LGBT PAGAWÉAN KRIMINAL, LAIN KODRAT
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
فَلَمَّا جَاۤءَ اَمْرُنَا جَعَلْنَا عَالِيَهَا سَافِلَهَا وَاَمْطَرْنَا عَلَيْهَا حِجَارَةً مِّنْ سِجِّيْلٍ مَّنْضُوْدٍ
(QS Hud [11]: 82)
Alhamdulillah, urang sadaya syukuran ka Alloh subhanahu wa ta’ala tina sadaya ni’mat jeung kurnia-Na, utamina ni’mat iman sareng Islam. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan ku Alloh salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para sahabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang sadayana terus satékah polah ningkatkeun katakwaan urang sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala, kalawan sabener-benerna takwa. Takwa anu diwujudkeun kalawan kata’atan sapinuhna kana syaré’at Islam. Ngalaksanakeun sadaya paréntah-Na jeung ngajauhan sanéskanten cegahana-Na.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Al-Qur’an ieu diturunkeun dina raraga méré pituduh pikeun manusa, jeung ngajelaskeun sagala perkara anu kajadian di tengah-tengah kahirupan manusa. Ngaliwatan Al-Qur’an Alloh méré batesan, mana pagawéan hadé, mana pagawéan goréng. Mana pagawéan anu dipuji mana anu dicacad.
Di tengah panolakan kana kadatangan grup musik asal Inggris Coldplay anu remen ngampanyeukeun LGBT dina konsérna, ujug-ujug Menkopolhukam Mahfud MD nyebutkeun yén LGBT téh nyaéta kodrat. Manéhna ngomong; jalma LGBT diciptakeun ku Pangéran. Ku sabab kitu teu meunang dicaram. Pangéran anu nyababkeun hiji jalma jadi homo jeung lésbian. Anu teu meunang mah, ceuk Mahfud, ngumbar pagawéanana éta hareupeun jalma réa (publik).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Naon anu diomongkeun ku Mahfud MD éta, jelas batil. Kanyahokeun, manusa justru diciptakeun kalawan kodratna jadi lalaki jeung awéwé. Lain homoséksual, naha gay atawa lésbian. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَمِنْ كُلِّ شَيْءٍ خَلَقْنَا زَوْجَيْنِ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ
Sagala rupa perkara Kami nyiptakeun papasangan supaya aranjeun inget kana kaagungan Alloh (TQS adz-Dzariyat [51]: 49).
Ngeunaan ayat ieu Imam Fakhruddin ar-Roziy nyebutkeun yén Alloh geus nyiptakeun sagala perkara téh kalawan papasangan saperti langit pasangana jeung bumi, musim tiis jeung musim panas, beurang jeung peuting, awéwé pasanganna nyaéta lalaki, jeung lalaki pasangana nyaéta awéwé. Saperti kitu sakumaha dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَاَنَّهٗ خَلَقَ الزَّوْجَيْنِ الذَّكَرَ وَالْاُنْثٰىۙ
Saéstuna Mantena Anu nyiptakeun pasangan laki-laki jeung awéwé (TQS an-Najm [53]: 45).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang sadaya kudu ati-ati, kaom LGBT mémang geus lila nyoba ngamanipulasi fakta ku nyebutkeun yén gay disababkeun ku faktor génétis. Maranéhna nyebutkeun, sifat homo téh turunan. Maranéhna nyogrogkeun téori ilmuwan pro LGBT Magnus Hirscheld dina taun 1899 yén homo téh turunan. Tapi téori ieu diruntuhkeun ku Prof George Rice ti Universitas Western Ontario, Kanada, dina taun 1999 yén faktor génétis teu ngadorong jadina homoséksualitas lalaki, anging kabeneran wungkul (Science, Vol. 284, No. 5414). Hal anu sarua kapanggih ku Prof. Alan Sanders ti Universitas Chicago dina taun 1998-1999.
Lamun gay jeung lésbian lain kodrat, tuluy naon atuh kalakuan kaom LGBT ieu? Alloh subhanahu wa ta’ala ngajelaskeun ngeunaan ieu hal kalawan jelas écés témbrés tur boréas. Homoséksual téh nyaéta panyimpangan jeung kajahatan. Ieu sakumaha panggeuing Nabi Luth ‘alaihissalam ka kaomna anu ngalakukeun pagawéan nirca anu can pernah dilakukeun ku kaom saméméhna:
وَلُوْطًا اِذْ قَالَ لِقَوْمِهٖٓ اِنَّكُمْ لَتَأْتُوْنَ الْفَاحِشَةَ ۖمَا سَبَقَكُمْ بِهَا مِنْ اَحَدٍ مِّنَ الْعٰلَمِيْنَ
(Ingetkeun) nalika Luth nyarita ka kaomna, “Saéstuna aranjeun bener-bener geus ngalakukeun pagawéan anu kacida pisan nircana anu can pernah dipigawé ku saurang ogé ti umat-umat saméméh aranjeun.” (TQS al-Ankabut [29]: 28).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Omongan Mahfud MD anu nyebutkeun yén gay jeung lésbian téh nyaéta kodrat ti Pangéran beuki némbongkeun pagedrugna jeung Al-Qur’an sarta As-Sunnah. Faktana, diciptakeunana lalaki jeung awéwé lain sakadar pikeun nyumponan dorongan séksual wungkul, tapi pikeun tujuan mulya, nyaéta supaya umat manusa terus boga turunan. Dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَاللّٰهُ جَعَلَ لَكُمْ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ اَزْوَاجًا وَّجَعَلَ لَكُمْ مِّنْ اَزْوَاجِكُمْ بَنِيْنَ وَحَفَدَةً
Alloh geus ngajadikeun pikeun aranjeun istri-istri tina jinis anjeun sorangan jeung geus ngajadikeun pikeun aranjeun ti istri-istri aranjeun téh budak-budak jeung incu-incu (TQS an-Nahl [16]: 72).
Kalahiran anak jeung katurunan sacara kodrati teu mungkin bisa kahontal lamun manusa teu ngajodo antara lalaki jeung awéwé. Alloh subhanahu wa ta’ala geus nyiptakeun dina duanana kamampuhan réproduksi anu silih sampurnakeun.
Lamun gay atawa lésbian téh kodrat, kumaha mungkin manusa bisa ngahsilkeun katurunan?
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Ku hal éta pisan Islam nyaré’atkeun nikah anu ngandung dijerona pikeun nyumponan kabutuhan biologis sakaligus meunang katurunan anu karaksa nasabna. Sakabéhna boga niléy ganjaran dipayuneun Alloh subhanahu wa ta’ala. Kitu sakumaha anu didawuhkeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
وَفِى بُضْعِ أَحَدِكُمْ صَدَقَةٌ
قَالُوا يَا رَسُولَ اللَّهِ أَيَأْتِى أَحَدُنَا شَهْوَتَهُ وَيَكُونُ لَهُ فِيهَا أَجْرٌ قَالَ
أَرَأَيْتُمْ لَوْ وَضَعَهَا فِى حَرَامٍ أَكَانَ عَلَيْهِ فِيهَا وِزْرٌ فَكَذَلِكَ إِذَا وَضَعَهَا فِى الْحَلاَلِ كَانَ لَهُ أَجْرٌ
“Sapatemona salah saurang di antara aranjeun (jeung istrina) éta téh sodaqoh.” Maranéhna nanya, “Wahéy Rosululloh, naha (lamun) salah saurang di antara abdi sadaya nyumponan syahwatna, bakal kénging ganjaran?” Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngawaler, “Apal teu anjeun lamun salahsaurang nyumponan syahwatna kana anu haram, manéhna dosa? Nyakitu ogé lamun manéhna nyumpunan syahwatna éta kana nu halal, manéhna meunang ganjaran.” (HR Muslim).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Kanyahokeun kasadayana, LGBT téh lain ngan saukur panyimpangan, tapi ogé ancaman pikeun kamanusaan. LGBT téh bisa ngahambat régenerasi, ngaruksak moral, jeung nyebarkeun panyakit kelamin. Nepika poé ieu, kaom gay masih jadi faktor utama dina masalah nyebarna panyakit kelamin HIV/AIDS jeung kanker anus.
Teu merhatikeun éta karuksakan, wanci kiwari Barat terus ngapropagandakeun LGBT ka sakuliah dunya ngaliwatan média massa, film, bacaan, lagu-lagu, kaasup ngaliwatan para ‘public figure’ saperti selebritis jeung grup musik saperti Coldplay. PBB jeung loba parusahaan gedé saperti Starbucks, Google, Facebook, jeung réa-réa deui miluan ngadukung gerakan LGBT global. Miliyaran dolar digolontorkeun pikeun kampanye LGBT.
Anu ngahérankeun, di Indonésia, panto pikeun LGBT dibuka lébar-lébar. Nepika kalakuan LGBT dijamin undang-undang. Ieu téh tanda yén sistem démokrasi nyaéta bisa jadi lahan anu subur pikeun kalakuan LGBT.
Tuluy iraha urang sadaya jeung umat bakal sadar lamun yén dina Islam kahirupan maranéhna karaksa kalawan sampurna? Padahal agama ieu téh ngabogaan syaré’at anu sampurna anu bakal méré panyalindungan ka umat manusa tina laku lampah anu nyalahan ieu.
Kusabab kitu, salila umat teu balik deui kana ngalaksanakeun syaré’at kalawan sagemblengna (kaffah) dina papayung khilafah, sapanjang éta kaom LGBT bakal terus éksis sarta jadi ancaman kahirupan manusa. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar