PALÉSTINA BUTUH PANGAWASA ANU MÉRÉ PANYALINDUNGAN

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَاِنْ تُطِعْ اَكْثَرَ مَنْ فِى الْاَرْضِ يُضِلُّوْكَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗاِنْ يَّتَّبِعُوْنَ اِلَّا الظَّنَّ وَاِنْ هُمْ اِلَّا يَخْرُصُوْنَ
_Lamun seug mah Anjeun nuturkeun kololobaan jalma-jalma anu aya di luhureun ieu Bumi, tangtu maranéhna bakal nyasarkeun anjeun tina jalan Alloh. Maranéhna taya lian ngan nuturkeun sangkaan wungkul jeung maranéhna taya lian ngan saukur ngabohong._ (QS al-An’am [6]: 116)
Alhamdulillah, Mantena Alloh Pangawasa jagat raya. Anu kakawasaana-Na ngalingkupan sakabéh alam samesta. Mantena nu méré ogé nyabut kakawasaan ka saha anu dikersakeuna-Na. Sholawat sinareng salam kawilujengan mugia salamina dicurahlimpahkeun ka Panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu alaihi wa sallam, nabi akhir zaman anu ku urang sadaya diharepkeun pisan syafa’atna dina poéan diwalesna amal-amalan. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu iman dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Lain sakadar omongan, tapi kudu diwujudkeun ku kata’atan sapinuhna kana syaré’at Islam. Laksanakeun sadaya paréntah-Na jeung tinggalkeun sanéskanten cegahana-Na kalawan sakuat tanaga.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Geus ampir sabulan kaom Muslim Paléstina dibantéy kalawan kejem ku Zionis Yahudi. Geus aya sakira 10 rébu korban syahid. Kalolobaanana orok/barudak jeung awéwé. Puluhan rébu séjénna tatu parna.
Puluhan rébu ton bom geus diragragkeun ka Gaza. Jauh ngaleuwihan rongkahna bom anu diragragkeun di Hiroshima jeung Nagasaki. Rumah sakit jeung pasar jadi sasaran. Teu kaitung wangunan anu rata jeung taneuh.
Éstu kaom Zionis Yahudi mémang geus teu boga haté. Teu aya deui rasa kamanusaan. Manéhna geus saperti sato. Bahkan leuwih goréng tinimbang sato anu pang buasna ogé.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Geus garing rasana cai mata ningali para korban kabiadaban Zionis la’natulloh. Maranéhna teu aya anu nulungan. Kudu berjoang sorangan. Samentara para pangawasa Arab jeung Muslim ngan saukur basa-basi. Ngutuk jeung ngecam. Teu aya gerakan anu nyata ngeureunkeun éta pembantéyaan. Lamun ogé méré bantuan kamanusaan, ngan sakaukur pencitraan dihareupeun mata rahayatna, anu sama sakali teu bisa ngeureunkeun kabiadaban Zionis Yahudi la’natullah ieu.
Padahal, para pangawasa Arab jeung Muslim boga militer. Kakuatan maranéhna sabenerna cukup pikeun ngeureunkeun aksi kabrutalan éta téroris Yahudi. Jeung sakabéh manusa ogé apal, kaom Zionis Yahudi téh éstu kacida pisan lemahna. Maranéhna kaciri kuat, leuwih kusabab sikep euweuh kawani para pangawasa Arab jeung Muslim.
Geus sawajarna urang sadaya nanya, keur naon maranéhna boga kakawasaan atawa parebut kakawasaan, lamun kakawasaanana euweuh gunana pikeun Islam jeung kaom Muslimin?
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Prak kanyahokeun, dina Islam ayana kakawasaan téh mangrupakeun hiji kapastian. Islam jeung kakawasaan teu bisa dipisahkeun. Ulama nyebutkeun:
اَلدِّيْنُ وَ السُّلْطَانُ تَوْأَمَانِ وَ قِيْلَ الدِّيْنُ أُسٌّ وَ السُّلْطَانُ حَارِسٌ فَمَا لاَ أُسَّ لَهُ فَمَهْدُوْمٌ وَ مَا لاَ حَارِسَ لَهُ فَضَائِعٌ
Agama jeung kakawasaan téh ibaratna dulur kembar. Disebutkeun ogé, agama téh pondasi, samentara kakawasaan téh anu ngajagana. Naon baé anu euweuh pondasian bakal ancur. Naon baé anu teu miboga panjaga bakal leungit (Abu Abdillah al-Qali, Tadrîb ar-Riyâsah wa Tartîb as-Siyâsah, 1/81).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Ngeunaan pentingna kakawasaan pikeun nanjeurkeun Islam, Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَقُلْ رَّبِّ اَدْخِلْنِيْ مُدْخَلَ صِدْقٍ وَّاَخْرِجْنِيْ مُخْرَجَ صِدْقٍ وَّاجْعَلْ لِّيْ مِنْ لَّدُنْكَ سُلْطٰنًا نَّصِيْرًا
_Pok caritakeun, “Pangéran abdi, asupkeun abdi kucara asup anu bener, jeung kaluarkan (ogé) abdi kucara kaluar anu bener, sarta paparin abdi ti sagédéngeun Anjeun kakawasaan anu nulungan.”_ (TQS al-Isro’ [17]: 80).
Kakawasaan “anu nulungan” téh nyaéta kakawasaan anu mampuh nanjeurkeun Islam. Imam Ibnu Katsir, kalawan nyutat ti Qotadah (w. 117 H), nalika ngajelaskeun kecap “kakawasaan anu nulungan” nyebatkeun: (nyaéta kakawasaan) pikeun ngabélaan Kitabulloh, nerapkeun hukum-hukum-Na, ngalaksanakeun sagala rupa kawajiban ti Mantena, sarta nanjeurkeun agama-Na.” (Ibnu Katsir, Tafsîr al-Qur’ân al-Azhîm, 5/111).
Ieu anu bisa katingali ku urang sadaya dina sajarah Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam. Saba’da hijrah ti Mekah ka Madinah, Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam bisa nanjeurkeun kakawasaan Islam, ngadegkeun Nagara Islam anu munggaran. Nabi shollallohu alaihi wa sallam ngagunakeun éta kakawasaanana salaku pamingpin nagara pikeun nerapkeun syaré’at Islam kalawan kâaffah (sagemblengna) dina sakabéh aspék kahirupan.
Ku éta kakawasaan, Nabi shollallohu alaihi wa sallam méré panyalindungan ka kaom Muslim. Mantena merangan jeung ngusir kaom Yahudi ti Madinah, gara-gara maranéhna kumawani ngabunuh saurang Muslim anu ngabéla kahormatan saurang Muslimah anu dilécéhkeun ku saurang Yahudi.
Ku éta kakawasaan ogé, Khulafaur Rosyidin jeung para kholifah satuluyna jadi tempat panyalindungan sajati kaom Muslim.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kakawasaan téh nyaéta amanah. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تُؤَدُّوا الْاَمٰنٰتِ اِلٰٓى اَهْلِهَاۙ وَاِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ اَنْ تَحْكُمُوْا بِالْعَدْلِ
_Saéstuna Alloh maréntahkeun aranjeun méré amanah ka jalma anu boga hak narimana, ogé (meredih ka aranjeun) lamun netepkeun hukum di antara manusa supaya aranjeun ngahukuman kalawan adil_ (TQS an-Nisa’ [4]: 58).
Imam Ibnu Katsir ngajelaskeun, _“Dina dasarna, amanah téh nyaéta taklif (syaré’at Islam) anu kudu dijalankeun kalawan sapinuh haté, kucara ngalaksanakeun paréntah Alloh jeung ngajauhan cegahana-Na. Lamun manéhna ngalaksanakeun éta taklif, mangka manéhna bakal meunang ganjaran pahala di sagédéngeun Alloh. Sabalikna, lamun manéhna ngalanggar éta taklif, mangka manéhna bakal meunang siksaan.”_ (Ibnu Katsir, Tafsîr Ibnu Katsîr, III/522).
_Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam parantos maparin paringetan: “Henteu saurang pangawasa anu dipasrahkeun ka manéhna urusan kaom Muslim, tuluy manéhna maot, sedengkeun manéhna ngantepkeun éta urusan, anging Alloh ngaharamkeun surga pikeun dirina.”_ (HR al-Bukhori sareng Muslim).
Naon anu dimaksud ngantepkeun? Imam Fudhél bin Iyadh rohimahulLooh, sakumaha dicutat ku Imam an-Nawawi rohimahulLooh dina Syarah Shohîh Muslim, nyebatkeun, _“Ngantepkeun téh bisa ngawujud dina hal: teu ngajelaskeun urusan-urusan agama ka umat, teu ngajaga syaré’at Alloh tina perkara-perkara anu bisa ngaruksak kasucianana, ngarobah-robah ma’na ayat-ayat Alloh jeung ngaharé-harékeun hudûd (hukum-hukum Alloh). Ngantepkeun ogé bisa ku mangrupakeun ngaharé-harékeun hak-hak umat, teu ngajaga kaamanan maranéhna, teu ngalakukeun jihad pikeun ngusir musuh-musuh maranéhna, jeung teu nanjeurkeun kaadilan di tengah-tengah kahirupan maranéhna. Satiap jalma anu ngalakukeun hal ieu kaasup geus khianat ka umat.”_
Mangka jelas, para pangawasa anu khianat ku cara cicing jeung embung ngabéla kaom Muslim di mana baé, haram pikeun manéhna surga.
Mantena shollallalohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh dina Poéan Arofah:
إِنَّ دِمَاءَكُمْ وَأَمْوَالَكُمْ حَرَامٌ عَلَيْكُمْ كَحُرْمَة يَوْمِكُمْ هَذَا فِي شَهْرِكُمْ هَذَا فِي بَلَدِكُمْ هَذَا
_Saéstuna getih jeung harta aranjeun téh haram (suci) saperti sucina poé aranjeun ieu, di nagri aranjeun ieu, jeung dina bulan aranjeun ieu._ (HR Muslim).
Haram hukumna pangawasa Muslim cicing ningali pembantéyan anu dilakukeun ka kaom Muslim. Wajib hukumna nulungan sasama Muslim, dumasar akidah Islam. Tinggalkeun paham kabangsaan anu justru ngahalangan persatuan umat. Ieu pisan anu disebut kakawasaan anu nulungan. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM