DUL FITRI JEUNG PAROBAHAN

 KHUTBAH KAHIJI

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ اَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا، وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَتًا وَاَصِيْلاً. لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَأَعَزَّ جُنْدَهُ، وَهَزَمَ اْلأَحْزَابَ وَحْدَهُ. اَللهُ اَكْبَرُ، اَللهُ اَكْبَرُ وَلِلَّهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ جَعَلَ هَذَ الْيَوْمِ عِيْداً لِلْمُسْلِمِيْنَ، وَحَرَّمَ عَلَيْهِمْ فِيْهِ الصِّياَمَ، وَ نَزَّلَ الْقُرْآنَ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّناَتٍ مِنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانَ. نَحْمَدُهُ وَنَشْكُرُهُ عَلَى نِعَامِهِ وكَمَالِ اِحْسَانِهِ، وَهُوَ ذُو الْجَلاَلِ وَاْلإِكْراَمِ.
اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهِ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ. وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
اَللَّهُمَّ صَلِّيْ وَسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحاَبِهِ وَذُرِّيَّتِهِ الْكِراَمِ، وَمَنْ تَبِعَهُ بِإِحْسَانٍ وَدَعاَ اِلَى اللهِ بِدَعْوَة الإِسْلاَم، وَمَنْ جاَهَدَ فِيْ سَبِيْلِ اللهِ حَقًّ جِهاَدِهِ اِلِى دَارِ السَّلاَمِ.
فَيَا عِبَادَ اللهَ، أُوْصِيْكُمْ وَإِياَّيَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُونَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي كِتَابِه الْكَرِيْمِ: ﴿يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ﴾.
اَمَّا بَعْدُ:
AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.
Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.
Alhamdulillah. Geus sakuduna urang téh loba syukuran. Ka Zat Anu Maha Luhur. Tina sagala ni’mat-Na anu taya hinggana. Geus payus tur pantes urang sadaya muji, ka Zat Anu Maha Suci. Tina sagala kurnia-Na anu teu pernah eureun. Kitu pisan sakumaha dawuhana-Na:
وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَةَ اللَّهِ لَا تُحْصُوهَا
Lamun aranjeun ngitung-ngitung kana ni'mat Alloh mangka aranjeun moal bakal mampuh kana ngitungna… (TQS an-Nahl [16]: 18).
Sholawat miwah salam kawilujengan, mugia salamina dilimpahcurahkeun ka panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu Istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman
Dina poé ieu pisan, ni’mat jeung kurnia Alloh anu kacida pisan ageungna dirasakeun sasarengan ku urang sadayana. Urang nembé pisan réngsé ngalaksanakeun ibadah puasa Romadlon. Tuluy disambungkeun jeung Idul Fitri anu ayeuna nuju dirayakeun ku urang. Ni’mat sarta kurnia-Na tangtu beuki gedé dirasakeun ku urang, nalika puasa bener-bener ngawujudkeun katakwaan dina diri. Henteu ngan nalika Romadlon wungkul, tapi ogé di luar Romadlon sapanjang taun.
AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.
Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.
Urang sadaya tos sami-sami paham. Hikmah tina ngalaksanakeun puasa Romadlon téh nyaéta ngawujudna takwa dina diri urang sadaya. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
Yeuh jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka aranjeun puasa, sakumaha puasa téh geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun, supaya aranjeun jadi golongan anu takwa (TQS al-Baqoroh [2]: 183).
Nurutkeun Syéikh Abu Bakar al-Jazairi dina kitab Aysar at-Tafaasiir (I/80), kecap “supaya aranjeun tarakwa” dina ayat di luhur ngabogaan harti, “ku puasa éta Alloh subhanahu wa ta’ala nyiapkeun anjeun supaya bisa ngajalankeun sakabéh paréntah-Na jeung ngajauhan sakabéh cegahana-Na.”
Lamun hikmah tina puasa nyaéta takwa, tangtu idéalna kaom Muslim jadi jalma-jalma anu ta’at ka Alloh subhanahu wa ta’ala henteu ngan dina bulan Romadlon wungkul. Ogé teu ngan dina lebahan ibadah ritual jeung individual wungkul. Katakwaan kaom Muslim sajatina katingal ogé diluar bulan Romadlon sapanjang taun. Ogé dina sakabéh sisi kahirupan maranéhna. Kitu pisan sakuduna, sakumaha dawuhan Rosululloh subhanahu wa ta’ala:
إِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ
Prak geura takwa anjeun ka Alloh dina sagala kaayaan anjeun (HR Ahmad sareng at-Tirmidzi).
Kusabab kitu lain takwa ngarana lamun salasaurang biasa ngalakukeun sholat, ngalaksanakeun puasa Romadlon atawa nepika ngalaksanakeun ibadah haji ka Baétulloh. Namung, di sisi séjén manéhna biasa ngadahar riba, ngalakukeun suap jeung korupsi, ngaharé-ngahékeun urusan masyarakat, ngadloliman rahayat jeung embung ngait jeung syaré’at Islam diluar anu pakait jeung ibadah ritual.
Jalma anu takwa ogé bakal salilana usaha satékah polah pikeun ngajauhan kasyirikan. Manéhna moal rék pernah nyirikkeun Alloh subhanahu wa ta’ala jeung makhluk-Na, naha dina masalah ‘aqidah atawa ibadah. Kaasup teu ngayakinkeun jeung teu ngajalankeun hukum naon baé ogé salian hukum-Na. Sababna, hal éta téh bisa dianggap hiji wujud kasyirikan, sakumaha dawuhana-Na:
اتَّخَذُوا أَحْبَارَهُمْ وَرُهْبَانَهُمْ أَرْبَابًا مِنْ دُونِ اللَّهِ
Kaom Yahudi jeung Nasrhroni geus ngajadikeun para pandita jeung para rahib maranéhna jadi pangéran-pangéran salian Alloh (TQS at-Tobah [9]: 31).
Ngeunaan ayat ieu, aya hiji carita anu narik ati. Sakumaha dinukil ku Imam ath-Thobari dina kitab Jaami’ al-Bayaan fii Ta’wiil al-Qur’aan (10/210), ogé ku Imam al-Baghowi dina kitab Ma’aalim at-Tanziil (4/39), diriwayatkeun yén nalika Mantena Rosulullah shollallohu ‘alaihi wa sallam ngaoskeun ayat ieu, datang Adi bin Hatim ka Anjeuna kalawan maksud arék asup Islam. Nalika Adi bin Hatim —anu nalika harita masih ngagem agama Nashroni— nguping ayat kasebut, manéhna tuluy nyarita, “Wahéy Rosululloh, abdi (kaom Nashroni) teu pernah nyembah para pandita abdi sadaya.”
Tapi, panutan urang Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngabantah kana naon anu ditepikeun ku Adi bin Hatim bari naros kalawan pertanyaan rétoris, “Lainna para pandita aranjeun biasa ngahalalkeun kana naon anu geus ku Alloh diharamkeun, jeung ngaharamkeun kana naon anu geus ku Alloh dihalalkeun? Tuluy aranjeun ogé ta’at ka maranéhna?”
Jawab Adi bin Hatim, “Leres, wahéy Rosululloh.”
Anjeuna teges ku nyebatkeun, “Tah éta pisan wujud panyembahan maranêhna ka para pandita maranéhna.”
