MIHAREP MUNG KA ISLAM

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
اَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُوْنَۗ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ حُكْمًا لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ
_Naha hukum jahiliyah anu ku maranéhna dipikahayang? (Hukum) saha anu leuwih hadé tinimbang (hukum) Alloh pikeun jalma-jalma anu ngayakinkeun (agamana)?._ (QS Al-Ma’idah [5]: 50).
Alhamdulillah, urang sadaya syukuran ka Alloh tina ni’mat sareng kurnia-Na utamana ni’mat iman sareng Islam sarta kaséhatan. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan ku Alloh salamina dilimpahcurahkeun ka panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam, Mantena anu nungtun jalan pikeun manusa dina raraga ngambah kahirupan. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqamah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Cumponan sadaya paréntah-Na jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na singsanajan Anjeun mikaresep atawa ngéwa. Ingetkeun, takwa téh bakal mukakeun panto kabarokahan pikeun urang sadaya.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Teu karasa, urang sadaya parantos aya dina panungtungan taun 2023. Éstu, teu aya kaom anu pangrugi-rugina di dunya ieu anging maranéhna anu teu pernah mikiran ngeunaan kalumangsungan hirupna anu geus kaliwat.
Tangtu lain sakadar mikiran. Urang perlu muhasabah diri. Naha enggeus urang ieu téh lumampah dina jalan Alloh atawa sebalikna. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ خَبِيْرٌ ۢبِمَا تَعْمَلُوْنَ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman! Prak geura tarakwa aranjeun ka Alloh jeung sakuduna satiap jalma mérhatikeun kana naon anu geus ku manéhna dipigawé pikeun poé isuk (akhérat). Prak geura tarakwa aranjeun ka Alloh. Éstu, Alloh Maha Taliti tina sagala perkara anu ku aranjeun dipigawé_ (TQS al-Hasyr [59]: 18).
Al-‘Izz bin Abdis Sallaam rohimahulLôh nyebatkeun, _“Para ulama geus sapuk ngeunaan kawajiban muhaasabah diri tina amal anu geus tiheula jeung amal anu bakal dipigawé jaga.”_
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Sakurang-kurangna aya dua tujuan muhaasabah nyaéta: sadar kana kasalahan jeung kakaliruan dina amal pagawéan sarta gagancangan balik deui taat kana hukum Alloh subhanahu wa ta’ala.
Contona baé, naon anu dilakukeun ku Kholifah Utsman bin Affan rodliyallohu ‘anhu nalika anjeuna ngabatalkeun hukuman rajam pikeun saurang awéwé anu ngalahirkeun kalawan umur kahamilan genep bulan jeung nolak tuduhan zinah. Hal ieu ku Kholifah dilakukeun saba’da diingetan ku Ali bin Abi Tholib rodliyallohu ‘anhu tina kakaliruan pamanggih anu kuanjeuna dicokot, yén mémang umur minimal ngalahirkeun téh nyaéta saenggeus kahamilan genep bulan sakumaha anu disebutkeun dina QS al-Ahqof ayat 15 jeung QS al-Baqoroh ayat 233.
Kukituna, di antara ciri jalma anu takwa téh nyaéta resep lamun ditémbongkeun kasalahan jeung kakaliruanana. Ku saperti kitu, manéhna bisa gagancangan ngoméan diri. Umar rodliyallohu ‘anhu kantos nyebutkeun kieu, _“Mudah-mudahan Alloh méré rohmat ka jalma anu nuduhkeun urang sadaya jeung kakurangan-kakurangan urang sadaya.”_
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Salian muhaasabah diri, urang sadaya peryogi nga-évaluasi pasualan bangsa ieu. Masih loba pisan pasualan tumiba ka umat dina taun ieu. Urang sadaya ngarasakeun kualitasna justru ngaronjat. Cobi perhatikeun, kumaha akhir-akhir ieu kajadian pembunuhan gunta-ganti euweuh eureunna. Bunuh diri jadi “trending” pikeun budak ngora. Sabagéan ngalakukeunana kusabab kajiret injeuman online alias pinjol.
Lain ngan pribadi anu kabeulit hutang, nagara ogé hutangna nepi ka Rp 8.041,01 triliun. Ka mana éta duit téh? Tingali 21 juta warga Indonesia kakurangan gizi jeung 21,6 persen barudak katarajang stunting. Kakayaan alam anu sakuduna bisa ngahasilkeun duit keur rahayat, kanyataanana kalolobaanana dikawasa ku asing jeung aséng.
Kaayaan ieu beuki parna ku korupsi anu euweuh eureunna, jeung meulit ngalibatkeun para pajabat anu boga kalungguhan luhur. Acan deui sangkaan panyimpangan kakawasaan beuki teu katulungan. Kabéhanana paboro-boro supaya kulawargana bisa jadi pajabat anu boga kalungguhan luhur.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Lamun ku urang sadaya dipikirkeun ku haté jeung pikiran anu beresih, akar pasualan bangsa jeung negara ieu lain ngan sakadar kusabab faktor individu. Lain samata-mata pamingpin/pajabat anu teu amanah jeung teu shiddiq. Teu saeutik jalma anu jujur tur bener justru kasingkirkeun tina kakawasaan.
Prak kanyahokeun, akar pasualan anu disanghareupan ku umat téh nyaéta pasualan idéologis, nyaéta panerapan akidah sékularisme anu ngalahirkeun sistem anu ruksak, nyaéta kapitalisme jeung démokrasi.
Tanda nagri ieu sékuler nyaéta gampang nuduh ka jalma atawa golongan anu merjuangkeun Islam sacara pulitik salaku anu mawa pulitik idéntitas. Dituduh radikal. Muncul ucapan-ucapan mikangéwa kana syaré’at Islam jeung kawajiban nanjeurkeun khilafah. Nepika nerapkeun syaré’at Islam dituduh bisa jadi ancaman pikeun kahirupan bangsa. Padahal anu jadi biangna karuksakan dina wanci kiwari téh nyaéta sékularisme jeung kapitalisme-démokrasi, lain Islam.
Urang kudu sadar, sékularisme mupus aturan halal-haram. Kabéh perkara diukur ku kapentingan jeung kamangpaatan. Asal mangpaat, meunang. LGBT meunang kusabab hal ieu dianggap hak, zinah ogé meunang asal pada-pada daék. Astaghfirullooh...
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Sistem kapitalisme jeung démokrasi muka panto anu léga keur kaom kapitalis pikeun ngalobi éksékutif jeung législatif supaya nyieun aturan anu nguntungkeun maranéhna, saperti UU Cipta Kerja, UU Minerba, jeung UU Omnibus Law Kaséhatan. Aturan dijieun lain keur kapentingan rahayat, tapi pikeun kapentingan oligarki. Démokrasi anu cenah ngajamin kadaulatan dina leungeun rahayat éta mah mangrupakeun mitos jeung omong kosong wungkul. Pantes lamun karuksakan jeung karuksakan terus lumangsung. Nya ieu téh saperti anu didawuhkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala:
ظَهَرَ الْفَسَادُ فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ اَيْدِى النَّاسِ لِيُذِيْقَهُمْ بَعْضَ الَّذِيْ عَمِلُوْا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ
_Geus nembrak karuksakan di daratan jeung di lautan disababkeun ku (pagawéan) leungeun manusa. Alloh mikahayang maranéhna ngarasakeun sabagéan tina (akibat) pagawéan maranéhna supaya maranéhna balik deui (kana jalan anu bener)_ (TQS ar-Rum [30]: 41).
Kusabab kitu, urang sadaya kudu sadar, salila urang teu ngaleupaskeun diri tina sistem anu ruksak ieu, mangka sagala tarékah pikeun kaluar tina pasualan bangsa saperti jalma anu kukurilingan dina jero kurung teu nyaho jalan kaluar. Teu aya solusi anu bisa nyalametkeun umat jeung nagri ieu anging ku ngajadikeun Islam jadi akidah umat sarta ngajalankeun syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaffah) dina papayung Khilafah Islamiyah. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM