PASUALAN PALÉSTINA
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَاِنْ تُطِعْ اَكْثَرَ مَنْ فِى الْاَرْضِ يُضِلُّوْكَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗاِنْ يَّتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَاِنْ هُمْ اِلَّا يَخْرُصُوْنَ
*(QS al-An’am [6]: 116)*
Alhamdulillah, urang sadaya masih kénéh dipaparin ni’mat anu teu aya hinggana ku Alloh subhanahu wa ta’ala, utamana ni’mat iman sareng Islam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mugia salamina dilimpahcurahkeun ka panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabat, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istikomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sabener-benerna takwa, di mana baé jeung iraha baé sarta dina kaayaan kumaha baé. Saéstuna katakwaan téh anu bakal nangtukeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Alloh subhanahu wa ta’ala. Saterasna katakwaan ogé anu bakal ngadeukeutkeun pitulung Alloh ka urang sadaya.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Agrési brutal jeung kejem Zionis Yahudi ka rahayat Paléstina beuki meuweuh kamalinaan. Leuwih ti 8.100 jiwa maot jeung leuwih ti 20.242 urang tatu parna. Henteu ngan di Gaza, serangan kaom Yahudi ayeuna ngarémbét ka Tepi Barat anu geus jadi korban jiwa 115 urang jeung korban tatu 2.150 urang.
Pembantéyan di Paléstina ieu téh saperti tongtonan para pangawasa nagara di dunya Islam. Buktina, maranéhna ngan sakadar ngecam jeung ngutuk. Teu ngalakukeun tindakan nyata pikeun ngeureunkeun ieu pembantéyan. Bandingkeun jeung anu dilakukeun ku Amérika jeung nagara-nagara Barat, maranéhna ngirimkeun peralatan militer jeung tentara pikeun mantuan Zionis Yahudi.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Anu leuwih nganyerikeun deui, ayeuna muncul pernyataan jeung koméntar anu mitnah sarta mojokkeun para pajoang Paléstina. Geus mah teu milu berjoang, teu milu mantuan, kalahkah ngaburkeun pasualan Paléstina anu sabenerna.
Diantarana, maranéhna nyebut Hamas anu tanggung jawab tina kabunuhna rébuan warga Paléstina. Naha panon maranéhna teu nempo, ieu sakabéhna téh kalakuanana Zionis la’natulloh?
Urang sadaya pantes boga sangka, ucapan ieu ngahaja diwangun pikeun ngalégalkeun éksisténsi kaom Yahudi di bumi Paléstina. Tujuan satuluyna, supaya dunya ngabenerkeun serangan (agrési) brutal Zionis Yahudi ku sesebutan “tindakan pikeun mertahankeun diri”.
Naha bisa disebut “mertahankeun diri” lamun anu diserang téh nyaéta rumah sakit, pasar, fasilitas umum, sarta kalolobaan korbanna nyaéta barudak jeung awéwé?
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kanyahokeun ku anjeun, prak geura beunta panon anjeun, kaom Yahudi téh lain warga asli Paléstina. Maranéhna ogé lain pamilik lahan Paléstina. Loba sejarahwan jeung téolog di luar umat Muslim anu nuduhkeun kabohongan pangakuan sapihak Yahudi pikeun Barat yén Paléstina téh nyaéta “taneuh anu dijangjikeun”.
Dina bulan Oktober 2010 para uskup ti wilayah Timur Tengah ngumpul di Vatikan salila dua minggu. Maranéhna teu eureun-eureun ngabahas masalah Israél-Paléstina ditingal tina sisi Alkitab. Kasimpulan maranéhna, Israél teu bisa ngagunakeun konsép Alkitab ngeunaan “taneuh anu dijangjikeun” atawa “jalma anu kapilih” pikeun ngabenerkeun pamukiman anyar di Yérusalem atawa nyieun pangakuan téritorial.
Mangka, ngan jalma anu teu waras wungkul anu masih tetep ngadukung panjajahan jeung kakejeman Yahudi dina taneuh Paléstina.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Aya ogé anu ngusulkeun supaya kaom Muslim di Paléstina hijrah ti nagri maranéhna. Alesanana, baheula ogé kaom Muslim ditindes di Mekkah, tuluy maranéhna hijrah ka Madinah.
Alesan ieu téh siga anu asup akal. Padahal ieu téh nyaéta analogi anu batil. Aya tilu alasan, kunaon disebut batil:
*_Kahiji:_* Islam geus maréntahkeun ka kaom Muslim pikeun mertahankeun diri tina serangan anu ngancam kana jiwa jeung harta maranéhna. Abu Huroiroh rodliallohu ‘anhu nyaritakeun yén pernah aya saurang lalaki anu nanya ka Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
يَا رَسُولَ اللَّهِ أَرَأَيْتَ إِنْ جَاءَ رَجُلٌ يُرِيدُ أَخْذَ مَالِى قَالَ « فَلاَ تُعْطِهِ مَالَكَ ». قَالَ أَرَأَيْتَ إِنْ قَاتَلَنِى قَالَ « قَاتِلْهُ ». قَالَ أَرَأَيْتَ إِنْ قَتَلَنِى قَالَ « فَأَنْتَ شَهِيدٌ ». قَالَ أَرَأَيْتَ إِنْ قَتَلْتُهُ قَالَ «هُوَ فِى النَّارِ»
_“Wahéy Rosululloh, kumaha numutkeun anjeun lamun aya saurang jalma anu datang jeung hayang ngarampas harta kuring?” Mantena ngadawuh, “Ulah ku anjeun dibikeun éta harta ka manéhna.” Manéhna nanya deui, “Kumaha numutkeun anjeun lamun manéhna arék maéhan ka kuring?” Mantena ngawaler, “Prak paéhan manéhna.” Manéhna nanya deui, “Kumaha lamun manéhna anu maéhan kuring?” “Anjeun maot syahid,” waler Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam. “Kumaha lamun kuring anu maéhan manéhna?” Manéhna nanya deui. “Manéhna dina Naraka,” jawab Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam._ (HR Muslim).
Leuwih teges deui, dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ
_Prak perangan maranéhna di mana baé aranjeun manggihan maranéhna jeung prak usir maranéhna tina tempat maranéhna geus ngusir aranjeun_ (TQS al-Baqoroh [2]: 191).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
*_Kadua:_* Syaré’at Islam geus ngawajibkeun sasama Muslim pikeun silih méré bantuan ka dulurna anu ngabutuhkeun pitulung. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَاِنِ اسْتَنْصَرُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ فَعَلَيْكُمُ النَّصْرُ
_Lamun maranéhna ménta tulung ka aranjeun dina urusan agama ieu mangka aranjeun wajib nulungan maranéhna_ (TQS al-Anfal [8]: 72).
*_Katilu:_* Hijrah anu diwajibkeun ka umat ieu nyaéta pindah ti nagara kufur (darul kufur) ka Nagara Islam (Darul Islam). Sedengkeun wanci kiwari teu aya darul Islam anu hakiki, anu nerapkeun Islam kalawan sagemblengna (kaffah).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Salian ti kitu, muncul ogé anu nyebutkeun yén tragédi Paléstina téh lain pasualan agama. Tapi ngan saukur pasualan kamanusaan. Alesanana, lain ngan warga Muslim wungkul anu jadi korban. Umat Nasroni Paléstina ogé jadi sasaran kakejeman Zionis Yahudi.
Kanyahokeun, lolobana korban génosida ku kaom Yahudi téh nyaéta dulur urang saiman. Tuluy kumaha urang nyebutkeun ieu téh lain pasualan agama. Padahal Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ
_Saéstuna kaom Mu’min téh duduluran_ (QS al-Hujurot [49]: 10).
Satuluyna, kanyahokeun, taneuh Paléstina téh nyaéta bagéan tina wilayah kaom Muslim ti mimiti Kakhilafahan Umar bin Khoththob rodliallohu ‘anhu. Ieu téh taneuh urang sadaya. Lain taneuh kosong anu euweuh nubogana. Lain taneuhna urang Yahudi.
Kusabab kitu, urang sadaya ulah katipu ku narasi jeung opini anu ngajauhkeun urang tina agama Alloh. Lamun teu bisa nulungan, leuwih hadé cicing tong ngomong. Ulah jadi corong propaganda Yahudi jeung Barat. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar