NEGUHKEUN IMAN JEUNG IDÉNTITAS ISLAM
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ, أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَلَا تَلْبِسُوا الْحَقَّ بِالْبَاطِلِ وَتَكْتُمُوا الْحَقَّ وَاَنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ
_Ulah aranjeun nyampuradukkeun bebeneran jeung kabatilan. Ulah ogé aranjeun nyumputkeun bebeneran, padahal aranjeun nyaho_ (QS Al-Baqoroh [2]: 42).
Alhamdulillah, tina ni’mat ti sagédéngeun Alloh subhanahu wa ta’ala anu teu kaitung niléyna, utamana ni’mat iman sareng Islam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna dugika akhir zaman.
Prak geura taraqwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sebener-benerna taqwa. Taqwa anu ngawujud ku cara katundukpatuhan sapinuhna kana aturan Alloh subhanahu wa ta'ala, ngalaksanakeun sadaya paréntah-Na jeung ngajauhan sanéskanten cegahana-Na, teu talangké sarta teu diengké-engké.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Dina satiap panungtungan taun, aya kecap anu loba ditepikeun ka urang sadaya umat Islam. Naon éta téh? Toléransi. Kecap ieu ramé diucapkeun komo deui lamun geus deukeut jeung Perayaan Natal. Urang téh dianggap siga umat anu teu paham kana toléransi.
Ngarujuk kana Kamus _Al-Munawwir,_ kaca 702, toléransi atawa _tasaamuh_ téh hartina mangrupakeun sikep ngantepkeun (ngahargaan), lapang dada. Islam netepkeun katangtuan anu kacida pisan jelasna ngeunaan kumaha toléransi ka jalma kafir kudu dilakukeun.
_*Kahiji:*_ Toléransi jeung jalma kafir teu meunang ngurangan kayakinan Islam salaku hiji-hijina agama anu bener (anu séjén salah) jeung hiji-hijina jalan kasalametan di Akhérat (anu lian henteu). Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّ الدِّيْنَ عِنْدَ اللّٰهِ الْاِسْلَامُ
_Saéstuna agama anu diaku disagédéngeun Alloh ngan Islam wungkul_ (TQS Ali Imron [3]: 19).
_*Kadua:*_ Toléransi teu meunang ngurangan kayakinan yén nerapkeun syaré’at kalawan kaaffah bakal méré rohmat pikeun sakabéh umat manusa (Muslim jeung non-Muslim). Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ
_Henteu Kaula ngutus anjeun (Muhammad) anging supaya jadi rohmat pikeun sakabéh alam_ (TQS al-Anbiya’ [21]: 107).
_*Katilu:*_ Toléransi teu meunang ngurangan sumangat da’wah ngajak non-Muslim asup kana Islam. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اُدْعُ اِلٰى سَبِيْلِ رَبِّكَ بِالْحِكْمَةِ وَالْمَوْعِظَةِ الْحَسَنَةِ وَجَادِلْهُمْ بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُۗ
_Prak geura gero manusa nuju kana jalan Pangéran anjeun ku hikmah jeung naséhat anu hadé sarta prak debat maranéhna ku cara anu leuwih hadé_ (TQS an-Nahl [16]: 125).
_*Kaopat:*_ Toléransi dilakukeun ku cara teu maksa non-Muslim pikeun ngagem Islam. Maranéhna cukup dida’wahan atawa diajak asup Islam. Lamun manéhna nolak, Maranéhna diantep gagem agama anu ku maranéhna diyakinkeun. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
لَآ اِكْرَاهَ فِى الدِّيْنِۗ قَدْ تَّبَيَّنَ الرُّشْدُ مِنَ الْغَيِّ
_Teu aya paksaan pikeun ngagem agama (Islam). Éstu geus jelas mana jalan anu bener tina jalan anu sasar_ (TQS al-Baqoroh [2]: 256).
_*Kalima:*_ Islam ngameunangkeun ngalakukeun mu’amalah jeung non-Muslim (jual-beuli, séwa, diajar atawa ngajar dina masalah sainsték, jeung sajabana). Islam ogé maréntahkeun supaya nyieun kahadéan sarta lumaku adil ka maranéhna. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
لَا يَنْهٰىكُمُ اللّٰهُ عَنِ الَّذِيْنَ لَمْ يُقَاتِلُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ وَلَمْ يُخْرِجُوْكُمْ مِّنْ دِيَارِكُمْ اَنْ تَبَرُّوْهُمْ وَتُقْسِطُوْٓا اِلَيْهِمْۗ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُقْسِطِيْنَ
_Alloh teu nyaram aranjeun pikeun nyieun kahadéan jeung lumaku adil ka jalma-jalma anu teu merangan anjeun kulantaran agama, jeung ogé henteu ngusir anjeun ti nagri anjeun. Saéstuna Alloh mikaresep ka jalma-jalma anu lumaku adil_ (TQS al-Mumtahanah [60]:
.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kanyahokeun kusadaya kaom muslimin, toléransi béda pisan jeung partisipasi. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kalawan teges nolak ngalakukeun toléransi dina wujud pipilueun komo deui ngamalkeun ajaran agama lian. Nalika masih kénéh di Mekkah, aya sababaraha lulugu kafir Qurésy manggihan anjeuna. Maranéhna téh nyaéta Walid bin Mughiroh, Ash bin Wail, Aswad Ibnu al-Muthollib, jeung Umayah bin Khalaf. Maranéhna nawarkeun toléransi, “Muhammad, kira-kira kumaha lamun kuring saréréa ibadah ka Pangéran anjeun, jeung anjeun (kaom Muslim) ogé ibadah ka Pangéran kuring. Kuring saréréa toléransi dina sagala permasalahan agama urang saréréa. Lamun aya sabagéan ajaran agama anjeun anu leuwih hadé (nurutkeun kuring) tina tungtunan agama kuring, mangka kuring saréréa bakal ngamalkeun éta perkara. Sabalikna, lamun aya sabagéan ajaran agama kuring anu leuwih hadé tinimbang tungtunan agama anjeun, anjeun ogé kudu ngamalkeun”.
Tuluy turun QS al-Kaafirun anu nolak kalawan teges toléransi saperti kitu. Kitu pisan sakumaha dijelaskeun ku Imam al-Qurthubi dina kitab tafsirna, _Al-Jâmi li Ahkâm al-Qurân._
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Tuluy kudu kumaha urang nangtukeun sikep ngeunaan pangkuan kaom Nasroni yén Al-Masih téh anak Pangéran, sakumaha anu disebutkeun dina QS at-Taubah ayat 30? Pikeun urang Nasroni, kacida pisan jelasna, yén ngarayakeun Natal téh nyaéta ngarayakeun tina kalahiran Pangéran Yésus Kristus di dunya. Teu aya ma’na séjén tina Perayaan Natal salian ieu. Tuluy kira-kira naha pantes, urang milu bungah jeung gumbira tina kalahiran Pangéran Yésus ku cara ilubiung dina Perayaan Natal Bersama?
Komo deui kalahiran Nabi Isa ‘alaihi sallam, sakumaha anu ditegeskeun ku Alloh to subhanahu wa ta’ala ku anjeun, sarua baé saperti nyiptakeun Nabi Adam ‘alaihi sallam:
اِنَّ مَثَلَ عِيْسٰى عِنْدَ اللّٰهِ كَمَثَلِ اٰدَمَ
_Estu dina nyiptakeun Isa di sagédéngeun Alloh téh saperti nyiptakeun Adam_ (TQS Ali Imron [3]: 59).
Pikeun Alloh subhanahu wa ta’ala, nyiptakeun manusa teu aya bapa-ema baé (saperti Nabi Adam ‘alaihi sallam) éta kacida pisan gampangna. Komo deui sakadar nyiptakeun manusa ti saurang ema teu maké bapa (saperti Nabi Isa ‘alaihi sallam). Kukituna tuduhan yén Alloh subhanahu wa ta’ala boga budak éta téh hiji kamungkaran anu kacida pisan gedéna. Ku saking mungkarna nepika digambarkeun dina QS Maryam ayat 88-92: langit beulah, bumi beulah, jeung gunung runtuh.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kusabab kitu, kacida pisan jelasna, Islam téh nyaéta agama anu kacida pisan toléranna. Islam méré kabébasan ka satiap manusa pikeun milih kayakinan agamana. Islam ogé ngajamin ngaraksa kana getih, harta, jeung kahormatan sarta ibadah jeung tempat ibadah non-Muslim.
Tapi singsanajan kitu, toléransi lain partisipasi, ogé lain kalahkah nyangkal agamana sorangan ku cara, misalna, nolak syaré’at Islam diterapkeun kalawan sagemblengna _(kaffah)._ Hanjakalna, justru ieu pisan anu ayeuna sering pisan kajadian.
Padahal, Alloh subhanahu wa ta’ala geus maréntahkeun ka hamba-Na supaya asup kana Islam kalawan sagemblengna _(kaffah),_ dina sakabéh aspék7 kahirupan:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا ادْخُلُوْا فِى السِّلْمِ كَاۤفَّةً ۖوَّلَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman, prak geura asup aranjeun kana Islam kalawan sagemblengna jeung ulah aranjeun nuturkeun tapak lacakna sétan! Saéstuna manéhna téh musuh anu tétéla pikeun aranjeun_ (TQS al-Baqoroh [2]: 208).
Alhasil, satiap Muslim wajib nyekel pageuh Islam. Haram hukumna ninggalkeun kayakinan Islamna. Haram ogé ninggalkeun ciri atawa idéntitas kaislamanana. Mangka, haram hukumna ilubiung dina ngarayakeun Natal bersama. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar