KAKAWASAAN
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَقُلْ رَّبِّ اَدْخِلْنِيْ مُدْخَلَ صِدْقٍ وَّاَخْرِجْنِيْ مُخْرَجَ صِدْقٍ وَّاجْعَلْ لِّيْ مِنْ لَّدُنْكَ سُلْطٰنًا نَّصِيْرًا
_Pok caritakeun ku anjeun (Muhammad), “Nun Pangéran abdi, asupkeun abdi (ka tempat jeung kaayaan naon baé) ku cara asup anu bener, kaluarkeun (ogé) abdi ku cara kaluar anu bener, sareng paparinkeun ka abdi ti sagédéngeun Anjeun kakawasaan anu bisa nulungan(-abdi)._ (QS Al-Isro’ [17]: 80).
Alhamdulillah, ni’mat Alloh mana anu ku urang dibohongkeun. Éstu, luar biasa lobana Alloh ngurniakeun kani’matan ka urang sadaya salaku kaom Muslimin, utamana ni’mat iman jeung Islam. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala iraha baé jeung dimana baé sarta keur kaayaan kumaha baé. Ingetkeun, yén sakabéh amal urang sadaya dicatet ku malaikat di belah katuhu jeung belah kénca, kalawan teu aya anu kaliwat saeutik ogé.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Poé-poé kadieunakeun urang sadaya nyaksian para calon présidén paboro-boro “tebar pesona” supaya haté rahayat bisa kabongroy. Kabéhanana hayang meunang sarta boga ambisi jadi pangawasa. Kadang-kadang urang nyaksian carana anu teu kapuji, alias goréng kacida.
Padahal, ti béh ditu kénéh Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam geus ngigetan umatna supaya ati-ati ngeunaan ambisi kakawasaan ieu. Mantena ngadawuh:
إِنَّكُمْ سَتَحْرِصُونَ عَلَى الإِمَارَةِ وَسَتَصِيرُ نَدَامَةً وَحَسْرَةً يَوْمَ الْقِيَامَةِ
_Éstu aranjeun bakal kasengsrem kana kakawasaan, samentara kakawasaan téh bisa ngabalukarkeun kahanjakalan jeung karugian dina Poé Kiyamah_ (HR al-Bukhori).
Rosulululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngingetan ka kaom Muslim ngeunaan bahaya _hubbu ar-ri’aasah_ (cinta kana kakawasaan). Komo deui lamun éta kakawasaan téh geuningan dihontal ku jalan manipulasi jeung rekayasa. Diantara bahayana nyaéta bisa ngadatangkeun karuksakan kana agama para palakuna. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَا ذِئْبَانِ جَائِعَانِ أُرْسِلَا فِي غَنَمٍ بِأَفْسَدَ لَهَا مِنْ حِرْصِ المَرْءِ عَلَى المَالِ وَالشَّرَفِ لِدِينِهِ
_Dua ajag anu dileupaskeun kana hiji domba teu leubih bahaya pikeun éta domba dibandingkeun jeung kasarakahan salahsaurang kana harta jeung kalungguhan dina hal ngaruksak agamana_ (HR at-Tirmidzi).
Urang nyaksian bulak-balik satiap Pemilu, demi jabatan jeung kakawasaan, teu saeutik jalma anu ngahalalkeun sagala cara. Aturan dirékayasa, pulitik duit (money politic), nipu rahayat ku cara hayang katangar (pencitraan), jeung sajabana.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kakawasaan hakékatnya nyaéta amanah. Amanah kakawasaan ieu bisa jadi kabeungbeurat pikeun anu nyekelna di dunya sakaligus bisa ngadatangkeun siksa pikeun dirina di akhérat. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
أَوَّلُ الإِمَارَةِ مَلامَةٌ، وَثَانِيهَا نَدَامَةٌ، وَثَالِثُهَا عَذَابٌ مِنَ اللَّهِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ، إِلا مَنْ رَحِمَ وَعَدَلَ
_Kapamingpinan téh mimitina bisa ngadatangkeun hinaan, kadua bisa robah jadi kaduhung, jeung katilu bisa ngondang azab ti Alloh dina Poé Kiyamah; anging jalma anu mingpin kalawan welas asih sarta adil_ (HR ath-Thobaroni).
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam mépélingan dina éta hadits yén ngan para pamingpin anu boga sifat welas asih sarta adil anu bakal salamet di payuneun Pangadilan Alloh di akhérat jaga.
Sikep mikanyaah pamingpin ditémbongkeun ku upayana pikeun salawasna ngagampangkeun urusan rahayat, ngabungahkeun maranéhna, jeung teu nyingsieunan maranéhna ku kakuatan aparat jeung hukum.
Anapon sikep adil pamingpin ditémbongkeun ku bener-benerna nanjeurkeun syaré’at Islam. Sabab, moal aya kaadilan lamun teu aya panerapan jeung nanjeurna syaré’at Islam. Kumargi kitu saha baé anu bakal jadi pangawasa, tuluy nalika ngawasa teu ngajalankeun pamaréntahanana dumasar syaré’at Islam, mangka manéhna boga poténsi jadi pangawasa anu dlolim jeung fasék. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ
Singsaha baé anu teu ngahukuman ku naon anu geus ku Alloh diturunkeun (nyaéta Al-Qur’an) mangka maranéhna téh kaasup kaom anu dlolim (TQS al-Maidah [5]: 45).
وَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ
_Singsaha baé anu teu ngahukuman ku perkara anu geus ku Alloh diturunkeun (nyaéta Al-Qur’an) mangka maranéhna téh kaasup kaom anu fasék_ (TQS al-Maidah [5]: 47).
Kusabab kitu, kaom Muslim diparéntahkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala supaya mikeun amanah —utamana amanah kakawasaan— ka jalma anu bener-bener pantes. Tangtu pantes didieu téh dumasar katégori-katégori syaré’at Islam. Diantara bukti kapantesanana nyaéta ngabogaan sifat adil, nyaéta hayang nanjeurkeun syaré’at Islam ka dirina jeung rakyatna. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تُؤَدُّوا الْاَمٰنٰتِ اِلٰٓى اَهْلِهَاۙ وَاِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ اَنْ تَحْكُمُوْا بِالْعَدْلِ
_Saéstuna Alloh maréntah ka aranjeun nyumponan amanah ka jalma anu boga hak narima éta amanah, ogé (maréntah ka aranjeun) lamun netepkeun hukum di antara manusa supaya aranjeun lumaku adil_ (TQS an-Nisa’ [4]: 58).
Pakait jeung ayat diluhur, Imam ath-Thobari, dina Tafsîr ath-Thobarî, nyutat ucapan Ali bin Abi Tholib radliyallahu ‘anhu, _“Kawajiban pamingpin/pangawasa nyaéta maké hukum ku hukum anu parantos ku Alloh diturunkeun jeung nyumponan amanah. Lamun manéhna geus ngalaksanakeun hal éta mangka jalma-jalma wajib ngaregepkeun jeung na’atan manéhna, ogé nyumponan panggerona lamun maranéhna digero…”._
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Prak kanyahokeun, kakawasaan téh hukum asalna teu haram. Nepika dina Islam mah kakawasaan téh kacida pisan pentingna. Kakawasaan kacida pisan dibutuhkeun demi kamaslahatan agama jeung umat. Nandakeun ku pentingna éta kakawasaan, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ogé miharep bisa nyangking éta kakawasaan. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَّاجْعَلْ لِّيْ مِنْ لَّدُنْكَ سُلْطٰنًا نَّصِيْرًا
_Paparinkeun ka abdi ti sagédéngeun Anjeun kakawasaan anu nulungan_ (TQS al-Isro’ [17]: 80).
Patali jeung ayat diluhur, Imam Ibnu Katsir, nyutat ti Qotadah, nyebatkeun: _“Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam kacida sadar yén mantena teu ngabogaan daya pikeun nanjeurkeun agama ieu anging ku kakawasaan. Kusabab kitu mantena nyuhunkeun kakawasaan supaya bisa nulungan Kitabulloh, nanjeurkeun hudud Alloh, ngajalankeun sagala rupa kafardluana-Na sarta nanjeurkeun agama-Na”_ (Ibnu Katsir, Tafsîr al-Qur’ân al-Azhîm, hlm. 1134).
Kakawasaan ogé kudu diwangun dina luhureun pondasi agama, nyaéta Islam, jeung ditujukeun pikeun ngajaga Islam sarta syaré’atna, ogé ngaraksa urusan umat. Imam al-Ghozali nyebatkeun, _“Agama téh nyaéta pondasi, sedengkeun kakawasaan mah nyaéta anu ngajagana. Naon baé anu teu ngabogaan pondasi mangka bakal hancur jeung naon baé anu teu ngabogaan anu ngajaga bakal leungit”._ (Al-Ghazali, Al-Iqtishood fii al-I’tiqood, hlm. 199).
Imam al-Mawardi ogé nganyatakeun, _“Didasarkeun dua hal ieu (ngajaga urusan dunya jeung urusan agama) wajib ngangkat Imam/Kholifah supaya jadi pangawasa danget ayeuna, pamingpin umat, anu boga tujuan supaya agama karaksa ku kakawasaanana, sarta kakawasaan lumangsung dina luhureun ajaran-ajaran agama jeung hukum-hukumna”._ (Al-Mawardi, Adab ad-Dunyâ’ wa ad-Dîn, hlm. 220).
Kusabab kitu, kakawasaan téh kudu diorientasikeun pikeun ngalayanan Islam jeung kaom Muslim. Lain keur nu lian. Pamingpin saperti ieu pisan anu pantes dipilih ku umat. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar