NGAWUJUDKEUN TAMÊNG PIKEUN UMAT
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
مِنْ اَجْلِ ذٰلِكَ ۛ كَتَبْنَا عَلٰى بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اَنَّهٗ مَنْ قَتَلَ نَفْسًاۢ بِغَيْرِ نَفْسٍ اَوْ فَسَادٍ فِى الْاَرْضِ فَكَاَنَّمَا قَتَلَ النَّاسَ جَمِيْعًاۗ وَمَنْ اَحْيَاهَا فَكَاَنَّمَآ اَحْيَا النَّاسَ جَمِيْعًا ۗوَلَقَدْ جَاۤءَتْهُمْ رُسُلُنَا بِالْبَيِّنٰتِ ثُمَّ اِنَّ كَثِيْرًا مِّنْهُمْ بَعْدَ ذٰلِكَ فِى الْاَرْضِ لَمُسْرِفُوْنَ
*(QS al-Maidah [5]: 32)*
Alhamdulillah, ni’mat Alloh masih kénéh dilimpahcurahkeun ka urang sadayana, utamana ni’mat iman sareng Islam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina ku Alloh dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para sohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu tunduk patuh kana ajaran mantena dugi ka akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Ieu pisan pesen utama satiap urang sadaya ngumpul dina tempat anu mulya ieu, dina poéan anu diliputan ku kamulyaan. Ta’atan sadaya paréntah Alloh, jauhan sanéskanten cegahan Alloh naha nalika dina kaayaan lega atawa rupek, sedih atawa gumbira. Dina satiap kaayaan, dimana baé, iraha baé, jeung dina kaayaan kumaha baé.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Teu téga kabina-bina urang sadaya ningali korban kabiadaban Zionis Yahudi laknatulloh. Foto-foto jeung video barudak anu teu boga dosa, éstu kacida pisan pikawatireunana. Teu kuat nyaritakeunana kondisi maranéhna, saking brutalna pembantéyan anu dilakukeun ku Zionis ieu. Manusa anu boga haté, manusa anu waras, pasti bakal kagerihan rasa kemanusaanana. Anging maranéhna anu lolong mata haténa salaku manusa.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kurang parah naon deui kasangsaraan dulur-dulur, barudak kaom muslim di Paléstina sahingga bisa ngahudangkeun para pangawasa umat Islam supaya bisa milu mantuan? Coba tingal, maranéhna saperti anu lolong jeung eupeu nyaksian ieu pembantéyan. Nepika Sekjen OKI (Organisasi Kerja Sama Islam) kalahkah nyebut para pajuang ku sesebutan kelompok téroris.
Hal ieu kacida pisan bédana jeung sikep Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika aya saurang padagang Muslim anu dibunuh ramé-ramé ku kaom Yahudi Bani Qainuqa kusabab ngabéla kahormatan saurang Muslimah anu dilecehkeun ku padagang Yahudi, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam salaku pamingpin Nagara Islam, buru-buru ngirimkeun para Sohabat pikeun merangan maranéhna jeung ngusir maranéhna ti Madinah saenggeus ngepung pakampungan maranéhna salila 15 peuting (Siiroh Ibnu Hisyaam, 3/9-11).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Muncul pasualanana: Naha kunaon para pangawasa Muslim jeung Arab teu ngalakukeun nanaon pikeun ngabéla warga Paléstina, khususna Gaza? Kunaon maranéhna teu buru-buru ngirimkeun ratusan rébu tentarana pikeun ngagempur pasukan Zionis Yahudi?
Jawabannana: _*Kahiji,*_ ieu téh akibat goréng tina sikep ‘ashobiyyah dina wujud nasionalisme. Akibatna, para pangawasa Muslim ngan mentingkeun nagri maranéhna séwang-séwangan. Teu paduli jeung Muslim di nagri anu lian.
_*Kadua,*_ kalolobaanana para pangawasa Muslim jeung Arab nyaéta anték Barat, khususna Amérika Serikat. Wajar lamun maranéhna haré-haré —aya ogé anu ngadukung— kawiijakan dunungan maranéhna singsanajan jelas dina raraga ngabunuhan kaom Muslim di nagri-nagri Islam, khususna di Paléstina. Maranéhna ngan pinter ngecam jeung ngutuk. Malah loba pangawasa Arab, kaasup Turki, geus lila nyieun hubungan kerja sama, nepika hubungan diplomatik jeung Zionis Yahudi.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Alloh jeung Rosul-Na meredih ka urang saréréa pikeun nulungan sasama Muslim. Sabab, maranéhna téh nyaéta dulur urang kénéh. Dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ
_Saéstuna kaom Mu’min téh duduluran_ (TQS al-Hujurot [49]: 10).
Nabi ogé ngingetan urang saréréa:
لاَ تَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ حَتَّى تُؤْمِنُوا وَلاَ تُؤْمِنُوا حَتَّى تَحَابُّوا
_Aranjeun moal asup surga nepika aranjeun iman sarta can sampurna kaimanan aranjeun nepika aranjeun silih pikacinta…_ (HR Muslim).
Mangka, haram hukumna ngantep dulurna didloliman. Ceuk Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam: _“Muslim téh dulur pikeun Muslim séjénna. Manéhna teu pantes ngadloliman sarta masrahkeun dulurna ka musuh...”._ (HR Bukhori sareng Muslim).
Jeung wujud ngabéla ka sasama kaom Muslim diantarana ku cara ngalakukeun jihad nalika dulurna dimana baé diserang ku jalma-jalma kafir atawa nagara kafir. Contona nyaéta kaom Muslim Paléstina anu taneuhna dijajah Zionis Yahudi, kalawan dibantuan ku Amérika jeung nagara-nagara Barat.
Ingetkeun dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَقَاتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ الَّذِيْنَ يُقَاتِلُوْنَكُمْ
_Prak perangan di jalan Alloh jalma-jalma anu merangan aranjeun…_ (TQS al-Baqoroh [2]: 190).
Sabab dina hakékatna, serangan ka sabagéan kaom Muslim mangrupakeun serangan ka sakabéh kaom Muslim di sakuliyah dunya. Kusabab kitu usaha pikeun ngabéla kaom Muslim di Paléstina, misalna, ogé mangrupakeun kawajiban kaom Muslim di sakuliyah dunya. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَاِنِ اسْتَنْصَرُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ فَعَلَيْكُمُ النَّصْرُ
_Lamun maranéhna ménta pitulung ka aranjeun dina urusan agama ieu mangka aranjeun wajib nulungan maranéhna_ (TQS al-Anfal [8]: 72).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Tapi hanjakal, kusabab faktor nasionalisme teu gampang pikeun kaom Muslim, khususna para tentara Muslim, nepika singsanajan di nagri-nagri Arab, pikeun jihad di Bumi Paléstina.
Kusabab kitu kaom Muslim sadunya hakékatna ngabutuhkeun Khilafah anu dipingpin ku saurang Kholifah. Sababna jelas, sakumaha dawuhan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِنَّمَا الإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
_Imam (Kholifah) téh saperti taméng; kaom Muslim perang di satukangeun manéhna jeung dibéré panyalindungan ku dirina_ (HR Muslim).
Teu ayana kholiifah, umat Islam kaleungitan ieu taméng, kaleungitan tempat nyalindung. Umat ieu teu aya anu ngomando. Umat ieu paburencay teu boga kakuatan. Teu aya anu ngahijikeun. Padahal, pangéran urang sadaya sarua, nyaéta Alloh subhanahu wa ta’ala, Rosulna ogé sarua nyaéta Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam, kitab sucina ogé sarua nyaéta Al-Qur’an, sarta kiblat urang ogé sarua nyaéta Ka’bah.
Ieu pisan hubungan (rélévansi) umat wanci kuwari berjoang deui nanjeurkeun syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaffah) dina papayung khilafah. Kholifah bakal ngaraksa umat, ngahijikeun, jeung ngabébaskeun nagri kaom Muslim di sakuliyah dunya tina penjajahan. Kholifah bakal nalukkeun Amérika, Eropa, Rusia, Cina, ogé Zionis Yahudi/Israél.
Ingetkeun, éta mangsa téh moal lila deui bakal datang. Sabab, hal ieu mémang geus di-nubuwwah-keun ku Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam:
ثُمّ تَكُوْنُ خِلاَفَةً عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ
_Tuluy bakal datang deui mangsa Khilafah anu nuturkeun métode kanabian…_ (HR Ahmad).
Hayu urang bagéakeun ieu kabar ku bajoang kalawan pinuh sumanget, soson-soson jeung pangorbanan sahingga Khilafah anu ku Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam geus dijangjikeun gancang ngawujud dina kanyataan. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar