GAZA KUAT, PANGAWASA MUSLIM ANU LEMAH

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ
,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى
آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
هُوَ الَّذِيْ جَعَلَكُمْ خَلٰۤىِٕفَ فِى الْاَرْضِۗ فَمَنْ كَفَرَ فَعَلَيْهِ كُفْرُهٗۗ وَلَا يَزِيْدُ الْكٰفِرِيْنَ كُفْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْ اِلَّا مَقْتًا ۚوَلَا يَزِيْدُ الْكٰفِرِيْنَ كُفْرُهُمْ اِلَّا خَسَارًا
_Mantena pisan anu ngajadikeun anjeun jadi kholifah-kholifah di bumi. Singsaha baé anu kufur, (akibat) kakufurannana bakal tumiba ka dirina sorangan. Kakufuran jalma-jalma kafir éta ngan bakal nambahan kamurkaan di sagédéngeun Pangéran maranéhna. Kakufuran jalma-jalma kafir éta ogé ngan bakal nambah karugian maranéhna._ (QS Fatir [35]: 39).
Alhamdulillah, puji sinareng syukur urang sanggakeun ka hadirat Alloh subhanahu wa ta’ala tina sadaya ni’mat sareng kurnia-Na, sahingga dina poé anu mulya ieu urang sadaya masih kénéh tiasa nincakkeun sampéyan urang sadaya di tempat anu mulya sasarengan sareng jalmi-jalmi anu insyaAlloh dimulyakeun ku Mantena, hamba anu takwa. Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohuu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh sareng merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.
Prak aranjeun geura tarakwa ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Ieu tabéat anu simistina némpél dina diri urang satiap Muslim. Naon baé posisi jeung kalungguhan urang. Ingetkeun, teu aya wilayah anu bébas takwa. Sakabéh tingkah polah urang sadaya dipencrong tur dicatet ku malaikat.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Lamun seug mah urang néangan alat ukur (barométer) kaislaman umat Islam di akhir zaman ieu, Gaza nyaéta jawabanana. Gaza jeung Paléstina éstu kacida pisan kuatna. Teu lemah saperti anu disebutkeun ku saurang tokoh nagri ieu. Cobi tingal kumaha dina sisi kaimanan, kasabaran, kapengkuhan, jeung kategeran maranéhna nyanghareupan panjajah anu kakuatannana ngawujud mangrupa nagara.
Mémang, puluhan rébu umat Islam di Gaza perlaya jadi syuhada akibat kabiadaban Zionis. Kalolobaanana awéwé jeung barudak. Cobi tingal, maranéhna teu némbongkeun kalemahan saeutik ogé. Maranéhna teu pegat harepan. Komo deui sumerah diri ka Zionis Yahudi mah.
Ti sisi anu séjén Hamas jeung Tofan Al-Aqso-na kabuktian geus sanggup ngageterkeun éntitas Yahudi Zionis Israél. Serangan-serangan Hamas geus nimbulkeun akibat anu kacida dahsyatna pikeun Yahudi Zionis. Bayangkeun, luar biasana maranéhna bisa nyanghareupan tentara Zionis anu mibanda peralatan super canggih dina waktu anu lila.
Sabalikna, kacida pisan lemahna éntitas Yahudi Israél. Maranéhna anu disebut-sebut ngabogaan kakuatan militer pangkuatna di Timur Tengah kanyataanana ngan saukur mitos, omong kosong.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Tuluy kunaon salila ieu Israel téh kacirina siga anu kacida pisan kuatna? Kanyahokeun, Israél saolah-olah kuat justru kusabab kalemahanan jeung euweuh kawanina para pangawasa kaom Muslim, utamana para pangawasa Arab. Padahal sacara militer sajumlah nagara di Nagri-nagri Islam éstu jauh leuwih kuat tinimbang Israél.
Dimasar situs Global Firepower, Pakistan misalna, aya dina urutan ka-7 di dunya dina kakuatan militerna. Aya Turki dina urutan ka-11. Indonesia nyicingan urutan ka-13. Mesir aya dina posisi ka-14. Anu narik perhatian, kakuatan Israel sorangan ngan nempatan urutan ka-18 tina 145 nagera di dunya. Ieu hartina, kakuatan militer Israél jauh dihandapeun nagara-nagara Muslim.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Saéstuna rasiah kakuatan hiji nagara aya dina idéologi (akidah)-na. Prak perhatikeun, kumaha Daulah Islam anu dipingpin ku Panutan urang sadaya Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam di Madinah mangrupakeun hiji nagara leutik. Jauh pisan lamun dibandingkeun jeung kakuatan nagara adidaya waktu harita, nyaéta Romawi jeung Pérsia. Ogé jeung kakuatan militer Qurésy jauh pisan. Tapi, pasukan kaom Muslim waktu harita mampuh ngéléhkeun musuh-musuhna kalawan kameunangan anu nyongcolang.
Saba’da Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngantunkeun, Khulafaur Rosyidin jeung Nagara Khilafahna, ogé mampuh nangtang dua nagara adidaya kafir, nyaéta Romawi jeung Pérsia. Nyakitu deui kameunangan umat ieu dicangking dina zaman Umayah, Abasiyah, jeung Utsmaniyah. Nepika, Khilafah Islam mampuh ngawasa dua pertilu dunya salila mangabad-abad lilana.
Pasualanana: Kumaha naha bisa? Naon rasiah kakuatanana? Kanyahokeun, kakuatanana aya dina idéologi (akidah) Islam, anu nanceb dina kalimah: Lâ Ilâha illalLôh, Muhammad RosûlulLôh. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّنِيْٓ اَنَا اللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّآ اَنَا۠ فَاعْبُدْنِيْۙ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَ لِذِكْرِيْ
_Saéstuna Kaula téh nyaéta Alloh. Teu aya pangéran séjén, anging Kaula. Kukituna prak sembah Kaula_ (TQS Thoha [20]: 14).
Kalimah tauhid ieu pisan anu mampuh ngahudangkeun kakuatan maranéhna. Ku tauhid ieu pisan kaom Muslim ngabogaan ‘izzah, kahormatan sarta kamulyaan, dihareupeun umat manusa anu séjén. Maranéhna teu gampang diéléhkeun, jajauheun ditindes jeung dijajah. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَلِلّٰهِ الْعِزَّةُ وَلِرَسُوْلِهٖ وَلِلْمُؤْمِنِيْنَ وَلٰكِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ
_Ngan milik Alloh, Rosul-Na jeung kaum Mu’min éta kamulyaan téh. Tapi, kaom munafék teu nyaraho_ (TQS al-Munafiqun [63]: 😎.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Ku kakuatan akidah Islam ieu kaom Muslim salawasna siap maot demi mertahankeun agama, harta jeung kahormatan maranéhna. Maranéhna kacida yakinna kana dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
مَنْ قُتِلَ دُونَ مَالِهِ فهوَ شَهيدٌ، ومَنْ قُتِلَ دُونَ دِينِه فهوَ شَهيدٌ، ومَنْ قُتِلَ دُونَ دَمِهِ فهوَ شَهيدٌ، ومَنْ قُتِلَ دُونَ أهلِهِ فهوَ شَهيدٌ
_Singsaha baé anu kabunuh ku sabab mélaan hartana, manéhna syahid. Singsaha baé anu kabunuh kusabab mélaan agamana, manéhna syahid. Singsaha baé anu kabunuh kusabab mélaan getihna, manéhna syahid. Singsaha baé anu kabunuh mélaan kulawargana, manéhna syahid_ (HR at-Tirmidzi).
Ieu pisan anu ngajadikeun kaom Muslim kacida kuatna, teu héngkér dina ngalawan musuh. Éta pisan anu ditémbongkeun ku kaom Muslim Paléstina, khususna warga Gaza, khususna deui Hamas jeung Brigade al-Qosam-na. Maranéhna kacida paham, naon harti penting jeung wajibna jihad fi sabilillah.
Salila kaom Muslim masih ngabogaan akidah Islam anu nyangkaruk kuat dina jero jiwa maranéhna, mangka salila éta maranéhna moal bisa dijajah. Leuwih ti kitu maranéhna bisa ngabébaskeun bangsa-bangsa lian tina kakuatan kakufuran. Éta pisan anu terus lumangsung ti mimiti Daulah Islam di Madinah anu dipingpin ku Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, anu diteruskeun ku Kakhilafahan Islam zaman Khulafaur Rosyidin, zaman Umayah, zaman Abasiyah jeung zaman Utsmaniyah.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Hanjakalna, kakuatan akidah ieu melempem tisaprak kakhilafahan panungtung runtuh, nyaéta kakhilafahan Turki Utsmani bisa diruntuhkeun dina 3 Maret 1924 ku panjajah Inggris ngaliwatan antékna Musthofa Kamal Attaturk. Umat Islam paburencay dipingpin ku pangawasa anu lemah sahingga ngalawan Zionis anu sakitu leutikna ogé teu mampuh.
Kukituna, sangkan nagri Islam balik deui jadi kuat, daék teu daék kaom muslim sakuliyah dunya kudu nanjeurkeun deui Khilafah Islamiyah. Kaom muslim sakuliyah dunya kudu ngahiji deui. Ingetkeun, ayana nagara adidaya global nyaéta Khilafah, anu ngahijikeun kaom muslim sadunya waktu ayeuna hukumna wajib. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM