya paréntah-Na sareng jauhan sanéskanten cegahana-Na, dina kaayaan beurat atawa hampang, susah atawa senang. Ingetkeun, yen katakwaan urang téh anu nangtukeun darajat urang sadaya disagédéngeun Alloh subhanahu wa ta’ala.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Aya saurang tokoh muslim nyebutkeun kieu; pamingpin ahli maksiyat kudu tetep dita’atan sapanjang teu ngalarang kabébasan ngalaksanakeun agama. Pamingpin teu perlu ditingali sholéh atawa henteuna, anu penting kualitas jeung kapasitas kapamingpinanana.
Pasualanana, naha bener saperti kitu nurutkeun ajaran Islam? Naha bener calon pamingpin teu kudu sholeh? Hartina, manéhna bisa baé ti golongan jalma faséq atawa anu resep ma’siyat (misalna: resep nongton film porno), kusabab anu penting manéhna boga kapasitas kapamingpinan. Tuluy, sajauh mana saurang pamingpin wajib dita’atan? Naha bener pamingpin faséq atau ahli ma’siyat tetep wajib dita’atan?
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang téh saurang Muslim. Hirup di nagri anu mayoritas pangeusina ngagem agama Islam. Mangka geus samistina, urang ngajadikeun Islam tegesna nyaéta Al-Qur’an jeung As-Sunnah anu jadi hiji-hijina standar dina netepkeun calon pamingpin, ogé dina nangtukeun sikep jeung kawijakan pamingpin.
Dina kalolobaan kitab fiqih siyaasah, kaasup Kitab Al-Ahkaam as-Sulthoniyyah karya Imam al-Mawardi anu kacida masyhurna, geus loba dibahas sajumlah kritéria anu wajib aya dina diri calon pamingpin. Sacara umum kritériana sarua. Anu béda ngan dina aspék khusus jeung rincianana. Kritéria umum pamingpin (kapala negara) dina Islam anu dimaksud nyaéta: (1) Muslim; (2) Lalaki; (3) Balégh; (4) Boga akal; (5) Merdéka (lain budak / aya dina pangawasana jalma lian); (6) Adil (lain jalma faséq / ahli ma’siyat); (7) Mampuh (boga kapasitas pikeun mingpin). Sakabéhna éta téh disebut syarat in’iqod, syarat sah diangkatna saurang pamingpin.
Diantara kritéria calon pamingpin atawa kapala nagara nyaéta kudu jalma anu adil. Hartina, manéhna lain jalma faséq atawa ahli ma’siyat atawa jalma dlolim. Sabab, kecap adil mémang sering dilawankeun jeung kecap faséq atawa dlolim. Diantara ciri utama jalma faséq atawa dlolim nyaéta embung maké hukum ku hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala. Dasarna nyaéta dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ
Sing saha baé anu teu ngahukuman ku hukum-hukum Alloh, mangka maranéhna téh nyaéta kaom anu dlolim (TQS al-Maidah [5]: 45).
وَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ
Sing saha baé anu teu ngahukuman ku hukum-hukum Alloh, mangka maranéhna téh nyaéta kaom anu faséq (TQS al-Maidah [5]: 47).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kukituna singsanajan sacara pribadi saurang calon pamingpin kaciri hadé, sopan, daréhdéh, cerdas, boga jiwa kapamingpinan, lamun manéhna embung ngahukuman ku hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala dina mingpin jeung ngurus rahayat, atawa teu hayang nerapkeun syaré’at Islam dina ngurus nagara/pamaréntahan, mangka dina dasarna manéhna téh asup katégori dlolim atawa faséq.
Komo deui, geus mah sacara pribadi ahli ma’siyat, manéhna ogé nolak hukum-hukum Alloh atawa katangar anti syaré’at Islam. Jalma-jalma faséq atawa dlolim saperti kitu jelas teu pantes jadi pamingpin (pupuhu nagara) kusabab hartina maranéhna téh lain jalma-jalma anu adil. Komo deui, dina Islam mah tugas utama pamingpin nagara (Imam/Khalifah) téh nyaéta nerapkeun hukum-hukum syaré’at.
Kitu pisan sakumaha anu dijelaskeun ku Syeikh Abdul Qodim Zallum:
اَلْخَلِيْفَةُ هُوَ الَّذِيْ يَنُوْبُ عَنِ اْلأُمَّةِ فِي الْحُكْمِ وَالسُّلْطَانِ وَفِيْ تَنْفِيْذِ أَحْكَامِ الشَّرْعِ
Kholifah (kapala nagara) téh nyaéta jalma anu ngawakilan umat Islam dina urusan kakawasaan atawa pamaréntahan jeung nerapkeun hukum-hukum syaré’at (Zallum, Nizhâm al-Hukmi fii al-Islâm, hlm. 49).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Mémang bener, Alloh subhanahu wa ta’ala ngawajibkeun ka kaom Muslim pikeun ta’at ka pamingpin. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَطِيْعُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَ وَاُولِى الْاَمْرِ مِنْكُمْۚ
Yeuh jalma-jalma anu ariman! Kudu ta’at aranjeun ka Alloh jeung kudu ta’at aranjeun ka Rosul (Muhammad) sarta Ulil Amri (anu nyekel kakawasaan) di antara aranjeun (TQS an-Nisa’ [4]: 59).
Aya anu nafsirkeun kata’atan ka pangawasa téh sifatna mutlak jeung umum pikeun satiap anu nyekel kakawasaan (pangawasa). Teu ditingal deui naha Ulil Amri téh Kholifah dina sistem pamaréntahan Islam (Khilafah), atawa pangawasa dina sistem pamaréntahan sékulér, saperti présiden dina sistem républik, atawa raja dina sistem karajaan (monarki).
Padahal anu dimaksud dina éta ayat lain sambarangan pangawasa, tapi pangawasa dina sistem pamaréntahan Islam. Éta téh Imam atawa Kholifah jeung para wakilna (Al-Mas’ari, Thâ’at Ulil Amri Hudûduhaa wa Quyûduhâ, hlm. 17).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun kusadayana, anu diperedih ka kaom Muslim saéstuna lain sakadar milih jeung ngangkat pamingpin (kapala nagara). Urang oge diperedih pikeun nanjeurkeun sistem pamaréntahan Islam (Imamah/Khilafah).
Imam an-Nawawi ngadugikeun, “Umat wajib ngabogaan saurang Imam anu nanjeurkeun agama, ngabéla Sunnah, nulungan jalma-jalma anu didloliman, sarta nyumponan hak jeung malikeun deui kana posisina. Kuring negeskeun, yén ngangkat Imamah atawa Khilafah hukumna fardhu kifayah.”
Imam anu dimaksud ieu téh nyaéta kholifah atawa amirul mu’minin. Lain présiden atawa raja. Ieu pisan anu dibahas ku para fuqoha kaasup Imam Mawardi, Al Ghozali, nepika Imam Nawawi. Jadi aranjeuna ngabahas masalah kapamingpinan ieu, kontéksna kapamingpinan Islam. Lain kapamingpinan dina sistem sekulér. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA