PAROBAHAN HAKIKI NGAN KU ISLAM

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
اَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُوْنَۗ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ حُكْمًا لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ‏
(QS Al-Ma’idah [5]: 50)
Alhamdulillah, ku ngalangkungan izin Alloh, urang sadaya masih kénéh dipaparin kani’matan anu teu aya hinggana, sahingga urang masih tiasa ngalaksanakeun sholat Juma’ah kalawan barjamaah, dina tempat anu mulya ieu, sasarengan sareng jalmi-jalmi anu insyaaAlloh dimulyakeun ku Mantena. Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang sadaya terus usaha satékah polah ningkatkeun takwa urang sadaya ka Alloh ditengah situasi dunya anu beuki kolot. Ta’atan sadaya paréntah Alloh jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na. Ingetkeun, ngan ku ieu takwa pisan Alloh bakal ngaluhurkeun darajat urang di sagêdéngeun Mantena.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Lamun urang sadaya jujur nganiléy kondisi nagri ieu, kondisina keur teu aya dina kahadéan, sabalikna beuki goréng morosot. Rupa-rupa pasualan ngabaguded nagri ieu; timimiti pasualan ékonomi, sosial, kaamanan nepika pulitik.
Hutang nagara ampir Rp 8.000 triliun. Ngaleungitkeun korupsi kalahkah beuki melempem. Skandal kauangan Rp 349 triliun di Kamenterian Keuangan, misalna, nepika ayeuna teu aya juntrunganna. Undang-undang anu dijieun saperti Undang-Undang Cipta Kerja kalahkah bisa ngadatangkeun karugian rahayat. Di Papua, geus 110 warga jeung aparat jadi korban téroris OPM. Jeung masih réa-réa deui.
Sabagéan loba urang sadaya nyimpulkeun, panyabab utama sagala rupa masalah ieu nyaéta kapamingpinan. Logika anu muncul: lauk mah buruk mimiti tina huluna. Hartina, lamun pamingpin ruksak mangka anu dipingpin ogé bakal milu ruksak. Kusabab kitu satiap Pemilu dilaksanakeun, sumanget parobahan téh datang deui. Harepanana, gantina pamingpin bakal ngaganti kaayaan jadi leuwih hadé.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Saliwat mah logika ieu asup akal. Tapi samémêhna, hayu urang perhatikeun heula dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
اِنَّ اللّٰهَ لَا يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتّٰى يُغَيِّرُوْا مَا بِاَنْفُسِهِمْۗ
Alloh moal ngarobah kaayaan hiji kaom nepika maranéhna ngarobah kaayaan diri maranêhna sorangan (TQS ar-Ro’d [13]: 11).
Prak kanyahokeun, parobahan kaayaan hiji kaom tangtu teu ngan didasarkeun kana parobahan (gunta-gantina) pamingpin. Sabab ngan sakadar ganti pamingpin jelas teu ngajamin kondisi nagri ieu bisa robah jadi leuwih hadé. Lainna nagri ieu beuki amburadul singsanajan geus gunti-ganti pamingpin?
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Samistina kaom Muslim balik deui ngarujuk kana analisis Al-Qur’an anu ngajelaskeun panyabab karuksakan umat manusa, nyaéta akibat ninggalkeun aturan Alloh subhanahu wa ta’ala. Dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
ظَهَرَ الْفَسَادُ فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ اَيْدِى النَّاسِ لِيُذِيْقَهُمْ بَعْضَ الَّذِيْ عَمِلُوْا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ
Geus nembrak jelas karuksakan di darat jeung di laut disababkeun ku pagawéan leungeun manusa, supaya Alloh nibankeun ka maranéhna sabagéan tina (akibat) pagawean maranéhna, supaya maranéhna balik deui (kana jalan anu bener) (TQS ar-Rum [30]: 41).
Hartina, nurutkeun Syéikh Ali ash-Shobuni dina tafsirna, “Geus nembrak rupa-rupana karuksakan jeung bancang pakéwuh di daratan jeung di lautan disababkeun ku kama’siyatan jeung dosa-dosa manusa”.
Kama’siyatan jeung dosa téh kajadian nalika manusa ninggalkeun kata’atan ka Alloh subhanahu wa ta’ala; ngaharé-harékeun anu fardlu jeung migawé kama’siyatan. Ieu pisan anu dibéjakeun ku Al-Qur’an anu jadi panyabab karuksakan di daratan jeung di lautan.
Salian ti éta, Alloh subhanahu wa ta’ala ogé negeskeun yén panyabab tunggarana umat manusa téh nyaéta gara-gara maranéhna ngabalieur tina Al-Qur’an.
وَمَنْ اَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِيْ فَاِنَّ لَهٗ مَعِيْشَةً ضَنْكًا
Sing saha baé anu ngabalieur tina paringetan-Kaula, saestuna pikeun manéhna kahirupan anu ripuh (TQS Thoha [20]: 124).
Imam Ibnu Katsir ngajelaskeun ma’na tina kecap ‘ngabalieur tina paringetan-Kaula’ nyaéta: “nyulayaan paréntah-Kaula jeung kana naon baé anu geus ku Kaula diturunkeun ka Rosul-Kaula (nyaéta Al-Qur’an); mengpar tina Al-Qur’an tuluy mopohokeun jeung (kalahkah) nyokot salian ti Al-Qur’an anu dijadikeun pituduh hirup.”
Naha anjeun teu yakin kana benerna Al-Qur’an? Naha henteu Alloh subhanahu wa ta’ala geus nuduhkeun ka urang yén akar pasualan umat wanci kiwari téh nyaéta kusabab urang miceun syaré’at-Na anu kaaffah, sarta kalahkah nyokot aturan kahirupan anu lian, saperti sékulerisme-démokrasi di nagri ieu.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun kasadayana, sagala rupa karuksakan ngan bisa dioméan nalika pamingpin kaom Muslim nerapkeun Islam kalawan sagemblengna. Ieu pisan parobahan hakiki anu sakuduna jadi program satiap pribadi muslim, golongan, sarta partéy pulitik Islam. Lain sakadar ngusung calon pamingpin Muslim, tapi ogé sakaligus ngadongsok pamingpin Muslim pikeun nerapkeun syaré’at Islam kalawan kaaffah dina sakabéh aspek kahirupan. Lain ngan sakadar milih saha anu bakal jadi pamingpin, tapi ogé nangtukeun sistem kahirupan saperti kumaha anu bakal diterapkeun; Islam atawa salian Islam?
Pasualanana: Naha urang téh hayang megatkeun akar pasualan anu geus nyangsarakeun rahayat di nagri ieu? Atawa urang tetep betah terus-terusan muter dina tumpukan pasualan ku cara néangan solusi di luar Islam? Ngan sakadar milih pamingpin anu sarua kénéh embung nerapkeun Syaré’at Islam? Umat ieu ulah siga jalma belegug anu leungit duit dina tempat anu poék, tuluy manéhna néangan duit anu leungit téa dina tempat anu caang. Tangtu umat ieu moal rék pernah manggihan jawaban tina pasualan maranéhna.
Pamungkas, ingetkeun pesen Imam Malik rohimahulLoh:
لَنْ يُصْلِحَ آخِرَ هَذِهِ الأُمَّةِ إِلاَّ مَا أَصْلَحَ أَوَّلَهَا
Salawasna moal pernah bisa ngoméan kondisi generasi akhir umat wanci kiwari anging ku perkara anu geus kabuktian mampuh ngoméan kondisi generasi awal maranéhna. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM