KAMULYAAN ROJAB JEUNG NASIB UMAT

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ،
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُوْنَ حَتّٰى يُحَكِّمُوْكَ فِيْمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِّمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
_Demi Pangéran anjeun, maranéhna (hakékatna) teu ariman nepika maranéhna ngajadikeun anjeun (Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam) hakim tina perkara anu ku maranéhna dipacéngkadkeun, tuluy maranéhna teu ngarasa aya kabeungbeurat dina haténa tina putusan anu dibikeun ku anjeun sarta maranéhna narima éta kaputusan kalawan sapinuh haté._ (QS An-Nisa’ [4]: 65).
Alhamdulillah, sagala puji sinareng syukur disanggakeun ka Alloh. Mantena Anu Maha Kawasa kana sadaya alam samesta. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina ku Alloh dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatnya anu turut kana syaré’at mantena dugika akhir zaman.
Prak aranjeun sadaya geura tarakwa ka Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sabener-benerna takwa. Dimana baé, keur kumaha baé jeung dina kaayaan kumaha baé. Cumponan panggerona Alloh. Laksanakeun sadaya paréntah-Na jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na. Jauhan hawa nafsu kusabab nafsu mah bakal bisa ngagebruskeun urang kana jurang kasasaran.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Alhamdulillah, loba pisan untungna urang sadaya kaom Muslimin. Loba kabarokahan dina satiap waktu anu datang ka urang sadaya. Saperti ayeuna dina bulan Rojab. Loba pisan kahadéan anu ku Alloh subhanahu wa ta’ala dilimpahkeun ka hamba-hamba-Na anu ngalakukeun amal sholéh. Ieu téh kusabab Rojab nyaéta salah sahiji bulan anu ku Alloh subhanahu wa ta’ala dimulyakeun. Bulan anu kacida istiméwana.
Dina hadis _mursal_ anu diriwayatkeun ku Imam asy-Syaukani ti Imam Hasan al-Bashri. Disebatkeun ku Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam yén Rojab nyaéta salaku bulan milik Alloh _(syahrulLôh)_ anu nandakeun kamulyaan jeung kautamaannana. Anjeuna ngadawuh:
رَجَبُ شَهْرُ اللهِ، وَ شَعْبَانُ شَهْرِيْ، وَ رَمَضَانُ شَهْرُ أُمَّتِيْ
_Rojab téh nyaéta bulan Alloh, Sya’ban nyaéta bulan Kaula, jeung Romadhon mah nyaéta bulan umat Kaula_ (Asy-Syaukani, Nayl al-Awthoor, 4/293, Maktabah Syamilah).
Naha disebut bulan Harom, nurutkeun Al-Qodhi Abu Ya’la rohimahulLôh, kusabab dina éta bulan diharamkeun sagala rupa pembunuhan jeung aya larangan pikeun migawé pagawéan haram leuwih ditekenkeun tinimbang bulan anu lianna kusabab mulyana éta bulan.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Aya dua hal penting pikeun dilakukeun ku satiap Muslim, khususna dina Bulan Rajab ieu.
*_Kahiji:_* Satiap hamba anu boga iman jeung mikahayang kana ridlo Alloh payus pisan gagancangan ngalobakeun amal sholéh, naha anu wajib atawa sunnah, henteu nunda-nunda deui. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَسَارِعُوْٓا اِلٰى مَغْفِرَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُۙ اُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَۙ
_Prak aranjeun geura gagancangan meunangkeun ampunan ti Pangéran anjeun jeung surga anu legana salega langit jeung bumi anu disadiakeun pikeun kaom anu takwa_ (TQS Ali Imron [3]: 133).
Amal sholéh lain sakadar kahadéan tina dasar paniléyan manusa atawa masyarakat, atawa nurutkeun hukum jieunan manusa anu kiwari keur ditanjeurkeun. Perhatikeun dawuhan Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam:
مَنْ عَمِلَ عَمَلاً لَيْسَ عَلَيْهِ أَمْرُنَا فَهُوَ رَدٌّ
_Singsaha baé anu ngerjakeun hiji amalan anu teu aya dina agama urang saréréa, mangka éta téh ditolak_ (HR Muslim).
Contona: Saurang Muslim nyangka geus migawé kahadéan ka kulawargana kusabab geus nganafkahan maranéhna. Padahal manéhna nganafkahan kulawargana téh tina jalan usaha anu haram saperti muamalah ribawi, narima sogokan, korupsi, jeung sajabana.
Éstu loba pisan jalma anu nyangka geus amal hadé, padahal maranéhna rarugi. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
قُلْ هَلْ نُنَبِّئُكُمْ بِالْاَخْسَرِيْنَ اَعْمَالًا ۗ
اَلَّذِيْنَ ضَلَّ سَعْيُهُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَهُمْ يَحْسَبُوْنَ اَنَّهُمْ يُحْسِنُوْنَ صُنْعًا
_Pok caritakeun ku anjeun (Muhammad), ”Naha daék aranjeun ku kuring dibéré nyaho ngeunaan jalma-jalma anu pangrugi-rugi amalna? Maranéhna téh nyaéta jalma-jalma anu sasar pagawéanana dina kahirupan dunya ieu, sedengkeun maranéhna nyangka yén maranéhna geus migawé pagawéan anu panghadé-hadéna.”_ (TQS al-Kahfi [18]: 103-104).
Diantara amal sholéh anu kacida gedé pisan kautamaannana nyaéta jadi pamingpin anu adil. Pamingpin anu adil nyaéta pamingpin anu nerapkeun syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaffah) jeung hirup dina papayung hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala. Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
يَوْمٌ مِنْ ‌إِمَامٍ ‌عَادِلٍ ‌خَيْرٌ مِنْ عِبَادَةِ سِتِّينَ سَنَةً، وَحَدٌّ يُقَامُ فِي الْأَرْضِ بِحَقِّهِ أَزْكَى مِنْ مَطَرِ أَرْبَعِينَ صَبَاحًا
_Sapoé babarengan jeung saurang pamingpin anu adil leuwih utama tinimbang ibadah 60 taun. Hiji hukum anu ditanjeurkeun kalawan haq di bumi leuwih suci tinimbang hujan 40 poé_ (HR ath-Thobaroni).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Lamun hal anu kahiji gagancangan ngalaksanakeun amal shaléh, mangka *_Kadua:_* anu misti dilakukeun ku kaom Muslim nyaéta ninggalkeun sagala rupa kadloliman kusabab ngarasa sieun ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Ieu kusabab dina bulan Rojab balesan tina pagawéan dlolim dilipetgandakeun. Imam Qotadah rohimahulLôh dina tafsirna ngajelaskeun, _“Kusabab kadloliman anu dilakukeun dina bulan-bulan haram leuwih gedé deui kasalahan jeung dosana tinimbang kadloliman anu dilakukeun dina bulan-bulan liannya...”._
Kusabab kitu dina bulan Rojab ieu kaom Muslim kudu leuwih sumanget pikeun ninggalkeun kadloliman jeung kama’siatan. Di antara sifat dlolim anu kudu sagancangna dileungitkeun téh nyaéta nolak diterapkeunana hukum-hukum Alloh. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh :
وَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ
_Singsaha baé anu teu mutuskeun hukum dumasar kana wahyu anu geus diturunkeun ku Alloh, maranéhna téh kaom anu dlolim_ (TQS al-Ma’idah [5]: 45).
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Peryogi diingetkeun, yén teu cukup urang ngakakukeun amal sholéh jeung ninggalkeun kama’siyatan pikeun diri pribadi urang sorangan wungkul. Urang ogé boga tanggung jawab ka sasama Muslim. Dulur urang di Paléstina, di Myanmar, di Xinjiang, di Suriah, di Kashmir aya dina kaayaan ditindes ku kaom kufar jeung rezim dlolim. Samentara para pangawasa Muslim cicing ngabetem.
Kusabab kitu, umat ieu ngabutuhkeun amal anu gedé jeung nyata pikeun nolak sagala rupa kadloliman ieu. Kadloliman ieu teu bisa leungit anging ku ayana pamingpin anu tampil jadi junnah (taméng) pikeun umat. Hal éta téh Kholifah anu bakal nerapkeun syaré’at Islam. Kholifah ogé anu bakal méré pembélaan ka kaom Muslim anu katindes, sakaligus méré bantuan jeung ngirimkeun pasukan anu bakal ngabébaskeun nagri-nagri Muslim tina sagala rupa kadloliman. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM