NAGARA WAJIB NGAJAGA AKIDAH UMAT

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ
.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ‏
(QS Ali ‘Imron [3]: 102)
Alhamdulillah, Alloh téh Zat Anu Maha Agung. Urang sadaya syukuran ka Alloh tina sagala ni’mat-Na, anu ngumpulkeun urang dina tempat anu mulya, dina salahsahiji bulan suci Dzulhijjah, babarengan jeung jalma-jalma anu insyaaAlloh dimulyakeun ku Mantena. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina ku Alloh dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosulululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh merjuangkeun Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun ka Alloh kalawan takwa anu sabener-benerna. Laksanakeun sadaya paréntah-Na, jauhan sanéskanten cegahana-Na. Saéstuna, katakwaan téh bakal jadi bekel urang sadaya anu panghadéna dina ngambah kahirupan di dunya jeung akhérat. Jeung ku katakwaan ogé, darajat urang bakal diangkat ku Alloh subhanahu wa ta’ala.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Akhir-akhir ieu urang sadaya keur digeunjleungkeun ku warta ngeunaan Pondok Pasantrén Al-Zaytun pimpinan Panji Gumilang anu aya di Indramayu, Jawa Barat. Loba pihak nganiléy Al-Zaytun jeung Panji Gumilang téh méngpar tina ajaran Islam. Dina vidéo anu viral, Panji Gumilang ngucapkeun salam khas Yahudi, lain salam saperti kabiasaan kaom Muslim. Aya ogé vidéo ceramah Panji Gumilang anu ngaku yén Al-Qur’an téh lain dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala, tapi ucapan Nabi Muhammad shollallahu ‘alaihi wa sallam anu asalna tina wahyu Alloh subhanahu wa ta’ala.
Aya sakira 300 aliran sesat di Indonésia. Majelis Ulama Indonesia (MUI) sorangan geus ngaluareun kritéria aliran sesat kasebut, nyaéta:
(1) Ngingkaran kana salah sahiji tina rukun iman anu 6;
(2) Ngayakinkeun jeung atawa nuturkeun akidah anu teu saluyu jeung Al-Qur’an jeung as-Sunnah;
(3) Ngayakinkeun turunna wahyu saba’da Al-Qur’an;
(4) Ngingkaran kamurnian jeung atawa benerna eusi Al-Qur’an;
(5) Ngalakukeun panafsiran Al-Qur’an anu teu didasarkeun kana kaidah-kaidah tafsir;
(6) Ngingkaran kadudukan Hadis Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam jadi sumber ajaran Islam;
(7) Ngahina, ngalécéhkeun jeung atawa nyapirakeun para nabi jeung rosul;
(😎 Ngingkaran Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam salaku nabi jeung rosul pamungkas;
(9) Ngarobah, nambahan jeung atawa ngurangan poko-poko ibadah anu geus ditetepkeun ku syaré’at, saperti haji lain ka Baitulloh, sholat wajib teu 5 waktu;
(10) Ngafirkeun sasama Muslim teu maké dalil anu syar’i saperti ngakafirkeun Muslim ngan pédah lain golonganana.
Tapi sajauh ieu, MUI sacara resmi acan ngaluarkeun fatwa sesat ka Al-Zaytun.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Geus loba pisan aliran sesat jeung nyimpang anu muncul di Indonesia jelas nuduhkeun yén nagara waktu ayeuna teu hadir dina ngajaga jeung méré panyalindungan akidah umat Islam. Padahal aliran-aliran sesat ieu téh geus loba pisan ngabalukarkeun korban ti pihak umat Islam. Maranéhna anu akhirna sasar méngpar tina akidah Islam anu lempeng, nepika aya anu murtad tina Islam.
Kunaon nagara siga anu teu hadir dina ngaraksa jeung méré panyalindungan akidah umat Islam? Taya lian kusabab nagara dina waktu ayeuna nganut jeung nerapkeun akidah sékularisme.
Kanyahokeun, yén saenyana sékularisme téh hakékatna nyaéta akidah anu sasar. Pasalna, sékularisme nyaéta akidah anu ngayakinkeun yén agama kudu dipisahkeun tina urusan nagara. Dina nagara sékulér, nagara teu meunang pipilueun dina urusan kayakinan warga nagarana. Lamun seugmah aya warga nagara anu gunta-ganti agama/kayakinan, nagara teu paduli. Nagara ogé moal rék paduli lamun loba Muslim anu murtad tina Islam, kaasup ngagem aliran sesat.
Jadi sabenerna sékularisme anu jadi pangkalna éta kasasaran. Tina éta akidah lahir sistem démokrasi anu ngajamin kabébasan alias liberalisme. Diantarana kabébasan nyekel agama. Ieu teu jadi masalah. Sababna, dina Islam mah satiap pribadi bébas ngagem agama. Setiap jalma teu meunang dipaksa pikeun ngagem agama Islam. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
لَآ اِكْرَاهَ فِى الدِّيْنِۗ
“Teu aya paksaan dina asup agama (Islam)”. (TQS al-Baqoroh [2]: 256)
Anu jadi masalah dina démokrasi, kabébasan nyekel agama téh teu ngan saukur dipahami ku kabébasan pikeun ngagem hiji agama. Tapi faktana, démokrasi ogé ngajamin kabébasan hiji jalma pikeun gunta-ganti agama, kaasup murtad tina agama Islam. Ieu jelas patukangtonggong jeung ajaran Islam. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ بَدَّلَ دِيْنَهُ فَاقْتُلُوْهُ
“Singsaha baé anu ngaganti agamana (murtad tina Islam) mangka prak paéhan”. (HR al-Bukhori)
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Démokrasi ogé ngajamin kabébasan pikeun saha baé pikeun nyéléwéngkeun ajaran agamana. Buktina, munculna ratusan aliran sesat, kaasup anu nganistakeun ajaran Islam, siga anu diantepkeun. Éta téh can kaasup munculna rupa-rupa pamikiran liberal anu éta sarua sasar jeung nyasarkeun. Misalna baé pemikiran ngeunaan pluralisme agama, anu ngabogaan katetepan yén sakabéh agama téh sarua. Ogé pamikiran ngeunaan toléransi agama anu kaleuleuwihan, anu ngalahirkeun sinkrétisme (campur-aduk) agama saperti do’a bersama lintas agama, jeung séjén-séjéna. Sakabéhna diantepkeun ku nagara kusabab ayana ajaran démokrasi jeung kabébasan.
Di sagédéngeun ti éta, sikep pikeun nyekel pageuh kana akidah Islam anu lempeng, kaasup kana idéntitas Islam, kahayang pikeun hirup diatur ku syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaaffah), kaasup ngaji jeung ngajarkeun ajaran Islam ngeunaan khilafah, sering pisan dicap ku sesebutan radikal, atawa dikaitkeun jeung radikalisme, nepika térorisme.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Diantara akibat kagoréngan sékularisme nyaéta ngajadikeun kalolobaan kaom Muslim henteu deui nyekel pageuh kana agamana. Maranéhna geus henteu deui nyekel pageuh kana Al-Qur’an jeung as-Sunnah. Akibatna, loba pisan kaom Muslim gampang disasarkeun tina agamana. Padahal Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos negeskeun, nalika ngadugikeun khutbah dina Haji Wada’:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنِّى قَدْ تَرَكْتُ فِيكُمْ مَا إِنِ اعْتَصَمْتُمْ بِهِ فَلَنْ تَضِلُّوا أَبَدًا كِتَابَ اللَّهِ وَسُنَّةَ نَبِيِّهِ
“Wahéy manusa, éstu kaula geus ninggalkeun di tengah-tengah aranjeun perkara lamun aranjeun nyekel pageuh tangtu aranjeun moal bakal kasasar salalawasna: Kitabulloh jeung Sunnah Rosul-Na”. (HR al-Hakim sareng al-Baihaqi)
Nyekel pageuh kana Al-Qur’an hartina ngajadikeun Al-Qur’an jeung As-Sunnah jadi padoman hirup. Sikep ieu ngamistikeun diantarana:
*Kahiji,* ngajadikeun Al-Qur’an jeung As-Sunnah jadi rujukan (Tingal: QS an-Nisa’ [4]: 59).
*Kadua,* ngajadikeun Al-Qur’an jeung As-Sunnah jadi standar halal-haram, bener-salah, jeung hadé-goréng. Hartina, anu wajib dijadikeun patokan nyaéta naon baé anu diputuskeun jeung dinyatakeun ku Al-Qur’an jeung As-Sunnah (Tingal: QS asy-Syuro [42]: 10).
*Katilu,* ngamalkeun sakabéh kandungan Al-Qur’an jeung As-Sunnah dina sagala widang kahirupan (Tingal: QS al-Baqoroh [2]: 208). Ieu téh jalan Islam. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM