MARHABAN YAA ROMADLOON

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ،
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَسَارِعُوْٓا اِلٰى مَغْفِرَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُۙ اُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَۙ (١٣٣) الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِى السَّرَّۤاءِ وَالضَّرَّۤاءِ وَالْكٰظِمِيْنَ الْغَيْظَ وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَۚ (١٣٤)
_Geura gagancangan aranjeun pikeun meunangkeun ampunan Pangéran aranjeun jeung surga anu legana salega langit jeung bumi, anu disediakeun pikeun kaom anu takwa; nyaéta maranéhna anu nginfakkeun (harta maranéhna) naha dina kaayaan lega atawa dina kaayaan rupek, anu sanggup nahan amarah, anu biasa méré hampura kanu lain, jeung Alloh mikaresep ka jalma anu nyieun kahadéan._ (QS Ali Imron [3]: 133-134).
Alhamdulillah, ngan ku izin sareng kurnia Alloh urang sadaya tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok deui dina tempat anu mulya ieu, dina poé anu mulya, babarengan jeung jalma-jalma anu insya Alloh dimulyakeun ku Mantena. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka junjungan alam panutan urang sadaya Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu salamina istikomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Iraha baé, di mana baé jeung dina kaayaan kumaha baé, kucara ngalaksanakeun sakabéh paréntah-Na jeung ngajauhan sanéskanten cegahana-Na, nalika urang resep atawa ngéwa. Éstu, katakwaan ieu pisan anu bakal nangtukeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Alloh subhanahu wa ta’ala di akhérat jaga.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Sababaraha poé deui urang sadaya bakal panggih jeung bulan anu mulya, nyaéta bulan Romadlon 1445 H. Éstu ieu téh mangrupakeun kabagjaan anu luar biasa pikeun jalma-jalma anu apal rahasiah di satukangeun Romadlon ieu.
Kanyahokeun, Romadlon téh nyaéta bulan anu istiméwa. Bulan anu dijerona diwajibkeun puasa, anu bisa nganteurkeun saurang Muslim ngahontal darajat takwa. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَۙ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa, sakumaha éta puasa téh geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun, supaya aranjeun tarakwa_ (TQS al-Baqoroh [2]: 183).
Dijerona leubeut ku ganjaran jeung sagala rupa kabarokahan. Panto-panto surga dibuka, panto-panto naraka ditutup jeung sétan-sétan diborogod. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
قَدْ جَاءَكُمْ رَمَضَانُ شَهْرٌ مُبَارَكٌ افْتَرَضَ اللَّهُ عَلَيْكُمْ صِيَامَهُ تُفْتَحُ فِيهِ أَبْوَابُ الْجَنَّةِ وَيُغْلَقُ فِيهِ أَبْوَابُ الْجَحِيمِ وَتُغَلُّ فِيهِ الشَّيَاطِينُ
_Éstu geus datang ka aranjeun Bulan Romadlon. Bulan anu dibarokahan. Alloh geus ngawajibkeun ka aranjeun puasa dina éta bulan. Dina Bulan Romadlon panto-panto surga dibuka, panto-panto naraka ditutup jeung sétan-sétan diborogod_ (HR Ahmad).
Leuwih ti kitu, Romadlon téh nyaéta bulan anu dijerona aya hiji peuting anu leuwih hadé tinimbang sarébu bulan. Éta téh Lailatul Qodar. Dina éta peuting ogé Alloh subhanahu wa ta’ala nurunkeun al-Qur’an, padoman hirup manusa, anu jadi sumber kabagjaan maranéhna di dunya jeung di akhérat. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّآ اَنْزَلْنٰهُ فِيْ لَيْلَةِ الْقَدْرِ (١) وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِۗ (٢) لَيْلَةُ الْقَدْرِ ەۙ خَيْرٌ مِّنْ اَلْفِ شَهْرٍۗ (٣)
_Éstu Kami geus nurunkeun Al-Qur’an dina waktu Lailatul Qodar. Naha anjeun apal, naon ari Lailatul Qodar téh? Lailatul Qodar téh leuwih hadé tinimbang sarébu bulan_ (TQS al-Qodar [97]: 1-3).
Ringkesna, Romadlon téh nyaéta bulan anu diliputan barokah anu ngaleuyah. Kukituna, payus tur pantes pikeun satiap Muslim gumbira sakaligus nyiapkeun diri sahadé-hadéna satiap ngabagéakeun kadatangan bulan Romadlon. Tamu agung anu mawa loba pisan kautamaan.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Puasa Romadlon anu bener-bener dijalankeun kalawan ikhlas sarta saluyu jeung tungtunan syaré’at bakal jadi taméng (hahalang) tina siksaan seuneu naraka. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
الصَّوْمُ جُنَّةٌ مِنْ النَّارِ كَجُنَّةِ أَحَدِكُمْ مِنْ الْقِتَالِ
_Puasa Romadlon téh mangrupakeun taméng (hahalang) tina siksaan naraka, saperti taméng salahsaurang dina nalika peperangan_ (HR an-Nasa’i sareng Ahmad).
Puasa Romadlon ogé bisa jadi sarana pikeun mupus dosa. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ صَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
_Sing saha baé anu puasa Romadlon kusabab kaimanan jeung ngan miharep ridlo Alloh, mangka dosa-dosana anu geus tiheula pasti dihampura_ (HR al-Bukhori).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kusabab kitu, asup kana Romadlon ayeuna ieu, urang sadaya miharep puasa urang bener-bener bisa ngawujudkeun katakwaan hakiki sakumaha anu disebutkeun dina QS al-Baqoroh [2]: 183:
لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَۙ
Naon anu disebut takwa téh? Imam ath-Thobari, nalika nafsirkeun QS al-Baqoroh ayat 183 diluhur, diantarana nyutat kasauran Imam al-Hasan anu nyebatkeun, _“Jalma-jalma anu takwa téh nyaéta maranéhna anu sieun kana perkara naon baé anu geus ku Alloh diharamkeun ka diri maranéhna sakaligus ngalaksanakeun perkara naon baé anu geus ku Alloh diparéntahkeun ka maranéhna"._ (Ath-Thobari, Jâmi’ al-Bayân li Ta’wîl al-Qur’ân, I/232-233).
Takwa anu saperti kieu pisan anu sakuduna némpél rapet dina diri saurang Muslim, sakumaha dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ka Muadz bin Jabal rodlialloh ‘anhu:
اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ
_Prak geura takwa anjeun ka Alloh di mana baé, iraha baé jeung dina kaayaan kumaha baé_ (HR at-Tirmidzi).
Ieu takwa anu totalitas. Henteu ngan nalika ibadah mahdhoh wungkul, tapi ogé diluar ibadah mahdhoh. Henteu ngan anu aya pakuat-kaitna jeung urusan pribadi, tapi ogé ngait jeung urusan umat. Ngamalkeun sakabéh syaré’at-Na naha dina masalah aqidah jeung ibadah; dahareun, inuman, pakéan sarta akhlak; mu’aamalah (ékonomi, pulitik, pendidikan, pamaréntahan, sosial, budaya, jsb); nyakitu deui _‘uquubaat_ (sanksi hukum) seperti _huduud, jinaayaat, ta’ziir_ sarta _mukhoolafaat._
Mangka, teu kaasup takwa ngarana lamun salahsaurang biasa ngalakukeun sholat, ngalaksanakeun puasa Romadlon atawa nepika naék haji ka Baitulloh; samentara manéhna biasa ngadahar riba, ngalakukeun nyogok jeung korupsi, ngantep urusan masyarakat, ngadloliman rahayat jeung nolak diterapkeunana syaré’at Islam sagemblengna (kâffah) dina sagala widang kahirupan.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Urang sadaya perlu ngémutan dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَاَنَّ هٰذَا صِرَاطِيْ مُسْتَقِيْمًا فَاتَّبِعُوْهُ ۚوَلَا تَتَّبِعُوا السُّبُلَ فَتَفَرَّقَ بِكُمْ عَنْ سَبِيْلِهٖ ۗذٰلِكُمْ وَصّٰىكُمْ بِهٖ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ
_Éstu, ieu téh jalan-Kaula anu lempeng (Islam). Kusabab kitu tuturkeun éta jalan jeung ulah aranjeun nuturkeun jalan-jalan lian nepika aranjeun paburencay tina jalan-Mantena. Anu saperti kitu Alloh maréntahkeun supaya aranjeun tarakwa_ (TQS al-An’am [6]: 153).
Jelas, teu cukup ku puasa manusa bisa ngahontal darajat takwa. Totalitas kataatan kana sakabéh syaré’at Islam ieu pisan anu bakal nganteurkeun diri urang sadaya nyangking darajat takwa.
Wanci kiwari salaku pribadi, atur diri urang ku syaré’at Islam. Nalika urang babarengan jeung masyarakat, atur masyarakat urang ku syaré’at Islam. Nalika urang jadi pamingpin, atur rahayat ieu ku syaré’at Islam kalawan sagemblengna _(kaffah)_ dina sagala widang kahirupan. Éta téh takwa anu sebenerna. Lamun henteu, urang payus nanya kana diri urang sorangan, naha enggeus urang téh takwa? []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM