HAJI MABRUR, PERKARA ANU NGAGERAKKEUN PAROBAHAN

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ‏
(QS Ali ‘Imron [3]: 102)
Alhamdulillah, ka Mantena urang sadaya syukuran tina sagala ni’mat sareng kurnia-Na. Utamana ni’mat iman jeung Islam. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan ku Alloh dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sarta sadaya umatna anu istiqomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun jeung merjoangkeun Islam nepika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Cumponan sadaya peréntah sareng panggero-Na. Jauhan sarta tinggalkeun sanéskanten cegahana-Na. Ingetkeun, takwa téh nyaéta bekel anu panghadéna pikeun urang sadaya jeung anu bakal nangtukeun darajat urang di sagedengeun Mantena.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Réngsé bérés runtuyan ibadah haji dilaksanakeun di Tanah Suci taun ieu. Sabagéan jama’ah haji mimiti baralik deui ka nagrina séwang-séwangan. Teu aya harepan jeung cita-cita para jama’ah haji anging ngahontal prédikat haji mabrur. Sabab, sakumaha anu didugikeun dina dawuhan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam:
الْحَجُّ الْمَبْرُورُ لَيْسَ لَهُ جَزَاءٌ إِلاَّ الْجَنَّةُ
Haji mabrur teu aya wawalesna anging surga (HR al-Bukhari sareng Muslim).
Kusabab kitu haji téh nyaéta salah sahiji ibadah anu utama. Nepika darajatna sajajar jeung jihad fi sabilillah. Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
الْغَازِى فِى سَبِيلِ اللَّهِ وَالْحَاجُّ وَالْمُعْتَمِرُ وَفْدُ اللَّهِ دَعَاهُمْ فَأَجَابُوهُ وَسَأَلُوهُ فَأَعْطَاهُمْ
Jalma anu perang di jalan Alloh, jalma anu naék haji jeung jalma anu umroh éta téh tamu-tamu Alloh. Alloh ngondang maranéhna, maranéhna ogé nyumponan ondangan Mantena. Tuluy maranéhna ménta ka Alloh, Alloh ogé nyumponan paménta maranéhna (HR Ibnu Majah).
Rosululloh shollallalohu ‘alaihi wa sallam ogé kantos ditaros ngeunaan amal anu paling utama. Anjeuna ngawaler:
»إِيمَانٌ بِاللَّهِ وَرَسُولِهِ «قِيلَ ثُمَّ مَاذَا قَالَ » جِهَادٌ فِى سَبِيلِ اللَّهِ«
قِيلَ ثُمَّ مَاذَا قَالَ» حَجٌّ مَبْرُورٌ«
“Ngimankeun ka Alloh jeung Rosul-Na.” Aya anu naros deui, “Teras naon deui?” Anjeuna ngawaler, “Jihad di jalan Alloh.” Aya anu naros deui, “Teras naon deui?” Anjeuna ngawaler , “Haji mabrur.” (HR al-Bukhari).
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Imam al-Qurthubi nyarita, haji mabrur téh nyaéta jalma anu naék haji kalawan teu ma’siyat ka Alloh, naha nalika keur ngalaksanakeunana atawa saréngséna. Nyutat kasauran Imam Hasan al-Bashri, haji mabrur téh nyaéta anu ngalaksanakeun éta ibadah, saréngséna ibadah haji, manéhna jadi zuhud tina urusan dunya jeung nyongsrong mikahayang akhérat (surga) (Tingal: al-Qurthubi, Tafsiir li Jaami’ Ahkaam al-Qur’aan, 2/408).
Mangka, teu pantes saurang anu meunang prédikat haji mabrur lamun manéhna indit maké duit haram saperti hasil riba, suap, korupsi, ngarampas aset milik rakyat, jeung sajabana. Manéhna ogé teu payus meunang status haji mabrur lamun réngsé ngalaksanakeun ibadah haji justru balik deui ngancrubkeun diri kana kama’siyatan saperti ngapilainkeun hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala, nga-kriminalisasi ajaran Islam, ngahalang-halang da’wah panerapan syaré’at Islam, sapongkol jeung korporasi ngarampas asét milik umat saperti leuweung, pertambangan, jeung anu séjénna.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Prak kanyahokeun ku sadayana, pikeun saurang muslim naék haji téh lain ngan sakadar nyumponan diménsi ruhiyah (spiritual) wungkul, tapi ogé ngandung diménsi siyaasiyah (pulitik) jeung perjoangan. Ku ibadah haji, Islam ngahijikeun umatna jadi hiji anu teu ngabéda-bédakeun suku bangsa, golongan, warna kulit, atawa strata sosial. Alloh ngagambarkeun dina dawuhana-Na:
وَاَذِّنْ فِى النَّاسِ بِالْحَجِّ يَأْتُوْكَ رِجَالًا وَّعَلٰى كُلِّ ضَامِرٍ يَّأْتِيْنَ مِنْ كُلِّ فَجٍّ عَمِيْقٍ
Prak gero manusa pikeun ngalaksanakeun ibadah haji, tangtu maranéhna bakal datang ka anjeun dina kaayaan leumpang jeung numpak onta anu begang. Maranéhna datang ti sagala tempat anu jauh (TQS al-Hajj [22]: 27).
Jeung, nalika Haji Wada’ cobi tingal naon anu dipesenkeun ku panutan urang Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika khutbah anjeuna. Kahiji, jiwa jeung harta sasama Muslim diraksa. Kadua, kawajiban nyumponan amanah, kaasup di jerona amanah kakawasaan pikeun ngurus sarta méré panyalindungan ka umat. Katilu, sistem ékonomi ribawi dipupus pikeun salilana. Kaopat, ngajaga aturan Islam dina kahirupan rumah tangga jeung kawajiban ngadidik istri. Kalima, kawajiban ngaraksa umat supaya ngahiji teu paburencay. Kagenep, kawajiban nyekel pageuh kana Kitabulloh jeung Sunnah Nabi shollallalohu ‘alaihi wa sallam lamun teu hayang kasasar, jeung sabalikna umat bakal kasasar lamun ngabalieur tina ajaran jeung sistem kahirupan salian Islam.
Nalika Haji Wada’ turun dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala anu eusina ngeunaan katetepan Mantena ngeunaan kasampurnaan Islam jadi sistem kahirupan:
اَلْيَوْمَ اَكْمَلْتُ لَكُمْ دِيْنَكُمْ وَاَتْمَمْتُ عَلَيْكُمْ نِعْمَتِيْ وَرَضِيْتُ لَكُمُ الْاِسْلَامَ دِيْنًاۗ
Dina poé ieu Kaula geus nyampurnakeun pikeun aranjeun agama aranjeun, geus ku Kaula dicukupkeun ni’mat Kaula pikeun aranjeun sarta geus ku Kaula diridloan Islam jadi agama aranjeun (TQS al-Maidah [5]: 3).
Nalika harita pisan Alloh subhanahu wa ta’ala geus netepkeun Islam jadi sistem kahirupan anu sampurna jeung paripurna. Lain ngan ukur sakadar ngatur ritual ibadah haji, tapi ogé ngatur sakabéh aspék kahirupan. Kukituna teu aya aturan hirup anu sapatutna dijadikeun pilihan ku kaom Muslim salian aturan Islam. Lain ngan sakadar pikeun ibadah ritual wungkul, tapi ogé pikeun kahirupan sosial, ékonomi, pulitik, jeung kanagaraan. Sakabéhna kudu diatur ku syaré’at Islam.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Haji téh nyaéta inspirasi perjoangan. Baheula, haji jadi salah sahiji stimulus anu ngagerakkeun sumangat anti kolonialisme jeung ngadorong ngahijina umat pikeun ngalawan para panjajah Walanda. Dina taun 1888, patani Banten ngalawan Walanda dipingpin ku saurang tokoh haji. Ti harita, Walanda ningkatkeun kawaspadaan ka jalma-jalma anu mulang haji ti tanah suci.
Nepika saperti anu diaku ku Snouck Hurgronje, “Jalma-jalma haji téh nyaéta panyakit anu sumebar di masyarakat pribumi. Maranéhna ngadorong pangeusi asli ieu nagri pikeun ngalawan, nyebarkeun fanatisme, jeung ka ijid supaya anti ka urang Éropah.”
Saenggeus maluruh ngeunaan Islam nepika Mekkah, pura-pura jadi Muslim, Snouck tuluy nyarankeun ka pamarentahan kolonial Walanda yén kudu ayana ngabatesan haji sarta ningkatkeun kawaspadaan ka jamaah haji anu anyar mulang ti Tanah Suci. Dina taun 1916, aya ujian haji, jamaah anu karék mulang ti Mekah di-screening. Anu lulus dibéré gelar haji, jeung dibéré pakéan khusus saperti kopéah jeung jubah bodas.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Inspirasi perjoangan ieu anu sakuduna muncul deui satiap dilaksanakeunana ibadah haji. Kusabab kitu, kaom Muslim anu naék haji kudu ngarasa kagero pikeun babarengan ngalakukeun da’wah merjoangkeun Islam. Ulah ngarasa sugema pédah diri geus réngsé ngalaksanakeun ibadah haji. Masih kénéh loba kawajiban anu leuwih utama anu kudu dicumponan ku kaom Muslim, salah sahijina nyaéta ngagerokeun kawajiban pikeun nerapkeun syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaaffah) dina institusi pamaréntahan Islam, nyaéta Khilafah Islamiyah. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM