KAGUMBIRAAN, KASANGSARAAN JEUNG HAREPAN MANGSA BAKAL DATANG ANU NYONGCOLANG
*KHUTBAH KAHIJI*
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللّٰهُ اَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللّٰهِ بُكْرَةً وَاَصِيْلاً، لَا اِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَأَعَزَّ جُنْدَهُ، وَهَزَمَ اْلأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لَا اِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ، وَاللّٰهُ اَكْبَرُ، اَللّٰهُ اَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ جَعَلَ هَذَا الْيَوْمَ عِيْداً لِلْمُسْلِمِيْنَ وَحَرَّمَ عَلَيْهِمْ فِيْهِ الصِّيَامَ، اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ نَزَّلَ الْقُرْآنَ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانَ، نَحْمَدُهُ وَنَشْكُرُهُ عَلَى نِعَامِهِ وكَمَالِ إِحْسَانِهِ وَهُوَ ذُو الْجَلَالِ وَاْلإِكْرَامِ.
أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَيْرَ اْلأَنَامِ.
اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَذُرِّيَّاتِهِ، وَمَنْ تَبِعَهُ بِإِحْسَانٍ وَدَعَا إِلَى اللّٰهِ بِدَعْوَتِهِ، وَمَنْ جَاهَدَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ حَقًّ جِهَادِهِ اِلَى دَارِ السَّلاَمِ.
أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللّٰهِ، أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللّٰهِ وَطَاعَتِهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللّٰهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: ﴿يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ﴾.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
_AlhamdulilLaahi Rabbil ‘aalamiin._ Sagala pujian ngan kagungan Alloh, Robb samesta alam. Sholawat saréng salam kawilujengan mugia salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam, Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Ogé ka kulawargina anu mulya, para Shohabatna anu utama, sarta saha baé anu satia nuturkeun Mantena nepika akhir jaman.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Idul Fitri identik jeung Poé Kabagjaan, utamana pikeun jalma-jalma anu ngalaksanakeun puasa sapanjang bulan Romadlon kalawan didadasaran ku iman jeung dorongan meunang ridlo-Na, _imân[an] wa ihtisâb[an]_. Maranéhna ieu anu pantes ngarayakeun kabagjaan, sakumaha dawuhan panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam.
لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ؛ فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ
_Pikeun jalma anu puasa aya dua kabagjaan: kabagjaan nalika buka puasa jeung kabagjaan nalika patepung jeung Robb-na._ *(HR al-Bukhori sareng Muslim, kalawan nganggo lafadz Muslim)*.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Singsanajan saperti kitu, dina wanci kiwari urang teu bisa ngarasakeun kagumbiraan kalawan sagemblengna. Kumaha urang bisa gumbira, samentara umat ieu terus dipukpruk ku sagala rupa ka sedih anu ngagerih ati. Ieu anu terus kajadian timimiti runtuhna Khilafah sarta Kapitalisme global ngawasa di ieu dunya.
Coba tingali kaayaan di Paléstina, khususna Gaza poé ayeuna. Leuwih ti 32 rébu nyawa kaom Muslim didinya ngalayang kusabab serangan militér éntitas Yahudi. Sakira 7.000 lianna masih kakubur di handapeun ruruntuhan wangunan. Sabagéan loba ti para korban éta téh barudak jeung awéwé.
Akibat tina serangan kaum Yahudi éta, ampir dua juta warga Gaza geus kaleungitan imah-imah maranéhna. Numutkeun WHO, ampir 80% atawa 160.000 fasilitas hancur. Rébuan imah, ratusan rumah sakit jeung sakola, masjid, kampus, sumber cai sarta fasilitas sanitasi ruksak parna. Ditaksir butuh puluhan milyar dollar AS, ogé butuh leuwih ti 70 taun, pikeun ngoméan Gaza jadi saperti tiheula. Ayeuna, sabagéan loba ti maranéhna kudu jadi pagungsi sarta cicing di perbatasan Gaza jeung Mesir anu legana ngan sakira 3,5 km atawa salega 500 lapangan ménbal.
Salian ti terus kaancam ku serangan bom jeung kabengisan tentara Yahudi, maranéhna ogé kaancam kalaparan anu ngakibatkeun maot. Kusabab teu ayana kadaharan, sabagéan maranéhna kapaksa ngadahar jujukutan jeung ngadahar parab sasatoan. Kusabab kahausan, maranéhna kudu nginum cai kotor anu aya di jalan-jalan.
Penting dicatet tina ‘tragedi’ di Paléstina ieu, naha di Gaza atawa Tepi Barat, nyaéta yén génosida ieu lain kajadian ngan nalika 7 Oktober 2023 wungkul. Génosida geus lumangsung timimiti taun 1948. Timimiti éntitas Yahudi ngarampas jeung nyicingan taneuh Paléstina kalawan ilegal tepika wanci kiwari. Ti harita, salila 76 taun, nepika poé ayeuna, sakira 5,9 juta warga Paléstina sakabéhna jadi pangungsi, sarta satiap waktu aya dina ancaman kaom Yahudi.
Ningali maranéhna anu terus katalangsara, kumaha urang bisa ngarasa gumbira jeung bagja?
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Anu leuwih nganyerikeunana, nyaéta para pangawasa di nagri-nagri Islam, khususna para pamingpin Arab, nepika wanci kiwari tetep cicing. Maranéhna saperti anu torék tur lolong. Kasangsaraan kaom Muslim Paléstina anu kacida rongkahna, teu saeutik ogé noél haté jeung ngoyagkeun rasa kamanusaan maranéhna.
Sabagéan loba maranéhna ngan ukur ngalakukeun ‘kutukan’ jeung ‘kecaman’. Éta ogé pinuh kapura-puraan sarta ngan sakadar ‘pencitraan’ supaya dianggap boga perhatian. Sabagéan pamingpin Muslim lianna ---ku teu boga kaéra--- tetep layeut babarengan jeung éntitas Yahudi. Padahal leungeun Yahudi durjana téh masih baloboran getih rébuan para syuhada, ogé puluhan rébu Muslim anu tatu.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Nyaksian sakabéh kasangsaraan kaom Muslim Paléstina anu kacida nganyerikeunana ieu, pantes lamun urang sadaya nanya: Di mana ukhuwah Islamiyah anu sering disebut-sebut? Lainna sakabéh kaom Muslim téh dulur, sakumaha dawuhana-Na:
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ
_Saéstuna sasama jalma-jalma mu’min téh dulur._ *(QS al-Hujurot [49]: 10)*.
Urang salaku muslim pantes nanya kana diri urang sorangan: Naha mana hasilna tina ibadah puasa kaom Muslim salila Romadlon téh? Lainna puasa Romadlon téh sakuduna ngajadikeun ka saha baé anu ngalakukeunana jadi jalma-jalma anu takwa? Lainna salahsahiji ciri takwa téh katangar dina kacintaan jeung perhatianana ka sasama dulur?
Loba nash anu meredih satiap Muslim supaya merhatikeun sarta nulungan dulur-dulurna sasama Muslim di mana baé jeung iraha baé.
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam contona, ngadawuh:
مَثَلُ الْمُؤْمِنِينَ فِي تَوَادِّهِمْ وَتَرَاحُمِهِمْ وَتَعَاطُفِهِمْ مَثَلُ الْجَسَدِ، إِذَا اشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌ تَدَاعَى لَهُ سَائِرُ الْجَسَدِ بِالسَّهَرِ وَالْحُمَّى
_Paumpamaan kaom Mu’min dina hal silih pikacinta, silih pikanyaah jeung silih perhatikeun saperti hiji awak. Lamun salah sahiji anggota awakna gering, sakabéh anggota awakna anu lian milu ngarasakeun geringna, ku teu bisa saré jeung muriang._ *(HR al-Bukhori sareng Muslim)*.
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ogé ngadawuh:
الْمُسْلِمُ أَخُو الْمُسْلِمِ، لَا يَظْلِمُهُ وَلَا يُسْلِمُهُ، وَمَنْ كَانَ فِي حَاجَةِ أَخِيهِ كَانَ اللهُ فِي حَاجَتِهِ، وَمَنْ فَرَّجَ عَنْ مُسْلِمٍ كُرْبَةً فَرَّجَ اللهُ عَنْهُ كُرْبَةً مِنْ كُرُبَاتِ يَوْمِ الْقِيَامَةِ، وَمَنْ سَتَرَ مُسْلِمًا سَتَرَهُ اللهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ
_Saurang Muslim téh nyaéta dulur pikeun Muslim lianna. Manéhna teu meunang ngadloliman ka dulurna sarta teu meunang ngantep éta dulurna (didloliman). Singsaha baé anu nyumponan kabutuhan dulurna, mangka Alloh bakal nyumponan kabutuhanana. Singsaha baé anu ngaleungitkeun hiji kasusah dulurna (di dunya), Alloh bakal ngaleungitkeun hiji kasusah tina dirina dina Poé Kiyamah._ *(HR al-Bukhori)*.
Dumasar kana nash-nash kasebut di luhur, jelas teu payus kaom Muslim cicing nangkeup harigu, sarta teu merhatikeun dulurna. Kaasup dulur-dulur Muslim di Paléstina anu geus lila katalangsara.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Umat Muslim jelas lain minoritas di dunya ieu. Maranéhna geus jadi mayoritas pangeusi ieu bumi. Jumlah kaom Muslimin di sakuliyah dunya ngahontal leuwih ti 2 milyar jiwa. Ieu hartina 25 persén tina jumlah pangeusi ieu bumi. Maranéhna sumebar di 53 nagri Muslim. Ogé aya jutaan Muslim anu sumebar di satiap nagri non-Muslim, saperti di benua Éropa atawa di Amérika Serikat.
Nyaritakeun kakuatan militerna ogé, anu sakuduna bisa dipaké pikeun méré panyalindungan ka kaom Muslim di sakabéh wilayah dunya, sajumlah nagri Muslim asup klasifikasi nagara kalawan ngabogaan kakuatan militer pangkuatna di dunya. Nurutkeun pemeringkatan anu dilakukeun ku _Global Fire Power_ dina taun 2023, aya opat nagri Islam asup dina jajaran 20 panggedéna nyaéta: Pakistan, Turki, Indonésia, Mesir jeung Iran.
Tapi, jumlah anu loba jeung pasukan anu kacida kuatna ogé, teu bisa nahan sagala rupa tekenan jeung intimidasi ti nagara-nagara kafir panjajah. Faktana, poé ieu umat Muslim justru kalahkah jadi tawanan, diintimidasi, jeung dianiaya sacara fisik. Nepika sabagéana mah kausir ti lemah caina sorangan. Kaayaan ieu téh geus diparingetkeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam. Saur Mantena, _maranéhna saperti budah nu aya di laut._ *(HR Abu Dawud)*.
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Kaayaan umat Islam saperti kieu téh tangtu teu meunang ku urang diantep. Umat Islam kudu hudang. Kaom Muslim kudu balik deui jadi umat panghadéna. Sababna, éta téh jatidiri jeung karakter asli umat Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam sakumaha disebutkeun dina dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
كُنْتُمْ خَيْرَ اُمَّةٍ اُخْرِجَتْ لِلنَّاسِ تَأْمُرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَتَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَتُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ ۗ
_Anjeun (umat Islam) téh nyaéta umat panghadéna anu dilahirkeun pikeun manusa (salila) aranjeun nitah (milampah) kahadéan (ma’ruf), jeung aranjeun nyegah tina anu mungkar, sarta iman ka Alloh._ *(QS Ali Imron [3]: 110)*.
Sesebutan umat panghadéna tangtu ngan dipimilik ku kaom Muslim anu takwa. Sedengkeun takwana sorangan nyaéta hikmah anu samistina ngawujud dina diri satiap Muslim anu ngalakukeun puasa salila Bulan Romadlon. Kitu pisan sakumaha pidawuh Mantena:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَۙ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun kabéh puasa, sakumaha éta puasa téh geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun, supaya aranjeun tarakwa._ *(QS al-Baqoroh [2]: 183)*.
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Katakwaan téh nyaéta kata’atan kalawan sagemblengna (total) kana syaré’at Alloh subhanahu wa ta’ala, naha anu aya pakuat-kaitna jeung hukum-hukum anu ngatur kahirupan pribadi (individu), atawa hukum-hukum anu ngatur kahirupan jalma réa, masyarakat, jeung nagara. Katakwaan total saperti kieu téh ngan bisa ngawujud ku ayana Khilafah atawa Imamah. Sabab, hukum-hukum anu ngatur kahirupan jalma réa, masyarakat, jeung nagara teu bisa dijalankeun anging ku ayana Imam atawa Kholifah.
Perlu ditegeskeun, yén nanjeurkeun Khilafah ku cara ngangkat saurang kholifah pikeun kaom Muslim sadunya éta téh nyaéta kawajiban syaré’at Islam. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
وَمَنْ مَاتَ وَلَيْسَ فِي عُنُقِهِ بَيْعَةٌ مَاتَ مِيْتَةً جَاهِلِيَّةً
_Singsaha baé anu maot sarta dina taktakna teu aya baiat (ka Kholifah), mangka manéhna maot kalawan maot jahiliyah._ *(HR Muslim)*.
Kusabab kitu éksisténsi Khilafah jeung ayana saurang kholifah pikeun kaom Muslim sadunya nyaéta wajib. Ieu ogé mangrupakeun ijma’ anu geus disatujuan ku para ulama jeung kaom Muslimin. Imam Nawawi rohimahuLlôh ngadugikeun:
وَأَجْمَعُوا عَلَى أَنَّهُ يَجِبُ عَلَى الْمُسْلِمِينَ نَصْبُ خَلِيفَةٍ وَوُجُوبُهُ بِالشَّرْعِ لَا بِالْعَقْلِ وَأَمَّا مَا حُكِيَ عَنِ الْأَصَمِّ أَنَّهُ قَالَ لَا يَجِبُ وَعَنْ غَيْرِهِ أَنَّهُ يَجِبُ بِالْعَقْلِ لَا بِالشَّرْعِ فَبَاطِلَانِ
_Jeung maranéhna geus sapuk yén wajib pikeun kaom muslimin pikeun ngangkat kholifah jeung kawajibanana téh kusabab syara’ lain kusabab akal. Anapon anu disebutkeun ku al Ashom (jalma anu torék dina agama) yén hal ieu teu wajib atawa anu disebutkeun séjénna yén kawajiban ieu téh asalna tina akal lain karana syara’, mangka dua omongan éta kaasup batil._ *(Syarah Nawawi ala Muslim, 12/205)*.
Di sisi nu lianna, Imam atawa Kholifah, teu meunang leuwih ti hiji pikeun kaom Muslim sadunya. Imam Ibnu Katsir (w. 774 H) ngajelaskeun:
فَأَمَّا نَصْبُ إِمَامَيْنِ فِي الْأَرْضِ أَوْ أَكْثَرَ فَلَا يَجُوزُ
_Anapon ari pangangkatan dua imam (kholifah) atawa leuwih dina ieu dunya éta teu meunang kajadian_ *(Abu al-Fida’ Ismail bin Umar bin Katsir, Tafsîr al-Qur’ân al-Azhîm, 1/222)*.
Kukituna, katakwaan kalawan sagemblengna _(kaffah)_ ngan bisa ngawujud ku ayana Khilafah anu nerapkeun jeung ngajalankeun syaré’at kalawan sagemblengna _(kaffah)_ sarta ngahijikeun kaom Muslim sakuliyah dunya dina hiji kapamingpinan.
Nalika hal ieu ngawujud, mangka urang sadaya ogé payus ngaharepkeun janji Alloh subhanahu wa ta’ala mangrupa diturunkeunana kabarokahan jeung kameunangan ka kaom Muslim ngéléhkeun pangagem agama jeung idéologi lian.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Éta pisan sababna ayana Khilafah téh mutlak dibutuhkeun. Wajib sacara hukum syaré’at. Penting pisan nurutkeun kaayaan pulitik. Teu ayana Khilafah, umat saperti anak hayam kaleungitan indungna. Maranéhna teu boga keur panyalindungan sama sakali. Ieu anu karandapan wanci kiwari. Salah sahijina dialaman ku Muslim Palestina geus puluhan taun lilana. Ogé karandapan ku Muslim Xingjiang, Muslim Rohingnya, Muslim India, jeung séjén-séjéna. Ku kituna bener pisan naon anu didawuhkeun Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِنَّمَا الْإِمَامُ جُنَّةٌ، يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
_Saéstuna Imam/Kholifah téh nyaéta taméng; jalma-jalma perang disatukangeun dirina sarta nyalindung ka dirina._ *(HR Muslim)*.
Kusabab kitu, geus saabad leuwih di dunya teu aya Khilafah. Pikeun umat Islam mah ieu téh mangrupakeun sajarah anu pikasediheun. Sababna, saméméhna, dina zaman Kahilafahan leuwih ti 13 abad umat Islam pernah mingpin ieu dunya. Hanjakalna, wanci kiwari umat Islam keur aya dina kaayaan anu panggoréngna. Teu aya hiji wilayah ogé di sakuliyah bumi ieu di mana umat Islam teu kasisihkeun, kaasingkeun jeung ka diskriminasi.
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Tapi singsanajan kitu, salaku Muslim anu takwa, urang kudu tetep boga harepan. Urang kudu tetep optimis nyorang mangsa pikahareupeun. Urang kudu tetep yakin yén mangsa kahareup anu nyongcolang éstu milik Islam jeung kaom Muslim. Alloh subhanahu wa ta’ala teges ngadawuh dina al-Qur’an
وَعَدَ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْكُمْ وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَيَسْتَخْلِفَنَّهُمْ فِى الْاَرْضِ كَمَا اسْتَخْلَفَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۖ وَلَيُمَكِّنَنَّ لَهُمْ دِيْنَهُمُ الَّذِى ارْتَضٰى لَهُمْ وَلَيُبَدِّلَنَّهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ خَوْفِهِمْ اَمْنًاۗ
_Alloh parantos janji ka jalma-jalma anu ariman jeung anu ngalaksanakeun amal-amal sholéh diantara aranjeun, yén Anjeuna bener-bener bakal ngajadikeun maranéhna ngawasa di luhureun bumi, sakumaha Mantena geus ngajadikeun jalma-jalma saméméh maranéhna ngawasa; bakal neguhkeun pikeun maranéhna agama anu geus ku Mantena diridloan pikeun maranéhna; sarta bakal ngagantikeun (kaayaan) maranéhna, saenggeus maranéhna aya dina rasa kasieun, jadi aman kertaraharja._ *(QS an-Nur [24]: 55)*.
Alloh subhanahu wa ta’ala ogé ngadawuh:
هُوَ الَّذِيْٓ اَرْسَلَ رَسُوْلَهٗ بِالْهُدٰى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهٗ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهٖۙ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ
_Anjeuna Anu parantos ngutus Rosul-Na (kalawan mawa) pituduh (Al-Qur’an) sarta agama anu bener pikeun Anjeuna ngunggulkeun tina sagala agama, singsanajan kaom musyrik teu mikaresep._ *(QS at-Taubah [9]: 33)*.
Ayat ieu mastikeun kameunangan Islam ngéléhkeun sakabéh agama jeung idéologi. Sarta ieu téh ngan bisa ngawujud nalika kaom muslimin ngabogaan kakawasaan. Ieu téh anu disyaratkeun dina Hadits. Katampi ti Tsauban, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
إِنَّ اللّٰهَ زَوَى لِيَ الْأَرْضَ فَرَأَيْتُ مَشَارِقَهَا وَمَغَارِبَهَا، وَإِنَّ مُلْكَ أُمَّتِيْ سَيَبْلُغُ مَا زُوِيَ لِيْ مِنْهَا
_Saéstuna Alloh ngamparkeun ieu bumi pikeun kuring, mangka kuring bisa ningali bagéan kulon jeung bagéan wétanna. Saéstuna kakawasaan umat kaula bakal nepi ka sakabéh bagéan bumi anu diamparkeun pikeun kuring tina éta bumi._ *(HR Abu Dawud sareng Ahmad)*.
Kakawasaan ieu taya lian nyaéta Khilafah Islam, anu bakal sagancangna tanjeur, insya Alloh, sakumaha dibéwarakeun dina Hadits Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
ثُمَّ تَكُوْنُ خِلَافَةً عَلَى مِنْهَاجِ نُبُوَّةٍ
_Tuluy bakal ngadeg deui Khilafah anu nuturkeun manhaj Kanabian._ *(HR Ahmad)*.
Salian ti éta, Alloh geus netepkeun ajal (batas waktu) pikeun satiap umat. AS, Inggris, Prancis, Cina, Rusia, Jerman, jeung nu séjén-séjéna ngabogaan ajal, anu teu bisa ditolak jeung disingkahan. Beuki kadieunakeun, ajal maranéhna beuki deukeut. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَلِكُلِّ اُمَّةٍ اَجَلٌۚ فَاِذَا جَاۤءَ اَجَلُهُمْ لَا يَسْتَأْخِرُوْنَ سَاعَةً وَّلَا يَسْتَقْدِمُوْنَ
_Tiap-tiap umat ngabogaan batas waktu. Lamun geus datang batas waktuna, maranéhna moal bisa mundurkeun éta batas waktu singsanajan sakedapan jeung moal bisa (ogé) ngamajukeun._ *(QS al-A’rof [7]: 34)*.
Mangka ku hal saperti kitu, kawajiban urang sadaya nyaéta terus mengkuhkeun kayakinan, jeung berjoang taya kacapé samata-sama karana Alloh. Sabar dina jalan da’wah, sakumaha kasabaran Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam katut para Shohabat, nepika Alloh ngameunangkeun urusana-Na ngalangkungan panangan-panangan aranjeuna. []
بَارَكَ اللّٰهُ لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللّٰهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللّٰهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
*KHUTBAH KADUA*
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ.
اللهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا، وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ.
الْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَىٰ وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ كَرَّمَ هَذهِ الْأُمَّةَ بِشَرِيْعَتِهِ الْكَامِلَةِ، وخَصَّ بِهَا بِالنُّبُوَّةِ نَبِيِّهِ الْكَرِيْمَةِ، وأَعَزَّهَا بِالْخِلاَفَةِ الرَّاشِدَةِ عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ.
أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَ بَعْدَهُ، اَرْسَلَهُ بِرِسَالَتِهِ الْقُدْسِيَّةِ وَاَحْكَامِهِ الشَّرِيْفَةِ لِمُعَالَجَةِ كُلِّ مُشْكِلَةِ الْحَيَاةِ.
فَيَا أَيُّهَا الْمُؤْمِنُوْنَ، تَمَسَّكُوْا بِاْلإِسْلَامِ فِيْ كُلِّ حِيْنٍ، وَاتَّقُوْا اللّٰهَ حَقَّ تُقَاتِهِ، وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَمَّا بَعْدُ:
_*AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.*_
_*Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.*_
Akhirna, hayu urang sadaya ngadu’a nyuhunkeun sarta munajat ka Alloh subhanahu wa ta’ala mudah-mudahan Alloh subhanahu wa ta’ala ngabulkeun panyungkeun urang sadaya. Mudah-mudahan ogé Alloh subhanahu wa ta’ala maparin ka urang sadaya kasabaran sareng kaikhlasan, nguatkeun kata’atan urang, ngalanggengkeun katakwaan urang sarta neguhkeun urang pikeun tetep istiqomah dina jalan Mantena.
قَالَ اللّٰهُ تَعَالَى فِيْ الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ: ﴿إِنَّ اللّٰهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهَا الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا﴾.
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَذُرِيَّاتِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللَّهُمَّ حَمْدًا شَاكِرِيْنَ حَمْدًا نَاعِمِيْنَ حَمْدًا يُوَافِيْ نِعَامَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيْدَهُ، يَا رَبَّنَا لَكَ الْحَمْدُ وَلَكَ الشُّكْرُ كَمَا يَنْبَغِيْ لِوَجْهِكَ الْكَرِيْمِ وَعَظِيْمِ سُلْطَانِكَ.
اللّهُمَّ اغْفِرْ لَنَا وَ لِوَالِدِيْنَا وَارْحَمْهُمْ كَمَا رَبَّوْنَ صِغَارًا. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ، إِنّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ، فَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ، بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِيْنَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتِي فِيْهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنَا الَّتِي اِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِي كُلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ.
اللّهُمَّ اجْعَلْ عَمَلَنَا عَمَلًا صَالِحًا مُتَقَبَّلًا، مُوَافِقًا بِأَحْكَامِكَ وَخَالِصًا لِوَجْهِكَ.
اَللّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا صَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَكُلَّ أَعْمَالِنَا الصَّالِحَاتِ، وَاغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَاعْفُوْا عَنَّا تَقْصِرَاتَنَا وَارْحَمْنَا بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ سَلَامَةً فِيْ الدِّيْنِ، وَعَافِيَةً فِيْ الْجَسَدِ، وَزِيَادَةً فِيْ الْعِلْمِ، وَبَارَكَةً فِيْ الرِّزْقِ، وَتَوْبَةً قَبْلَ الْمَوْتِ، وَرَحْمَةً عِنْدَ الْمَوْتِ، وَمَغْفِرَةً بَعْدَ الْمَوْتِ، اَللَّهُمَّ هَوِّنْ عَلَيْنَا فِيْ سَكَرَةِ الْمَوْتِ، وَنَجَاةً مِنَ النَّارِ، وَعَفْوًا عِنْدَ الْحِسَابِ.
اَللّٰهُمَّ إِنَّا نَسْتَعِيْنُكَ وَنَسْتَغْفِرُكَ وَلَا نَكْفُرُكَ، وَنُؤْمِنُ بِكَ وَنَخْلَعُ مَنْ يَفْجُرُكَ. اَللّٰهُمَّ عَذِّبِ الْكَفَرَةَ الَّذِيْنَ يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِكَ، وَيُكَذِّبُوْنَ رُسُلَكَ، وَيُقَاتِلُوْنَ أَوْلِيَاءَكَ.
اَللّٰهُمَّ يَا مُنْزِلَ الْكِتَابِ وَمُهْزِمَ اْلأَحْزَابِ، إِهْزِمِ الْيَهُوْدَ وَاَعْوَانَهُمْ وَصَلِيْبِيِّيْنَ وَاَنْصَارَهُمْ وَرَأْسَمَالِيِّيْنَ وَاَعْوَانَهُمْ وَاِشْتَرَاكِيِّيْنَ وَشُيُوْعَهُمْ.
اَللّٰهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ، وَاقْتُلْ مَنْ قَاتَلَ وَقَتَلَ الْمُسْلِمِيْنَ.
اَللّٰهُمَّ أَهْلِكِ الْكَفَرَةَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَالْمُنَافِقِيْنَ واَلْفَاسِقِيْنَ وَدَمِّرْ أَعْدَائَكَ أَعْدَاءَ الدِّيْنَ.
اَللّٰهُمَّ ارْحَمْ أُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، اَللّٰهُمَّ أَصْلِحْ أُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنَا مِنْ أُمَّةِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ.
اَللّٰهُمَّ أَنْجِزْ لَنَا مَا وَعَدْتَنَا عَلَى رَسُوْلِكَ بِعَوْدَةِ دَوْلَةِ الْخِلاَفَةِ الرَّاشِدَةِ عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ، تُعِزُّ بِهَا اْلإِسْلاَمَ وَاَهْلَهُ، وَتُذِلُّ بِهَا الْكُفْرَ وَاَهْلَهُ، وَاجْعَلْنَا مِنَ الْعَامِلِيْنَ الْمُخْلِصِيْنَ لِإِقَامَتِهَا، بِإِذْنِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا واِنْ لَمْ تَغْفِرْلَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّا مِنَ الْخَاسِرِيْنَ،
رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا اِنْ نَسِيْنَا اَوْ اَخْطَأْنَا، رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا، رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ، وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا اَنْتَ مَوْلٰنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ.
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ، رَبَّنَا تقَبَّلْ مِنَّا وَاسْتَجِبْ دُعَائَنَا إِنَّكَ أَنْتَ السَّمِيْعُ العْلَيِمْ وَتُبْ عَلَيْنَا إِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ.
وَسُبْحَانَكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ، وَسَلَامٌ عَلَى الْمُرْسَلِيْنَ، وَالْحَمْدُ لِلّٰه رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ.
Komentar
Posting Komentar