NULUNGAN MUSLIM ROHINGYA

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ
_Kaula teu ngutus Anjeun (Nabi Muhammad), anging pikeun jadi rohmat pikeun sakabéh alam._ (QS Al-Anbiya’ [21]: 107).
Alhamdulillah, sagala puja-puji mung kagungan Alloh. Mantena pisan anu maparin rezeki sadaya makhluk-Na kalawan teu ménta balesan. Sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpahcurahkeun ka Panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqamah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Cumponan aturan-Na kucara ngalaksanakeun sadaya paréntah-Na jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na. Éstu dina wanci kiwari téh loba pisan aturan Alloh anu ditinggalkeun, diluar masalah ibadah mahdoh. Ingetkeun, ninggalkeun aturan Alloh téh nyaéta dosa.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Aya anu mimiti leungit ayeuna-ayeuna ieu dina kahirupan sosial antara kaom Muslim, nyaéta sifat duduluran. Jalma-jalma mimiti hirup nafsi-nafsi, mentingkeun dirina sorangan. Teu paduli jeung sasamana, sing sanajan sasama Muslim. Ieu dina skala anu leutik, hubungan (interaksi) antara pribadi (individu).
Dina skala anu leuwih lega kondisina leuwih prihatin deui. Wates-wates nasionalisme geus ngajadikeun manusa paburencay nurutkeun kapentinganana séwang-séwangan. Manusa dihiji wilayah, teu kudu merhatikeun ka manusa di wilayah séjénna, singsanajan natangga, kusabab béda nagara. Nepika urang sering pisan ngadéngé omongan: maranéhna lain bangsa urang, maranéhna pangeusi nagara lian, pédah naon kudu ku urang dibantuan? Jeung sajabana.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Wanci kiwari, fakta ieu kajadian. Sajumlah pangungsi ti Rohingya asup ka Acéh. Kadatanganana ditolak ku mangrupa-rupa alesan. Misalna baé, timimiti alesan kuciwa tina sikep kurang hadé pangungsi Rohingya ka warga satempat nepika isu bakal kajadian ngawasa lahan ku maranéhna saperti anu dilakukeun ku zionis Yahudi kana taneuh Paléstina.
Majelis Permusyawaratan Ulama (MPU) atawa MUI Provinsi Aceh ménta supaya sakabéh pihak ulah manasan (provokasi) masyarakat pikeun nolak datangna imigran Muslim Rohingya. MUI sorangan nepikeun yén Aceh ngabogaan kawajiban moral pikeun narima warga Rohingya anu ditindes di nagara asalna Myanmar.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Para ulama teu béda pendapat ngeunaan kawajiban nulungan sasama Muslim, khususna anu keur didloliman ku musuh-musuh Islam. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
الْمُسْلِمُ أَخُو الْمُسْلِمِ لَا يَظْلِمُهُ وَلَا يُسْلِمُهُ وَمَنْ كَانَ فِي حَاجَةِ أَخِيهِ كَانَ اللَّهُ فِي حَاجَتِهِ وَمَنْ فَرَّجَ عَنْ مُسْلِمٍ كُرْبَةً فَرَّجَ اللَّهُ عَنْهُ كُرْبَةً مِنْ كُرُبَاتِ يَوْمِ الْقِيَامَةِ وَمَنْ سَتَرَ مُسْلِمًا سَتَرَهُ اللَّهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ
_Saurang Muslim téh nyaéta dulur pikeun Muslim lianna. Manéhna ulah ngadloliman jeung ulah ngantep dulurna éta pikeun dinyeyeri. Singsaha baé anu ngabantuan kabutuhan dulurna mangka Alloh bakal mantuan kabutuhanana. Singsaha baé anu ngaleungitkeun hiji kasusahan sauang Muslim, Alloh bakal ngaleungitkeun hiji kasusahan pikeun dirina tina kasusahan-kasusahan Poé Kiyamah. Singsaha baé anu nutupan aéb saurang Muslim mangka Alloh bakal nutupan aébna dina Poé Kiyamah_ (HR al-Bukhori).
Paréntah Nabi shollallahu ‘alaihi wa sallam dina ieu hadits lumaku umum, teu ngabédakeun suku bangsa atawa ras. Kaom Muslim wajib pikeun silih tulungan. Teu meunang ngantepkeun dulurna dinyeyeri ku jalma lian.
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngamisilkeun hubungan sasama jalma anu boga iman saperti hiji awak. Dawuhan Mantena:
مثَلُ الْمُؤْمِنِينَ فِي تَوَادِّهِمْ وتَرَاحُمِهِمْ وتَعاطُفِهِمْ، مَثَلُ الْجَسَدِ إِذَا اشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌ تَداعَى لهُ سائِرُ الْجَسَدِ بالسَّهَرِ والْحُمَّى
_Permisilan kaom Mu’min dina hal silih pikacinta jeung silih pikaasih jeung silih perhatikeun di antara maranéhna nyaéta saperti hiji awak. Lamun hiji anggota tina éta awak gering, mangka sakabéh awakna milu ngarasakeun nyerina ku teu bisa saré jeung muriang_ (HR Muslim).
Leuwih teges deui Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyebatkeun yén kasampurnaan iman sauang Muslim ngan bisa kahontal kucara mikacinta dulurna saiman saperti manéhna mikacinta dirina sorangan. Dawuhan Mantena:
لاَ يُؤْمِنُ أَحَدُكُمْ حَتَّى يُحِبَّ ِلأَخِيْهِ مَا يُحِبُّ لِنَفْسِهِ
_Teu sampurna iman salah saurang diantara aranjeun nepika manéhna mikacinta pikeun dulurna naon anu dipicinta pikeun dirina sorangan_ (HR Muttafaq 'alaih).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Prak kanyahokeun kusadaya kaom muslimin, haram hukumna ngajak ngaboikot bantuan ka sasama Muslim, komo deui nyebarkeun mumusuhan ka maranéhna. Nyerukeun ngalakukeun boikot, ngusir komo deui ngalakukeun serangan sacara fisik ka sasama Muslim éta téh nyaéta kadloliman anu geus dicaram dina agama urang ieu. Kitu pisan sakumaha pesen Nabi shollallohu 'alaihi wa sallam:
الْمُسْلِمُ أَخُو الْمُسْلِمِ لَا يَظْلِمُهُ
_Saurang Muslim téh nyaéta dulur pikeun Muslim anu lianna. Teu meunang manéhna nyieun kadloliman ka éta dulurna_ (HR Muslim).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Lain ngan Muslim Rohingya wungkul anu diusir ti nagri maranéhna. Aya ogé Muslim Suriah, ku kakejeman Bashar Assad, ogé nyakitu deui Muslim Afghanistan anu kabur kusabab perang anu diciptakeun Amérika. Kaasup Muslim Sudan.
Lamun ku urang diteuleuman, aya dua panyabab utama anu kudu dibéréskeun ku kaom Muslim ngeunaan ieu pasualan.
_*Kahiji,*_ mupus wates-wates nasionalisme anu ngaborogod kaom Muslim pikeun méré tulung ka sasama Muslim anu séjén. Paham nasionalisme ogé jadi pamanték munculna _xenofobia;_ ijid atawa keuheul ka jalma asing/bangsa lian. Akibatna, muncul mapanas (provokasi) pikeun ngusir kadatangan para pangungsi ti nagara anu lian. Padahal nasionalisme téh nyaéta salah sahiji jinis _‘ashobiyah_ (fanatisme kelompok) anu geus diharamkeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
وَمَنْ قُتِلَ تَحْتَ رَايَةٍ عُمِيَّةٍ يَغْضَبُ لِلْعَصَبِيَّةِ، وَيَنْصُرُ لِلْعَصَبِيَّةِ، وَيَدْعُوْ لِلْعَصَبِيَّةِ فَقِتْلَتُهُ جَاهِلِيَّةٌ
_Singsaha baé anu kabunuh dina handapeun bandéra lolong —manéhna ambek kusabab ‘ashobiyah, nulungan kusabab ‘ashobiyah sarta ngajak-ngajak dina hal ‘ashobiyah— mangka manéhna maot dina kaayaan jahiliyah_ (HR al-Baihaqi).
_*Kadua,*_ urang sadaya salaku kaom Muslimin kudu bener-bener berjoang ngawujudkeun panyalindungan sajati pikeun umat sacara internasional. Lain PBB atawa anu séjénna, anu geus nembrak gagal teu mampuh ngaraksa ieu umat. Urang sadaya butuh Khilafah. Kalawan teges Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyebutkeun yén ayana Khilafah téh nyaéta laksana taméng anu méré panyalindungan ka umat.
إِنَّمَا اْلإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
_Saéstuna Imam (Kholifah) nyaéta taméng; jalma-jalma perang di satukangeunana jeung ngajadikeun manéhna jadi panyalindungan_ (HR Muslim).
Ngan Khilafah anu bakal méré panyalindungan ka kaom Muslim di sakuliah dunya, teu ningal suku, bangsa, katurunan (ras), jeung warna kulitna. Khilafah ieu pisan anu bakal ngahijikeun kaom Muslim sarta ngajaga kahormatan, harta jeung getih maranéhna. Nepika Khilafah Islamiyah ogé anu bakal méré panyalindungan ka umat anu ngagem agama lian. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM