NULAD KAPAMINGPINAN ROSULULLOH SHOLLALLOHU ‘ALAIHI WA SALLAM

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
قُلْ اِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّوْنَ اللّٰهَ فَاتَّبِعُوْنِيْ يُحْبِبْكُمُ اللّٰهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ ۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ
(QS Ali Imron [3]: 31)
Alhamdulillah, syukuran urang sadaya ka Alloh tina ni’mat sareng kurnia-Na, utamana ni’mat iman sareng Islam sarta diutusna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pikeun urang sadaya. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka Mantena shollallohu ‘alaihi wa sallam, kulawargina, shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu hadirin sadaya urang terus ningkatkeun takwa urang ka Alloh kalawan katakwaan anu hakiki. Ngalaksanakeun sadaya paréntah Alloh sarta ninggalkeun sanéskanten cegahan-cegahan Alloh, dina sakabéh aspék kahirupan. Mudah mudahan Alloh ngajadikeun ka urang sadaya hamba-Na anu muttaqin.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Teu karaos urang sadaya ayeuna parantos aya dina bulan Robiul Awwal. Ieu téh bulan kalahiran jalmi pang mulyana di dunya, Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam.
Numutkeun Al-‘Allamah Sayyid Muhammad bin ‘Alawi al-Maliki al-Hasani rohimahulLooh, Maulid Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam lain poé lebaran. Maulid Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam saéstuna jauh leuwih agung jeung leuwih mulya tinimbang dua poéan lebaran umat Islam, nyaéta Idul Fitri jeung Idul Adha.
Sababna, ceuk anjeuna, “Lamun teu aya kalahiran Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam, tengtu moal pernah aya bi’tsah atawa diutusna Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam salaku Rosul ka manusa; moal aya turun Al-Qur’an; moal aya Kajadian Isro’ Mi'raj; moal aya Hijrah: moal aya kameunangan dina Perang Badar; ogé moal aya Nalukkeun Kota Mekkah. Lantaran, sakabéhna éta téh ngait jeung kalahiran (maulid) Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Hartina, Maulid Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam nyaéta sumber sagala kahadéan anu kacida pisan gedéna.”
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Mangka pantes jeung payus pisan dina bulan Robiul Awwal ieu urang leuwih ngalobakeun deui maca sholawat, anu jadi wujud rasa cinta urang ka Mantena. Komo deui sholawat ka Anjeuna diparéntahkeunn ku Alloh subhanahu wa ta’ala, sakumaha dawuhana-Na:
اِنَّ اللّٰهَ وَمَلٰۤىِٕكَتَهٗ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّۗ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
Saéstuna Alloh jeung para malaikat-Na sholawat pikeun Nabi. Yeuh jalma-jalma anu ariman, prak geura sholawat aranjeun ka Nabi jeung ucapkeun salam kahormatan ka Anjeuna. (TQS al-Ahzab [33]: 56).
Tangtu anu ngarana cinta téh teu cukup ngan diucapkeun wungkul. Hayu urang perhatoskeun pesen Imam Ibnu Rojab rohimahulLooh, anjeuna nyarita:
‏مِنْ عَلاَمَاتِ حُبِّ اللهِ حُبُّ الْقُرْآنِ، وَمِنْ عَلاَمَةِ حُبِّ الْقُرْآنِ حُبُّ مَنْ أُنْزِلَ عَلَيْهِ الْقُرْآنُ: النَّبِيُّ ﷺ
Di antara tanda cinta ka Alloh subhanahu wa ta’ala nyaéta cinta kana Al-Qur’an. Di antara tanda cinta kana Al-Qur’an nyaéta cinta ka manusa anu ka Mantena Al-Qur’an diturunkeun, nyaéta Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam.
Jadi, cinta téh kudu dibuktikeun. Kucara kumaha? Katakwaan. Ngajalankeun sakabéh paréntah Alloh subhanahu wa ta’ala, ngajauhan sanéskanten cegahana-Na, ngamalkeun sadaya eusi Kitab-Na (Al-Qur’an) jeung salamina nulad ka Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam dina sakabéh aspék kahirupan anjeuna.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Hayu urang tingal kumaha Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam berjoang mawa sarta nanjeurkeun Islam ieu. Sacara garis badagna aya dua periode. Kahiji, Periode Mekkah; Kadua, Periode Madinah.
Salila 13 taun da’wah di Mekkah, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam murni ngan ngalakukeun salaku pangemban da’wah. Namung saterasna, sabada hijrah ka Madinah, sarta ngadegkeun Nagara Islam anu munggaran, Anjeuna sakaligus jadi pangawasa (pamingpin nagara) anu mintonkeun sakabéh fungsi kakawasaan pikeun ngalaksanakeun sarta nerapkeun syaré’at Islam, nepika ngemban risalah Islam ka luar nagri ku da’wah jeung jihad. Hal ieu lumangsung sakira 10 taun dugika Anjeuna ngantunkeun.
Kumargi kitu di antara hal penting ti Rasululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam anu wajib jeung pantes diconto nyaéta tuladan kapamingpinan Mantena salaku pangawasa, nyaéta salaku pamingpin nagara. Mantena ngurus sarta ngalayanan kalawan hadé sanéskan kaperluan rahayat, naha Muslim atawa non-Muslim. Mantena mingpin rahayat kalawan adil sarta pinuh diliputan kanyaah. Ieu kusabab hakékat kapamingpinan téh —khususna dina kontéks pamingpin nagara— ditegeskeun ku dawuhan anjeuna kuanjeun:
سَيِّدُ الْقَوْمِ خَادِمُهُمْ
Pamingpin hiji kaom hakékatna nyaéta palayan maranéhna (HR Abu Nu‘aim).
Salaku pamingpin nagara, nyaéta Nagara Islam, Nabi shollalllhu ‘alaihi wa sallam mutuskeun sagala perkara di masyarakat ngan ku syaré’at Islam wungkul. Lain ku hukum-hukum anu séjén. Syaré’at Islam pasti adil kusabab datangna ti Alloh Anu Mahaadil.
Mantena ngangkat para wali (gubernur) sakaligus para qoodhi (hakim), ogé para ‘aamil. Mantena ogé ngutus para utusan (duta) pikeun ngajak para pamingpin di sakuliah Jazirah Arab waktu harita pikeun asup Islam. Mantena ogé ngangkat para panglima perang. Nepika Anjeuna nyalira sering sacara langsung mingpin sajumlah perang (jihad).
Jelas, kapamingpinan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam salaku pamingpin nagara ieu pantes tur wajib ditulad. Ieu pisan ogé anu diconto jeung ditulad kalawan kacida hadéna ku para kholifah sabada mantena, nyaéta Khulafaur Rosyidin.
Kukituna kaom Muslim generasi sabadana nepika poé ieu payus jeung wajib nulad kapamingpinan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam jeung Khulafaur Rosyidin ieu. Komo deui Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngadawuh:
فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِي وَ سُنَّةِ الْخُلَفَاءِ الرَاشِدِيْنَ الْمَهْدِيِّيْنَ، عَضُّوْا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِدِ
Aranjeun wajib nyekel pageuh kana Sunnah kaula jeung Sunnah Khulafaur Rosyidin anu meunang pituduh. Prak gégél (éta hidayah) ku aranjeun ku huntu caréham (HR Ibnu Majah sareng at-Tirmidzi).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kapamingpinan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam téh tuluy diteraskeun ku Khulafaur Rasyidin. Aranjeunna nerapkeun jeung nanjeurkeun syaré’at Islam dina sakabéh aspék kahirupan. Ieu pisan anu payus jeung wajib diconto ku para pemingpin Muslim wanci kiwari.
Komo deui panerapan jeung nanjeurkeun syaré’at Islam ieu bakal jadi konci meunangna pangraksa ti Alloh subhanahu wa ta’ala. Rosul shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
احْفَظِ اللَّهَ يَحْفَظْكَ احْفَظِ اللَّهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ
Prak jaga Alloh tangtu Alloh ngajaga ka anjeun. Prak jaga Alloh tinangtu anjeun bakal manggihan Alloh di hareupeun anjeun... (HR at-Tirmidzi sareng Ahmad).
Al-Hafizh Ibnu Rojab dina kitab Jâmi’ al-‘Ulûm wa al-Hikam ngajelaskeun: IhfazhilLâh (prak jaga Alloh) maksudna nyaéta ngajaga hudûd, hak-hak, paréntah-paréntah sarta cegahan-cegahana-Na. Ngajaga sakabéhna éta nyaéta ku cara na’atan paréntah-paréntah Alloh, ngajauhan cegahan-cegahana-Na sarta teu ngalanggar hudûd (batesan-batesan)-Na.
Alhasil, supaya urang sadaya meunang pangraksa ti Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sampurna, umat Islam kudu berjoang pikeun ngawujudkeun panerapan syaré’at Islam kalawan kâffah (sagemblengna) dina sakabéh aspék kahirupan. Panerapan syaré’at sacara kâffah ieu ngan bisa ngawujud dina institusi Khilafah ‘ala minhâj an-nubuwwah. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM