NGEUREUNKEUN PANJAJAHAN ZIONIS YAHUD
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
اَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُوْنَۗ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ حُكْمًا لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ
_Naha hukum Jahiliyah anu ku maranéhna dipikahayang, jeung (hukum) saha anu leuwih hadé tinimbang (hukum) Alloh pikeun jalma-jalma anu yakin? (QS Al-Maidah [5]: 50).
Alhamdulillah, saéstuna ni’mat Alloh kacida seueurna, utamana ni’mat iman jeung Islam sarta diutusna Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’ in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istikomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sabener benerna takwa. Laksanakeun sadaya paréntah-Na jeung jauhan sanénkanten cegahana-Na kalawan soson-soson sarta pinuh ku kaikhlasan. Urang kudu yakin yén Alloh bakal ngabales katakwaan urang ku mangrupa-rupa ni’mat naha di dunya atawa di akhérat.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kabiadaban terus ditémbongkeun ku penjajah Zionis Yahudi di bumi Paléstina, bumi para Nabi. Ieu sakabéhna bisa lumangsung kusabab para pangawasa nagri Islam cicing. Ngan pinter basa-basi wungkul, ngecam, jeung ngutuk. Teu méré bantuan militer sacara langsung ka para pajoang Paléstina. Padahal sabenerna, Zionis Yahudi téh lemah. Teu sakuat anu dimitoskeun.
Coba perhatikeun, maranéhna ayeuna babak belur sacara militer. Nepika menteri keuangan Zionis nyebutkeun, maranéhna rugi unggal poé Rp 3,9 triliun. Maranéhna méakeun dana sakira Rp 793,5 triliun pikeun merangan Hamas. Singketna, kaom zionis di Paléstina kaancam bangkrut!
Bener sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala:
اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمْ لِيَصُدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗفَسَيُنْفِقُوْنَهَا ثُمَّ تَكُوْنُ عَلَيْهِمْ حَسْرَةً ثُمَّ يُغْلَبُوْنَ ەۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِلٰى جَهَنَّمَ يُحْشَرُوْنَۙ
Saéstuna jalma-jalma kafir nganafkahkeun harta maranéhna pikeun ngahalangan (manusa) tina jalan Alloh. Maranéhna bakal nganafkahkeun éta harta, tuluy ngajadikeun rasa kaduhung pikeun maranéhna, jeung maranéhna bakal diéléhkeun. Jeung kana naraka Jahannam jalma-jalma kafir éta dikumpulkeun._ (TQS Al-Anfal [8]: 36).
*_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kukituna geus waktuna kaayaan maranéhna dina luhureun bumi Paléstina salaku panjajah sagancangna dieureunan. Narima gencatan senjata atawa solusi dua nagara (two-state solution) justru mangrupakeun kamunduran, hartina bisa ngalanggengkeun panjajahan kaum zionis Yahudi. Usir maranéhna kaluar tina lemah cai kaom muslimin teu aya kompromi.
Ieu sakabéhna téh teu hésé, lamun para pangawasa kaom Muslim aya kahayang. Aya sababaraha hal pikeun ngéléhkeun zionis Yahudi.
_*Kahiji,*_ batalkeun sagancangna sakabéh perjanjian daméy atawa hubungan dua nagara (bilateral) jeung nagara Zionis sarta usir sakabéh perwakilan/duta sarta konsulat maranéhna ti nagri-nagri kaom muslimin. Haram hukumna nyieun hubungan naon baé jeung nagara kafir ieu. Ingetkeun dawuhan Alloh:
وَقَاتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ الَّذِيْنَ يُقَاتِلُوْنَكُمْ وَلَا تَعْتَدُوْا ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْمُعْتَدِيْنَ
_Prak perangan di jalan Alloh jalma-jalma anu merangan anjeun, (tapi) ulah anjeun ngaleuwihan wates, sabab saéstuna Alloh teu mikaresep ka jalma-jalma anu ngaleuwihan wates._ (TQS. Al-Baqoroh [2]: 190)
Syaré’at Islam ogé nyaram kaom muslimin némbongkeun sikep lemah atawa héngkér tuluy ngusulkeun daméy jeung nagara kafir anu merangan maranéhna. Dawuhan Alloh:
فَلَا تَهِنُوْا وَتَدْعُوْٓا اِلَى السَّلْمِۖ وَاَنْتُمُ الْاَعْلَوْنَۗ وَاللّٰهُ مَعَكُمْ وَلَنْ يَّتِرَكُمْ اَعْمَالَكُمْ
_Ulah anjeun némbongkeun sikep héngkér (lemah) jeung ménta daméy padahal anjeun pisan anu aya diluhur sarta Alloh ogé marengan anjeun jeung Anjeuna sakali-kali moal rék ngurangan ganjaran amal-amal aranjeun.._ (TQS Muhammad [47]: 35)
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
_*Kadua,*_ eureunan sagala rupa kerjasama intélijen jeung nagara zionis, tuluy tutup sakabéh jalan darat, laut jeung udara naha ti atawa anu nuju ka nagara kasebut. Lamun sakabéh nagri muslim ngahiji ngalakukeun éta hal mangka bakal ngajadikeun nagara zionis kaisolasi ti dunia internasional.
_*Katilu,*" eureunan pasokan minyak bumi. 90 persén minyak Zionis anu disupléy ku nagri Islam. Ngeureunkeun ékspor bakal ngalumpuhkeun maranéhna.
_*Kaopat,*_ boikot sakabéh wujud kerjasama jeung maranéhna, kaasup aktivitas anu aya hubunganana jeung ékonomi sarta kabudayaan. Ékspor impor, kaasup transaksi anu séjéna.
_*Kalima,*_ halangan atawa blokade jalur laut di Mediterania Timur jeung Teluk Aqaba pikeun nyegah supléy persenjataan ka nagara Zionis Yahudi. Ieu téh jalur anu dipaké ku Zionis. Blokade ieu bakal ngeureunkeun pasokan senjata anu satuluyna bakal ngalemahkeun kakuatan militer maranéhna.
_*Kagenep,*_ buka sakabéh perbatasan nagri-nagri muslim pikeun pasukan kaom muslimin ti nagara mana baé supaya bisa ngepung nagara Zionis ti sakabéh wilayah. Para pangawasa nagri muslim kudu ngaleungitkeun wates-wates nasionalisme jeung ngawangun ukhuwah Islamiyyah supaya bisa ngaleungitkeun penjajahan kaom Yahudi di tanah Paléstina.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
_*Langkah katujuh,*_ ngalakukeun kerja sama jeung Pakistan pikeun ngamobilisasi jeung nyebarkeun senjata nuklir taktisna di kawasan kasebut pikeun ngeureunkeun penjajahan jeung tindakan génosida, sarta ngancam nagri Zionis supaya ulah pernah mikir ngagunakeun senjata nuklirna pikeun ngalakukeun génosida pangeusi Paléstina.
_*Kadalapan,*_ eureunan maké dolar anu jadi alat pembayaran internasional. Ieu bakal ngalemahkeun ékonomi AS anu satuluyna ngalemahkeun éntitas Yahudi.
*_Kasalapan,*_ buru-buru ayakeun pertemuan puncek para pamingpin nagri Islam pikeun neken AS supaya ngurangan nepika ngaleungitkeun rojongan ka kaom Yahudi.
_*Kasapuluh,*_ leupaskeun diri tina sagala rupa aturan internasional anu sering dipaké nagara-nagara Barat sakahayang haté maranéhna pikeun kapentingan maranéhna. Ieu pisan musibah akibat aturan anu dipaké ngan nguntungkeun Barat jeung baladna.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kaom muslimin kudu ngalakukeun hiji perkara saluyu jeung hukum Islam, lain aturan internasional mana baé ogé, kaasup _Declaration of Human Rights._ Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
اَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُوْنَۗ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ حُكْمًا لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ
_Naha hukum Jahiliyah anu ku maranéhna dipikahayang, jeung (hukum) saha anu leuwih hadé tinimbang (hukum) Alloh pikeun jalma-jalma anu yakin?_ (TQS. Al-Maidah [5]: 50)
Kumargi kitu, saéstuna Paléstina téh ngabutuhkeun pisan pembébasan anu nyata. Teu cukup ngan saukur ngobatan maranéhna anu tatu, nguburkeun anu maot, atawa méré kadaharan ka maranéhna anu keur kalaparan. Kaom muslim kudu ngahiji jeung gerak dina hiji kapamingpinan pikeun nyingkirkeun Kaom Yahudi sarta nyalametkeun kaom muslimin di bumi Paléstina. Serahkeun kasatiaan urang sadaya ngan ka Alloh subhanahu wa ta’ala wungkul. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar