TOBAT TINA KADOLIMAN
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا،
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا.
أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تُؤَدُّوا الْاَمٰنٰتِ اِلٰٓى اَهْلِهَاۙ وَاِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ اَنْ تَحْكُمُوْا بِالْعَدْلِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ نِعِمَّا يَعِظُكُمْ بِهٖ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ سَمِيْعًاۢ بَصِيْرًا
_Saéstuna Alloh meredih ka aranjeun supaya mikeun amanah ka jalma anu boga hak narimana, Alloh ogé nitah ka aranjeun, lamun netepkeun hukum diantara manusa, supaya aranjeun ngahukuman kalawan adil. Saéstuna Alloh méré pelajaran anu pangalusna ka anjeun. Saéstuna Alloh Maha Ngadangu ogé Maha Ningali._ (QS an-Nisa’ [4]: 58).
Alhamdulillah, Alloh masih kénéh nepangkeun urang sadaya jeung bulan anu mulya, bulan Romadlon, dina poé Juma’ah anu mulya, babarengan jeung jalma-jalma anu insya Alloh dimulyakeun ku Mantena. Sholawat sinareng salam kawilujengan mugia salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang terus satékah polah nguatkeun jeung ngajaga katakwaan urang di mana baé, iraha baé jeung dina kaayaan kumaha baé, komo deui ayeuna dina bulan Romadlon. Harepanana, sabada Romadlon, urang sadaya bisa ngahontal darajat takwa anu luhur.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Romadlon téh nyaéta bulan anu ceuyah ku kautamaan ti Alloh subhanahu wa ta’ala. Salian ti rohmat jeung ganjaran anu tikel-tikel, Alloh subhanahu wa ta’ala ogé maparinan limpahan ampunan ka hamba-hambaNa anu ariman jeung amal sholéh. Kusabab kitu pisan Romadlon ogé disebut bulan pangampura _(Syahrul-Maghfiroh)._ Sapantesna satiap Muslim anu miharep kana ampunan Alloh subhanahu wa ta’ala gagancangan ngalaksanakeun sakabéh paréntah-Na jeung ninggalkeun sagala cegahana-Na supaya manéhna meunang pangampura anu sampurna. Naha teu aya saurang ogé manusa anu bisa leupas tina dosa jeung kasalahan?
Jangji dihampurana dosa salila Romadlon ditepikeun ku Panutan urang sadaya Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam dina dawuhan anjeuna:
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
_Sing saha baé anu puasa dina bulan Romadlon samata-mata kusabab iman jeung miharep ganjaran ti Alloh bakal diihampura dosa-dosana anu geus kaliwat_ (HR al-Bukhori sareng Muslim).
Kusabab kitu, pikeun saha baé rugi pisan anu ngaliwatan bulan Romadlon henteu meunang pangampura Alloh subhanahu wa ta’ala. Hal ieu parantos diparingetkeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam dina dawuhan mantena:
قَالَ لِي جِبْرِيلُ: رَغِمَ أَنْفُ عَبْدٍ دَخَلَ عَلَيْهِ رَمَضَانُ فَلَمْ يُغْفَرْ لَهُ، فَقُلْتُ: آمِينَ
_Jibril ‘alaihissalam nyarita ka kuring, ”Éstu kacida pisan rugina salahsaurang anu asup kana bulan Romadlon, tapi dosa-dosana teu dihampura. ”Kaula (Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam) ogé ngucapkeun, ”Ya Alloh, kabulkeun!”_ (HR al-Bukhori).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Naha kunaon ngalakukeun puasa tapi teu meunang pangampura Alloh? Kamungkinana dua. *Kahiji,* sabab masih kénéh ngalakukeun kama’siyatan. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ لَمْ يَدَعْ قَوْلَ الزُّورِ وَالْعَمَلَ بِهِ فَلَيْسَ لِلَّهِ حَاجَةٌ فِى أَنْ يَدَعَ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ
_Sing saha baé anu teu ninggalkeun omongan jeung kalakuan bohong, Alloh teu ngabutuhkeun usahana dina ninggalkeun dahar jeung nginumna_ (HR al-Bukhori).
*Kadua,* masih kénéh ngeureuyeuh ngalakukeun dosa-dosa gedé. Hal ieu kusabab dipupusna dosa salila Bulan Romadlon ngan pikeun dosa leutik, lain dosa gedé. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
الصَّلَوَاتُ الْخَمْسُ وَالْجُمْعَةُ إِلَى الْجُمْعَةِ وَرَمَضَانُ إِلَى رَمَضَانَ مُكَفِّرَاتٌ مَا بَيْنَهُنَّ إِذَا اجْتَنَبَ الْكَبَائِرَ
_Sholat lima waktu, ibadah Jum’ah anu hiji kana ibadah jum’ah satuluyna jeung puasa Romadlon anu hiji jeung puasa Romadlon satuluyna, éta sakabéhna mangrupakeun pamupus dosa di antara duanana salila dosa-dosa gedé dijauhan_ (HR Muslim).
Nurutkeun Qodhi Iyadh dosa-dosa gedé mah ngan bisa dipupus ku tobat atawa (meunang) rohmat Alloh jeung kurnia-Na.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kumaha dosa bisa dipupus, lamun masih kénéh pabeulit jeung sagala rupa kama’siyatan anu kagolongkeun dosa gedé saperti ngadahar riba, korupsi, jeung kadloliman-kadloliman séjéna.
Salahsahiji dosa gedé anu diparingetkeun kalawan teges dina Islam nyaéta pagawéan dlolim. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَكَذٰلِكَ اَخْذُ رَبِّكَ اِذَآ اَخَذَ الْقُرٰى وَهِيَ ظَالِمَةٌ ۗاِنَّ اَخْذَهٗٓ اَلِيْمٌ شَدِيْدٌ
_Nya saperti kitu pisan siksaan Pangéran anjeun lamun Anjeuna nyiksa (pangeusi) nagri-nagri anu pagawéanana dlolim. Éstu siksaana-Na kacida pisan peurihna sarta kacida pisan beuratna_ (TQS Hud [11]: 102).
Ingetkeun, moal aya anu bisa lolos tina balesan Alloh tina pagawéan dlolim di dunya. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam nepika mépélingan yén sasatoan baé dibéré kasempetan pikeun ngabales kalakuan goréng anu ku maranéhna ditarima di dunya ti sasama sato. Dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
لَتُؤَدُّنَّ الْحُقُوقَ إِلَى أَهْلِهَا يَوْمَ الْقيامَةِ حَتَّى يُقَادَ للشَّاةِ الْجَلْحَاء مِنَ الشَّاةِ الْقَرْنَاء
_Éstu, dina Poé Kiyamah jaga sakabéh hak bakal dibalikeun kanu bogana. Nepika embé anu teu tandukan dibéré kasempatan pikeun ngabales ka embé anu tandukan_ (HR Muslim).
Kusabab kitu manusa anu ngalakukeun kadloliman salila hirupna teu meunang ngarasa aman. Maranéhna moal pernah lolos tina hisaban jeung balesan Alloh subhanahu wa ta’ala dina Poé Kiyamah. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyebut kanu sok ngalakukeun kadloliman anu teu tobat salaku manusa anu bangkrut. Dawuhan mantena: _“Naha apal aranjeun, saha jalma anu bangkrut téh?”_ Para Shohabat rodliallohu ‘anhum ngajawab; _“Jalma bangkrut numutkeun abdi sadaya nyaéta jalma anu teu boga duit jeung teu boga harta banda.”_ Anjeuna ngadawuh; _“Saéstuna jalma anu bangkrut téh nyaéta ti golongan umat kaula, (nyaéta) jalma anu datang dina Poé Kiyamah kalawan mawa (ganjaran) sholat, puasa jeung zakat. Tapi, manéhna ogé ngahina si anu, nuduh si anu, ngadahar harta jalma ieu, ngocorkeun getih jalma ieu jeung neunggeul jalma ieu. Ieu jalma (anu didlolim) dibéré sabagéan kahadéan-kahadéanana jeung ieu jalma dibéré sabagéan kahadéan-kahadéanana. Lamun kahadéan-kahadéanana geus béak saméméh réngsé kawajibanana, kasalahan-kasalahan maranéhma dicokot tuluy dibalangkeun ka dirina, satuluyna manéhna ogé dialungkeun ka jero naraka.”_ (HR Muslim, no. 2581).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Lamun kadloliman ieu dilakukeun antara pribadi, tangtu akibatna moal gedé teuing. Tapi lamun kadloliman éta dilakukeun ku pangawasa kanu jadi rahayatna, mangka tangtu akibatna kacida pisan luar biasana. Padahal, kakawasaan téh nyaéta amanah anu sakuduna dipaké pikeun nyumponan hak-hak rahayat sarta némbongkeun sikep adil ka maranéhna. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تُؤَدُّوا الْاَمٰنٰتِ اِلٰٓى اَهْلِهَاۙ وَاِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ اَنْ تَحْكُمُوْا بِالْعَدْلِ ۗ
_Saéstuna Alloh meredih ka aranjeun mikeun amanah ka jalma anu boga hak pikeun narimana, Alloh ogé nitah ka aranjeun, lamun netepkeun hukum di antara manusa, supaya aranjeun ngahukuman kalawan adil_ (TQS an-Nisa’ [4]: 58).
Alhasil, puasana jalma anu ngalakukeun kadloliman bisa jadi taya gunana lamun maranéhna teu ngeureunan kadlolimanana. Kanyahokeun, ngagugurkeun dosa-dosa kadloliman ogé teu bisa dilakukeun ngan sakadar ku istighfar, anging kudu ku tobat kalawan taubatan nashuuha. Carana ku nyabut sakabéh kawijakan anu geus ngadloliman rahayat, ngabalikeun deui hak-hak rahayat anu geus kaaniaya, tuluy ngaganti sistem anu keur lumangsung diterapkeun ku syaré’at Islam. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ؛ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ، وَقَالَ تَعاَلَى:
إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar