KAUTAMIAN WENGIAN SYA`BAN

 اَلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَ بِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى اُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ اْلأَمِيْنُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ خَاتَمِ النَّبِيِّيْنَ وَ اِمَامِ الْمُرْسَلِيْنَ وَعَلَ آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : إِنَّا أَنزَلناهُ فِي لَيْلَةٖ مُّبَارَكَةٍ إِنَّا كُنَّا مُنذِرِيْنَ . فِيهَا يُفرَقُ كُلُّ أَمْرٍ حَكِيْمٍ

“ Saestuna Kami { Allah } nurunkeun eta kitab teh dina peutingan anu diberkahan. Saestuna salawasna Kami teh ngawawadian.{3 }. Dina peuting eta teh saban timbalan anu wijaksana diwincik.{4 }. { QS. Ad-Dukhon, ayat 3-4 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Numutkeun sapalihna ulama anu dimaksad ayat LAILATIN MUBAAROKATIN { wengian anu diberkahan } teh nyaeta wengian nisfu Sya`ban { pertengahan sasih sya`ban }, sanes wengian Qodar, jalaran para ulama sepakat yen wengian diturunkeun Al-Qur`an mah nyaeta dina wengian Qodar, oge jalaran eta ayat diteraskeun kana ayat ka opat anu hartosna : “ Dina eta peuting dipisahkeun sagala urusan “.
Wengian nisfu Sya`ban ngagaduhan sababara nami, nyaeta : 1}. Wengian anu diberkahan. 2}. Wengian pembebasan tina sagala dosa. 3}. Wengian panutupan buku catetan amal sataun. 4}. Wengian anu pinuh ku rahmat.
Wengian nisfu Sya`ban ngagaduhan kakhususan dina lima rupi, nyaeta : 1}. Sagala perkara anu bade ditakdirkeun ku Gusti Allah SWT dirinci satauneun-satauneun. Pidawuh Kanjeng Nuhammad Nabi SAW : “ Dipastikeun ajal teh ti bulan Sya`ban nepi ka Sya`ban deui, sahingga ditikahkeunna hiji lalaki, diturunkeunna jeung dikaluarkeunna hiji nami tina daftar nu maraot “. { Tafsir Ibnu Katsir IV, kaca 141 }. 2}. Ibadah dina eta wengi diunggulkeun. Pidawuh kanjeng Nabi Muhammad SAW :
مَنْ صَلَّى فِى هَاذِهِ اللَّيْلَةِ مِائَةَ رَكْعَةٍ اَرْسَلَ اللهُ اِلَيْهِ مِائَةَ مَلَكٍ . ثَلَاثُوْنَ يُبَشِّرُوْنَهُ بِالْجَنَّةِ . وَ ثَلَاثُوْنَ يُؤَمِّنُوْنَهُ مِنْ عَذَابِ النَّارِ . وَ ثَلَاثُوْنَ يَدْفَعُوْنَ عَنْهُ ءَافَاتِ الدُّنْيَا . وَ عَشَرَةٌ يَدْفَعُوْنَ عَنْهُ مَكَايِدَ الشَّيْطَانِ
“ Saha jalmi anu shalat saratus rakaat dina ieu peuting, maka Allah bakal ngutus ka eta jami saratus malaikat, anu tilupuluh bakal masihan pangbubungah ka eta jalmi ku surga, anu tilupuluh deui bakal mere aman tina siksa naraka, anu tilupuluh deuina bakal nolak tina pancabaya dunya, sedeng anu sapuluh malaikatna deui bakal nolak ti itu jalmi tipudayana syetan.
3}. Gusti Allah nurunkeun rahmat. Pidawuh Nabi SAW anu hartosna : “ Saestuna Allah bakal masihan rahmat ka ummat kaula dina peuting ieu sabingbilangan bulu domba bani kalbin. “. 4}. Wengian Allah masihan pangampura. Pidawuh nabi SAW : “ Saetuna Allah bakal ngahampura kasadaya muslimin dina eta peuting, kajaba ka tukang dukun, tukang sihir, tukang nginum arak { mabok }, tukang nganyenyeri indung bapa, jeung tukang zinah “. 5} Allah parantos masihan syafaat anu sampurna ka kanjeng Rasulullah SAW dina eta wengian nisfu Sya`ban. Margi Rasulullah SAW parantos nyuhunkeun syafaat kanggo ummatna tina kaping 13 Sya`ban, maka Allah masihan sapertiluna. Teras Rasulullah nyuhunkeun deui dina kaping 14 na, maka Allah masihan dua pertiluna. Lajeng Rasulullah SAW nyuhunkeun deui dina kaping 15, maka Allah masihan sadayana, kajaba ka jalmi anu bedegong ka Allah saperti bedegongna onta. { Tafsir Shawi, IV, kaca 76 }.
Hadirin, Rahimakumullah
Di masyarakat urang sok aya sapalihna anu ngahirup-hirup wengian pertengan wengian Sya`ban teh diantawisna ku ngalaksanakeun ibadah shalat Sunat Tasbeh di masjid sasarengan {tapi henteu diberjamaahkeun }. Shalat Sunat Tasbih opat rakaat memang saena dilaksanakeun tiap dinten, atanapi saminggon sakali tiap jumaah, sasasih sakali atanapi sataun sakali, atanapi paling henteu saumur sakali mah pernah ngalaksanakeun. Sakumaha kasauran Kanjeng Nabi dina Haditsna. Rupina, dina raraga ngajagi atanapi ngabantos ka jalmi anu sanget langki ngalaksanakeun shalat sunat tasbih, diayakeun inisiatif sasarengan di masjid dina wengian nisfu sya`ban. Kautamian shalat sunat tasbih ieu sakumaha pidawuh kanjeng Nabi SAW, nyaeta dihapunten dosa-dosa anu tipayun, panderi, anu tos lami, anyar keneh, dihaja, teu dihaja, ageung, alit, susulumputan sareng dosa anu nembrak. { Fiqih Sunnah I, kaca 79 }.
Saatosna shalat tasbeh diteraskeun maraos Qur`an surat Yaa Siin tilu uihan kalawawan dina tiap uihan ngalap barokah ku eta aosan, kahiji nyuhunkeun ka Gusti Allah dipanjangkeun yuswa bari ibadah ka Mantenna; aosan ka dua nyuhunkeun rizki anu halal tur seueur; aosan katilu nyuhunkeun ditetepkeun iman dugi ka maot aya dina husnul khatimah. Oge nyeueurkeun amalan aosan-aosan sanesna sapertos aosan istighfar sareng shalawat ka Kanjeng nabi Muhammad SAW. Maksadna seja nutup buku catetan amal ku amal anu sae sarta miharep pangampura Gusti Allah tina kalepatan-kalepatan sataun kapengker ku nyeueurkeun istighfar. Dina praktekna mungkin aya shalat tasbeh heula atanapi mungkin aya anu maos YaSiin heula, kumaha kabiasaan dimasing-masing masjid.
Muga-muga urang sadaya sareng muslimin dipasihan taopek hidayah ku Allah SWT tiasa ngengingkeun kautamian pahala amalan dina sasih Sya`ban, khususna dina wengian nishfu Sya`ban. Aamiin !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KA II
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ هَدَانَا لِهَذَا وَ مَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْ لاَ اَنْ هَدَانَا اللهُ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ لَا نَبِيَّ بَعْدَهُ . اَللّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ وَ تَابِعِ التَّابِعِيْنَ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ . اَمَّا بَعْدُ اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَ ا نْتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَ زَجَرَ . اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . اَللّهُمَّ اَرِنَا الْحَقَّ حَقًّا وَ ارْزُقْنَا اتِّبَاعَهُ وَ اَرِنَا الْبَاطِلَ بَاطِلًا وَ ارْزُقْنَا اجْتِنَابَهُ. اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ حُسْنَ الْخَاتِمَةِ وَ نَعُوْذُ بِكَ مِنْ سُوْئِهَا . رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM