PAPAGON HIRUP SANGKAN HURIP
Mangsa kalangkang jadi udagan jalma dina ngambah kahirupan
Alatan bodo, boloho, poho, sologoto, balangah, sarakah, awuntah tur salah dina néangan cukang pameuntasan
Mangka kaduhung nu ngabarung, bingung nu teu manggih tungtung, nalika jagrag jaga dina poéan panghisaban...
Éstu bener pisan naon nu ku Mantena dipidawuh dina kalamna Al Qur'an
Yén manusa baris ngalaman tilu lalakon dina ngambahna kahirupan
Manusa medal ka alam pawenangan, tur bakal balik ka alam pamaotan
Satuluyna manusa baris anjog deui di alam panghudangan...
Lalakon medal, lalakon awal mitembeyanna manusa di alam kumelendangan
Lalakon maot, lalakon pamungkas manusa pileuleuyan jeung dunyana alam
Sawatara lalakon panghudangan, lalakon manusa pikeun jagrag di mahkamah sidang panghisaban
Didinya manusa baris mempertanggung jawabkeun tapak lacak kahirupan dunyana amal pagawéan...
Mangka mun dilenyepan
Saéstuna manusa geus dicipta tina saripati cai hina taneuh nu sok kajejekan
Anu satuluyna éta cai diteundeun dina tempat anu tohaga, alam kakandungan
Tuluy jadi sakeupeul getih, sakeupeul daging jeung tulangan
Mangka janggélék dedeg pangadeg anu hadé pinuh kasampurnaan...
Éstu teu aya nu payus ku manusa pikeun disombongkan dipayuneun pangéran
Sagala rupana, manusa teu miboga kajaba anging titipan
Nu baris didakwa jaga di alam panghisaban
Saba'da manusa dihudangkeun tina alam pamaotan...
Poéan dihudangkeun, hari dibangkitkan, hiji poé anu cindek lain poé pamohalan
Lain ogé poé anu diomongkeun ku si nini ti tokoh parti, anu nyebutkeun yén hari kebangkitan hanya ramalan masa depan
Padahal satemenna, yén saba'da poéan éta nanasiban manusa bakal kabagi dua golongan
Ashabul Syimaali, golongan kiri jeung Ashabul Yamiini, golongan kanan
Panghuni naraka nu léléntaban, jeung penghuni janah nu pinuh kani'matan...
Mangka ngan ukur hiji-hijina jalan nu kudu jadi kayakinan jeung udagan
Urang kudu jadi Ashabul Yamiin, golongan kanan panghuni sawarga kani'matan
Tapi, permasalahanna ayeuna, kumaha carana sangkan tujuan éta bisa kahontal karandapan?
Teu aya deui manusa kudu to'at, ibadah sumembah iwal ti ka pangéran...
Ibadah, saluyu reujeung fitrah tugasna manusa nalika dicipta ku pangéran
Ibadah, ngalakonan kato'atan jeung katundukan mung wungkul ka pangéran sarta nyekel deleg syari'ahna pangéran
Cindekna, ibadah nyatana nalika urang geus kabeungkeut dina sagala perkara ku syari'ah Alloh, nyaéta Syari'ah Islam nu dilungsurkeun ku pangéran...
Mangka lamun geus kabeungkeut hirup ieu ku aturan syari'ah, ngandung harti yén syari'ah geus jadi miqiyasul 'amal, ugeran jeung tolak ukurna pagawéan
Nu kadituna nalika haram ceuk syari'ah, mangka haram nu kudu diomongkeun ku urang, jeung éta nu kudu dijauhan
Kitu deui mun halal ceuk syari'ah, mangka halal nu kudu diomongkeun ku urang, mangka éta nu kudu digawéan
Tah ieu pisan nu disebut esensi jeung ma'na hakiki tina takwa nyatana ngawangun pasikepan _sam'an watho'atan_
Tunduk satunduk-tundukna kalawan sagemblengna kana sagala aturan pangéran...
Nalika _sami'na wa atho'na_ ka pangéran dina sagala perkara geus ngajadi ugeran
Mangka moal kabuktian deui aya manusa nu loba léléda, loba atuh da, loba alesan, loba afwan, sarta loba tatanya naon sababna dina migawé amal perbuatan jeung meunang tugas ti pingpinan
Bari sok sanajan ku akal jeung pikiranna teu kaharti sameueus pisan
Sabab dina haténa geus yakin yén Alloh ka hambana moal ngadoliman jeung pingpinan gé geus ngukur pangabisana tur kamampuan...
Nyata ayeuna gening, yén pasu'alan penting dina kahirupan, lain kahirupan éta sorangan, lain ogé jabatan, pangkat jeung kalungguhan, lain ogé pangabisa, kaahlian, skill, profesi tur karir, tur ta lain ogé bru di juru bro di pantona harta banda jeung kakayaan
Tapi, pasu'alan nu kalintang pentingna mah nyatana, kumaha kuduna, kumaha carana ngawangun _hirup sangkan hurip_ dina waktu anu samporét tur rohangan anu sempit, bisa ngahontal darajat katakwaan ?...
Marga takwa, panangtu luhur handapna darajat manusa dipayuneun pangéran
Marga takwa, jalan kasalametan manusa di dunya ayeuna jeung di ahérat jaga nu bakal kasorang
Marga takwa, nu baris ngadatangkeun kana hirup pribadina, kulawargana, masyarakat katut bangsa tur nagarana, turun ti langit jeung bumi pirang-pirang kabarokahan
Marga takwa ieu pisan, jalan kahirupan manusa nu baris tinemu jeung _kahuripan..._
Kari sababara wanci deui jeung Romadhon urang pileuleuyan
Moal lila deui baris anjog jeung 'Idul Fitri Hari Kemenangan
Aya rasa bungah gumbira tapi pacampur sedih prihatin nu karandapan
Mun inget nanasiban dulur-dulur urang di nagri jauh di peuntas lautan nu masih kénéh aya dina katunggaraan...
Mun ayeuna didieu, urang bisa dahar sahur jeung buka balakécrakan
Mun ayeuna didieu, urang bisa tadarus qur'an jeung tarawéhan kalayan aman
Tapi tuh diditu, di nagri Palestina, dulur-dulur urang dahar sahurna bari digempur ku pélor-pelor nu cing belesur, dahar bukana bari dibalédogan ku garanat nu cing beledag, éstu lain bobohongan
Malah nepi ka kajadian, mangsa tarawéhan, pangsujudan dijejekan, jama'ahna ditalapungan, ditandasa, disiksa, diborogod malah nepi ka aya nu dipaéhan...
Inilah gambaran fakta nyata nanasiban umat islam di panungtung jaman
Balukar geus pahatu lalis, teu miboga indung nu jadi pangais pangampih, panungtun anu labuh, panghudang nu tijengkang, paméré cacaang mangsa badarat pileumpangan
Persis anak ciak nu ukur bisa cing karocéak nalika disamberan manuk heulang ti awang-awang...
Ngaliwatan ieu tulisan
Dina lirik puisi alur prosa picisan
Mamang umajak babarengan
Hayu, urang hirupkeun deui indung urang
Indung nu nyata jadi papayung dina ngabélaan kahurmatan jeung kamulyaan islam jeung umat islam
Sabab iwal ti ku _indung_ , umat ieu bisa _hirup kalawan hurip..._
Allohu Akbar...!
Komentar
Posting Komentar