RIBA

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَاِذَآ اَرَدْنَآ اَنْ نُّهْلِكَ قَرْيَةً اَمَرْنَا مُتْرَفِيْهَا فَفَسَقُوْا فِيْهَا فَحَقَّ عَلَيْهَا الْقَوْلُ فَدَمَّرْنٰهَا تَدْمِيْرًا ‏
(QS al-Isro’ [17]: 16)
Alhamdulillah, ni’mat anu mana deui anu ku Anjeun rék dibohongkeun. Dina poéan anu mulya ieu urang sadaya masih kénéh dibéré kaséhatan, kamampuhan, sarta kasempetan ku Alloh subhanahu wa ta’ala pikeun nambahan kantong-kantong amal sholéh urang sadaya.
Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dicurahlimpahkeun ku Alloh ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh sareng merjoangkeun Islam dugika Poé Kiyamah.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh. Takwa téh bekel anu panghadéna pikeun urang sadaya:
وَتَزَوَّدُوْا فَاِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوٰىۖ وَاتَّقُوْنِ يٰٓاُولِى الْاَلْبَابِ
“Prak geura bebekelan aranjeun, sarta saéstuna panghadé-hadéna bekel téh nyaéta takwa, jeung prak geura tarakwa aranjeun ka Kaula yeuh jalma-jalma anu baroga akal”. (TQS Al-Baqoroh [2]: 197)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Teu ayana katakwaan, hiji nagri bakal amburadul. Nu beunghar beuki beunghar, anu miskin tambah miskin. Nu diuk dina kalungguhan kakawasaan, foya-foya kucara pamér kakayaanna, samentara anu miskin ti isuk jedur nepika soré jedér ngan sakadar keur néangan kadaharan sapiring.
Rahayat diudag-udag supaya mayar pajeg tapi kahirupanana jauh tina kecap ma’mur. Dina waktu anu babarengan, maranéhna anu digajih tina duit rahayat, kalahka asyik hirup méméwahan. Duka ti mana duit jeung kakayaan maranéhna dihasilkeun.
Ieu téh sistem kapitalisme, produk Barat anu diterapkeun di nagri ieu. Rahayat dipalak ku pajeg, samentara kakayaan alam dipasrahkeun ka para konglomerat jeung parusahaan-parusahaan asing ti nagara kulon jeung wétan. Rahayat anu sakuduna pamilik anu sah kakayaan alam nagri ieu, ngan bisa miharep, miharep, jeung miharep. Teu bisa ngarasakeun kumaha rasana kaadilan, kasejahteraan, jeung kama’muran.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang sadaya miboga Islam. Ieu téh idéologi anu sampurna pikeun manusa, anu bakal ngahasilkeun masyarakat anu takwa lamun diterapkeun kalawan kaffah (sagemblengna). Idéologi Islam ogé bakal ngahasilkeun para pajabat anu takwa. Anu ngajadikeun aturan Islam, hiji-hijina patokan dina kahirupan keur nyokot kawijakan dina pamaréntahan.
Kanyahokeun ku sadayana, Islam ngawajibkeun ka nagara pikeun ngaraksa harta rahayat jeung ngajamin kahirupan maranéhna. Dina Islam, rahayat téh nyaéta amanah. Maranéhna saperti ingon-ingon anu wajib dijaga jeung diraksa ku anu ngangona. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
الإِمَامُ رَاعٍ وَ مَسْؤُوْلٌ عَنْ رَعِيَّتِهِ
“Imam (kholifah) téh pangurus rahayat jeung manéhna bakal dipénta pertanggungjawaban tina rahayat anu ku manéhna diurus”. (HR al-Bukhori sareng Ahmad)
Rosululloh shollallalohu ‘alaihi wa sallam, salaku pamingpin Nagara Islam di Madinah, ogé Khulafaur-Rosyidin, salian nerapkeun hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala, ogé diparéntahkeun pikeun ngajaga hak-hak kaom Muslim sarta sakabéh rahayat pikeun ngajamin kabutuhan hirup maranéhna. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, misalna, nyadiakeun dokter anu ku Anjeuna ditarima ti Raja Mesir pikeun ngurus urusan umat. Mantena oge nyadiakeun jaminan hirup pikeun para Ahlus-Suffah nyaéta kaum dhu’afa sarta anu naréangan élmu pangaweruh di Madinah.
Kawijakan Rosululloh ieu téh dina hal ngurus umat ieu diteruskeun ku Khulafaur-Rosyidin. Kholifah Umar bin Khoththob rodhiallahu ‘anhu misalna, ngawangun dar ad-daqiq anu jadi imah tempat nganjrek pikeun para musafir. Didinya maranéha dimeunangkeun tuang leueut sarta istirahat. Anjeuna ogé nyadiakeun pendidikan pikeun kaom Muslim, jeung méré gajih anu pantes pikeun para pangajar anu gedéna 15 dinar. Kholifah Umar rodhiallohu ‘anhu ogé méré inséntif pikeun barudak. Kholifah saterasna, Utsman bin Affan rodhiyallohu ‘anhu, méré inséntif 1 dirham unggal poé pikeun kaom Muslim salila Romadhon.
