NGAJAUHKEUN AGAMA TINA PULITIK: BAHAYA

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ‏
(QS Ali ‘Imron [3]: 102)
Alhamdulillah, urang sadaya masih kénéh dipaparin ku Alloh subhanahu wa ta’ala ni’mat anu teu aya hinggana kalawan teu ku urang dipénta. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna nepika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala, meungpeung urang masih kénéh dipaparin kasempetan ku Alloh subhanahu wa ta’ala hirup di dunya. Laksanakeun sadaya paréntah-Na, jauhan sanéskanten cegahana-Na. Mudah-mudahan urang sadaya jadi jalma-jalma anu bisa ngahontal darajat mulya di sagédéngeun Mantena.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang sadaya, umat Islam nyaéta umat panglobana di nagri ieu. Geus deukeut pemilu, sorana jadi parebutan partéy pulitik. Dibetot kaditu, dibetot kadieu. Lamun dina sababaraha waktu katukang aya anu nolak politisasi agama (anu dimaksud nyaéta Islam), anyar-anyar ieu muncul ucapan Menteri Agama supaya ulah milih calon pamingpin anu ngahinakeun agama jadi alat pulitik pikeun ngahontal kakawasaan.
“Agama sakuduna bisa ngaraksa kapentingan sakabéh umat, masyarakat. Umat Islam diajarkeun supaya nampilkeun Islam jadi rahmat pikeun sakabéh alam. Lain rohmatan lil islami, wungkul,” ceuk manéhna.
Naon anu bisa ditangkep ku urang tina ucapan saperti kitu? Ucapan éta nandakeun yén agama Islam téh dianggap hiji hal anu goréng (négatif), bakal jadi musuh keur saréréa, lamun ngahiji jeung pulitik sarta pamaréntahan.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Anu disebutkeun ku Menteri Agama soal Islam rohmatan lil alamin ogé kaliru. Saolah lamun kaom Muslim nanjeurkeun akidah jeung syaré’at Islam bakal ngancam umat séjén. Ucapan ieu bahaya pisan jeung ngagoréngkeun ajaran Islam. Komentar ieu patukang tonggong jeung ma’na anu dikandung dina ayat kasebut, ogé patukang tonggong jeung hukum-hukum Islam sarta kanyataan sajarah jeung fakta kaayeunakeun.
*Kahiji:* Loba ulama tafsir mu’tabar anu ngama’naan yén rohmatan lil ‘alamin téh lain ngan keur kaom Muslim wungkul.
وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ
Henteu Kami ngutus anjeun (Muhammad), anging supaya (jadi) rohmat pikeun sakabéh alam (TQS al-Anbiya’ [21]: 107).
Profesor Doktor Wahbah Az-Zuhayli dina Tafsiir al-Muniir ngajelaskeun ma’na ayat ieu: “Henteu Kaula ngutus anjeun, wahéy Muhammad, anging jadi rohmat pikeun sakabéh alam, manusa, jeung jin …” (Tafsiir al-Muniir, 17/142).
*Kadua:* Ajaran Islam ogé méré panyalindungan jeung kaadilan ka sakabéh manusa, naha Muslim atawa kafir. Dina Nagara Khilafah harta, kahormatan, jeung jiwa jalma-jalma kafir bakal diraksa saluyu jeung syaré’at Islam sakumaha harta kaom Muslim. Ieu pisan anu lumangsung di Andalusia baheula.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun ku sadayana, sakuduna anu pantes dibéré paringetan ku Menteri Agama nyaéta, nalika agama dipisahkeun tina pulitik jeung pamaréntahan, alias ngagunakeun prinsip-prinsip sékularisme-démokrasi. Naon akibatna? Jabatan jeung kakawasaan diparebutkeun. Sagala cara dilakukeun, teu ningali deui halal jeung haram sarta dosa.
Sakuduna anu pantes dicap agama dijadikeun alat nyaéta maranéhna anu lolondokan nalika geus deukeut Pemilu saolah islami; maké sorban, maké tiung, munjungan (sowan) ka para ulama, difoto dina waktu keur sholat, buka puasa, jeung sajabana. Padahal dina sapopoéna mah maranéhna téh can tangtu saperti kitu.
Jeung anu leuwih goréngna deui, dina sistem pulitik sékularisme-démokrasi nganiscayakeun pulitik duit. Duit jadi sagalana. Saolah duit téh anu maha kawasa.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun, Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam méré pépéling yén kacida pisan bahayana marebutkeun jeung hanaang ku jabatan sarta kakawasaan. Dawuhan mantena:
إِنَّكُمْ سَتَحْرِصُونَ عَلَى الإِمَارَةِ وَسَتَصِيرُ نَدَامَةً وَحَسْرَةً يَوْمَ الْقِيَامَةِ
Saéstuna aranjeun bakal kasengsrem kana kapamingpinan (kakawasaan), samentara kapamingpinan (kakawasaan) téh bakal jadi kaduhung jeung karugian dina Poé Kiyamah jaga (HR al-Bukhori, an-Nasa’I, sareng Ahmad).
Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ogé tos ngemutan ngeunaan ancaman ka para pamingpin anu sok resep nipu rahayat dina mangsa keur nyekel kalungguhanana. Dawuhan manatena:
مَا مِنْ عَبْدٍ يَسْتَرْعِيهِ اللهُ رَعِيَّةً، يَمُوتُ يَوْمَ يَمُوتُ وَهُوَ غَاشٌّ لِرَعِيَّتِهِ، إِلَّا حَرَّمَ اللهُ عَلَيْهِ الْجَنَّةَ
Henteu saurang hamba anu ku Alloh dibéré wewenang ngatur rahayat, tuluy maot, jeung dina poéan nalika manéhna maot keur nipu kanu jadi rahayatna, anging Alloh ngaharamkeun pikeun dirina surga (HR al-Bukhori).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Ingetkeun ku sadayana, Islam, pulitik jeung kakawasaan téh nyaéta bagéan anu teu bisa dipisahkeun. Para ulama geus ngabahas ngeunaan pentingna agama jeung kakawasaan ieu ngahiji. Dina kitab Majmuu’ al-Fatawaa, (28/394), Ibnu Taimiyah nyebutkeun, “Lamun kakawasaan misah tina agama atawa lamun agama misah tina kakawasaan, tangtu omongan manusa bakal ruksak”. Ieu pisan anu kajadian wanci kiwari.
Dina Islam jadi pangawasa téh ngabogaan tujuan anu mulya, nyaéta tujuan supaya jadi amal sholéh pikeun ngurus umat ku nerapkeun Islam jeung nyebarkeun Islam ka sakabéh wilayah dunya. Alloh subhanahu wa ta’ala geus maréntahkeun para pamingpin pikeun ngahukuman ku syaré’at-Na sarta nyumponan amanah. Dawuhan Mantena:
اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تُؤَدُّوا الْاَمٰنٰتِ اِلٰٓى اَهْلِهَاۙ وَاِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ اَنْ تَحْكُمُوْا بِالْعَدْلِ
Saéstuna Alloh meredih ka aranjeun supaya mikeun amanah téh ka jalma anu boga hak narimana, ogé (nitah aranjeun) lamun netepkeun hukum di antara manusa téh supaya anjeun nangtukeun kaputusan hukum kalawan adil (TQS an-Nisa’ [4]: 58).
Imam ath-Thobari, dina Tafsîr ath-Thobarî, nyutat kasauran Ali bin Abi Tholib radliyallohu anhu, “Kawajiban imam/pangawasa nyaéta ngahukuman ku hukum anu geus ku Alloh diturunkeun sarta nyumponan amanah. Lamun manéhna geus ngalaksanakeun hal ieu mangka sakabéh jalma wajib ngadéngékeun jeung ta’at ka manéhna, ogé nyumponan panggerona lamun maranéhna digero…”
Hal ieu saluyu jeung dawuhan Alloh dina QS al-Maidah ayat 44, 45, 47, yén singsaha baé anu teu nerapkeun hukum-hukum Alloh statusna nyaéta bisa kafir, dlolim, atawa fasék.
Kukituna, geus sakuduna umat ngalempengkeun deui tujuan soal pulitik jeung kapamingpinan, nyaéta yén pamingpin anu amanah téh lain sakadar pamingpin anu sholéh sacara pribadi, tapi ogé bisa nyiptakeun kasholéhan kalawan sagemblengna. Pamingpin anu bakal ngajadikeun Islam jadi sistem kahirupan sahingga ngawujudkeun rohmat pikeun samesta alam. Sasholéh kumaha baé ogé saurang pamingpin lamun henteu nerapkeun syaré’at Islam, moal bakal bisa ngondang rohmat Alloh subhanahu wa ta’ala. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM