JIHAD JEUNG KHILAFAH
KHUTBAH KAHIJI
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا،
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا.
أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :
اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الَّذِيْنَ يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِهٖ صَفًّا كَاَنَّهُمْ بُنْيَانٌ مَّرْصُوْصٌ
_Saéstuna Alloh mikaresep jalma-jalma anu perang di jalan-Na dina barisan anu rapih nepika maranéhna saperti hiji wangunan anu tohaga."_ *(TQS ash-Shoff [61]: 4)*.
Alhamdulillah, Sagala puji ngan kagungan Alloh, urang sadaya muji ka Mantena, nyuhunkeun pitulung-Na, sarta nyuhunkeun ampunana-Na. Sarta disarengan ku nyaksi yén teu aya pangéran anu hak disembah salian Alloh, anu hiji-hijina, teu aya anu ngareujeungan pikeun Mantena. Sareng urang sadaya nyaksi yén Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam téh nyaéta hamba sareng utusana-Na.
Teu eureun-eureun sarta teu bosen-bosen khotib ngawasiatkeun, hayu urang salawasna ningkatkeun katakwaan ka Alloh ku cara ngalaksanakeun sadaya anu diparéntahkeun jeung ninggalkeun sanéskanten anu dicegah, sarta ngahalalkeun anu halal sareng ngaharamkeun anu haram.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Serangan militer Zionis Yahudi masih keneh diteruskeun, nepika nalika kaom Muslim Gaza ngarayakeun Idul Fitri kamari ieu. Sahenteuna 84 urang, kaasup 17 urang barudak geus perlaya jeung leuwih ti 480 lianna tatu. Tindakan agrési Yahudi ogé ngalegaan ka wilayah Libanon jeung Suriah. Iran nembakkeun 300 rudal jeung drone anu jadi serangan balesan, namung Yahudi bisa ngahalangan mayoritas seranganana.
Para pamingpin Barat ngecam serangan Iran tapi ngantepkeun kana agrési Israél di Gaza sarta pemblokiran bantuan kamanusaan. Agresi Israel di Gaza geus ngorbankeun puluhan rébu warga, termasuk barudak jeung awéwé, samentara jutaan lianna kaleungitan imahna jeung kabutuhan poko. Serangan balesan Iran ngan mangrupakeun gertak wungkul anu geus disepakatan ku Amerika Serikat, nimbulkeun kesan yén maranéhna geus siap nyanghareupan éta serangan.
Sikep leuwih goréng ditémbongkeun ku para pamingpin Arab anu justru kalahka mantuan Israel ngahalangan serangan Iran, nembongkeun yén maranéhna milu jeung Zionis sarta Amerika Serikat. Maranéhna méré informasi intelijen ngeunaan serangan Iran, sarta ngadukung Zionis dina nyanghareupan poténsi balesan ti Téhéran.
Para pamingpin Arab jeung Dunia Islam macikeuh rahayatna ku retorika ngabélaan Gaza, samentara kanyataanana maranéhna ngahiji jeung Zionis Yahudi sarta sekutu-sekutuna saperti Amerika Serikat. _Na’udzubillah_
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Di tengah kasangsaraan rahayat Gaza kulantaran pembantéyan (génosida) Zionis, justru terus dikampanyeukeun usulan perdaméyan atawa gencatan senjata bari dina waktu anu sarua nyalahkeun perlawanan anu dilakukeun ku warga Paléstina, khususna Hamas. Kalawan maké dalih kamanusaan jeung rasa mikarunya kaayaan rahayat Gaza, muncul usulan perdamaian jeung solusi dua nagara.
Pamanggih saperti kieu jelas patukang tonggong jeung hukum syaré’at sarta kanyataan kakejeman kaom Zionis. Sacara hukum syaré’at, geus aya paréntah pikeun kaom Muslim pikeun ngalakukeun _jihad difaa’i,_ nyaéta jihad ngabéla nagri maranéhna anu diserang musuh. Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
فَمَنِ اعْتَدٰى عَلَيْكُمْ فَاعْتَدُوْا عَلَيْهِ بِمِثْلِ مَا اعْتَدٰى عَلَيْكُمْ
_Singsaha baé anu nyerang aranjeun, serang deui manéhna saimbang jeung seranganana ka aranjeun_ *(TQS al-Baqoroh [2]: 194)*.
Alloh subhanahu wa ta’ala ogé maréntahkeun pikeun ngusir ka singsaha baé anu geus ngusir kaom Muslim:
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ
_Perangan maranéhna di mana baé aranjeun manggihan maranéhna jeung prak usir maranéhna ti tempat maranéhna geus ngusir aranjeun_ *(TQS al-Baqoroh [2]: 191)*.
Syéikh Said bin Ali Wahf al-Qohthoni dina kitab _Al-Jihaad fii SabiililLaah:_ _“Lamun musuh geus asup ka salah sahiji nagri kaom Muslim, mangka fardhu ‘ain pikeun pangeusi éta nagri pikeun merangan musuh jeung ngusir maranéhna. Ogé wajib ka kaom Muslim pikeun nulungan éta nagri lamun pangeusina teu mampuh ngusir musuh. Hal ieu dimimitian ti anu pangdeukeutna tuluy anu pangdeukeutna.”_ (Al- Qohthoni, Al-Jihaad fii SabiililLaah Ta’aala, hlm. 7, Maktabah Syamilah)
Teu adil lamun sakabéh bangbaluh ngalawan ngan ditanggung ku warga Gaza wungkul. Syaré’at Islam netepkeun yén kawajiban jihad difaa’i ngalegaan ka kaom Muslim di sabudeureun Paléstina. Ajakan kudu daméy patukang tonggong jeung hukum syaré’at, jeung bakal nguatan serangan militer kaom Zionis.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Éstu hal mustahil bisa nyingkahkeun éntitas Yahudi tina taneuh Paléstina teu maké kakuatan anu gede. Nyerahkeun sapinuhna ngalawanan éntitas Yahudi ka rahayat Gaza ogé mangrupakeun kalakuan euweuh kawani sarta teu tanggung jawab. Dina titik ieu pisan umat kudu sadar yén maranéhna téh ngabutuhkeun ngawujudna Nagara Khilafah pikeun ngabéla Paléstina jeung nyingkirkeun éntitas Yahudi tina tiap jeungkal wilayah Paléstina.
Aya tilu alesan kunaon umat ngabutuhkeun Khilafah keur ngusir Zionis Yahudi.
*Kahiji:* Lembaga-lembaga internasional teu miboga kamampuhan méré panyalindungan ka Paléstina. Sékrétaris Jénderal Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) Antonio Guterres ngaku yén lembaga dunya ieu teu ngabogaan kakuatan pikeun ngeureunkeun perang rezim Zionis di Gaza jeung ngadongsok ka maranéhna anu boga kakawasaan pikeun ngalakukeun hal éta.
*Kadua:* Para pamingpin nagara-nagara Arab jeung Dunya Islam teu ngan saukur cicing baé. Sabagéan ti maranéhna kalahkah ngadukung nagara Zionis ogé kerjasama jeung “induk semang” na, nyaéta Amérika Serikat sarta Inggris.
*Katilu:* Ngan Nagara Khilafah anu bakal sanggup ngahijikeun kakuatan umat pikeun ngusir éntitas Yahudi. Nagara Khilafah bakal mupus borogod nasionalisme anu geus ngarangkét umat. Khilafah bakal ngabalikeun deui sense of ukhuwah islamiyah ka tengah umat sahingga maranéhna bakal ngarasakeun deui saperti hiji awak.
مَثَلُ الْمُؤْمِنِينَ فِى تَوَادِّهِمْ وَتَرَاحُمِهِمْ وَتَعَاطُفِهِمْ مَثَلُ الْجَسَدِ إِذَا اشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌ تَدَاعَى لَهُ سَائِرُ الْجَسَدِ بِالسَّهَرِ وَالْحُمَّى
_Pangumpamaan kaom Mu’min dina hal silih pikanyaah saperti hiji awak. Lamun hiji anggota badan muringis ngarasa nyeri mangka sakujur awakna bakal ngarasakeun panas jeung muriang_ *(HR Muslim)*.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Dina perjoangan ngalawan agresi Zionis Yahudi jeung nagara-nagara Barat, nanjeurkeun Nagara Khilafah jadi kabutuhan penting sarta ngadesek pikeun nanjeurkeun bebeneran jeung ngaleungitkeun kadloliman. Nagara Khilafah bakal nibankeun hukuman ka éntitas Yahudi katut nagara panjajah kalawan teges. Nagara Khilafah bakal ngaleungitkeun fasilitas nagara panjajah sarta nutup palabuhan, jalur palayaran, jeung panerbangan anu dipaké pikeun ngirimkeun bantuan ka éntitas Zionis Yahudi.
Ku ayana Nagara Khilafah, umat Muslim bisa ngajaga tanggung jawab tina nasib dulur maranéhna anu ka aniaya akibat agresi Zionis Yahudi jeung nagara-nagara Barat, saperti di Gaza Paléstina. Tapi, urang teu bisa mungkir yén perjoangan ieu bakal hésé sarta ngabutuhkeun perjoangan jihad jeung pangorbanan ti sakabéh umat Muslim.
Kusabab kitu, urang sadaya kudu terus merjoangkeun tanjeurna sistem Khilafah pikeun ngalawan agrési anu dilakukeun ku éntitas Zionis Yahudi jeung nagara-nagara Barat. Kaom muslimin wajib ngalibatkeun diri dina perjoangan ieu supaya urang sadaya bisa ngajadikeun ayana Nagara Khilafah anu jadi konci utama dina nanjeurkeun kamulyaan Islam jeung kahormatan kaom muslimin. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ؛ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ، وَقَالَ تَعاَلَى:
إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar