NAGARA WAJIB NGARAKSA KAPENTINGAN RAHAYAT

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ‏
(QS Ali ‘Imron [3]: 102)
Alhamdulillah, ka Mantena urang sadaya syukuran tina sagala ni’mat sareng kurnia-Na. Utamana ni’mat iman jeung Islam. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan ku Alloh dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa anjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Cumponan sadaya peréntah sareng panggero-Na. Jauhan sarta tinggalkeun sanéskanten cegahana-Na. Ingetkeun, takwa téh nyaéta bekel anu panghadéna pikeun hirup di dunya jeung di akhérat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Islam téh nyaéta way of life alias jalan hirup urang sadaya. Islam diturunkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala ngalangkungan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pikeun nungtun manusa, kumaha ngahambakeun diri ka Mantena sakaligus kumaha carana ngokolakeun dunya ieu kalawan bener.
Islam ngatur hubungan manusa jeung pangéranana, dina hal akidah jeung ibadah. Dina waktu anu sarua Islam ngatur diri pribadi manusa, dina hal inuman katut kadaharan, pakéan, jeung akhlak. Islam ogé ngatur hubungan manusa anu hiji jeung manusa anu lian dina hal mu’amalah, hukum, nepika kanagaraan. Jeung ieu sakabéhna téh lain sakadar téori, tapi dipraktékeun sarta dibéré conto anu hadé ku panutan urang Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam.
Walhasil teu aya pasualan kahirupan di dunya ieu anu teu diatur ku Islam, sakumaha dawuhana-Na:
وَنَزَّلْنَا عَلَيْكَ الْكِتٰبَ تِبْيَانًا لِّكُلِّ شَيْءٍ وَّهُدًى وَّرَحْمَةً وَّبُشْرٰى لِلْمُسْلِمِيْنَ
Jeung Kami nurunkeun ka anjeun Al Kitab (Al-Qur’an) pikeun ngajelaskeun sagala perkara jeung pituduh sarta rohmat jeung khobar anu ngagumbirakeun pikeun jalma-jalma anu sumerah diri. (TQS An-Nahl [16]: 89)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Sababaraha poé ieu para aktivis lingkungan hariwang. Sabada 20 taun ékspor keusik laut teu meunang, muncul aturan anyar anu ngizinan deui, kalawan alesan anu ditambang lain keusik tapi sédiméntasi. Padahal, geus loba bukti yén panambangan keusik pantéy téh ngaruksak lingkungan.
Ieu lain alesan anu ngaya-ngaya. Environmental Reporting Collective (ERC) ngaluarkeun laporan akibat goréng (négatif) panambangan keusik di 12 nagara nyaéta Indonésia, Singapura, Kamboja, Viétnam, Thailand, Filipina, Tiongkok, Taiwan, India, Népal, Sri Lanka nepika Kénya.
Sajumlah akibat anu ngaruksak téh diantarana nyaéta, abrasi anu rongkah anu bisa neuleumkeun pulo anu jadi wilayah pertambangan; ékosistem kaganggu, naha kusabab dikerukna keusik atawa polusi anu ditimbulkeun. Ruksakna mahluk laut anu ngakibatkeun kana turunna pangasilan pamayang. Sahingga nambah jumlah rahayat miskin di ieu nagri. Anu pasti, ékspor keusik pantéy pikeun tujuan réklamasi nagara lian éta téh ngancam kana kapentingan di nagri urang ieu jeung ngan nguntungkeun pihak asing.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun kusadayana, laut jeung pantéy, kaasup keusikna, nurutkeun katangtuan Islam éta téh kaasup kana kapamilikan umum (milkiyyah ‘ammah). Sakabéh rahayat meunang ngamangfaatkeun pantéy naha pikeun wisata, panalungtikan, atawa pikeun lahan usaha saperti pamayang. Kumargi kitu méré ijin konsési anu nyababkeun kahalangan hak warga pikeun ngamangpaatkeun kapamilikan umum, kaasup pantai, nyaéta haram.
Hal ieu dumasar kana hadits yén para Shohabat pernah ngadugikeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pikeun ngawangun tempat kanggo Mantena di Mina. Namung, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
لاَ، مِنًى مُنَاخُ مَنْ سَبَقَ
Ulah. Mina téh nyaéta tempat nganjrekna pikeun saha baé anu datang pang heulana. (HR at-Tirmidzi).
Syéikh ‘Abdul Qadim Zallum dina Kitab Al-Amwaal fii Dawlah al-Khilaafah ngajelaskeun ma’na tina munakh[un] man sabaq (tempat nganjrek pikeun saha baé anu datang pang heulana) nyaéta yén Mina téh mangrupakeun tempat milik sakabéh kaom Muslim. Saha baé anu leuwih ti heula datang ka hiji bagéan tempat di Mina, tuluy nempatan tempat éta, mangka tempat éta téh nyaéta pikeun dirina. Ieu kasabab Mina téh mangrupakeun milik babarengan di antara kaom Muslim, lain milik salahsaurang anu ngajadikeun jalma lian dicegah pikeun miboga (nempatan) éta tempat. (Zallum, Al-Amwaal fii Daulah al-Khilafaah, hlm. 68).
Kukituna sagala tindakan sarta kawijakan anu nyababkeun warga kahalangan tina meunang mangpaat kapamilikan umum —saperti pantéy— éta téh haram. Kusabab kitu méré konsési tina kapamilikan umum pikeun diolah ku pribadi atawa korporat éta téh kawijakan anu kacida pisan batil jeung dlolimna. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos nyaram ka para Sohabat dariuk di jalan umum kusabab ngahalangan hak anu ngaliwat. Dawuhan mantena:
إِيَّاكُمْ وَالْجُلُوسَ عَلَى الطُّرُقَاتِ
Ulah aranjeun darariuk di jalan-jalan (umum) (HR al-Bukhori).
Lamun diuk atawa ngariung di jalan anu bisa ngganggu anu lalar liwat baé geus teu meunang, komo deui méré ijin (konsési) tambang ka korporat/parusahaan. Kawijakan ieu lain ngan ngahalangan hak warga, tapi ogé ngaruksak lingkungan sacara luar biasa. Ieu leuwih pantes pisan pikeun dibatalkeun.
Islam geus teges ngaharamkeun sagala rupa anu ngadatangkeun bahaya. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam gadawuh:
لاَ ضَرَرَ وَلاَ ضِرَارَ
Teu meunang aya bahaya jeung teu meunang ngabahayakeun jalma lian (HR Malik).
Syaré’at Islam ngawajibkeun nagara pikeun nyegah hal-hal anu bisa ngabalukarkeun bahaya saperti polusi, ruksakna alam, leungitna pakasaban warga, jeung sajabana. Pangawasa dina Islam ditempatkeun salaku tempat panyalindungan rahayat, lain anu ngalayanan korporat/parusahaan. Dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِنَّمَا الإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
Saéstuna Imam (pamingpin) téh (laksana) taméng. Di tukangeun manéhna jalma-jalma perang jeung ka dirina maranéhna nyalindung (HR al-Bukhori sareng Muslim).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Ieu bédana sistem pulitik sarta nagara dina Islam, jeung sistem démokrasi wanci kiwari. Dina Islam sakabéh aturan geus kacida pisan jelasna, teu bisa dirobah-robah kusabab ayana kapentingan. Anu halal tetep halal, anu haram tetep haram.
Kanyataan ieu kacida pisan bédana jeung dina sistem démokrasi. Kalawan prinsip kabébasan, sagala rupa bisa dirobah jeung dijieun. Anu kuat jeung loba duit, éta anu meunang. Jeung nagara dikadalikeun ku maranéhna anu boga modal (duit). Samentara rahayat anu cenah boga kawasa jeung daulat, ngan dijadikeun stempel tiap lima taunan.
Alhasil, ieu pisan pentingna syaré’at Islam dilaksanakeun, kaasup dina pangaturan kapamilikan umum sarta ngaraksa lingkungan jeung alam. Ngan ku Islam wungkul, kabarokahan bakal datang ti langit jeung ti bumi. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM