HUTBAH IDUL ADHA

 Ditulis ku: Tatang Sumarsono

**
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh,
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar. Lailaha illallohu allohu Akbar. Allohu Akbar walillahil ham. Alhamdulillahil ladzi ja’ala hadal yauma ‘idan lilmuslimin warohmatan lilmu’minin. Nahmaduhu wanasta’inuhu wanastaghfiruhu. Asyhadu ala ilaha illalloh, waasyhadu anna muhammadan ‘abduhu warosuluh. Washsholatan wassalamu ‘ala asyrofil anbiya walmursalin shodiqin wa’dil amin wa’ala alihi wasohbihi waman tabi’ahu ila yaumiddin. Ma’asyirol muslimin:ushikum wanafsi bitaqwa. Qolallohu fikitabihil karim: A’udzu billahi minasy syaithonir rojim. Falamma aslama watallohu liljabin. Wanadainahu ayya ibrohim. Qod shoddaqtar ruya inna kadzalika bidzibhin adhim. Watarokna ‘alaihi fil akhirin. Salamun ala ibrohim. Kadzalika najzil muhsinin.
Hadirin anu sami-sami miharep rido Alloh,
Ti wengi tadi kénéh aweuhan takbir teras-terasan kakuping taya lirénna. Ti wengi tadi kénéh urang teras-terasan muji kaagungan Alloh Azza Wajalla: Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar! Atuh dina énjing-énjing ayeuna, umat Islam hémpak ngalaksanakeun solat Idul Adha. Sakedap deui, saparantosna urang bubar tina ieu mimbar, baris disambung ku kagiatan meuncit héwan qurban, sakumaha anu disaréatkeun dina ajaran agama urang.
Alloh Maha Agung. Alloh Maha Agung. Alloh Maha Agung. Teu aya deui Pangéran anging Anjeunna Anu Maha Agung. Alloh Maha Agung, sareng mung ka Anjeunna wungkul urang nyanggakeun puji.
Dina dinten ieu, kabagjaan tumiba ka dulur-dulur urang anu ayeuna nuju ngalaksanakeun munggah haji ka Baitulloh. Dintenan Idul Adha, mungguh Alloh, kalebet dinten anu diistiméwakeun. Kamulyaan anu dilungsurkeun ku Aloh dina dinten ieu raket patalina sareng sawatara peristiwa dina mangsa baheula anu karandapan ku Nabi Ibrahim as katut istri sareng putrana. Jalaran teu kinten pentingna éta peristiwa, saban taun ku urang dipiéling dina wangun kagiatan ibadah. Ku ngalangkungan Nabi Muhammad saw, Alloh paranatos ngalungsurkeun katangtosan tilu rupi ibadah ka sakumna umat Islam, nyaéta munggah haji, solat Idul Adha, sareng qurban.
Allohu Akbar, Allohu Akbar!
Dina Quran didadarkeun, peristiwa naon waé anu janten kasang tukang Idul Adha. Ku ngalangkungan ayat-ayat dina kitab suci, urang tiasa nyawang, kumaha gékgékan sareng runtuyan éta peristiwa penting anu patali sareng Nabi Ibrahim as téa. Ti nuju anomna kénéh, Nabi Ibrahim parantos kagungan kayakinan yén anu wajib disembah ku manusa téh ngan wungkul Alloh swt. Ieu kayakinan papalingpang pisan sareng kanyataan masarakat dina mangsa harita anu mangéran kana berhala. Nya ku margi kitu, éta berhala sesembahan balaréa téh ku Nabi Ibrahim diburak-barik. Da namina ogé patung, sanaos dijantenkeun sesembahan, waktos diancurkeun ku anjeunna téh teu aya anu ngalawan. Sakumaha hébatna ogé apan éta téh ukur dadamelan manusa.
Balukar tina ngancurkeun patung anu sok disarembah, Nabi Ibrahim ditibanan hukuman. Anjeunna dibalangkeun kana seuneu anu ngabebela. Pon kitu, anjeunna teu galideur, tetep pengkuh dina kayakinanana. Kalawan widi ti Alloh, Nabi Ibrahim teu cécél teu bocél. Gusti Azza Wajalla cekap ku ngadawuh: “Ya naru kuni bardan wasalaman ‘ala ibrahim.” Hé seuneu, anjeun tong panas, sarta tangtayungan Ibrahim!
Jalaran teu maot diduruk, ahirna Raja Namrud maréntah ka usung-ésangna pikeun nyerek sareng maténi Nabi Ibrahim. Nya harita Alloh nurunkeun paréntah ka Nabi Ibrahim sangkan anjeunna énggal-énggal hijrah ngantunkeun lembur pamatuhanana, Nagri Kan’an. Nabi Ibrahim angkat ka Paléstina, lajeng ka Mesir, sarta teras mulih deui ka Paléstina.
Sanaos yuswa Nabi Ibrahim tos nincak saratus taun, tapi anjeunna teu acan diparengkeun waé kagungan putra. Siti Sarah, istrina anu satia nyarengan dina kaayaan kumaha waé, masihan bongbolongan supados Nabi Ibrahim kagungan deui garwa. Nya ahirna mah ti Siti Hajar lahir Ismail, anu salajengna ku Alloh dijantenkeun nabi.
Allohu Akbar, Allohu Akbar!
Dina hiji waktos, Nabi Ibrahim katut Siti Hajar sareng putrana anu masih kénéh burey arangkat ngantunkeun Paléstina, ngajugjug wewengkon di palih kidul. Saparantosna aya puluhna dinten lumampah di sagara keusik, nya anjog ka hiji tempat anu taya pisan pangeusina. Ulah bon jalmi, sasatoan sareng tutuwuhan ogé suwung, margi di éta tempat téh taya pisan cai; éstu angar tur ngabebetrak.
Sumping deui paréntah ti Alloh, Nabi Ibrahim kedah mulih deui ka Paléstina. Anjeunna masrahkeun nasib sagemblengna ka Gusti Anu Maha Kawasa. Nabi Ibrahim, kitu deui garwana, ngaraos yakin sareng tumut kana paréntah ti Alloh.
Ahirna bekel ogé sisip. Siti Hajar mung tiasa ngarep-ngarep kafilah anu ngalangkung ka dinya, susuganan tiasa disuhunkeun tulung. Tapi tétéla lebeng, da éta tempat téh tara pisan kasaba ku manusa. Siti Hajar ahirna angkat badé nyiar cai, wungsal-wangsul antara Shafa sareng Marwah, tapi anjeunna angger nyamos, teu mendak nanaon, iwal sagara keusik anu néréptép. Nya harita anjeunna ngadunga ka Nu Maha Kawasa, seja nyuhunkeun cai. Dak dumadak, keusik anu aya dina tunjangeun Ismail katingal baseuh. Énggal ku anjeunna dikerok. Tétéla, beuki handap téh beuki baseuh, tur lami-lami mah ngaburial cinyusu anu hérang ngagenclang. Nya sumber cinyusu éta pisan anu kiwari katelah Sumur Zamzam téh. Dunga Siti Hajar dikabul ku Alloh Azza Wajalla.
Allohu Akbar, Allohu Akbar!
Ku ayana éta sumber cai, manuk sagara keusik haliber ka dinya. Éta téh janten tuduh jalan pikeun kafilah anu nuju lumampah. Upami manuk ngabubuhan haliber ka hiji tempat, pasti di dinya aya cai. Jul-jol anu darongkap. Antukna éta tempat téh janten ramé. Nya ahirna jleg hiji kota dinamian Mekah.
Sawatara taun ti saprak angkat, Nabi Ibrahim sumping deui ka tempat garwa sareng putrana anu dikantunkeun téa. Aranjeunna patepang di luareun dayeuh Mekah, di hiji tempat anu kiwari dinamian padang Arafah. Lajeng waé ngawengi di dinya. Nya harita turunna paréntah Alloh téh, Nabi Ibrahim kedah ngurbankeun putrana. Lamun disawang ku urang, saha anu téga mun kedah nelasan putra, mangkaning sakitu dipikameumeutna. Tapi, Nabi Ibrahim mah teu kitu; anjeunna gilig badé nedunan papancén ti Gusti. Sateu acan prak, anjeunna sasauran heula ka putrana yén kénging pancén sakumaha anu katampi dina wengina téa. Éta mah Ismail, sanaos masih kénéh murangkalih, jol-jol nyaluyuan kana maksad ramana. “Qolu ya abati af’al matu’maru satajiduni insya allohu minash shobirin.” Mun ceuk basa urang mah: Ama, mangga waé laksanakeun éta paréntah Alloh téh. Insya Alloh abdi baris sabar mayunanana.
Lajeng Nabi Ibrahim angkat nyandak putrana ka hiji tempat anu kiwari katelah Mina. Jebul sétan ngagoda anjeunna. Mun ku basa urang mah ceuk si sétan téh, “Nanaonan, Ibrahim, maké kolu maéhan anak. Naha teu lebar, éta budak sakitu kasép jeung lucuna?” Nanging ku margi Nabi Ibrahim parantos gilig manah, éta panghalang sétan téh sama sakali teu diwaro. Malihan mah ku anjeunna teras dibalédog, ngarah sina nyingkah. Nya kiwari dina prak-prakan ibadah haji aya hiji kawajiban malédog di tilu tempat anu baheula si sétan ngahalang-halang téa, nyaéta Jumrat Ula, Jumrat Wustha, sareng Jumrat Aqabah.
Di hiji tutugan pasir, waktos Nabi Ibrahim tos tatahar badé ngagérésélkeun pedangna kana tenggek Ismail, ku kersaning Alloh Ta’ala, ujug-ujug lungsur malaikat nyandak hiji domba. Lajeng lungsur dawuhan Alloh sakumaha anu tadi didugikeun dina awal ieu hutbah. Éta pidawuh Anjeunna téh unina: “Waktu duanana geus sumerah diri, sarta Ibrahim geus ngagolérkeun budakna, Kami ngagero manéhna: Ibrahim, saenyana anjeun geus ngaenyakeun kana éta impian, jeung saéstuna Kami bakal ngaganjar manusa anu nyieun kahadéan. Saéstuna ieu téh enya-enya hiji ujian anu tétéla. Jeung ku Kami ditebus éta budak ku hiji peupeuncitan agung. Éta peristiwa ku Kami diabadikeun pikeun jalma anu daratangna pandeuri. Karaharjaan pikeun Ibrahim. Kitu tah Kami ngaganjar jalma anu haradé.”
Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil ham!
Tina éta peristiwa, urang tiasa ngabantun hiji pelajaran, kumaha tumutna Nabi Ibrahim, Siti Hajar, sareng Ismail dina enggoning nampi papancén ti Alloh. Aranjeunna teu galideur, teu mangmang, komo upami ngarasula sareng humandeuar. Sagala dawuhan ti Gusti Anu Maha Suci, ku aranjeunna dilaksanakeun kalawan sagemblengna iklas. Ibrahim iklas ngantunkeun garwa sareng putra di hiji tempat anu hara-haraeun. Siti Hajar réla dikantunkeun dina kaayaan anu kacida waluratna. Ibrahim réla ngurbankeun putra anu sakitu dipikacintana. Kitu deui Ismail réla masrahkeun tenggekna kana seuseukeut gobang, lantaran éta téh pancén ti Alloh.
Hadirin anu sami-sami miharep rido Alloh,
Payus pisan saupami tina éta peristiwa téh urang ngabantun hiji pelajaran. Dina dinten ieu, hayu urang sami-sami ngeunteung kana lalakon anu karandapan ku Nabi Ibrahim sareng kulawargina, hususna ngeunteung kana kataatanana dina nampi dawuhan Gusti. Naha tos dugi ka mana urang terang kana ajaran Islam? Naha tos dugi ka mana éta ajaran téh ku urang dilaksanakeunana? Naha dina ngalaksanakeunana urang tos enya-enya iklas, henteu miharep ayana pamrih?
Intisari tina peristiwa Nabi Ibrahim bakal tetep abadi dugi ka ahir jaman, margi di dinya aya ajén-inajén kahirupan anu ngagambarkeun taatna mahluk ka Khalikna, taatna abdi ka Gustina.
Pami urang nyawang kahirupan dina alam kiwari, gogoda sareng panghalang kana taatna urang enggoning ngalaksanakeun kawajiban agama téh teu kinten ageungna. Pami dina jaman Nabi Ibrahim anu ngagoda téh wungkul sétan ti golongan iblis, tah dina jaman ayeuna mah sétan ti golongan manusa ogé teu kirang-kirang deuih. Gogoda anu tumiba ka urang ayeuna langkung seueur deui rupina. Pangagung digoda ku jabatanana; antukna anu kirang-kirang weweg mah imanna, éta jabatan téh henteu dianggap amanat, tapi dianggo cukang lantaran pikeun kapentingan pribadina, bari ngakaya anu lian. Anu palinter digoda ku élmuna, dugi ka éta élmu téh dianggo pikeun ngarah ngarinah. Anu baleunghar digoda ku rajakaya. Kitu deui anu hirupna sangsara ogé digoda ku kasangsaraanana. Éta gogoda téh sadayana ogé pikeun méngparkeun manusa tina jalan Alloh.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil ham!
Hadirin rohimakumulloh,
Ku beuki motahna gogoda téh, taya deui jalan sangkan hirup salamet dunya ahérat iwal urang kedah wangsul deui kana saréat anu dilungsurkeun ku Alloh swt. Mung ku cara kitu hirup urang bakal tingtrim, sok sanaos kaayaan anu dipayunan ku urang kacida motah sareng meuweuhna. Hal ieu luyu sareng dawuhan Anjeunna: “Wa’tashimu bihablillah jamian wala tafarroqu. Wadzkuru ni’matallahi ‘alaikum …” Dina éta ayat ditétélakeun yén urang wajib nyepeng pageuh tali Alloh, ulah paburencay, sareng sukuran kana ni’mat ti Anjeunna.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar. Lailaha ilalloh Maha Suci.
Mangga ayeuna urang sasarengan munajat ka Gusti Anu Maha Suci:
Allohumma, ya Alloh, mugi anjeun ngajantenkeun abdi sadaya, anu hadir sareng ngupingkeun ieu hutbah, sing janten jalmi anu tarakwa, anu henteu hamham sareng galideur dina ngalaksanakeun kawajiban ti Anjeun, sakumaha jejem sareng buleudna tékad Nabi Ibrahim sakulawargi dina ngalaksanakeun saréat agama.
Alohumma, ya Alloh Anu Maha Wijaksana, pamugi Anjeun ngahapunten samudaya kalepatan sareng dosa abdi sadaya, dosa indung-bapa abdi, sareng dosa muslilmin-muslimat, boh anu masih kénéh jumeneng boh anu tos teu aya dikieuna.
Ya Alloh, pamugi abdi sadaya dipasihan kahirupan anu saé, di dunya sareng di ahérat, sareng mugi ditebihkeun tina siksa seuneu naraka.
Amin, ya robbal alamin.
Wassalamu’alaikum waarohmatullohi wabarokatuh.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM