KAEURAD HUTANG RIBAWI

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى
آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يَمْحَقُ اللّٰهُ الرِّبٰوا وَيُرْبِى الصَّدَقٰتِ ۗ وَاللّٰهُ لَا يُحِبُّ كُلَّ كَفَّارٍ اَثِيْمٍ
Alloh ngaleungitkeun (kabarokahan tina) riba jeung nyuburkeun sodaqoh. Alloh teu mikaresep satiap jalma anu kacida kufurna ogé kaliputan dosa (QS Al-Baqoroh [2]: 276).
Alhamdulillah, urang muji syukur tina sagala ni’mat anu dianugerahkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala ka urang sadaya, utamana ni’mat iman, Islam, sarta kaséhatan. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Iraha baé, dimana baé, jeung dina kaayaan kumaha baé. Laksanakeun sadaya paréntah-Na jeung jauhan sanéskanten cegahanna-Na naha dina kaayaan bungah atawa susah, dina kaayaan rupek atawa lega. Yakinkeun, Alloh pasti bakal méré kahadéan pikeun hamba-Na anu takwa, di dunya ogé di akhérat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Waktu ayeuna urang sadaya geus aya dina taun 2024. Loba jalma anu gumbira saruka bungah ku gantina taun. Padahal, ieu téh mangrupakeun hal anu biasa. Teu aya anu istiméwa. Poé diganti ku poé, minggu diganti ku minggu, bulan diganti ku bulan, taun diganti ku taun.
Sakuduna urang sadayana ngarasa sedih. Nagri anu geus umurna leuwih ti 78 taun ieu can bisa kaluar tina jiretan hutang. Per Nopember 2023 kamari, kacatet hutang nagara ieu lobana Rp 8.041,01 triliun. Lamun ieu hutang dibagikeun ka sakabéh rahayat Indonésia, mangka satiap jiwa kabangbaluhan hutang Rp 29 juta. Nepika sajumlah ékonom nyatet posisi hutang séktor publik, kaasup di jerona hutang pamaréntah, diperkirakeun bisa nembus Rp 18 rébu triliun nepika Rp 20 rébu triliun!
Ieu hutang lain sambarangan hutang. Tapi hutang anu ngandung riba. Padahal urang sadaya apal, yén riba téh nyaéta haram. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَذَرُوْا مَا بَقِيَ مِنَ الرِّبٰوٓا اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ
Héy jalma-jalma anu ariman, prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh, jeung geura tinggalkeun sésa-sésa riba lamun aranjeun kaasup kaom Mu’min (TQS al-Baqoroh [2]: 278).
Ibnu Qudamah rohimahulLôh nyarita, satiap hutang anu disyaratkeun aya tambahan nyaéta haram. Hal ieu teu diperselisihkeun ku para ulama.” (Ibnu Qudamah, Al-Mughni, 6/436). Tuluy anjeuna nyebatkeun: Ibnul Mundzir rohimahulLôh nyarita, “Para ulama sapuk yén lamun jalma anu méré injeuman méré syarat ka anu nginjeum supaya méré tambahan atawa hadiah, tuluy transaksina bener saperti kitu, mangka nyokot éta tambahan téh kaasup riba.”
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Hutang ribawi téh nyaéta bangbaluh anu kacida pisan beuratna pikeun nagri ieu. Para pajabat kalawan gampang pisan nyokot éta duit, padahal lainna rahayat anu manggul éta bangbaluh satuluyna? Coba bayangkeun, bungana baé jumlahna Rp 437,4 triliun dina taun 2023 jeung Rp 497,32 triliun dina taun 2024.
Prak kanyahokeun, jumlah gedéna hutang jeung bungana anu kudu dibayar ku nagara jauh leuwih gedé dibandingkeun jeung subsidi pikeun rahayat. Contona subsidi LPG, BBM, BLT, jeung sajabana, ngan sajumlah Rp 146,9 triliun. Bunga hutang éta ogé jauh leuwih gedé dibandingkeun jeung anggaran kaséhatan pikeun rahayat anu ngan sajumlah Rp 187,5 triliun. Padahal salila ieu Pamaréntah nyebutkeun subsidi pikeun rahayat téh jadi bangbaluh pikeun APBN.
Acan deui, ngagunakeun hutang ieu teu langsung pikeun kapentingan rahayat. Éta hutang téh pikeun ngawangun kereta cepat, ibu kota nagara anu anyar, jalan tol jeung séjén-séjénna deui. Sakabéhna éta teu ngajadikeun karasa langsung pikeun rahayat leutik.
Jeung anu teu jadi kasadaran, disatukangeun éta hutang aya jiretan kadaulatan. Teu aya hutang anu bébas tina jiretan. Nagara saperti Zimbabwé, Sri Lanka, Maladéwa, Uganda, Kénya, jeung Pakistan geus papada ngarasakeun. Maranéhna kudu masrahkeun harta milik maranéhna saperti palabuhan jeung bandara strategis ka anu méré hutang.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Sakali deui, hutang ribawi kalawan alesan naon baé ogé nyaéta haram. Pagawéan para pamingpin nagri Muslim anu nyokot hutang ribawi jelas kaasup dosa gedé. Komo deui hutang ribawi éta téh nimbulkeun bahaya (dhoror) ka kaom Muslim. Contona baé ngakibatkeun pangawasaan wilayah jeung kakayaan alam ku pihak asing anu méré injeuman. Hutang ribawi ogé nyababkeun kaum Muslim aya dina kadali nagara anu méré hutang. Padahal Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
وَلَنْ يَّجْعَلَ اللّٰهُ لِلْكٰفِرِيْنَ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ سَبِيْلًا
Alloh moal rék pernah méré jalan ka kaom kafir pikeun ngawasa kaom Mu’min (TQS an-Nisa’ [4]: 141).
Ku kituna, hutang negara anu ngandung riba wanci kiwari jelas mangrupakeun perkara batil sakaligus nyogrogkeun nagri muslim kana kokopan asing. Geus waktuna umat ngaleupaskeun nagri ieu tina hutang ribawi anu sakaligus dijadikeun alat panjajahan ku pihak asing.
Ieu téh balukar tina sistem ékonomi kapitalisme, anu ngahalalkeun riba sarta ngameunangkeun swasta lokal jeung asing aséng ngeduk sumber daya alam (SDA) milik rahayat. Sistem ékonomi Kapitalisme ogé anu nyababkeun riba sumebar rata ka sakuliah nagri. Nepika jalma anu teu mu’amalah riba ogé kakeunaan kebulna sakumaha paringetan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
يَأْتِي عَلَى النَّاسِ زَمَانٌ يَأْكُلُونَ الرِّبَا فَمَنْ لَمْ يَأْكُلْهُ أَصَابَهُ مِنْ غُبَارِهِ
Bakal datang hiji zaman hirup manusa. Waktu harita maranéhna ngadahar riba. Lamun seug mah aya jalma anu teu ngadahar riba sacara langsung, manéhna bakal kakeunaan kebulna (HR an-Nasa’i, Abu Dawud, Ibnu Majah dan al-Hakim).
Kusabab kitu, ruksakna ékonomi nagri ieu jeung ngeuradna hutang ribawi anu nyekék beuheung moal bisa bérés ku ngan sakadar ganti kapamingpinan. Perlu parobahan kana arah panerapan syaré'at Islam dina sakabéh aspék kahirupan. Hartina, kokopan hutang ribawi kakara bisa leupas lamun umat balik nerapkeun syaré’at Islam dina institusi Khilafah, lain dina sistem démokrasi jeung Kapitalisme sakumaha anu lumangsung dina wanci kiwari. Saha baé pamingpinna, lamun teu nanjeurkeun syaré’at Islam, salilana bakal terus kaeurad dina hutang ribawi anu jelas haram sarta geus kabuktian nyangsarakeun. Naudzubillahi min dzalik. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM