PUASA KUDU NGAJADIKEN DIRI LEUWIH HADE

 اللهُ اَكْبرْ (3×) اللهُ اَكْبرْ (3×) اللهُ اَكبرْ (3×) اللهُ اَكْبرْ كبيرا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَ أَصْيْلاً لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبرْ اللهُ اَكْبرْ وَللهِ اْلحَمْد

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتغْفِرُهْ وَنعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَهُ.
وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.
أَمَّا بعْدُ؛
يَاأَيهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِّتقْوَى اللهِ فقَدْ فَازَ الْمُّتقُوْنَ.
قَالَ تعَالَى: يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوا اّتقُوا اللهَ حَقَّ تقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ.
Allahu akbar 3x wa lillahil hamd.
Dina poe ieu sakabeh jalma mukmin ngarasa bungah lantaran geus beres nyumponan kawajiban puasa dina bulan Romadlon. Sora takbir, tahmid, jeung tahlil ngaguruh dimana-mana, nandakeun yen urang tos hasil dina merangan hawa nafsu jeung godaan syetan.
Dina malem takbiran Allah ngabebaskeun jalma mukmin tina seuneu naraka. Sakumaha dawuhan kangjeng Nabi Muhammad Saw
أَوَّلُ شَهْرِ رَمَضَانَ رَحْمَةٌ، وَأَوْسَطُهُ مَغْفِرَةٌ، وَآَخِرُهٌ عِتْقٌ مِنَ النَّارِ
_"Bulan Romadlon teh awalna rohmat, tengah-tengahna maghfiroh, jeung akhirna ngamerdekakeun tina seuneu naraka.”_
Dina saba'dana Romadlon urang kudu bisa ngalap manfaat anu bisa ningkatkeun harkat jeung martabat urang di alam dunya nyaeta diantarana: _Kahiji_ kudu leuwih kuat kayakinnana kana poe akhirat.
Urang selaku jalma mukmin yakin yen hirup teh moal lila kadituna mah bakal maot. Maot pikeun urang lain sakadar dikuburkeun tapi bakal ngarandapan alam kubur, bakal ngarasakeun nikmat atawa siksa kubur tergantung kana amalna di alam dunya.
Komo dina poe kiamat mah, jalma moal bisa ngalengkah lamun can beres ngajawab pertanyaan nu opat perkara, nyaeta perkara kahiji masalah jasmanina dipake naon nepi ka ruksak?. Perkara kadua masalah umurna dipake naon nepi ka beak?. Perkara katilu masalah elmu naha diamalkeun atawa henteu?. Kaopatna masalah harta timana ngalana jeng dipake naon dibalanjakeunnana.?
Dina poe kiamat sakabeh jalma moal bisa ngabohong, sabab dina poe eta nu nyarita lain baham tapi dua leungeunna. Sedengkeun dua sukuna bakal jadi saksi sakumaha pidawuh Allah:
الْيَوْمَ نَخْتِمُ عَلَى أَفْوَاهِهِمْ وَتُكَلِّمُنَا أَيْدِيهِمْ وَتَشْهَدُ أَرْجُلُهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ
_“Dina poe ieu, kami matri (ngabekem) sungut maranehna, sarta leungeun maranehna nyarita ka kami, jeung suku maranehna nyaraksian saniskara anu ku maranehna geus di usahakeun.”_ (Qs. Yasin: 65)
Urang yakin sakabeh amal manusa bakal dibales sanajan saeutik boh hadena atawa gorengna.
فَمَن يعْمَلْ مِثقَالَ ذَرَّةٍ خَيرًا يرَهُۥ وَمَن يعْمَلْ مِثقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يرَهُۥ
_“Sing saha anu ngalampah kahadean sanajan ngan sabobot kebul, pasti manehna bakal nenjo amal hadena. Jeung singsaha anu ngalampah kajahatan sanajan sabobot kebul, pasti manehna bakal nenjo amal jahatna.”_ (Qs. Al Zalzalah: 7-8)
_Kadua_ kudu leuwih hade ibadahna terutama dina ibadah sholat, sabab ari shalat teh tihang agama sarta amalan pertama anu bakal dihisab dina poe kiamat. Lamun jalma sholat berarti ngadegkeun agama lamun tara sholat berarti geus ngarubuhkeun kana agama.
اَلصَّلاَةُ عِمَادُ الدِّيْنِ، فَمَنْ أَقَامَهَا فقَدْ أَقَامَ الدِّيْنَ، وَمَنْ ترَكَهَا فقَدْ هَدَمَ الدِّيْنَ
_“Sholat teh tihang agama, sing saha jalma anu ngadegkeun sholat berarti parantos ngadegkeun agamana, sing saha jalma anu ninggalkeun sholat berarti ngarubuhkeun agamana.”_
Jeung sholat amal anu pangheulana dihisab sakumaha sabda Rasulullah Saw.
أول ما يحاسب عليه العبد يوم القيامة الصلاة فإن صلحت صلح سائر عمله وإن فسدت فسد سائر عمله
_"Pangheulana amal anu bakal dihisab dina poe kiamat nyaeta sholat, lamun hade shalatna maka hade sakabeh amalna, lamun goreng shalatna maka bakal goreng oge sakabeh amalna”._
iwalti lamun loba sholat sunnatna, maka sholat sunnat eta bakal nutupan kana kurangna shalat wajib.
_Katilu_ kudu leuwih alus akhlakna, kukabiasaan puasa ngajaga kana letah, leungeun, suku, beuteung jeung sajabana, maka dina bulan syawal ieu urang kudu jadi muslim sejati nyaeta muslim anu batur ngarasa aman tina letah jeung leungeuna.
Lamun aya nu ngajak pasea dina bulan puasa saur kangjeng Nabi Muhammad Saw jawab yen urang keur puasa.
فَإِنْ سَابَّهُ أَحَدٌ أَوْ قَاتلَهُ فلْيقُلْ إِنِّي امْرُؤٌ صَائِمٌ
Kuayana kitu mugi wae sabada Romadlon urang kudu jadi jalma anu anu berehan tara ngambek jeng gede hampura, letahna santun lamun cumarita jeng rajin silaturahmina.
_Kaopatna_ kudu leuwih sukses rumah tanggana, ciri sukses dina rumah tangga nyaeta jadi surga imahna jeung soleh solehah anak incuna.
Kukituna ulah poho unggal waktu kudu rajin ngadoana:
رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَٰجِنَا وَذُرِّيَّٰتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَٱجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا
_“Nun gusti pangeran abdi sadaya, mugi gusti ngajadikeun bojo katut anak incu abdi sadaya jadi buah panon, sareng mugi gusti ngajantenkeun abdi sadaya jadi pamingpin keur jalmi-jalmi anu tarakwa”_ (Qs. Al-Furqon: 74)
Dina bulan puasa aya kabiasaan anu hade nyaeta bahar berjamaah jeung keluarga boh waktu maghrib atawa sahur,kabiasaan ieu teh jarang pisan dilakukeun ku urang mh komo keur pasangan suami isteri anu sibuk sapopoena.
Kukituna muga-muga wae kucara kitu teh tiasa ngaraketkeun deui hubungan silaturahmi di keluarga urang.
_Kalimana_ kudu leuwih alus ekonomina. Dina bulan puasa dilatih pikeun ngatur balang dahar, dahar teh ngan dua kali nyaeta maghrib jeung sahur, sedengkeun ari beurang mah nahan lapar jeung haus.
Kucara kitu sikap urang kudu bisa ngajaga diri tina harta sacara zuhud, kona'ah jeung waro'.
Saur Imam Ghozali ari waro' teh aya opat nyaeta: waro' wajib hartina kudu nolak kana harta anu nyata-nyata haram saperti duit riswah atanapi suap, hasil gasab, korupsi jeung sabangsana.
Kadua waro' sunnah nyaeta ninggalkeun barang anu masih diragukeun saperti barang syubhat
دَعْ مَا يَرِيبُكَ إِلَى مَا لَا يَرِيبُكَ
_“Tinggalkeun barang nu ngaragukeun ka anjeun jeung cokot anu henteu matak ngaragukeun.”_
Katilu waro' tina barang halal nyaeta kucara ngabatasi diri tina sikap leuleuwiheun.
Harta mah halalna bakal jadi hisaban sedengkeun lamun harta haram jelas bakal jadi azab.
وَمَا كَانَ لِنَبِىٍّ أَن يغُلَّ وَمَن يغْلُلْ يَأْتِ بِمَا غَلَّ يوْمَ ٱلْقِيَٰمَةِ ثُمَّ توَفَّىٰ كُلُّ نفْسٍ مَّا كَسَبَتْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُونَ
_“Jeung ari korupsi teh lain kalakuan nabi, jeung sing saha anu korupsi tanwande engke dina poe kiamat manehna baris datang jeung hasil korupsina. Ti dinya saban jiwa baris di cumponan sagala anu diusahakeunna. Jeung maranehna moal kaniaya.”_(Qs. Ali Imran 161)
Oge aya pidawuh Allah dina Quran surat at Takasur:
ثُمَّ لَتُسْـَٔلُنَّ يوْمَئِذٍ عَنِ ٱلنَّعِيمِ
_"Tuluy pastina anjeun dina poe kiamat bakal dipenta pertanggung jawaban tina sakabeh nikmat"._ (Qs. At Takasur: 😎
Harta mah sanajan salambar lawon anu nempel dina awak, bari henteu halal shalatna moal ditarima. Komo lamun eta harta teh nilaina jutaan atawa milyaran.
Lamun hayang barokah hartana kudu kucara anu halal ngusahakeunnana, ulah kucara khianat kana barang nu lain hakna. Kaopat wara' dina harti ulah poho ka Allah sanajan saeutik, urang inget ka Allah yen nikmat teh kabeh ge datang ti allah, kukituna wajib disyukuri eta nikmat teh ku cara eling ka Allah swt
_Kagenepna_ kudu leuwih hade amal sosialna, ku puasa kudu bisa ngabayangkeun rasa empatik rasa anu salilana aya di jalma miskin sahingga urang aya kahayang pikeun ngabantu ka jalma miskin atawa jalma susah komo bari yatim piatu, pidawuh Allah:
أَرَءَيْتَ ٱلَّذِى يُكَذِّبُ بِٱلدِّينِ,
فَذَٰلِكَ ٱلَّذِى يَدُعُّ ٱلْيَتِيمَ ,وَلَا يَحُضُّ عَلَىٰ طَعَامِ ٱلْمِسْكِينِ ,
_“Naha maneh nyaho jalma nu ngabohongkeun agama?. Nya nu kitu teh jalma nu nolak (kana mere hakna) budak yatim. Jeung tara daek nguar ngajak mere dahar ka nu miskin”._ (Qs. Al-Maun: 1-3)
Yu urang biasakeun sodaqoh sanajan saeutik,komo lamun geus nepi kana nisab urang wajib ngaluarkeun zakat.
Harta bakal barokah lamun urang sok sodaqah jenung zakat.
Keur pamungkas dina khutbah ieu mangga lenyepan piwuruk Rosul ka abu Dzar al-Ghifari _“Hey Abu Dzar anjeun kudu ngomean parahuna sabab lautanna kacida jerona, kudu mawa bekel anu cukup sabab perjalanan anjeun jauh pisan, kurangan beban anjeun sabab jalanna nanjak pisan, kudu ikhlas dina beramal sabab dzat Allah kacida uningana.”_
.بارك الله لى ولكم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم تقبل الله منا ومنكم صيامنا وصيامكم تقبل ياكريم وكل عام وأنتم بخير تقبل يا كريم. وإنه هو السميع العليم فاستغفروه إنه هو الغفور الرحيم
Khutbah Kadua
اَللهُ أَكْبَرُ 7×، اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ "إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ, يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا". اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ. وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ, وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ, اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ. رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM