NGALEUNGITKEUN KASOMBONGAN DIRI

 NGALEUNGITKEUN KASOMBONGAN DIRI

اَلْحَمْدُ لله الَّذِىْ هَدَانَا لِهَاذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لَا اَنْ هَدَانَا اللهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ فِى السِّرِّ وَالْعَلَنِ وَجَانِبُوا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَ مَا بَطَنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : فَسَجَدَ الْمَلَائكَةُ كُلُّهُمْ اَجْمَعُوْنَ . اِلَّا اِبْلِيْسَ قلى اِسْتَكْبَرَ وَ كَانَ مِنَ الْكَافِرِيْنَ
“ Maka para Malaikat sarerea sarujud. Kajaba Iblis, manehna mah takabur jadi weh ti antara kafirin “. { QS Shad, ayat 73-74 }.
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !
Sahabat `Ali r.a., parantos sasauran :
كُنْ عِنْدَ اللهِ خَيْرَ النَّاسِ وَ كُنْ عِنْدَ النَّفْسِ شَرَّ النَّاسِ وَ كُنْ عِنْدَ النَّاسِ رَجُلًا مِنَ النَّاسِ
“ Kudu Bukti anjeun mungguh Allah mah panghade-hadena manusa, jeung kudu bukti anjeun mungguh diri sorangan mah panggoreng-gorengna manusa jeung kudu bukti anjeun mungguh manusa-manusa manusa mah manusa anu sawajarna “. { Nasoihul `Ibad, kaca 12 }.
Sombong mangrupi salah sahiji panyakit rohani anu kacida hese diobatanana lamun geus nerap di hiji jalma. Kasauran Sufyan Tsauri r.a. { anjeunna guruna Imam Malik } : “ Sakur maksiyat anu lahir tina akibat sombong rada hese diarep-arep hampurana, sedeng ari sakur maksiyat tina akibat ngalajur nafsu ieu mah aya harepan dihampura dosa “. { Nashoihul `Ibaad, kaca 5 }. Sombong saperti ngarasa diri paling mulya, paling gagah, paling kuat, paling seueur kahadean, paling seueur elmu, tegesna sarwa paling dina sagala rupa. Ku ayana perasaan eta moal canggung-canggung bakal nganggap handap jeung enteng ka batur. Tina Perasaan sombong akhirna teu katahan kaluar lewat obrolanana, saperti: " Tah ieu kuring !, Mun teu aya kuring mah !, Saha tea kuring !, Bisa naon manehna !, Boga naon manehna !".
Manusa kedah uninga sarta ngartos, yen jalmi anu hade anu saleresna mah nyaeta jalmi anu hade numutkeun paningal ajaran Islam sarta anu sae isukan di akherat, sedeng hal eta teh teu aya anu terang, ngan Allah wungkul anu uninga, saha anu bakal ditampi amal sareng anu ditolak, saha anu bakal husnul khotimah jeung anu suul khotimah.
Hadirin, Rahimakumullah !
Ari cara ngicalkeun panyakit sombong dina hate, sakumaha kasauran Imam Ghozali, nyaeta: “ Peryogi kacida yen anjeun ulah neteup ka hiji jalmi kajaba bari dibarengan sangkaan kana sayaktosna eta jalmi langkung sae batan diri anjeun, kumargi kitu, dimana-mana :
1. Ningali murangkalih, maka pok ucapkeun: “ Eta murangkalih teu acan gaduh dosa, sedeng kuring mah tos seueur dosa yakin teu ragu deui eta murangkalih langkung sae batan diri kuring”.
2. Upami ningali anu langkung sepuh, maka nyarita anjeun : “ Eta si bapa tos tikapungkur ibadahna ka Allah samemeh kuring, teu ragu deui anjeunna langkung sae batan kuring “.
3. Lamun Ningal jalmi anu ngagaduhan elmu, ucapkeun : “ Eta jalmi tos dinugrahan pangartos ku Allah anu kuring mah teu dipasihan, tos dugi ka anjeuna perkara anu ku kuring teu kadugi, anjeuna uninga anu kuring mah teu terang “.
4. Upami ningali jalmi bodo, maka ucapkeun : “ Eta jalma gawe dosa ka Allah teh lantaran kabodoanna, sedengkeun kuring mah gawe dosa teh bari apal yen eta teh pagawean dosa, tangtu hujjah Allah ka kuring langkung banget jeung kuring teu apal kumaha panungtungan hirup kuring jeung panungtungan hirup manehna “.
5. Dimana-mana ningali jalmi kafir, pek ucapkeun ku anjeun : “ Kuring teu apal boa-boa manehna mah asup islam jeung ditungtungan ku maot husnul khatimah, ku lebet islmanna seep beresih tina dosa-dosana, sedengkeun mungkin bae { Na`udzu billaahi min dzaalik ! } Allah nyasarkeun ka diri teras jadi jalma kafir sarta goreng amal panungtunganna. { Matan Bidayatul Hidayah, kaca 79 }.
Hadirin Anu Mulya !.
Sombong teh kalakuan iblis ngarasa leuwih punjul batan Adam a.s., anu jadi sabab manehna jeung balad-baladna {syetan} meunang bebendon Allah, isukan bakal jadi ahli naraka Jahannam. Pidawuh Gusti Allah SWT. :
لَأَمْلَئَنَّ جَهَنَّمَ مِنْكَ وَ مِمَّنْ تَبِعَكَ مِنْهُمْ اَجْمَعِيْنَ
“ Yakin saestuna jahannam teh ku kami bakal dipinuhan ku anjeun { Iblis } jeung ku sing saha anu nurut ka anjeun ti antara maranehna sakabeh “. { QS. Shad, ayat 85 }.
Muga-muga urang sadaya sadaya ditebihkeun tina sifat sombong sangkan hirup sareng hurip urang dipikaridlo ku Allah SWT. Aamiin !
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنِيْ وَ اِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْءَايَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لله اَهْلِ الْحَمْدِ وَ مُسْتَحِقِّهِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْقَائِمُ بِفَرَائِضِ اللهِ وَ سُنَّتِهِ . اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ وَ التَّابِعِيْنَ عَلَى مِنْهَاجِهِ وَ سُنَّتِهِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اُوْصِيْكُمْ واِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ . اَللَّهُمَّ اجْعَلْنِيْ صَبُوْرًا و َّاجْعَلْنِيْ شَكُوْرًا وَ اجْعَلْنِيْ فِى عَيْنِيْ صَغِيْرًا وَّ فِى اَعْيُنِ النَّاسِ كَبِيْرًا . رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلْءَاخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ . بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لله رَبِّ الْعَالَمِيْنَ .

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM