SHALAT NU KHUSU
ٱتۡلُ مَآ أُوحِيَ إِلَيۡكَ مِنَ ٱلۡكِتَٰبِ وَأَقِمِ ٱلصَّلَوٰةَۖ إِنَّ ٱلصَّلَوٰةَ تَنۡهَىٰ عَنِ ٱلۡفَحۡشَآءِ وَٱلۡمُنكَرِۗ وَلَذِكۡرُ ٱللَّهِ أَكۡبَرُۗ وَٱللَّهُ يَعۡلَمُ مَا تَصۡنَعُونَ ٤٥ (العكبوت ٥ ٤ )
Geura baca saniskara nu diwahyukeun ka manéh tina kitab, jeung geura adegeun shalat. Saéstuna shalat téh nyegah tina ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran,” jeung saéstuna eling ka Allah ( ku jalan Shalat) téh leuwih agung. Jeung Allah Maha Uninga kana saniskara anu ku maranéh dilampahkeun (QS Al An Kabut 45)
وَقَالَ أَبُو الْعَالِيَةَ فِي قَوْلِهِ: {إِنَّ الصَّلاةَ تَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ} ، قَالَ: إِنَّ الصَّلَاةَ فِيهَا ثَلَاثُ خِصَالٍ (6) فَكُلُّ صَلَاةٍ لَا يَكُونُ فِيهَا شَيْءٌ مِنْ هَذِهِ الْخِلَالِ فَلَيْسَتْ بِصَلَاةٍ: الْإِخْلَاصُ، وَالْخَشْيَةُ، وَذِكْرُ اللَّهِ. فَالْإِخْلَاصُ يَأْمُرُهُ بِالْمَعْرُوفِ، وَالْخَشْيَةُ تَنْهَاهُ عَنِ الْمُنْكَرِ، وَذِكْرُ الْقُرْآنِ يَأْمُرُهُ وَيَنْهَاهُ.(تفسبر إبن كثير )
Parantos nerangkeun Abu Abu Aliyah; ngeunaan Dawuhan Allah Allah ta ala “. Saéstuna shalat téh nyegah tina ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran,” yén tina ngeunaan shalat téh kudu aya 3 perkara nu diperhatikeun. lamun teu aya nu 3 perkara: teu sampurna êta shalat nyaéta ; (1) Al Ikhlash (2) Al Hosyah (3) Dzikrullah. Ikhlas nyaéta nitah kana ma’ruf sedengkeun khosyah nitah kana ngajauhan kamungkraran sarta dzikrullah nyaéta maca Qur’an anu dijerona aya paréntah jeung larangan (tafsir Ibnu Katsir)
الاخلاص فِي اللُّغَةِ تَرْكُ الِرّيَاِء فِي الطَّاعَاتِ
وَفىِ اْلإِصْطِلاَحِ : تَخْلِصُ الْقَلْبِ عَنْ شَائِبَةِ الشَوْبِ الْمُكَدِرِ لِصَفَائِهِ. وَتَحْقِيْقُهُ أَنَ كُلَّ شَيْءٍ يَتَصَوَرُ أَنْ يَشَوْبَهُ غَيْرُهُ فَإِذَا صَفَا عَنْ شَوْبِهِ وَخلِصَ عَنْهُ يُسَمَّى خَاِلصًا وَيُسَمَّى الْفِعْلُ الْمُخْلِصُ إِخْلاَصًا. وَقَالَ اللهُ تعالى • ( النحل ٦٦ )
Ikhlash numutkeun bahasa nyaéta ninggalkeun riya dina ngalakasanakeun kataatan.
Sedengnumutkeun numutkeun Istilah nyaéta nyalametkeun haté tina campuran anu ngotoran pikeun ngajaga kasucian. Sabab dina kanyataan anu sabenerna satiap hiji perkara nu dipigawe teu weléh kacampuran barang séjenna. Lamun bersih tina campuran jeung salamet kakarék disebut Ikhlash (kholison) sarta pagawean jalma nu ikhlash disebut muhlasin. Allah SWT. ngadawuh : Di antara kotoran jeung getih aya susu anu bersih (SQ; 16;66).
الخشية : خوف يشوبه تعظيم، وأكثر ما يكون ذلك عن علم بما يخشى منه، ولذلك خص العلماء بها في قوله: {إنما يخشى الله من عباده العلماء} [فاطر/28](الراغب الاصفهانى)
Khosyah nyaéta rasa sieun ka Allah tapi beda jeung mikasieun saperti ka jalma jahat atawa sato galak tapi sieun kana bebendon Allah anu ngajauhkeun tina Rahmat-Na sakumaha dawuhanana “ Taya lian ngan jalma jalma anu mikasieun ka Allah tiantara hamba-Na téh para Ulama. (Qs Al Fatir 28) ( Ar Raghib Al Asfahani)
ذكر الله او قرأت القران
Dzikrullah nyaéta inget ka Allah ku jalan loba maca Qur’an jeung ngabebenah bacaan sarta miara éta bacaan sangkan apal terus
عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ سَمِعَ رَسُولَ اللَّهِ رَسُولَ اللَّهِ - يَقُولُ « أَرَأَيْتُمْ لَوْ أَنَّ نَهْرًا بِبَابِ أَحَدِكُمْ يَغْتَسِلُ مِنْهُ كُلَّ يَوْمٍ خَمْسَ مَرَّاتٍ هَلْ يَبْقَى مِنْ دَرَنِهِ شَىْءٌ ». قَالُوا لاَ يَبْقَى مِنْ دَرَنِهِ شَىْءٌ.قَالَ « فَذَلِكَ مَثَلُ الصَّلَوَاتِ الْخَمْسِ يَمْحُو اللَّهُ بِهِنَّ الْخَطَايَا ».(رواه البخاري ومسلم)
Ka tampi ti Abu Hurairah rd. Saenyana anjeuna ngadangu Rasulullah saw ngandika “Cik kumaha pamanggih aranjeun kabeh lamun hareupeun panto imah anjeun aya walungan terus anjeun mandi 5 x sapoe naha masih kénéh aya kokotor ( daki ) nu nyésa ? “ para sahabat para sahabat ngawaler tangtos moal nyésa sakedik oge ya rasul “ tah kitu diibaratkeunana shalat anjeun nu lima waktu téh, Allah ngabersihan dosa dosa aranjeun. (HR Bukhari Muslim)
عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ، عَنِ النَّبِيِّ قَالَ: «أَوَّلُ مَا يُحَاسَبُ بِهِ الْعَبْدُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ الصَّلَاةُ، فَإِنْ صَلَحَتْ صَلَحَ لَهُ سَائِرُ عَمَلِهِ، وَإِنْ فَسَدَتْ فَسَدَ سَائِرُ عَمَلِهِ» ( رواه الطبرانى)
Katampi ti Anas bin Malik rd. ti kanjeng Nabi saw mantenna ngandika “ Nu pang heulana dihisab ti hiji hamba téh nyaéta Shalat na, lamun benar solatna maka baris bener kabéh amalna. Tapi lamun rusak shalatna pinasti rusak oge sakabéh amal ibadahna. (HR Thobroni)
عَنْ أَبِي الأَحْوَصِ، عَنْ عَبْدِ اللَّهِ قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: «مَنْ أَحْسَنَ الصَّلاةَ حَيْثُ يَرَاهُ النَّاسُ وَأَسَاءَهَا حَيْثُ يَخْلُو فَتِلْكَ اسْتِهَانَةٌ اسْتَهَانَ بِهَا رَبَّهُ تَبَارَكَ وَتَعَالَى» (رواه ابو يعلى).
Rasulullah saw ngandika sing saha anu ngaalus alus shalat na nalika diperhatikeun ku batur sarta ngalaksanakeun asal asalan nalika shalat nyorangan, éta téh sarua jeung ngaléléwé (ngahina) tegesna ngahina ka pangéranana nu Maha gagah. (HR. Abu Ya’la).
Komentar
Posting Komentar