Hal anu sarua diteruskeun ku para kholifah saatosna dina mangsa Bani Umayah, Abassiyah, jeung Utsmaniyah. Maranéhna ngalakukeun hal ieu téh kusabab bener-bener sadar kana dawuhan Rosulullah shollallohu ‘alaihi wa sallam:
مَا مِنْ إِمَامٍ يُغْلِقُ بَابَهُ دُونَ ذَوِي الْحَاجَةِ وَالْخَلَّةِ وَالْمَسْكَنَةِ إِلَّا أَغْلَقَ اللَّهُ أَبْوَابَ السَّمَاءِ دُونَ خَلَّتِهِ وَحَاجَتِهِ وَمَسْكَنَتِهِ
“Teu saurang pamingpin ogé anu nutup pantona ti jalmi anu ngabutuhkeun, jalma anu kakurangan, sarta jalma miskin, anging Alloh bakal nutup panto langit tina kakurangan, kabutuhan, sarta kamiskinan”. (HR at-Tirmidzi)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun ku sadayana, syaré’at Islam netapkeun yén pajeg téh lain sumber pangasilan pikeun nagara. Lain ogé jadi urat nadi ékonomi nagara. Islam geus netepkeun sumber-sumber pangasilan nagara (Khilafah), di antarana tina harta kapamilikan umum (saperti barang tambang), zakat jeung shodakoh, ghaniimah, khoroj, harta anu teu aya ahli warisna, jeung sajabana.
Al-‘Allamah Qodhi Syéikh Taqiyuddin an-Nabhani rohimahulLooh nyebatkeun yén sumber-sumber pangasilan anu parantos ditangtukeun syaré’at Islam bisa nyukupan APBN Nagara Islam. Kusabab kitu Khilafah teu ngabutuhkeun deui pungutan pajeg, naha sacara langsung atawa teu langsung (An-Nabhani, Nizhoom al-Iqtishaadi fii al-Islaam, hlm. 242).
Kukituna, saha baé, kaasup pangawasa, anu ngalakukeun pungutan harta kalawan teu aya haq, teu saluyu jeung syaré’at, dibéré paringetan ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
مَنِ اقْتَطَعَ حَقَّ امْرِئٍ مُسْلِمٍ بِيَمِينِهِ، فَقَدْ أَوْجَبَ اللهُ لَهُ النَّارَ، وَحَرَّمَ عَلَيْهِ الْجَنَّةَ. فَقَالَ لَهُ رَجُلٌ: وَإِنْ كَانَ شَيْئًا يَسِيرًا يَا رَسُولَ اللهِ؟ قَالَ: وَإِنْ قَضِيبًا مِنْ أَرَاكٍ
“Singsaha baé anu nyokot harta dulurna ku sumpahna (sacara teu bener) mangka Alloh ngawajibkeun manéhna asup naraka jeung ngaharamkeun manéhna asup surga.” Tukuy aya saurang anu naros, “Wahéy Rosululloh, singsanaos mung sakedik?” Mantena ngawaler, “Singsanajan ngan sapotong kai arok (kai pikeun siwak)”. (HR Ahmad)
Nepika, khusus pikeun anu nyokot pajak, aya ancaman ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِنَّ صَاحِبَ الْمَكْسِ فِيْ النَّارِ
“Saéstuha anu narik pajeg (diazab) di naraka”. (HR Ahmad)
Namung, nagara khilafah dimeunangkeun nyokot pungutan/pajeg ti kaom Muslim anu beunghar wungkul, dina kaayaan Baitul Mal atawa Kas Nagara kosong pikeun nyumponan kabutuhan anu ngadesek (darurat). Pungutan/pajeg ieu ogé sifatna ngan samentara, henteu keur satuluyna.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Ieu pisan bédana sistem Islam jeung sistem kapitalisme wanci kiwari. Sistem ékonomi Islam sipatna ngahampangkeun, lain kalahka ngabeuratkeun rahayat, komo deui nyekék beuheung maranéhna.
Islam nyiptakeun sistem kakawasaan sarta para pangawasa anu bener-bener bisa nga-ri’aayah atawa bisa ngurus urusan umat. Sakabéhna ieu téh ngan kuhiji dorongan nyaéta takwa ka Alloh azza wa jalla.
Mangka, teu aya alesan hiji ogé pikeun teu nerapkeun syaré’at Islam. Ingetkeun, ieu téh kawajiban urang sadaya salaku kaom Muslim. Urang kudu boga kayakinan, yén nerapkeun syaré’at Islam téh bakal ngadatangkeun kasalametan hirup di dunya katut di akhérat. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM