ROMADLON DINA KAAYAAN TUNGGARA

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ، وَنَسْتَعِينُهُ، وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا، وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ،
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ،
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوْا بِطَانَةً مِّنْ دُوْنِكُمْ لَا يَأْلُوْنَكُمْ خَبَالًاۗ وَدُّوْا مَا عَنِتُّمْۚ قَدْ بَدَتِ الْبَغْضَاۤءُ مِنْ اَفْوَاهِهِمْۖ وَمَا تُخْفِيْ صُدُوْرُهُمْ اَكْبَرُ ۗ قَدْ بَيَّنَّا لَكُمُ الْاٰيٰتِ اِنْ كُنْتُمْ تَعْقِلُوْنَ
_“Yeuh jalma-jalma anu ariman, ulah anjeun ngajadikeun batur kapercayaan ti jalma-jalma di luar kalangan (agama)-anjeun (kusabab) maranéhna teu eureun-eureun (ngadatangkeun) kamadlaratan pikeun anjeun. Maranéhna mikahayang pikeun nyusahkeun anjeun. Éstu, geus nembrak kaijid maranéhna tina sungut-sungut maranéhna jeung naon anu ku maranéhna disumputkeun dina haté maranéhna leuwih gedé deui. Éstu, Kaula geus nerangkeun ka anjeun ayat-ayat (Kaula), lamun aranjeun mikir”_ (QS Ali Imron [3]: 118).
Alhamdulillah, urang sadaya syukuran ka Alloh tina sagala ni’mat-Na anu teu kinten seueurna. Éstu ni’mat anu luar biasa, urang ditepangkeun deui jeung bulan anu mulya, Romadlon mubarok. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan urang sadaya, junjungan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istikomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang terus satékah polah ningkatkeun kualitas katakwaan urang sadaya kalawan sabener-benerna takwa, komo deui dina bulan Romadlon ieu. Ta’atan sadaya paréntah-Na, jauhan sagala cegahana-Na, singsanajan teu aya manusa anu ningali. Sarua saperti nalika urang ngajalankeun ibadah puasa.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Teu aya bulan anu kautamaanana ngaleuwihan kautamaan Romadlon. Romadlon sering disebut _“rajana bulan”_ Romadlon pinuh kaagungan jeung kabarokahan. Dijerona aya hiji peuting anu leuwih hadé tinimbang sarébu bulan nyaéta Laélatul Qodar. Dijerona ogé Alloh subhanahu wa ta’ala ngalipetgandakan ganjaran tina satiap amal kahadéan. Pantes jigana satiap Mu’min gumbira ngabagéakeun kadatangan Romadlon.
Tapi di sisi anu lian, urang sadaya pantes ngarasa sedih ku nasib dulur-dulur urang di nagri Muslim anu séjén. Dulur urang di Gaza dibantéy ku Zionis Yahudi la’atulloh. Maranéhna teu bisa ngarasakeun ni’matna Romadlon. Estu maranéhna geus leuwih ti 5 bulan puasa kusabab teu aya kadaharan.
Nalika aya treuk mawa bantuan datang, Zionis teu boga ras-rasan nembakan maranéhna. Ratusan perlaya jadi korban. Wajar lamun maranéhna kalaparan, kurang gizi, jeung akhirna loba anu maot. Samentara anu gering, tinggal nungguan ajal kusabab rumah sakit-rumah sakit dihancurkeun ku Yahudi. Éstu luar biasa katunggaraan maranéhna.
Nasib anu sarupa tumiba ka dulur-dulur urang Muslim Rohingya. Jutaan urang kausir ti taneuh tempat kalahiran maranéhna di Myanmar. Maranéhna jadi pangungsi kalawan kahirupan anu pikangeneseun. Cicing di ténda-ténda réyod di perbatasan Bangladésh jeung kadaharan ogé kacida kurangna. Kamana maranéhna bakal ngadukeun nasibna, samentara loba nagara nolak kadatanganana.
Di Cina, Muslim Uighur di Xinjiang dicegah puasa ku pamaréntah satempat. Maranéhna kaaancam ditéwak lamun kanyahoan puasa. Pamaréntah komunis Cina ogé ngamata-mata warga Muslim Uighur. Tujuanana pikeun mastikeun maranéhna teu puasa.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Meureun aya diantara urang sadaya anu ngabogaan pamikiran: “Keur naon mikirin maranéhna? Da maranéhna téh lain bangsa urang?”
Lamun aya kénéh anu masih boga pamikiran saperti kitu, ingetkeun: sasama Muslim téh dulur. Inget dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
الْمُسْلِمُ أَخُو الْمُسْلِمِ لَا يَخُونُهُ وَلَا يَكْذِبُهُ وَلَا يَخْذُلُهُ
_“Saurang Muslim téh nyaéta dulur pikeun sasama Muslim anu lianna. Manéhna teu meunang ngakhianatan, ngabohongan, jeung ngantepkeun dulurna”_ (HR at-Tirmidzi).
Urang sakabéhna dosa lamun teu mikirkeun jeung méré bantuan ka sasama Muslim. Kunaon? Kusabab Alloh subhanahu wa ta’ala geus ngawajibkeun ka urang supaya méré pitulung ka maranéhna anu ngabutuhkeun pitulung. Dawuhan Mantena:
وَاِنِ اسْتَنْصَرُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ فَعَلَيْكُمُ النَّصْرُ
_“Lamun maranéhna ménta pitulung ka aranjeun dina (urusan ngabélaan) agama, aranjeun wajib méré pitulung”_ (TQS al-Anfal [8]: 72).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kanyahokeun kusadayana, ganjaran ibadah puasa urang bisa ruksak akibat sikep égois, _‘ashobiyah,_ teu paduli jeung nahan diri tina nulungan maranéhna anu ngabutuhkeun. Sakabéhna ieu téh nyaéta perkara anu diharamkeun ku agama kusabab bisa ngaleungitkeun ganjaran puasa. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngingetan:
كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوْع وَالْعَطْش
_Loba pisan jalma puasa anu teu meunang nanaon tina puasana anging ngan rasa lapar jeung hanaang_ (HR an-Nasa’i).
Imam Ibnu Rojab al-Hanbali rohimahulLooh mépélingan, _“Kanyahokeun, teu sampurna taqorrub ka Alloh samata-mata ngan ku ninggalkeun syahwat anu mubah ieu dina kaayaan salian puasa, anging saenggeus ngalakukeun taqorrub ka Alloh ku ninggalkeun naon baé anu geus ku Alloh diharamkeun dina sagala hal mangrupa bohong, kadloliman, sarta mumusuhan ka manusa dina masalah getih, harta jeung kahormatan maranéhna”_ (Ibnu Rojab, Lathoo’if al-Ma’aarif, hlm. 155, Al-Maktabah asy-Syamilah).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Omat urang sadaya ulah nurutan sikep para pamingpin nagri-nagri Islam, khususna para pemingpin Arab, anu ngantepkeun genosida lumangsung di Gaza. Maranéhna téh miboga kamampuhan pikeun ngeureunkeun éta pembantéyan, tapina teu dipaké. Unggal poé ngan ngaluarkeun basa-basi anu euweuh hartina.
Éstuna, umat ieu utamana para pangawasa, geus kaborogod ku paham nasionalisme anu parna. Padahal paham-paham _‘ashobiyah_ dina wujud nasionalisme ieu geus diharamkeun ku Islam. Nabi Muhammad shollallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ ‌تَعَزَّى بِعَزَاءِ الْجَاهِلِيَّةِ، فَأَعِضُّوهُ وَلَا تَكْنُوهُ
_“Sing saha baé anu ngarasa reueus ku slogan-slogan jahiliyah (’ashobiyah), mangka prak titah manéhna ngagégél larangan bapana, jeung teu kudu maké bahasa siloka ka manéhna”_ (HR al-Bukhori).
Kurang naon deui ucapan teges Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ieu?
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Urang kudu sadar jeung yakin, yén sagala rupa katunggara anu dialaman ku kaom Muslim di dunya wanci kiwari bisa kaungkulan. Lain ku cara Barat. Lain ku cara PBB atawa lembaga Internasional séjéna. Tapi ku cara Islam.
Saéstuna umat ieu téh boga kakuatan, lamun ieu Islam diterapkeun, sarta ngahijina umat diwujudkeun. Umat ieu butuh pamingpin, butuh institusi anu ngahijikeun, nyaéta _Khilafah Islamiyah ‘ala minhajin nubuwwah._
Ieu pisan institusi anu dituduhkeun ku syaré’at pikeun ngurus umat ku diterapkeunana hukum-hukum Islam. Khilafah ogé boga tugas méré panyalindungan ka kaom Muslim tina sagala rupa ancaman. Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
إِنَّمَا اْلإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
_“Saéstuna Imam (Kholifah) téh nyaéta taméng; jalma-jalma perang disatukangeun manéhna jeung nyalindung ka dirina”_ (HR Muslim).
Mudah-mudahan Alloh subhanahu wa ta’ala nulungan urang sadaya ku hadirna _sulthoonan nashiiro,_ kakawasaan anu nulungan. Nanjeurkeun Islam di luhureun ieu bumi. Ngawaris kapamingpinan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam. Sarta akhirna bisa mupus sagala katunggara umat Muslim sakabéhna. Aamiin []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ، فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM