NGAMALKEUN SAKABÉH EUSI AL-QUR’AN

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا.
أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :
لَوْ اَنْزَلْنَا هٰذَا الْقُرْاٰنَ عَلٰى جَبَلٍ لَّرَاَيْتَهٗ خَاشِعًا مُّتَصَدِّعًا مِّنْ خَشْيَةِ اللّٰهِ ۗوَتِلْكَ الْاَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُوْنَ
_Lamun baé ieu Al-Qur'an ku Kami diturunkeun di luhureun gunung, anjeun (Muhammad) pasti bakal nyaksian éta gunung tunduk jeung beulah kusabab sieun ka Alloh. Pangumpamaan ieu ku Kami dijieun pikeun manusa supaya maranéhna daraék mikir._ (QS al-Hasyr [59]: 21).
Alhamdulillah, urang syukuran ka Alloh tina sadaya ni’mat jeung kurnia-Na anu teu aya hinggana. Di bulan mulya pinuh barokah ieu urang sadaya masih dibéré kasempetan ku Alloh pikeun amal sholéh, anu ganjaranana dilipetgandakeun nepika teu aya hinggana. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang sadaya terus satékah polah ningkatkeun darajat katakwaan urang sadaya. Cumponan paréntah-paréntah Alloh subhanahu wa ta’ala jeung jauhan sakabéh cegahan-cegahana-Na, di mana baé, iraha baé, jeung dina kaayaan kumaha baé urang sadaya. Éstu, kahadéan bakal datang pikeun urang anu ta’at ka Mantena.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Romadlon mirip (identik) jeung Bulan Al-Qur'an. Kusabab kitu Romadlon sering disebut _Syahr al-Qur’aan._ Di bulan ieu, Al-Qur’an pangheulana diturunkeun. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنٰتٍ مِّنَ الْهُدٰى وَالْفُرْقَانِۚ
_Romadlon téh bulan anu di jerona diturunkeun (mimiti) Al-Qur’an anu jadi pituduh pikeun manusa, ogé anu jadi penjelasan-penjelasan ngeunaan éta pituduh, sarta anu ngabédakeun (antara haq jeung batil)_ (TQS al-Baqoroh [2]: 185).
Jelas pisan, Al-Qur’an téh nyaéta pituduh. Mangka, manusa anu waras pikiranana, pasti manéhna bakal ngajadikeun Al-Qur’an jadi tungtunan hirup jeung padoman hirup.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Hanjakalna, wanci kiwari Al-Qur’an teu diamalkeun jeung diterapkeun kalawan sampurna. Masih pilih-pilih. Ayat-ayat ngeunaan aspék _ruhiyah_ (spiritual) saperti ibadah sholat, puasa, haji, jeung anu séjéna getol diamalkeun. Tapi aspék-aspék _siyasiyah_ (pulitik) saperti urusan masyarakat nepika nagara ditinggalkeun.
Contona, ayat anu ngandung kecap _kutiba,_ anu hartina diwajibkeun, sikep kaom muslim béda pisan. Ayat _kutiba ‘alaykum al-shiyâm_ (diwajibkeun ka aranjeun puasa) dina QS al-Baqoroh [2]: 183—anu kanyataanana boga sifat _ruhiyah_—ditarima jeung dilaksanakeun. Sabalikna, kana ayat _kutiba ‘alaykum al-qishôsh_ (diwajibkeun ka aranjeun _qishosh_) dina QS al-Baqoroh [2]: 178, atawa _kutiba ‘alaykum al-qitâl_ (diwajibkeun ka aranjeun perang) dina QS al-Baqoroh [2]: 216 —anu kanyataanana boga sifat pulitis— muncul sikep beurat, panolakan, nepika nangtang ku mangrupa-rupa dalih. Ieu jelas sikep “diskriminatif” alias pilih-pilih. Hal ieu tungtungna kana ngapilainkeun sabagéan ayat Al-Qur’an.
Conto lianna, nalika aya paréntah pikeun maké hukum ku hukum Alloh subhanahu wa ta’ala sakumaha dawuhana-Na:
فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُوْنَ حَتّٰى يُحَكِّمُوْكَ فِيْمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِّمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
_Demi Pangéran anjeun. Maranéhna (dina hakékatna) teu ariman nepika maranéhna ngajadikeun anjeun jadi hakim dina perkara anu ku maranéhna dipacéngkadkeun, tuluy maranéhna teu ngarasa aya kabeungbeurat dina haté maranéhna tina putusan anu dibikeun ku anjeun, jeung maranéhna narima éta putusan kalawan sapinuhna_ (TQS an-Nisa’ [4]: 65).
Anu kajadian justru urang nyokot hukum-hukum jieunan urang Barat. Nolak hukum-hukum Al-Qur’an.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kanyahokeun, Alloh subhanahu wa ta’ala ngawajibkeun ka urang pikeun ngamalkeun jeung nerapkeun sakabéh eusi Al-Qur’an. Lamun henteu, urang sadaya kaasup ngapilainkeun Al-Qur’an. Padahal Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
وَقَالَ الرَّسُوْلُ يٰرَبِّ اِنَّ قَوْمِى اتَّخَذُوْا هٰذَا الْقُرْاٰنَ مَهْجُوْرًا
Nyarita Rosul, _“Nun Pangéran abdi, éstu kaom abdi ngajadikeun kana ieu Al-Qur’an jadi hiji perkara anu diapilainkeun.”_ (TQS al-Furqon [25]: 30).
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadu ka Alloh subhanahu wa ta’ala ngeunaan sikep jeung kalakuan kaumna anu ngapilainkeun Al-Qur’an. Pangaduan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ieu kajadian nalika anjeuna masih jumeneng di dunya.
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadukeun kalakuan kaumna anu ngajadikeun Al-Qur’an mangrupa _mahjûr[on]_ nyaéta ditinggalkeun, diapilainkeun atawa teu diperhatikeun.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Loba sikep jeung tingkah laku anu ku para mufasir digolongkeun hajr al-Qur’ân (ninggalkeun atawa ngapilainkeun Al-Qur’an). Diantarana nyaéta nolak pikeun ngimankeun jeung ngabenerkeun Al-Qur’an; teu mikiran jeung ngaji eusi Al-Qur’an; teu ngamalkeun jeung ngalaksanakeun paréntah jeung cegahan Al-Qur’an; ngabalieur tina Al-Qur’an, tuluy nyokot kanu lian, naha mangrupa syair, nyanyian, kaulinan, ucapan, atawa thorîqoh anu dicokot tina salian Al-Qur’an, jeung séjén-séjéna_ (Ibn Katsir, Tafsîr al-Qur’ân al-‘Azhîm, 3/1335).
Kanyahokeun, sakabéh pagawéan ngapilainkeun ieu Al-Qur’an kaasup pagawéan haram. Diantara dalilna nyaéta ayat anu kaunggel ieu:
وَكَذٰلِكَ جَعَلْنَا لِكُلِّ نَبِيٍّ عَدُوًّا مِّنَ الْمُجْرِمِيْنَۗ
_Seperti itulah Kami mengadakan bagi tiap-tiap nabi musuh dari kalangan para pendosa_ (TQS al-Furqon [25]: 31).
Ku ayat ieu, écés témbrés tur boréas yén jalma-jalma anu ninggalkeun jeung ngapilainkeun Al-Qur’an disajajarkeun jeung musuh para nabi ti golongan tukang dosa.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Saha baé anu ngaji eusi Al-Qur'an pasti paham, ngamalkeun jeung nerapkeun Al-Qur’an teu bisa jeung teu cukup ku pribadi-pribadi wungkul. Butuh ilubiungna masyarakat jeung utamana nagara. Pasalna, Al-Qur’an eusina sistem kahirupan. Sabagéan hukum Islam ngan bisa dilakukeun ku nagara, samisal hukum-hukum anu pakuat-kait jeung pamaréntahan jeung kakawasaan, ékonomi, sosial, pendidikan jeung pulitik luar nagri. Kaasup ogé hukum-hukum anu ngatur nangtukeun sanksi ka anu ngalakukeun palanggaran hukum syaré'at, saperti _huduud_ (misal: hukum neukteuk leungeun anu maling, hukum rajam pikeun zinah muhson, jeung sajabana), hukum _qishosh,_ jeung séjén-séjéna. Hukum-hukum saperti ieu teu meunang dipigawé ku pribadi-pribadi. Ieu hukum ngan sah dilakukeun ku kholifah atawa anu dibéré wewenang ku khalifah.
Mangka, dumasar kana fakta ieu, ayana Nagara Islam (Khilafah Islam) mangrupakeun hiji perkara anu _dhorûrî_ (kacida pentingna). Teu ayana Khilafah Islam mustahil sakabéh ayat Al-Qur’an bisa diterapkeun. Ieu pisan anu kajadian wanci kiwari, khususna di nagri-nagri Islam, kaasup nagri ieu.
Alhasil, geus sakuduna Romadlon ieu dijadikeun momentum ku kaom Muslim, utamana pangawasa maranéhna, keur ngamalkeun jeung nerapkeun Al-Qur’an kalawan sagemblengna. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ؛ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ، وَقَالَ تَعاَلَى:
إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM