HARAM NALUNGTIK JEUNG CURIGA KA MASJID

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
الَّذِيْنَ يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَيَبْغُوْنَهَا عِوَجًاۗ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ هُمْ كفِٰرُوْنَ
(QS Hud [11]: 19)
Alhamdulillah, éstu taya hinggana ni’mat anu ku Alloh limpahkeun ka urang sadayana kalawan teu pernah dipénta. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu alaihi wasallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika poé qiyamah.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa, kucara salawasna ta’at kana sanéskanten paréntahanana sarta ngajauhan tina sanéskanten cegahanana. Éstu katakwaan ka Alloh subhanahu wata’ala bakal nangtukeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Mantena.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Masjid téh nyaéta tempat panghadéna di luhureun bumi. Tempat ngumpulna sagala kahadéan. Tempat urang sadaya ngalaksanakeun kata’atan. Ibadah, dzikir, maca Qur’an, diajar sarta ngajarkeun agama. Nepika dina mangsa Rosululloh mah sagala kagiatan kaumatan dipusatkeun di masjid.
Katampi ti Abu Hurairah rodhiyallohu ‘anhu, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
أَحَبُّ الْبِلاَدِ إِلَى اللَّهِ مَسَاجِدُهَا وَأَبْغَضُ الْبِلاَدِ إِلَى اللَّهِ أَسْوَاقُهَا
“Tempat anu pangdipikacintana mungguh Alloh nyaéta masjid, jeung tempat anu pang dibenduanana ku Alloh nyaéta pasar.” (HR. Muslim, No. 671)
Éstu kacida pisan kaleuleuwihan lamun masjid dianggap sumberna kagoréngan, radikalisme nepika térorisme. Saolah-olah masjid téh nyaéta sumber masalah pikeun nagri ieu. Sahingga kudu ditalungtik jeung dikontrol sakumaha anu diusulkeun ku kepala BNPT. Alesanana nyaéta pikeun nyegah sumebarna paham radikalisme.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Prak kanyahokeun kusadayana, nalungtik masjid jeung aktivitas kaom muslim dijero masjid nyaéta wujud tajassus anu sacara jelas hukumna geus diharamkeun ku Alloh subhanahu wata’ala. Mantena ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اجْتَنِبُوْا كَثِيْرًا مِّنَ الظَّنِّۖ اِنَّ بَعْضَ الظَّنِّ اِثْمٌ وَّلَا تَجَسَّسُوْا وَلَا يَغْتَبْ بَّعْضُكُمْ بَعْضًاۗ
Héy jalma-jalma anu ariman, jauhan ku aranjeun ngalobakeun sangkaan (kacurigaan), kusabab sabagéan tina sangkaan téh éta dosa. Ulah aranjeun nénéangan kagoréngan jalma lian. Ulah ogé aranjeun nyieun pacéngkadan antara salahsaurang jeung nu séjén (TQS al-Hujurot [49]: 12).
Hartina, nurutkeun Imam Ibnu Jarir ath-Thobari rohimahulLôh, “Ulah pisan sabagéan ti aranjeun nénéangan kagoréngan jalma lian. Ulah ogé nyilidik rahasiah-rahasiahna pikeun néangan kagoréngan-kagorénganana. Sakuduna aranjeun narima urusanana anu nembrak wungkul pikeun aranjeun. Ku anu nembrak éta kuduna aranjeun muji atawa nyacad, lain ku rahasiah-rahasiahna anu ku anjeun teu nyaho.” (Tafsiir ath-Thobari, 7/85).
Larangan ngamata-mata ka sasama Muslim ogé ditegeskeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِيَّاكُمْ وَالظَّنَّ، فَإِنَّ الظَّنَّ أَكْذَبُ الحَدِيثِ، وَلاَ تَحَسَّسُوا، وَلاَ تَجَسَّسُوا، وَلاَ تَحَاسَدُوا، وَلاَ تَدَابَرُوا، وَلاَ تَبَاغَضُوا
Jauhan ku aranjeun sangkaan kusabab éstu sangkaan téh omongan anu kacida pisan bohongna. Ulah ogé aranjeun ngalakukeun tahassus (ngadédéngékeun), tajassus (nyilidik), silih hasudan, silih tukangan, jeung silih pikangéwa (HR al-Bukhori).
Para ulama ngasupkeun pagawéan nalungtik (ngamata-mata) ka jalma lian kana dosa gedé. Hal ieu kusabab tegesna ancaman pikeun anu migawéna. Rosululloh shollallihu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
وَمَنِ اسْتَمَعَ إِلَى حَدِيثِ قَوْمٍ، وَهُمْ لَهُ كَارِهُونَ، أَوْ يَفِرُّونَ مِنْهُ، صُبَّ فِي أُذُنِهِ الآنُكُ يَوْمَ القِيَامَةِ
Singsaha baé anu ngalakukeun usaha pikeun ngadéngékeun omongan jalma-jalma, sedengkeun maranéhna teu resep (didéngékeun), atawa maranéhna ngajauhan ti dirina, mangka bakal dikucurkeun tamaga anu dilééhkeun kana ceulina dina Poé Kiyamah (HR al-Bukhori).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Larangan ngamata-mata ieu sifatna umum ngaliputan sakabéh wujudna saperti: merhatikeun ti kajauhan, ngadédéngékeun anu diomongkeun, masang alat keur nyadap atawa kaméra; kaasup nyadap anu diomongkeun ngaliwatan e-mail, whatsapp, atawa meredih warga pikeun supaya ngamata-mata tatanggana atawa jalma lian.
Kaharaman tajassus lumaku ogé ka saha baé naha pikeun individu rahayat, organisasi, parusahaan, ogé nagara. Hal ieu kusabab nash-na sifatna umum. Perkara (objek) anu ditalungtik (dimata-mata) ogé lumaku umum, naha ka warga Muslim atawa ahludz-dzimmah. Kaharaman pangawasa ngalakukeun tindakan nalungtik (ngamata-mata) ka warga didugikeun ku Panutan urang sadaya Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِنَّ ‌الْأَمِيرَ إِذَا ‌ابْتَغَى الرِّيبَةَ فِي النَّاسِ أَفْسَدَهُمْ
Saéstuna saurang pangawasa téh, lamun nyuriga kanu jadi rahayatna, hartina manéhna geus ngaruksak rahayatna (HR Ahmad).
Jadi kacida pisan jelasna, haram hukumna nalungtik atawa ngamata-mata masjid jeung aktivitas da’wah dijero masjid.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Ngélingan atawa ngoréksi pangawasa éta téh nyaéta salah sahiji wujud amar ma’ruf nahyi mungkar anu diparéntahkeun ku agama. Jungjunan urang sadaya Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
لَتَأْمُرُنَّ بِالْمَعْرُوفِ وَلَتَنْهَوُنَّ عَنِ ‌الْمُنْكَرِ ‌أَوْ ‌لَيُسَلِّطَنَّ ‌اللَّهُ ‌عَلَيْكُمْ ‌شِرَارَكُمْ فَيَدْعُو خِيَارُكُمْ فَلَا يُسْتَجَابُ لَهُمْ
Sakuduna aranjeun ngalakukeun amar ma’ruf nahi mungkar atawa (lamun henteu) Alloh bakal ngajadikeun jalma anu ngawasa kana diri aranjeun téh nyaéta pamingpin anu pang jahatna diantara aranjeun, tuluy jalma-jalma pilihan diantara aranjeun ngadoa, tapi doa maranéhna teu dikabulkeun (HR al-Bazzar).
Kacida pisan agungna amalan ngritik ngoréksi pangawasa nepika Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam nyebutkeun amal ieu téh nyaéta jihad anu pang utamana.
أَفْضَلُ الْجِهَادِ كَلِمَةُ عَدْلٍ عِنْدَ سُلْطَانٍ جَائِرٍ
Jihad anu pang utamana nyaéta nepikeun bebeneran dihareupeun pangawasa anu dlolim (HR Abu Dawud).
Kukituna muhasabah ngoréksi pangawasa téh lain ngagogoréng atawa ujaran kebencian (hate speech). Ieu mah mangrupakeun kawajiban satiap Muslim anu nyaksian kamungkaran dihareupeun panonna, utamana anu dilakukeun ku pangawasa. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
مَنْ رَأَى مِنْكُمْ مُنْكَراً فَلْيُغَيِّرْهُ بِيَدِهِ، فَإِنْ لَمْ يَستَطِعْ فَبِلِسَانِهِ، فَإِنْ لَمْ يَستَطِعْ فَبِقَلْبِهِ وَذَلِكَ أَضْعَفُ الإِيْمَانِ
Singsaha baé diantara aranjeun anu ningali kamungkaran, prak robah ku leugeunna. Lamun teu bisa, prak robah ku lisanna. Lamun teu bisa, ingkaran ku haténa, jeung nu kitu mah mangrupakeun panglemah-lemahna iman (HR Muslim).
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Prak geura saladar, masalah nagri ieu lain pédah radikalisme. Masalah nagri ieu nyaéta teu bérésna pangawasa dina ngokolakeun nagara. Korupsi di mana-mana. Hukum teu ditanjeurkeun. Undang-undang dijieun demi kapentingan oligarki. Kakayaan alam nagara dipasrahkeun ka asing jeung aséng. Nepika wilayah nagara, saperti anu kajadian di Rempang, Kapulauan Riau, kalahkah rék dipasrahkeun ka asing anu disebutna cenah mah invéstasi. Samentara, para pangawasana mah kalahkah ngawangun dinasti jeung macikeuh rahayat ambéh meunang korsi di parlemén.
Kanyahokeun, sakabéhna ieu téh lain salahna masjid. Lain salahna Islam. Tuluy kunaon Islam anu jadi sasaran?
Sakabéhna ieu téh taya lain mangrupakeun bagéan tina anu disebut islamofobia. Sieun jeung ngéwa kana Islam. Kanyahokeun, labél radikalisme téh nyaéta produk Barat pikeun nyingkirkeun jeung nyerang Islam. Saha anu teu daék narima jalan kahirupan Barat disebut radikal. Samentara anu daék narima, kumaranéhna disebut moderat. Satuluyna urang diadu domba. Salawasna urang kudu waspada! []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM