IBROHIM JEUNG ISMAIL AS: TULADAN DINA KATA’ATAN ANU TEU AYA KAMANGMANGAN
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
(QS Ali ‘Imron [3]: 102)
Alhamdulillah, urang sadaya masih diizinkeun ku Alloh kanggo ngumpul ngariung di tempat anu mulya ieu, dina poéan juma’ah anu mulya, di bulan anu mulya nyaéta Dzulhijjah, babarengan sareng jalma-jalma anu InsyaAlloh dimulyakeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah mudahan salamina ku Alloh dicurahlimpahkeun ka panutan alam, nabi akhir zaman, Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nyepeng pageuh sareng merjoangkeun Islam dugika poé akhir zaman.
Prak geura takwa aranjeun sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Ta’atan sagala rupa paréntah-Na jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na, insyaaAlloh urang sadaya kalebet jalma-jalma anu ku Alloh dipikacinta di dunya jeung di akhérat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Urang dina danget ayeuna geus asup deui kana bulan Dzulhijjah, salahsahiji bulan haram atawa bulan anu disucikeun dina pananggalan Islam. Kaom Muslimin ti sakuliyah dunya geus ngumpul di Mekkah al Mukarromah nungguan dilaksanakeunana haji sakedapan deui.
Maranéhna bakal wukuf di Arofah. Ngagungkeun asma Alloh. Ngumandangkeun talbiyah “Labbaik AlLôhumma labbaik”. Maranéhna ngawaler panggerona Alloh ku pinuh kakhusyuan, pikeun ngawujudkeun kataatan ka Mantena.
Maranéhna téh dhuyuufulLôh, tamu-tamu Alloh. Maranéhna boga hak nyangking kalungguhan anu mulya di sagédéngeun Mantena, sakumaha dawuhan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam:
الحُجَّاجُ وَالْعُمَّارُ وَفْدُ اللهِ، دَعَاهُمْ فَأَجَابُوْهُ، سَأَلُوْهُ فَأَعْطَاهُمْ
“Jamaah haji jeung umroh téh nyaéta tamu Alloh. Alloh geus ngagero ka maranéhna. Maranéhna ogé nyumponan panggero-Na. Maranéhna ménta ka Alloh. Alloh ogé ngabulkeun paménta maranéhna”. (HR Ibnu Majah)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Saba’da wukuf, isukna bakal datang Lebaran Idul Adha 10 Dzulhijjah taun 1444 H. Sakumaha paréntah Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, nangtukeun awal bulan Dzulhijjah lain ditetepkeun dumasar kana otoritas pangawasa nagara séwang-séwangan, tapi wajib didasarkeun pangumuman Amir Mekkah. Husayn bin Harits al-Jadali parantos nyebatkeun: Amir Makkah, al-Harits bin Hatib, geus nepikeun khutbah ka abdi sadaya, tuluy anjeuna nyarita:
عَهِدَ إِلَيْنَا رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وسَلَّمَ أَنْ نَنْسُكَ لِرُؤْيَتِهِ، فَإِنْ لَمْ نَرَهُ، وَشَهِدَ شَاهِدَا عَدْلٍ نَسَكْنَا بِشَهَادَتِهِمَا
“Urang sadaya geus diparéntahkeun ku Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pikeun ngalakukeun manasik (ibadah haji) kusabab ningali hilal. Lamun kusabab teu ningali hilal, tuluy aya dua urang saksi anu adil ningali, mangka kami ogé ngalaksanakeun manasik dumasar kasaksian maranéhna duaan”. (HR Abu Dawud sareng ad-Daraquthni)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Nyaritakeun hal anu aya pakuat-pakaitna jeung Lebaran Qurban, teu bisa dileupaskeun tina kisah anu pinuh katuladanan bapa jeung anak, Nabi Ibrohim jeung Nabi Ismail ‘alaihimaa as-salaam dina raraga takwa ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Duanana utusan Alloh ieu ngajarkeun ka urang kata’atan anu teu aya kamangmangan, kata’atan anu teu maké engké.
Ibrohim ‘alaihi sallam ku Alloh pikeun ngorbankeun buah haténa sakaligus buah cintana anu tos lami dianti-anti, putrana kuanjeun. Anapon Nabi Ismail ‘alaihi sallam diuji ku Alloh pikeun ngorbankeun hirupna supaya ramana bisa ngalaksanakeun paréntah-Na. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يٰبُنَيَّ اِنِّيْٓ اَرٰى فِى الْمَنَامِ اَنِّيْٓ اَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرٰى
Nalika éta budak geus nepi (kana umur sanggup) ngalakukeun pagawéan babarengan jeung Ibrahim, Ibrahim nyarita, “Anaking, saéstuna bapa téh ningali dina ngimpi yén bapa meuncit anjeun. Kumargi kitu, cing pikirkeun kumaha nurutkeun anjeun”. (TQS ash-Shoffat [37]: 102)
Nabi Ibrohim ‘alaihi sallam méré deui tuladan yén teu aya kacintaan anu pang luhurna ngaleuwihan kacintaan ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Cinta pangluhurna dibandingkeun cintana ka pamajikan, anak, harta jeung tahta.
Di sisi séjénna, Ismail ‘alaihi sallam ogé ngayakinkeun sapinuh haténa yén kataatan ka Alloh subhanahu wa ta’ala téh luhureun sagala-galana singsanajan kudu ngorbankeun jiwa jeung ragana. Ku hal éta pisan Ismail ‘alaihi sallam bisa nguatkeun kateguhan jiwa ramana ku nyebatkeun:
يٰٓاَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ سَتَجِدُنِيْٓ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ مِنَ الصّٰبِرِيْنَ
“Bapa, prak geura laksanakeun naon anu diparéntahkeun ka anjeun. Insya Alloh anjeun bakal manggihan diri abdi kalebetkeun golongan jalma-jalma anu sabar”. (TQS ash-Shoffat [37]: 102)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Lamun kaom Muslim teu mangmang ngalaksanakeun paréntah naék haji, ogé paboro-boro ngorbankeun héwan kurban panghadéna di jalan Alloh, naha ka mana leungitna kata’atan éta nalika maranéhna digero pikeun ngalaksanakeun syaré’at-Na dina urusan muamalah, pidana, jihad, pulitik jeung pamaréntahan? Kunaon hukum-hukum Alloh éta ku urang diapilainkeun? Lainna éta sakabéhna téh paréntah ti Pangéran anu sarua? Pangéran yang ngagero meredih pikeun ngalaksanakeun kurban jeung haji?
Tuluy kunaon wanci kiwari kaom Muslim anu ngaku ta’at ka Alloh kalahkah leuwih tunduk patuh kénéh kana hukum jieunan Montesquieu, Piagam PBB, IMF, World Bank, jeung sagala rupa lembaga internasional séjéna, bari néangan alesan (alibi) supaya dibenerkeun ngeunaan sikep kasebut?
Anu leuwih nyedihkeun deui, sumangat jeung usaha pikeun ngalaksanakeun kata’atan ka Alloh kalawan kaaffah ku cara ngalaksanakeun syaré’at Islam justru dihalangan jeung dihinakeun ku sesebutan utopis, kaarab-araban, nepika tudingan radikalisme. Padahal Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngadawuh:
فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُوْنَ حَتّٰى يُحَكِّمُوْكَ فِيْمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِّمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
“Demi Pangéran anjeun, maranéhna (dina hakékatna) teu iman nepika maranéhna ngajadikeun anjeun (Muhammad) salaku hakim dina perkara anu ku maranéhna dipacéngkadkeun, tuluy maranéhna teu ngarasakeun aya kabeungbeurat saeutik ogé dina haté maranéhna tina kaputusan anu ku anjeun dibikeun, jeung maranéhna narima (kaputusan éta) kalawan sapinuhna”. (TQS an-Nisa’ [4]: 65)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Teu pantes pikeun jalma anu ngaku dirina iman ka Alloh néangan alesan pikeun nolak paréntah jeung cegahana-Na. Komo deui muterbalikkeun ayat keur kauntungan dunyawi. Ngaharamkeun anu halal. Ngahalalkeun anu haram. Padahal peréntah pikeun nerapkeun syaré’at Islam geus jelas dina Kitabulloh.
Loba pisan ayat dina Al-Qur’an anu maréntahkeun ka kaom Muslim pikeun maké hukum ku hukum-hukum Alloh. Misalna Alloh subhanahu wa ta’ala, ngadawuh:
فَاحْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَهُمْ عَمَّا جَاۤءَكَ مِنَ الْحَقِّۗ
“Prak putuskeun hukum diantara maranéhna nurutkeun naon anu geus ku Alloh diturunkeun jeung omat ulah anjeun nuturkeun kahayang maranéhna sarta ninggalkeun bebenaran anu geus datang ka aranjeun”. (TQS al-Maidah [5]: 48)
Yeuh kaom Muslim, urang geus waktuna sadar, urang sadaya dipukpruk ku pasualan anu tumiba dina wanci kiwari. Anu jadi sababna nyaéta leungitna kata’atan sagemblengna ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Waktuna dina Idul Adha ieu jadi moméntum urang pikeun ta’at ka Alloh sacara paripurna, henteu mangmang, sarta teu di engke-engke. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar