MUNGKIR TI PALÉSTINA

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ تَنْصُرُوا اللّٰهَ يَنْصُرْكُمْ وَيُثَبِّتْ اَقْدَامَكُمْ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman! Lamun aranjeun nulungan (agama) Alloh, tangtu Mantena bakal nulungan aranjeun jeung bakal mancegkeun kadudukan aranjeun_ (QS Muhammad [47]: 7).
Alhamdulillah, puji syukur tina sadaya ni’mat-Na anu teu aya hinggana, utamana ni’mat iman sareng Islam sarta diutusna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mugia salamina dicurahlimpahkeun ka Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng umatna dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Peruhkeun hawa nafsu urang, kadalikeun, jeung jadikeun nafsu urang lumampah dina luhureun katangtuan syaré’at Islam. Laksanakeun sadaya paréntah Alloh, jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na kalawan hampang jeung ikhlas. Éstu katakwaan téh anu nangtukeun darajat urang sadaya disagédéngeun Mantena.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Katunggaraan dulur urang di Gaza beuki nyedihkeun pisan. Leuwih ti 11.800 urang jadi korban kabiadaban Zionis Yahudi la’natulloh. Sabagéan loba korban éta téh nyaéta barudak, jeung lamun diitung, satiap 10 menit saurang budak maot syahid. Kabrutalan Zionis ieu maksa ampir 70 persen pangeusi Gaza ngungsi. Naon anu dilakukeun ku Zionis écés pisan lain sakadar perang biasa, tapi ieu mah génosida, pembunuhan massal.
Aksi maranéhna didukung sapinuhna ku nagara-nagara Barat saperti Amérika Serikat, Prancis, Inggris, jeung Jerman ku cara méré bantuan dana jeung militer ka golongan Yahudi. Sabalikna, para pamingpin nagri Islam ngan ngecam jeung jajaluk ménta bantuan ka PBB. Nepika pangawasa Yordania, Qatar, Mesir, jeung Arab Saudi nolak usulan émbargo minyak ka nagri Yahudi dina Konférénsi Tingkat Tinggi (KTT) luar biasa OKI jeung Liga Arab. Azerbaijan, Kazakhstan, jeung Turki salaku pamasok utama minyak bumi teu daék ngeureunkeun ékspor maranéhna.
Éstu, ieu téh mangrupakeun pangkhianatan para pangawasa Muslim. Kunaon? Sabab, maranéhna boga kakuatan jeung kamampuhan pikeun ngalawan Yahudi. Militer maranéhna jauh leuwih kuat tinimbang Israél. Maranéhna justru kalahka méré jalan pikeun Yahudi nguatkeun diri jeung méré panyalindungan ka ieu panjajah supaya tetep kuat di wilayah Paléstina.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Para pamingpin Arab jeung nagri Islam lain baé ngakhianatan Paléstina, tapi ogé teu boga kaéra éta téh ngakhianatan ka Alloh jeung Rosul-Na. Maranéhna ngahiji jeung musuh-musuh Alloh. Padahal Alloh parantos ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوْا بِطَانَةً مِّنْ دُوْنِكُمْ لَا يَأْلُوْنَكُمْ خَبَالًاۗ وَدُّوْا مَا عَنِتُّمْۚ قَدْ بَدَتِ الْبَغْضَاۤءُ مِنْ اَفْوَاهِهِمْۖ وَمَا تُخْفِيْ صُدُوْرُهُمْ اَكْبَرُ ۗ قَدْ بَيَّنَّا لَكُمُ الْاٰيٰتِ اِنْ كُنْتُمْ تَعْقِلُوْنَ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman, ulah aranjeun ngajadikeun batur kapercayaan aranjeun jalma-jalma anu aya di luar lingkungan aranjeun. Maranéhna teu eureun-eureun (nimbulkeun) kamadaratan pikeun aranjeun. Maranéhna mikaresep kana naon anu nyusahkeun aranjeun. Geus nembrak kaijid maranéhna tina sungut-sungut maranéhna, samentara naon anu disumputkeun ku haté maranéhna nyaéta jauh leuwih gedé deui. Éstu geus ku Kaula diterangkeun ka aranjeun ayat-ayat (Kaula) lamun baé aranjeun ngarti_ (TQS Ali Imron [3]: 118).
Pangkhianatan pangawasa Arab jeung nagri Islam séjéna nyaéta masrahkeun nasib Paléstina kana leungeun PBB supaya narima gencatan senjata jeung solusi dua nagara _(two-state solutions)._ Usulan jalan kaluar ieu sarua baé jeung ngaku ayana kaom Yahudi anu geus ngarampog jeung ngabunuhan warga Paléstina supaya tetep cicing di bumi Paléstina.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Sikep kasatria justru ditémbongkeun ku kaom Muslim di taneuh Paléstina, khususna Gaza. Maranéhna ngalakukeun perlawanan ka militer zionis. Maranéhna bisa ngahancurkeun 136 kandaraan militer canggih milik zionis jeung maéhan leuwih ti 400 prajurit jeung pasukan kaamanan zionis.
Éstu, perlawanan anu dilakukeun ku kaom Muslim Paléstina téh nyaéta adalah jihad fi sabilillah, lain tindakan terorisme saperti anu dipropagandakeun zionis Yahudi jeung nagara-nagara Barat. Para pajoang Paléstina ngangkat senjata pikeun mertahankeun nagri Muslim tina serangan kaom kuffaar sarta ngusir maranéhna. Ieu téh mangrupakeun palaksanaan dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ
_Prak perangan maranéhna di mana baé aranjeun manggihan maranéhna jeung prak usir maranéhna tina tempat maranéhna geus ngusir aranjeun_ (TQS al-Baqoroh [2]: 191).
Maranéhna ogé ngamalkeun dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
جَاهِدُوا اَلْمُشْرِكِينَ بِأَمْوَالِكُمْ وَأَنْفُسِكُمْ وَأَلْسِنَتِكُمْ
_Prak geura jihad aranjeun ngalawan kaom musyrik ku harta, jiwa, jeung lisan aranjeun_ (HR Ahmad sareng Nasa'i).
Sakabéh pangorbanan harta jeung jiwa maranéhnna di jalan Alloh teu percuma. Éstu sakabéhna éta téh mangrupakeun jual beuli jeung Alloh anu bakal dibayar ku surga. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّ اللّٰهَ اشْتَرٰى مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ اَنْفُسَهُمْ وَاَمْوَالَهُمْ بِاَنَّ لَهُمُ الْجَنَّةَۗ يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ فَيَقْتُلُوْنَ وَيُقْتَلُوْنَ وَعْدًا عَلَيْهِ حَقًّا فِى التَّوْرٰىةِ وَالْاِنْجِيْلِ وَالْقُرْاٰنِۗ وَمَنْ اَوْفٰى بِعَهْدِهٖ مِنَ اللّٰهِ فَاسْتَبْشِرُوْا بِبَيْعِكُمُ الَّذِيْ بَايَعْتُمْ بِهٖۗ وَذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ
_Saéstuna Alloh geus meuli ti kaom Mu’min diri jeung harta maranéhna ku bayaran surga pikeun maranéhna. Maranéhna perang di jalan Alloh. Tuluy maranéhna ngabunuh atawa dibunuh. Éta geus jadi jangji anu bener ti Alloh dina Torét, Injil, jeung Al-Qur’an. Saha anu leuwih nyumponan janji (salian) Alloh? Kusabab kitu kudu galumbira ku jual-beuli anu geus ku anjeun dilakukeun. Éta téh kameunangan anu gedé pisan_ (TQS at-Tobah [9]: 111).
Maotna para pajoang jadi syuhada ogé dimulyakeun ku Alloh. Alloh menyebut maranéhna tetep hirup jeung meunang rezeki Mantena:
وَلَا تَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ قُتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اَمْوَاتًا ۗ بَلْ اَحْيَاۤءٌ عِنْدَ رَبِّهِمْ يُرْزَقُوْنَۙ
_Ulah aranjeun nyangka yén jalma-jalma anu kabunuh di jalan Alloh téh maot. Tatapi maranéhna téh hirup di sagédéngeun Pangéran maranéhna kalawan meunang rezeki_ (TQS Ali Imron [3]: 169).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Pangkhianatan para pangawasa Arab jeung nagri-nagri Islam kudu dieureunan. Geus waktuna kaom Muslim sadunya ngahiji, ngangkat pamingpin anu hiji pikeun sakabéh kaom Muslim sadunya. Nerapkeun syaré’at Islam kalawan _(kaffah)_ sagemblengna keur kamulyaan _(izzul)_ Islam wal muslimin. Hayu urang babarengan tulungan agama Alloh. Ingetkeun dawuhan Mantena:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ تَنْصُرُوا اللّٰهَ يَنْصُرْكُمْ وَيُثَبِّتْ اَقْدَامَكُمْ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman! Lamun aranjeun nulungan (agama) Alloh, tangtu Mantena bakal nulungan aranjeun jeung mancegkeun kadudukan aranjeun_ (TQS Muhammad [47]: 7). []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM