PANGBUBUNGAH KA JALMA ANU ISTIQOMAH

 اَلْحَمْدُ لله الَّذِىْ اَعَدَّ الْجَنَّةَ لِلْعَامِلِيْنَ الْمُخْلِصِيْنَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ . اَ لَّذِيْ لَهُ الْمُلْكُ فَتَبَارَكَ اللهُ اَحْسَنُ الْخَالِقِيْنَ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ . شَهَادَةً تُنْجِيْ قَائِلَهَا مِنْ عَذَابِهِ يَوْمَ الدِّيْنِ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدُ اْلأَنْبِيَاءِ وَ الْمُرْسَلِيْنَ وَعَلَى ءَالِهِ وَ اَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ نَالُوْا الْكَرَامَةَ مِنْ رَبِّهِ وَهُمْ مِنَ الْفَائِزِيْنَ صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ مُدَّةَ ذِكْرِ الذَّاكِرِيْنَ وَ سَهْوِ الْغَافِلَيْنَ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ فَكُنْتُمْ مِنَ الْمُفْلِحِيْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : إِنَّ الَّذِيْنَ قَالُوْا رَبُّنَا اللَّهُ ثُمَّ اسْتَقَامُوْا تَتَنَزَّلُ عَلَيْهِمُ الْمَلَائِكَةُ أَلَّا تَخَافُوْا وَ لَا تَحْزَنُوْا وَأَبْشِرُوْا بِالْجَنَّةِ الَّتِيْ كُنْتُمْ تُوْعَدُوْنَ . نَحْنُ اَوْلِياَءُ كُمْ فِى الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَ فِى الْءَاخِرَةِ ج وَ لَكُمْ فِيْهَا مَا تَسْتَهِى اَنْقُسُكُمْ وَلَكُمْ فِيْهَا مَا تَدَّعُوْنَ

" Saestuna jalma-jalma anu nyebut: ' Pangeran abdi sadaya teh Alloh' , tuluy maranehna tetep istiqomah, tanwande malaikat turun ka maranehna { pokna} :' Aranjeun ulah ngarasa sieun jeung nalangsa , aranjeun kudu suka-bungah ku sawarga anu geus dijangjikeun. Kaula sadaya teh pangurus-pangurus aranjeun dina kahirupan dunya sareng akherat, sareng di sawarga teh pikeun aranjeun aya saniskara anu dipikapalay ku aranjeun, sareng pikeun aranjeun di dinya teh aya saniskara anu ku aranjeun dipicangcam ". {QS. Fushshilat, ayat 30-31 }.
Hadirin, Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Dina Kitab Tanbihul Ghafiliin, kaca 10 Imam Abul-Laits nyaurkeun: " Kacida bagjana jalmi anu ku Allah dipaparin kapahamam, disadarkeun tina kalalaian hirup, sareng dipasihan pitulung pikeun mikiran kumaha nasib tungtung panganggeusan hirup di dunya{naha husnul khatimah atawa suul khatimah}. Urang sadaya neneda ka Gusti Allah, muga-muga Allah ngajadikeun urang sadaya kasaean dina tungtung umur, sarta narima beja pangbubungah, jalaran jalmi iman pasti bakal kenging beja kabungah dina nalika maotna, nyaeta dina Dawuhan Allah QS Fushshilat ayat 30". Sakumaha anu tadi tos diaoskeun.
Beja anu pikabungaheunana teh aya lima rupi, kahiji jang umumna mu`minin, bakal dibubungah: " Aranjeun tong sieun aranjeun moal salilana dina naraka, aranjeun bakal meunang syafa`at para Nabi jeung solihin, jeung ulah sedih tina kakurangan ganjaran, aranjeun bakal kasurga". Kadua jang jalma-jalma ikhlas, bakal dibubungah: " Aranjeun ulah sedih, amal aranjeun ditarima, ulah sedih kurangna ganjaran, ganjaran aranjeun dilipet-gandakeun, ulah saredih kana saniskara anu ku aranjeun geus dipigawe saeunggeus maot'. Katilu pangbubungah jang jalma-jalma anu tobat: ' Aranjeun ulah sieun tina sabab dosa-dosa aranjeun, aranjeun geus dihampura, aranjeun ulah sedih urusan ganjaran ladang amal aranjeun saeunggeus tobat'. Kaopat, jang jalma anu zuhud, dibubungah ku cariosan: ' Aranjeun ulah sieun mahsyar jeung hisaban, ulah sedih sabab aranjeun moal dikurangan tina ganjaran anu dilipet-gandakeun, kudu barungah aranjeun, sabab aranjeun bakal asup ka surga bari teu dihisab heula'. Kalima nyaeta pangbubungah ka para `ulama anu ngajarkeun kahadean ka manusa,: ' Aranjeun ulah sieun nyanghareupan pakewuhna poe kiyamat, ulah sedih sabab Alloh bakal ngabales amal aranjeun ku surga, jeung jalma-jalma anu nuturkeun kalakuan aranjeun'.
Hadirin Anu Mulya !
Kacida bagjana jalma-jalma anu kenging pangbubungah nalika maotna, margi pangbubungah ieu ngan disadiakeun jang jalma anu iman anu sae amalna, maka turun malaikat ka eta jalma, tuluy naros ka eta malaikat: " Saha aranjeun !, kuring teu pernah ningal rupi anu sakieu kasepna jeung ngangseu anu sakieu seungitna ?". Malaikat ngawaler: " Kaula sarerea teh anu ngajaraga aranjeun, nyatet amal aranjeun waktu didunya, nya ayeuna kaula sarerea anu ngajaga aranjeun di akherat".
Tina kumargi kitu, sakedahna pisan pikeun jalmi anu ngagaduhan akal sangkan sadar tina kataledoran jeung kapohoanana, anu salami hirup di dunya teu weleh diombang-ambing nepika titeuleum dina lautan ma`siyat, hilap ibadah ka Allah kaulinkeun sibuk katungkul ngatur kahirupan dunya, kaleungitan rasa arek maot. Gusti Allah ngadawuh:
اِنَّكَ مَيِّتٌ وَ اِنَّهُمْ مَيِّتُوْنَ
" Saenyana anjeun bakal maot, jeung maranehna oge bakal maraot". {QS. Az-Zumar, ayat 30}.
Tawis kasadaran akal, nyaeta ngatur kahirupan dunya kalawan tenang jeung nyalse, diatur waktosna, margi ngaraos seueur keneh waktosna. Merhatikeun urusan akherat kalawan taliti tur tarapti sarta pinuh ku kadinesan, ngaraos waktosna tos samporet anu moal tiasa diengke-engke. Ngatur urusan agama dibarengan ku rajin milari elmuna. Hirup babarengan jeung sasama bari silih nasehatan jeung kasabaran. Ieu sadayana dpidamel kalawan seja milari karidoan Allah SWT
Kanjeng Rasululloh SAW. ditaros ku Sohabat Ibnu Mas`ud:
اَيُّ الْمُؤْمِنِيْنَ اَكْيَسُ قَالَ : اَكْثَرُهُمْ لِلْمَوْتِ ذِكْرًا وَاَحْسَنُهُمْ لَهُ اِسْتِعْدَادًا
" Mu`min anu kumaha anu pang cerdasna teh ?. Mantena ngawaler: " nyaeta anu pang seueurna eling kana maot jeung anu pangsae-saena sasadian jang mayunan maot". { Tanbihul Ghafiliin, kaca 11 }.
Muga-muga urang sadaya kalebet ti reng-rengan jalmi-jalmi anu kenging pangbubungah nalika sumpingna maot. Aamiin !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KA II
اَلْحَمْدُ لله هَدَانَا لِهَاذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لَا اَنْ هَدَانَا اللهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الَّذِى لَا نَبِيَّ بَعْدَهُ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَ ا نْتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَ زَجَرَ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ اَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَ ارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَ اَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَ ارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لله رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM