HIJRAH TINA SISTIM JAHILIYAH
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا،
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا.
أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَمَنْ يَّبْتَغِ غَيْرَ الْاِسْلَامِ دِيْنًا فَلَنْ يُّقْبَلَ مِنْهُۚ وَهُوَ فِى الْاٰخِرَةِ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ
_Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin,_ Sagala puji kagungan Alloh Subhanahu wata’ala anu parantos nganugerahkeun ka urang sadaya ni’mat iman jeung Islam, sarta ngempelkeun urang sadaya sareng jalmi-jalmi anu tarakwa di tempat anu diberkahan ieu. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad Shollallohu ‘alaihi wasallam, teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna nepika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Iraha baé, dimana baé, jeung dina kaayaan kumaha baé, kucara ngalaksanakeun sakabéh paréntah-Na jeung ngajauhan sanéskanten cegahana-Na, nalika urang resep atawa ngéwa. Éstu, katakwaan ieu anu bakal nangtukeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Alloh subhanahu wa ta’ala di akhérat jaga.
_*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*_
Waktu terus maju teu karasa umat Muslim bakal asup kana Taun Anyar 1446 Hijriyah. Aya pepeling anu mulya tina agama ieu satiap kajadian gunta-gantina waktu, nyaéta nalungtik kaayaan diri, naha sacara pribadi atawa salaku umat: naha ku gantina mangsa diri urang beuki hadé di payuneun Alloh Subhanahu wata’ala? Naha urang beuki ta’at sarta bener-bener ngajalankeun syaré’at-Na? Atawa urang téh _stagnan_ alias angger teu aya kamajuan? Atawa urang kalahkah beuki jauh tina pituduh-Na jeung migawé deui kasalahan-kasalahan anu sarua?
Tahun Baru Hijrah ngarujuk kana kajadian Hijrahna Nabi Shollallahu ‘alaihi wasallam. Said bin Musayyib rodliyallohu ‘anhu nepikeun yén Ali bin Abi Thalib rodliyallohu ‘anhu ngusulkeun Hijrah jadi awal kalénder Hijriyah, sedengkeun Utsman bin Affan rodliyallohu ‘anhu ngusulkeun Muharrom jadi bulan kahiji, anu diputuskeun ku Kholifah Umar bin al-Khoththob rodliyallohu ‘anhu.
Hijrah ka Madinah lumangsung dina bulan Safar, tapi tékad pikeun hijrah geus muncul ti Muharrom kénéh, utamana sabada kajadian Bai’at Aqobah kadua dina bulan Dzulhijjah. Kholifah Umar negeskeun, _“Urang bakal ngitung pananggalan dumasar Hijrahna Rosululloh sabab hijrah Anjeuna éta misahkeun antara bebeneran jeung kabatilan”_ *(Ibn Al-Atsir, Al-Kâmil Fî at-Târîkh, 1/3)*.
Mekkah waktu harita ngajalankeun aturan jahiliyah saperti syirik, judi, riba, jeung panindesan. Da’wah Rosululloh Shallallahu ‘alaihi wasallam nentang pagawéan ieu sarta pagedrug jeung kakawasaan Qurésy. Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wasallam nyuhunkeun kakawasaan pikeun nguatkeun da’wah Islam:
وَقُلْ رَّبِّ اَدْخِلْنِيْ مُدْخَلَ صِدْقٍ وَّاَخْرِجْنِيْ مُخْرَجَ صِدْقٍ وَّاجْعَلْ لِّيْ مِنْ لَّدُنْكَ سُلْطٰنًا نَّصِيْرًا
_Pok caritakeun, “Pangéran abdi, asupkeun abdi ku cara asup anu bener sareng kaluarkeun (ogé) abdi ku cara kaluar anu bener, sarta paparin abdi ti sagédéngeun Anjeun kakawasaan anu nulungan”_ *(TQS al-Isro’ [17]: 80)*.
_*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*_
Kajadian Hijrah boga tujuan nanjeurkeun nagara Islam, kalawan Madinah anu jadi pusat da’wahna. Madinah jadi Nagara Islam munggaran jeung titik pusat kakawasaan Islam. Umat manusa ogé abring-abringan ngagem Islam kusabab nyaksian kamulyaan jeung kaadilan idéologi Islam *(Tingal: QS an-Nashr [110]: 1-3)*.
Umat Islam ku sadar yén kondisi jahiliyah teu kawatesan dina hiji zaman, tatapina ngarujuk kana sagala kaayaan anu patukang tonggong jeung syaré’at Islam. Alloh Subhanahu wata’ala ngadawuh:
اَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُوْنَۗ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ حُكْمًا لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ
_“Naha hukum jahiliyah anu ku maranéhna dipikahayang? (Hukum) saha anu leuwih hadé tinimbang (hukum) Alloh pikeun kaom anu yakin?”_ *(TQS al-Maidah [5]: 50)*.
As-Sa’di ngajelaskeun yén hukum jahiliyah téh nyaéta sagala hukum anu nyulayaan kana hukum Alloh anu diturunkeun ka Rosul-Na. Imam al-Hasan al-Bashri ogé negeskeun, singsaha baé anu ngagunakeun hukum ku salian hukum Alloh hartina maké hukumna hukum jahiliyah.
Wanci kiwari, umat hirup dina sistem jahiliyah modérn mangrupa sékulerisme-liberalisme. Ajaran Islam diwatesan ngan dina urusan ibadah, akhlak, jeung kulawarga, samentara akidah umat kaancam ku pluralisme jeung sinkrétisme. Misalna, fatwa MUI anu ngaharamkeun salam lintas agama dianggap jadi ancaman pikeun Pancasila ku BPIP. Kualitas ibadah ogé turun, ku ngan 33,6% budak ngora anu biasa ngalaksanakeun ibadah di masjid jeung 65% Muslim Indonesia can bisa maca Al-Qur’an. Niléy-niléy sosial anu lumaku nyaéta hédonisme jeung permisifisme, ogé dibarengan ngaronjatna tingkat perzinahan dikalangan rumaja.
Sistem ékonomi kapitalisme-liberalisme anu diterapkeun ngameunangkeun produksi jeung konsumsi miras, riba, sarta judi online, samentara rahayat dibangbaluhan ku pajeg jeung pungutan. Kasenjangan ékonomi beuki jero, kalawan 1% jalma anu pangbeungharna ngawasa ampir saparo kakayaan nasional, samentara 16 juta leuwih warga Indonesia kaancam ku kalaparan jeung 7 juta barudak ngalaman kakurangan gizi. Démokrasi nu diterapkeun justru sering ngalahirkeun kawijakan anu ngarugikeun rahayat, saperti Undang-undang Cipta Kerja jeung Undang-undang Minerba, anu leuwih mihak ka oligarki. Dina démokrasi, sora rahayat ngan dibutuhkeun dina bilik suara, lain dina gedong législatif.
_*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*_
Kukituna, teu cukup sakadar hijrah sacara pribadi ku ngoméan ibadah jeung akhlak. Umat wajib digero pikeun ngajalankeun syaré’at Islam kalawan _kaaffah_ (sagemblengna). Dilaksanakeunana syaré’at Islam kalawan _kaaffah_ nyaéta bukti kaimanan jeung kata’atan sapinuhna ka Alloh Subhanahu wata’ala. Alloh Subhanahu wata’ala ngadawuh: _“Demi Pangéran anjeun, maranéhna (dina hakékatna) teu iman nepika maranéhna ngajadikeun anjeun hakim dina perkara anu ku maranéhna dipacéngkadkeun, tuluy maranéhna teu ngarasakeun dina haté maranéhna kabeungbeurat tina kaputusan anu ku anjeun diputuskeun, jeung maranéhna narima éta kaputusan kalawan sapinuhna”_ *(TQS an-Nisa’ [4]: 65)*.
Ngalaksanakeunana syaré’at Islam kalawan sagemblengna teu mungkin bisa salian ku institusi nagara. Sagala rupa kamungkaran moal bisa leungit anging ku kakuatan hukum anu dijalankeun ku nagara. Umat kudu sadar yén ayana Nagara Islam atawa Khilafah Islam anu nerapkeun aturan-aturan Alloh Subhanahu wata’ala kalawan kaaffah nyaéta kaniscayaan jeung kawajiban syaré’at []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH KADUA
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ؛ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ، وَقَالَ تَعاَلَى:
إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar