NAGARA WAJIB NGAJAMIN LAYANAN KASÉHATAN MASYARAKAT
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
(QS Ali ‘Imron [3]: 102)
Alhamdulillah, ka Mantena urang sadaya syukuran tina sagala ni’mat sareng kurnia-Na. Sahingga urang tiasa kumpul ngariung dina tempat anu mulya ieu, sasarengan sareng jalmi-jalmi anu dimulyakeun ku Mantena. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan ku Alloh dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa anjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Cumponan sadaya peréntah sareng panggero-Na. Jauhan sarta tinggalkeun sanéskanten cegahana-Na. Ingetkeun, takwa téh nyaéta bekel anu panghadéna pikeun urang sadaya.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam diutus ku Alloh subhanahu wa ta’ala pikeun umat akhir zaman, supaya umat ieu ta’at ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Lain lumampah di luhureun ieu bumi numutkeun kahayangna sorangan. Alloh nurunkeun aturan téh dina raraga pikeun ngatur kahirupan pribadi urang, kumaha urang iman jeung ibadah anu bener ka Alloh. Alloh ogé ngatur kumaha urang hubungan jeung sasama manusa, naha jeung sasama Muslim atawa non Muslim. Jeung Alloh ogé ngatur kumaha carana ngokolakeun ieu nagara saluyu jeung syaré’at Islam.
Henteu ngan saukur éta, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam langsung maparin tuladan kumaha sakabéh éta aturan téh dijalankeun. Cobi tingal kumaha Rosululloh sacara pribadi ngahambakeun diri ka Alloh, kumaha Rosululloh interaksi jeung papada manusa, jeung kumaha Rosululloh mingpin nagara di Madinah. Sakabéhna éta téh bisa ku urang sadaya dibaca jeung dikaji dina Siroh Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam.
Mangka, kacida pisan anéhna lamun wanci kiwari justru urang malah ngajauhan tina syaré’at Islam. Ngarasa jago jeung “pang nyahona” ngeunaan manusa tuluy nyusun aturan pikeun manusa. Teu hayang diatur ku Islam, anging ngan urusan ubudiyah (ibadah) wungkul. Kanyahokeun, beuki urang lumpat ngajauhan tina warisan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam nyaéta Al-Qur’an jeung Sunnah mangka beuki jauh baé kahirupan urang tina kabarokahan. Anu muncul justru karupekan hirup. Sakumaha dawuhan Mantena:
وَمَنْ اَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِيْ فَاِنَّ لَهٗ مَعِيْشَةً ضَنْكًا وَّنَحْشُرُهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ اَعْمٰى
“Jeung singsaha baé anu ngabalieur tina paringetan-Kaula, mangka saéstuna pikeun manéhna kahirupan anu rupek, jeung Kami bakal ngumpulkeun dina Poé Kiyamah dina kaayaan lolong”. (QS Thoha [20]: 124)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Teu karasa urang geus tigebrus kana “lombang” liberalisasi dina sagala widang kahirupan. Lain tambah ni’mat, kahirupan karasana tambah eungap. Nagara anu sakuduna ngalayanan rahayat, kalahkah ngalakukeun hal saperti parusahaan, néangan untung tina palayanan anu sakuduna dibikeun ka masyarakat.
Ieu anu ku urang sadaya katingal salah sahijina dina widang kaséhatan. Nagara ti sababaraha taun ka tukang, ngaleupaskeun diri tina tanggung jawabna. Rahayat dipaksa ngabiayaan kaséhatan dirina sorangan kucara mayar iuran BPJS tiap bulan. Hiji perkara anu teu pernah kajadian dina mangsa-mangsa saméméhna. Nepika geus mimiti muncul ancaman, singsaha baé anu teu mayar iuran, layanan publik pikeun manéhna moal dibikeun.
Geus mah siga kitu, ayeuna muncul deui hal anu leuwih rongkah ku munculna Rancangan Undang-Undang Kesehatan.
Layanan kaséhatan lain urusan nagara sapinuhna, tapi diswastanisasi. Bakal jadi industrialisasi. Tanaga kaséhatan asing meunang asup sarta nyiuk kauntungan ti rahayat anu gering di nagri ieu. Samentara rahayat bakal beuki beurat milih layanan kaséhatan ku kamampuhan anu aya dimanéhna, kusabab layanan kaséhatan geus jadi industri. Tangtu ieu kacida bahayana pikeun urang sadaya lamun sakabéhna kajadian.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Prak kanyahokeun kusadayana, Islam netepkeun palayanan kaséhatan téh nyaéta kabutuhan dasar masyarakat anu jadi kawajiban nagara. Nagara wajib nyadiakeun rumah sakit, klinik, dokter, tanaga kaséhatan, jeung fasilitas kaséhatan lianna anu diperlukeun ku masyarakat. Sababna, fungsi nagara/pamaréntah téh nyaéta ngurus sagala urusan jeung kapentingan rahayatna. Rosul shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
فَاْلإِماَمُ رَاعٍ وَ هُوَ مَسْؤُوْلٌ عَنْ رَعِيَّتِهِ
“Imam (pangawasa) téh nyaéta anu ngurus rahayat jeung manéhna boga tanggung jawab ka rahayat anu ku manéhna diurus”. (HR al-Bukhori)
Coba tingali kumaha Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam —dina kalungguhan Mantena jadi kapala nagara— kantos ngadatangkeun dokter pikeun ngubaran salah saurang wargana, nyaéta Ubay. Nalika Nabi shollallalohu ‘alaihi wa sallam kenging hadiah dokter ti Muqauqis, Raja Mesir, mantena ogé ngajadikeun éta dokter jadi dokter umum pikeun sadaya wargana (HR Muslim).
Hartina, Rosululloh salaku kapala Nagara Islam, ngajamin kaséhatan rahayatna kalawan bébas biaya, ku cara ngirimkeun dokter pikeun rahayatna anu gering teu narik biaya ti rahayatna éta (Taqiyuddin An Nabhani, Muqaddimah ad-Dustûr, II/143).
Diriwayatkeun ogé yén sarombongan jalma ti Kabilah ‘Urainah asup Islam. Tuluy maranéhna katarajang gering di Madinah. Rosululloh shollallalohu ‘alaihi wa sallam salaku kapala nagara waktu harita ménta ka maranéhna pikeun cicing di tempat pangangonan onta zakat anu diurus ku Baitul Mal di deukeut Quba’. Maranéhna dimeunangkeun nginum susu onta nepika calageur (HR al-Bukhori sareng Muslim).
Dalil séjéna, dicaritakeun ku Zaid bin Aslam yén akina pernah nyarita, “Kuring pernah gering parna dina mangsa Kholifah Umar bin al-Khoththob. Kholifah Umar nyadiakeun saurang dokter pikeun kuring”. (HR al-Hakim, Al-Mustadrak, IV/7464).
Sakabéh jalma pada apal, Kholifah Umar téh nyaéta kapala nagara. Anjeuna ngajamin kaséhatan rahayatna kalawan haratis, kucara ngirimkeun dokter keur rahayatna anu gering kalawan teu ménta saeutik ogé bayaran ti rahayatna (Taqiyuddin An Nabhani, Muqaddimah ad-Dustûr, 2/143).
Kitu sakuduna palayanan kabutuhan dasar rahayatna dina widang kaséhatan. Haram hukumna nagara ngabeuratkeun rahayat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun kusadayana, Islam ngajamin kaséhatan rahayat. Jaminan ieu ngabogaan tilu sifat :
_*Kahiji:*_ Lumangsung umum teu aya diskriminasi, dina harti teu ngabéda-bédakeun kelas dina méré layanan kaséhatan ka rahayat, naha Muslim atawa non-Muslim.
_*Kadua:*_ Bébas biaya alias haratis. Rahayat teu meunang dipénta biaya nanaon pikeun meunang palayanan kaséhatan ku nagara.
_*Katilu:*_ Sakabéh rahayat kudu dibéré aksés anu gampang ku nagara pikeun meunang palayanan kaséhatan.
Mangka nagara, nurutkeun katangtuan Islam, wajib ngalokasikeun anggaran balanjana pikeun nyumponan kabutuhan kaséhatan pikeun sakabéh rahayatna. Pasualanana, naha mungkin? Jawabanana mungkin! Lamun nagara ieu teu mikeun kakayaan milik rahayat ka swasta naha asing atawa lokal.
Koncina nyaéta kucara nerapkeun syaré’at Islam kalawan kaaffah (sagemblengna) dina sagala widang kahirupan. Ngan kahirupan nagara anu saluyu jeung syaré’at anu bakal ngajadikeun kahirupan urang sadaya jadi barokah. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar