NGABÉBASKEUN AL-AQSHO TINA PANGAWASAAN ZIONIS
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ،
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
سُبْحٰنَ الَّذِيْٓ اَسْرٰى بِعَبْدِهٖ لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَا الَّذِيْ بٰرَكْنَا حَوْلَهٗ لِنُرِيَهٗ مِنْ اٰيٰتِنَاۗ اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ
_Maha Suci Alloh anu parantos nginditkeun hamba-Na dina hiji peuting ti Masjid al-Harom ka Masjid al-Aqsho anu geus ku Kami dibarokahan sakurilingna supaya Kami némbongkeun ka manéhna sabagéan tina tanda-tanda (kaagungan) Kami. Saéstuna Anjeuna Maha Ngadangu ogé Maha Uninga._ (QS al-Isro’ [17]: 1).
Alhamdulillah, sagala puji ngan kagungan Alloh, Robb anu nyiptakeun alam. Anu ngahirupkeun jeung anu ngamaotkeun. Anu maparin rezeki ka satiap makhluk-Na di sadaya alam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina Allah nyurahlimpahkeun ka panutan alam, Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istikomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Iraha baé, dimana baé sareng dina kaayaan kumaha baé. Ta’atan sadaya paréntah-Na, sareng jauhan sanéskanten cegahana-Na. Peruhkeun hawa nafsu sakuat tanaga. Piceun jauh-jauh kasombongan. Éstu, sikep takwa téh anu bakal nungtun urang ngambah jalan anu lempeng. Jalan anu diridloan ku Alloh subhanahu wa ta’ala. Éta téh jalan anu bakal nyalametkeun urang sadaya di dunya jeung di akhérat.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Salahsahiji kajadian penting anu geus kaliwat dina Bulan Rojab nyaéta Isro Miraj. Loba harti jeung hikmah pikeun urang sadaya kaom Muslimin. Alloh subhanahu wa ta’ala némbongkeun kakawasaana-Na. Alloh subhanahu wa ta’ala nginditkeun Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam ti Masjid al-Harom nuju ka Masjid al-Aqsho kurang ti sapeuting. Alloh subhanahu wa ta’ala ogé nepungkeun Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam jeung para nabi sarta rasul lianna. Mantena jadi imam pikeun aranjeun dina sholat barjamaah. Satuluyna anjeuna diangkat ka langit nepika ka Sidrotul Muntaha pikeun nampi paréntah sholat lima waktu.
Ieu téh mangrupa salahsahiji mu’jizat anu ku Alloh subhanahu wa ta’ala dipaparinkeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Alloh nginditkeun roh jeung jasad nabi kalawan gembleng. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
سُبْحٰنَ الَّذِيْٓ اَسْرٰى بِعَبْدِهٖ لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَا...
_Mahasuci Allah anu parantos nginditkeun hamba-Na dina hiji peuting ti Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsho…_ (TQS al-Isro’ [17]: 1).
Dina ayat éta Alloh subhanahu wa ta'ala ngagunakeun kecap ”bi ’abdihi”. Ma’nana nyaéta roh jeung jasad Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Ieu ogé anu ditepikeun ku Al-Hafizh Ibnu Hajar al-Asqolani dina kitab Fath al-Baari, 7/197.
Teu aya anu mustahil pikeun Alloh. Iteukna Nabi Musa bisa meulah laut. Alloh niiskeun seuneu anu ngaduruk Nabi Ibrohim ‘alaihi sallam sahingga anjeuna salamet. Mangka, kajadian Isro Mir’aj ieu teh bagéan tina kaagungan Alloh subhanahu wa ta’ala jeung salah sahiji mu’jizat Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Wajib urang ngimankeunana.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Hanjakal, Masjidil Aqsho wanci kiwari masih dikawasa ku Zionis Yahudi la’natulloh. Maranéhna nincakan jeung ngotoran salah sahiji masjid suci urang saréréa. Maranéhna nganiaya jeung ngabunuhan wargi-wargi urang anu cicing di sabudeureunana. Maranéhna ngaruksak wangunannana. Maranéhna nyieun torowongan di handapeun pondasi Masjid al-Aqsho kalawan néangan sésa-sésa kuil Sulaéman. Éstu ieu téh nyaéta alesan anu diaya-ayakeun.
Kanyahokeun kusadayana, parampasan jeung panistaan ka Paléstina jeung Masjid al-Aqsho éta téh hasil kajahatan nagara-nagara kafir Barat, utamana Inggris, Amérika Serikat, jeung Lembaga Bangsa-Bangsa (LBB). Dina taun 1917, Menteri Luar Negeri Inggris Lord James Balfour ngeluarkeun Déklarasi Balfour. Eusina téh mangrupakeun dukungan ka zionis Yahudi pikeun ngawasa taneuh Paléstina. Deklarasi Balfour didukung ku Sekutu jeung disatujuan ku Liga Bangsa-Bangsa (organisasi saméméh PBB) dina bulan Juli 1922.
Parampasan jeung panistaan ka Masjid al-Aqsho moal kajadian lamun para pamingpin Nagri Islam teu khianat. Maranéhna cicing. Ngan ukur ngecam nalika Paléstina jeung Al-Aqsho diserang. Nepika para pemimpin nagara Arab malah nyangreudkeun hubungan raket pisan jeung Zionis Yahudi. Ieu pisan sikap anu dipintonkeun ku para pamingpin Turki, Yordania, Bahrén, Mesir, UAE, Maroko, jeung Sudan.
Padahal Alloh subhanahu wa ta'ala geus méré ancaman:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوا الْيَهُوْدَ وَالنَّصٰرٰٓى اَوْلِيَاۤءَ ۘ بَعْضُهُمْ اَوْلِيَاۤءُ بَعْضٍۗ وَمَنْ يَّتَوَلَّهُمْ مِّنْكُمْ فَاِنَّهٗ مِنْهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ
_“Héy jalma-jalma anu ariman, ulah aranjeun nyokot (ngajadikeun) kaom Yahudi jeung Nashroni jadi wali (sobat, babaturan, panyalindungan). Sabagéan maranéhna téh nyaéta wali pikeun sabagéan anu lianna. Sing saha baé di antara aranjeun anu ngajadikeun maranéhna jadi wali, éstu manéhna kaasup golongan maranéhna. Saéstuna Alloh teu méré pituduh ka kaom anu dlolim.”_ (TQS al-Maidah [5]: 51).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kanyahokeun kusadayana, fardhu ka kaom Muslim ngabébaskeun Al-Aqsho. Haram hukumna ménta bantuan nagara-nagara Barat jeung lembaga-lembaga internasional pikeun nyumponan kawajiban kasebut. Justru nagara-nagara Barat téh nyaéta paraji anu mantuan kalahiran nagara zionis dina luhureun taneuh Paléstina. Mustahil ogé maranéhna ngahukum Zionis ngaliwatan hukum mahkamah internasional.
Mangka, hiji-hijina jalan anu saluyu jeung syaré’at pikeun ngabébaskeun jeung méré panyalindungan ka Masjid al-Aqsho nyaéta ku cara jihad fi sabilillah, nyaéta ku merangan kaom Yahudi nepika teu aya sajeungkal ogé taneuh Paléstina anu ku maranéhna ditincak deui. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ
_“Prak perangan maranéhna di mana baé aranjeun manggihan maranéhna jeung prak usir maranéhna ti tempat maranéhna geus ngusir aranjeun”._ (TQS al-Baqoroh [2]: 191).
Geus waktuna, para pamingpin nagri Islam ninggalkeun rétorika kosong jeung ngeureunan ménta bantuan ka lembaga internasional mana baé. Kaom Muslim di mana baé, khususna para perwira jeung prajurit Muslim, kudu gerak mapag panggilan jihad ti mana baé, kaasup ti taneuh Paléstina. Teu pantes maranéhna caricing jeung nangkeup harigu.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اسْتَجِيْبُوْا لِلّٰهِ وَلِلرَّسُوْلِ اِذَا دَعَاكُمْ لِمَا يُحْيِيْكُمْۚ
_“Héy jalma-jalma anu ariman, cumponan panggero Alloh jeung panggero Rosul lamun Anjeuna ngagero ka aranjeun kana perkara anu méré kahirupan ka aranjeun”._ (TQS al-Anfal [8]: 24). []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar