HAMA AMAR MA'RUF NAHI MUNKAR
كُنتُمۡ خَيۡرَ أُمَّةٍ أُخۡرِجَتۡ لِلنَّاسِ تَأۡمُرُونَ بِٱلۡمَعۡرُوفِ وَتَنۡهَوۡنَ عَنِ ٱلۡمُنكَرِ وَتُؤۡمِنُونَ بِٱللَّهِۗ وَلَوۡ ءَامَنَ أَهۡلُ ٱلۡكِتَٰبِ لَكَانَ خَيۡرٗا لَّهُمۚ مِّنۡهُمُ ٱلۡمُؤۡمِنُونَ وَأَكۡثَرُهُمُ ٱلۡفَٰسِقُونَ ( ال عمران 110)
Maraneh teh pang hade hadean umat anu dilahirkeun pikeun (maslahat) manusa, maraneh nitah kana kahadean jeung ngalarang kana kagorengan(kamungkaran) sarta maraneh iman ka Allah. Cacakan ahli kitab airman mah tanwande hade pikeun maranehna. Tiantara maranehna aya nu airman, tapi kalolobaanana mah anu parasek. (QS Ali Imraan 110)
Maasyral mulimin sidang jum'ah rahimakumulloh
Ayat ieu netelakeun ka urang yen Allah swt ngangkat darajat umat Islam anu geus dilahirkeun pikeun sakumna manusa di alam dunya lantaran umat Islam ngabogaan sifat ta' muruna bil ma'ruf wa tan hauna anil mungkar nyaeta silih ajak kana al ma'ruf ( kahadean) sarta silih carek dina kamungkaran hal ieu pisan anu ngajadikeun umat Islam unjul ti umat umat sejena. Umat Islam ngabogaan pangkat sarta darajat Khoeru ummatin Kukituna ajakan pikeun jihad fi Sabilillah teu kudu ngaliwatan peperangan wae tapi ku ngagedurker semangat amar ma'ruf nahi munkar sakumaha dawuhan Allah dina ayat sejena
وَلۡتَكُن مِّنكُمۡ أُمَّةٞ يَدۡعُونَ إِلَى ٱلۡخَيۡرِ وَيَأۡمُرُونَ بِٱلۡمَعۡرُوفِ وَيَنۡهَوۡنَ عَنِ ٱلۡمُنكَرِۚ وَأُوْلَٰٓئِكَ هُمُ ٱلۡمُفۡلِحُونَ ١٠٤
Jeung kudu aya diantara maraneh anu ngajak hiji umat nu ngajak kana bener ( Qur’an) jeung nitah kana kahadean, jeung ngalarang kana kajahatan, nya jalma jalma eta anu baris meunang kabagjaan (QS Ali Imraan 104)
Rasulullah saw parantos ngagambarkeun kahariwangna ngeunaan sifat-sifat amar ma'ruf nahyi munkar yen bakal aya kajadian kahareup nu bakal kalakonan ku umatna jaga saoparantosna dikantunkeun ku mantenna.
Hiji Hadis nu netelakeun kajadian nu bakal kasorang ku umat Islam anu perlu ku urang dilenyepan :
عَنْ اَبِيْ عُمَامَةَ رضي الله عنه قَالَ , قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صلى الله عليه وسلم " كَيْفَ اَنْتُمْ اِذَا طَغَتْ نِسَاءًكُمْ وَفَسَقَ سَبَبَكُمْ وَتَرَكْتُمْ جِهَادَكُمْ" ؟ قَالُوا وَاَنَّ ذَلِكَ لَكَئِنٌ؟ قَالَ " نَعَمْ ". وَالَّذِيْ نَفْسِى بِيَدِهِ وَاَشَّدُ مِنْهُ سَيَكُوْنُ, قَالُوْا وَمَا اَشَّدُ مِنْهُ يَا رَسُوْلَ اللهِ ؟ كَيْفَ اَنْتُمْ اِذَا تَرَكْتُمُ اْلاَمْرَ بِالْمَعْرُوْفِ وَالنَّهْيَ عَنِ الْمُنْكَرِ ؟ قَالُوا وَاَنَّ ذَلِكَ لَكَئِنٌ يَا رَسُوْلَ الله ؟ قَالَ " نَعَمْ." وَالَّذِيْ نَفْسِى بِيَدِهِ وَاَشَّدُ مِنْهُ سَيَكُوْنُ. قَالُوْا وَمَا اَشَّدُ مِنْهُ يَا رَسُوْلَ ؟ كَيْفَ اَنْتُمْ اِذَا رَاَيْتُمُ الْمَعْرُوْفَ مُنْكَرًا وَالْمُنْكَرَ مَعْرُوْفًا. قَالُوا وَاَنَّ ذَلِكَ لَكَئِنٌ يَا رَسُوْلَ الله ؟ قَالَ " نَعَمْ" . وَالَّذِيْ نَفْسِى بِيَدِهِ وَاَشَّدُ مِنْهُ سَيَكُوْنُ, قَالُوْا وَمَا اَشَّدُ مِنْهُ يَا رَسُوْلَ اللهِ قَالَ كَيْفَ اَنْتُمْ اِ ذَا اَمَرْتُمْ بِالْمُنْكَرِ وَنَهَيْتُمْ عَنِ الْمَعْرُوْفِ ؟ ( رواه ابن ابى الدنياوابن يعلى عن
Katampi Abi Umamah rd anjeuna sasauran Yen Rasulullah SAW kantos ngandika “ Cik kumaha numut keun aranjeun kabeh lamun Anak- anak awawe aranjeun geus ahlakna goreng ( kaleuleuwihi ) oge barudak jajaka na baroga sifat fasiq teu daraek jihad ? Para sahabat ngawaler Ya rasullallah naha eta teh bakal kajantenan ? Rasul ngawaler “enya “ demi zat anu ngawasa jiwa kaula, leuwih ti kitu ge bakal kajadian. Para sahabat helok terus naros deui ka kanjeng Nabi Langkung ti kitu teh kumaha ya Rasul ? Cik kumaha numutkeu aranjeun kabeh lamun engke urusan amar ma’ruf nahyi munkar geus teu dipalire deui ? Para sahabat beuki helok bari terus naros ka kanjeng nabi “ Naha eta ge bakal kajantenan ya Rasul ? Rasul ngawaler “ Enya “ Demi Zat anu ngawasa jiwa kaula, leuwih ti kitu ge bakal kajadian sahabat beuki heran Nukumaha deui ya Rasul ? Cik kumaha nurutkeu anjeun kabeh lamun Aranjeun ningali Al Ma’ruf (kahadean) geus di pandang kamungkaran (kagorengan) sedengkeun kamungkaran dipandang jadi Ma’ruf ? Tangtu para sahabat langkung heran pisan bari naros Eta oge bakal kajantenan ?! Rasul ngawaler “Enya Malah aya nu leuwih ti kitu “ Nukumaha eta ya Rasul, Cik kumaha nurutkeun anjeun kabeh lamun aranjeun di titah migawe kamungkaran sarta dicarek pikeun milampah anu Ma’ruf ?(HR Ibnu Abi Dunya, ibnu abi Ya’la ti Ibnu Umamah)
عَنْ اَبِي سَعِيْدٍ الْحُدْرِيِّ رضي الله عنه قَالَ سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صلى الله عليه وسلم يَقُوْلُ مَنْ رَأَى مِنْكُمْ مُنْكَرًا فَلْيُغَيِّرْهُ بِيَدِهِ فَإِنْ لَمْ يَسْتَطِعْ فَبِلِسَانِهِ فَإِنْ لَمْ يَسْتَطِعْ فَبِقَلْبِهِ وَذَلِكَ أَضْعَفُ اْلاِيْمَانِ ( رواه مسلم)
Katampi ti Abu Said al Khudriy rd anjeuna sasauran “ kaula kungsi nguping Rasulullah saw ngandika
Sing saha diantara aranjeun anu ningali/ nyakseni kamungkaran prak geura robah ku leungeun anjeun ( kakawasaan) lamun teu mampu prak robah ku lisan ( panyarek) atuh lamun teu mampu robah ku hate ( minimal ulah pipilueun) mung eta teh sa lemeh lemah na iman ( HR Muslim)
وَٱتَّقُواْ فِتۡنَةٗ لَّا تُصِيبَنَّ ٱلَّذِينَ ظَلَمُواْ مِنكُمۡ خَآصَّةٗۖ وَٱعۡلَمُوٓاْ أَنَّ ٱللَّهَ شَدِيدُ ٱلۡعِقَابِ ٢٥ (الانفال 25)
Jeung maraneh geura ngajaga Fitnah anu henteu ngan tumiba ka jalma-jalma nu darolim tiantara maraneh wungkul. Jeung sing nyaho yen Alloh teh banget pisan siksaan-Na (QS Al Anfaal 25)
بارك الله لى ولكم فى القران العظيم ونفعنى وإياكم بما فيه من الايات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته إنه هو السميع العليم
Komentar
Posting Komentar