Wanci kiwari posisi para pandita jeung para rahib téh diganti ogé ku para pangawasa jeung wakil rahayat dina sistem démokrasi. Pasalna, maranéhna pisan ayeuna anu biasa nyieun hukum. Maranéhna geus loba pisan ngahalalkeun naon anu geus ku Alloh diharamkeun. Maranéhna ogé geus loba pisan ngaharamkeun naon anu geus ku Alloh dihalalkeun. Contona: Di nagri ieu riba geus lila dilégalkeun (dihalalkeun). Nepika Pamaréntah jadi gegedugna tukang riba. Di antarana ngaliwatan hutang anu rentena gedé pisan. Padahal jelas, riba geus diharamkeun kalawan teges ku Alloh subhanahu wa ta’ala, sakumaha dawuhana-Na:
وَأَحَلَّ اللَّهُ الْبَيْعَ وَحَرَّمَ الرِّبَا
Alloh geus ngahalalkeun jual-beuli jeung ngaharamkeun riba … (TQS al-Baqoroh [2]: 275).
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam dugika ngadawuhkeun:
« دِرْهَمُ رِبَا أَشَدُّ عَلَى اللهِ مِنْ سِتِّ وَ ثلاَثِيْنَ زَنِيَّةً »
Sadirham riba leuwih beurat dosana di sagédéngeun Alloh tinimbang 36 kali zina (HR al-Baihaqi).
Tangtu masih loba-loba deui conto lian anu ngabuktikeun lobana undang-undang anu dijieun ku pangawasa jeung wakil rahayat salila ieu pagedrug jeung katangtuan syaré’at Islam.
Padahal akibat diterapkeunna hukum jieunan manusa anu nyata-nyata patukang tonggong jeung syaré’at Islam, mangrupa-rupa karugian jeung kamadaratan tumiba ka urang sadaya. Geus lila urang sadaya nyaksikeun, nepika ngarasakeun kalawan langsung, kanyataan kamunduran umat Islam dina sagala rupa widang kahirupan. Sakabéhna ieu téh nyaéta akibat langsung tina ngabalieurna umat ieu tina syaré’at Islam.
Contona, akibat hutang ribawi anu kacida lobana, ayeuna lamun dibagi rata, satiap urang di ieu nagri kudu nanggung hutang nagara anu gedéna 24 juta rupiah. Samentara kitu tarikan pajak beuki ngabangbaluhan kalolobaan rahayat. Di sisi anu séjénna skandal keuangan ratusan triliun ngabaguded Kementerian Keuangan.
Anu kacida nyedihkeunana deui, kakayaan nagri ieu teu ngadatangkeun kama’muran anu adil pikeun rahayatna, nepika loba jalma anu kasulitan hirup singsanajan sakadar pikeun nyumponan dahareun anu ngandung gizi. FAO nyatet Indonesia nyaéta nagara kalawan jumlah wargana anu kaserang gizi buruk panglobana di Asia Tenggara. Aya sakira 17 juta leuwih urang Indonesia kaserang gizi buruk.
Sawatara kitu nasib umat Muslim di beulahan dunya séjén masih kénéh katalangsara; panjajahan Palestina ku Zionis Israél beuki ngajadi-jadi. Nasib diluar kamanusaan Muslim Uighur di Xinjiang Cina masih terus lumangsung. Kanyeri Muslim di India jeung di wilayah nagri Muslim anu liana ogé teu pernah eureun.
Sakabéh kamunduran jeung kasangsaraan umat ieu sajatina ngajadikeun urang prihatin. Kaprihatinan urang sakuduna ngabangkitkeun ghiiroh (sumanget) urang pikeun ngalakukeun parobahan. Tangtu lain sakadar parobahan biasa, tapi parobahan anu pasti nyaéta ngarah kana Islam.
AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.
Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.
Ngomongkeun ngeunaan parobahan, urang sadaya peyogi ngemutkeun deui ayat Al-Qur’an ngeunaan paréntah dilaksanakeunana puasa Romadlon. Puasa Ramadlon jelas ngajarkeun ka urang sadaya pikeun robah. Teu sakadar robah, tapi robah kana arah katakwaan. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
Yeuh jalma-jalma anu ariman, geus diwajibkeun ka aranjeun ngalaksanakeun puasa, sakumaha puasa ieu téh geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun, supaya aranjeun jadi jalma-jalma anu tarakwa (TQS al-Baqoroh [2]: 183).
Teu sakadar parobahan kana arah katakwaan sacara pribadi (individual), tapi kudu parobahan kana arah katakwaan sacara babarengan (koléktif). Sababna, katakwaan koléktif mah anu ngamungkinkeun nagri ieu bisa ngahontal kabarokahan ti langit jeung bumi, sakumaha dawuhana-Na:
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ
Lamun seug mah pangeusi nagri ariman jeung tarakwa, pasti Kami bakal mukakeun pikeun maranéhna kabarokahan ti langit jeung bumi… (TQS al-A’rof [7]: 96).
Wujud nyata katakwaan koléktif, khususna di nagri ieu, nyaéta tanjeurna syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaaffah). Ngan ku tanjeurna syaré’at Islam kalawan kaaffah nagri urang ieu bakal robah ngarah kana anu jauh leuwih hadé. Sababnya jelas, syaré’at Islam nyaéta jalan kaluar (solusi) pikeun sagala pasualan kahirupan.
Singsanajan kitu, anu ku urang sadaya dipikahayang téh tangtu lain sakadar parobahan ngarah kana katakwaan koléktif sacara nasional, tapi ogé parobahan ngarah kana tatanan Islam kaffah sacara internasional. Sababna, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam diutus ku Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan mawa risalah Islam mémang pikeun ngawujudkeun rohmat pikeun sakabéh umat manusa. Sakumaha dawuhan Mantena:
وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ
Henteu Kami ngutus ka anjeun (Muhammad) anging pikeun ngawujudkeun rohmat pikeun sakabéh alam (TQS al-Anbiya’ [21]: 107).
AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.
Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.
Parobahan nuju kana Islam nyaéta kamistian, lain ngimpi anu kosong. Saéstuna Alloh geus ngutus Rosul-Na pikeun ngameunangkeun Islam ngéléhkeun agama jeung idéologi batil séjéna. Dawuhan Alloh:
هُوَ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَىٰ وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ
Mantena anu geus ngutus Rosul-Na (kalawan mawa) pituduh (Al-Qur’an) jeung agama anu bener pikeun dimeunangkeun ngéléhkeun sakabéh agama, singsanajan jalma-jalma musyrik teu mikaresep (TQS. At-Tobah [9]: 33).
Mémang, sagala rupa usaha dilakukeun ku musuh-musuh Alloh pikeun mareuman cahaya agama ieu. Sesebutan fundamentalisme atawa radikalisme dikarang supaya umat nolak agama Alloh jeung ngamusuhan agamana sorangan. Tuluy maranéhna nawarkeun paham anu nyamarkeun ajaran agama saperti 'moderasi agama'. Singsanajan kitu sakabéh usaha éta dipastikeun bakal gagal total, malahan mah geus gagal, kumargi Alloh Ta’ala tos netepkeun kamulyaan agama-Na.
يُرِيْدُوْنَ لِيُطْفِـُٔوْا نُوْرَ اللّٰهِ بِاَفْوَاهِهِمْۗ وَاللّٰهُ مُتِمُّ نُوْرِهٖ وَلَوْ كَرِهَ الْكٰفِرُوْنَ
Maranéhna hayang mareuman cahaya (agama) Alloh ku sungut-sungut (ucapan-ucapan) maranéhna, tapi Alloh tetep nyampurnakeun cahaya-Na singsanajan jalma-jalma kafir mikangéwa (TQS. Ash-Shoff [61]: 😎.
Hal anu nambahan kayakinan urang kana benerna agama ieu, nyaéta urang nyaksian idéologi sékulerisme-kapitalisme keur gering jeung nuju kana jurang kahancuran. Umat manusa kaancam kahirupan jeung kaamananana. WHO ngalaporkeun satiap 40 detik kajadian hiji kasus bunuh diri di sakuliah dunya, satiap 60 detik kajadian hiji pembunuhan, jeung satiap 100 detik saurang kabunuh dina konflik anu maké senjata.
Tambahana deui, di AS baé wargana diliputan rasa kasieun kajadian panémbakan massal anu nyasar warga sipil. Di awal taun 2023 baé geus kajadian 138 kali panémbakan massal anu dilakukeun warga AS ka wargana sorangan. Sawatara kitu satiap dua menit saurang warga Amérika jadi korban kakerasan séksual.
Nagara-nagara anu nganut idéologi sékulérisme-kapitalisme ogé ngalaman krisis niléy-niléy kulawarga. Loba lalaki jeung awéwé nganut paham "childfree" , maranéhna ogé teu daék kawin, leuwih tikitu deui teu hayang-hayang acan ngalakukeun hubungan séksual. Nepika akhirna populasi wargana terus nyusut kalawan gedé pisan. Ieu téh sabagéan karuksakan anu geus diingetkeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala:
ظَهَرَ الْفَسَادُ فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ أَيْدِي النَّاسِ لِيُذِيقَهُمْ بَعْضَ الَّذِي عَمِلُوا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُونَ
Geus nembrak karuksakan di darat jeung di laut disababkeun ku pagawéan leungeun manusa, supaya Alloh ngarasakeun ka maranéhna sabagéan tina (akibat) pagawéan maranéhna, supaya maranéhna balik deui (kana jalan anu bener) (TQS. Ar-Rum [30]: 41).
Kukituna geus jadi kawajiban pikeun urang sadaya ngalakukeun parobahan ngarah kana Islam. Ieu téh nyaéta paréntah agama jeung sakaligus hiji kamistian. Saéstuna parobahan ieu téh moal rék kajadian anging umat ieu ngalakukeun parobahan ku dirina sorangan
اِنَّ اللّٰهَ لَا يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتّٰى يُغَيِّرُوْا مَا بِاَنْفُسِهِمْۗ
Saéstuna Alloh moal rék ngarobah kaayaan hiji kaom saméméh maranéhna ngarobah kaayaan diri maranéhna sorangan (TQS. Ar-Ro’du [13]: 11).
AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.
Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.
Moméntum Poé Lebaran Idul Fitri insya Alloh geus ngalahirkeun deui umat Islam anu loba, anu mibanda kadar kaimanan jeung kata’atan ka Alloh subhanahu wa ta’ala anu luhur. Ieu bisa jadi modal pikeun bijil meletékna fajar kameunangan Islam di luhureun ieu bumi. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَعَدَ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنْكُمْ وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَيَسْتَخْلِفَنَّهُمْ فِي الْأَرْضِ كَمَا اسْتَخْلَفَ الَّذِينَ مِنْ قَبْلِهِمْ
Alloh geus jangji ka jalma anu ariman jeung amal sholéh diantara aranjeun, yén Anjeuna bener-bener bakal méré ka maranéhna kakawasaan di luhureun ieu bumi, sakumaha Anjeuna pernah méré éta kakawasaan ka jalma saméméh maranéha (TQS an-Nur [24]: 55).
Mudah-mudahan saba’da ngarayakeun poéan kameunangan ieu, nyaéta Poé Lebaran Idul Fithri, anu jadi kameunangan personal, urang bisa sagancangna ngarayakeun kemeunangan koléktif umat. Tangtu ku cara tanjeurna Islam. Lain ngan di nagri ieu wungkul, tapi di sakuliyah dunya. Kitu sakumaha dawuhan Panutan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
إِنَّ اللَّهَ زَوَى لِي الْأَرْضَ فَرَأَيْتُ مَشَارِقَهَا وَمَغَارِبَهَا وَإِنَّ أُمَّتِي سَيَبْلُغُ مُلْكُهَا مَا زُوِيَ لِي مِنْهَا
Saéstuna Alloh kantos nilepkeun bumi pikeun kuring. Tuluy kuring bisa ningali bagéan wétan jeung kulonna. Saéstuna écés pisan yén kakawasaan umat kaula bakal ngaliputan sakabéh bagéan bumi anu geus ditémbongkeun ka kaula (HR Muslim).
Sakumaha anu ku urang sadaya kauninga, sadikantunkeunana ku Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, kakawasaan umat Islam taya lian nyaéta Khilafah. Khilafah pisan —pikeun anu kadua kalina— anu insya Alloh bakal nalukkeun sakabéh dunya jeung kakawasaanana. Khilafah ogé anu bakal ngalakukeun deui nyebarluaskeun Islam ka sakuliyah dunya sahingga bener-bener jadi rohmat pikeun sadaya umat manusa.
«تَكُونُ النُّبُوَّةُ فِيكُمْ مَا شَاءَ اللهُ أَنْ تَكُونَ ثُمَّ يَرْفَعُهَا إِذَا شَاءَ أَنْ يَرْفَعَهَا ثُمَّ تَكُونُ خِلاَفَةٌ عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ فَتَكُونُ مَا شَاءَ اللهُ أَنْ تَكُونَ ثُمَّ يَرْفَعُهَا إِذَا شَاءَ اللهُ أَنْ يَرْفَعَهَا ثُمَّ تَكُونُ مُلْكًا عَاضًّا فَيَكُونُ مَا شَاءَ اللهُ أَنْ يَكُونَ ثُمَّ يَرْفَعُهَا إِذَا شَاءَ أَنْ يَرْفَعَهَا ثُمَّ تَكُونُ مُلْكًا جَبْرِيَّةً فَتَكُونُ مَا شَاءَ اللهُ أَنْ تَكُونَ ثُمَّ يَرْفَعُهَا إِذَا شَاءَ أَنْ يَرْفَعَهَا ثُمَّ تَكُونُ خِلاَفَةً عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ»
Di tengah-tengah aranjeun aya zaman kanabian, kalawan idzin Alloh bakal tetep aya. Tuluy Mantena bakal ngangkat lamun Mantena mikahoyong pikeun ngangkatna. Tuluy bakal aya khilafah anu nuturkeun manhaj kanabian. Khilafah aya jeung kalawan idzin Alloh bakal tetep aya. Tuluy Mantena bakal ngangkat lamun Mantena mikahoyong pikeun ngangkatna. Tuluy bakal aya kakawasaan anu dlolim; éta kakawasaan dlolim aya jeung kalawan idzin Alloh bakal tetep aya. Tuluy Matena bakal ngangkat lamun Mantena mikahoyong pikeun ngangkatna. Tuluy bakal aya kakawasaan diktator anu nyangsarakeun; éta ogé aya jeung kalawan izin Alloh bakal tetep aya. Satuluyna bakal tanjeur deui khilafah anu nuturkeun manhaj kanabian (HR Ahmad, Abu Dawud al-Thayalisi sareng al-Bazzar).
BarokkalLoohu lii wa lakum.
KHUTBAH KADUA
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ
اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ.
اللهُ أَكْبَرُ كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا، وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ، صَدَقَ وَعْدَهُ، وَنَصَرَ عَبْدَهُ، وَأَعَزَّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الأَحْزَابَ وَحْدَهُ. لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الْحَمْدُ.
الحمد لله الذي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَىٰ وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ. اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ كَرَّمَ هَذهِ اِ مُةَّ بِشَريِعْتَهِ اِلكْاَملِة،ِ وخَصَّ بهِاَ بنِبُوُةِّ نَبِيِّهِ اِلْكَرِيِمَةِ.
اَشْهَدُ اَنَّ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَ نَبِيَا بَعْدَهُ، اَرْسَلَهُ بِرِسَالَتِهِ الْقُدْسِيَّةِ وَاَحْكَامِهِ الشَّرِيْفَةِ لِمُعَالَجَةِ كُلِّ مُشْكِلَةِ الْحَيَاةِ.
فَيَا اَيُّهاَ الْمُؤْمِنُوْنَ، تَمَسَّكوا بِاْلإِسْلاَمِ فِي كُلِّ حِيْنٍ، وَ اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَ أَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَمَّا بَعْدُ:
AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, AlLôhu akbar, wa lilLâhil hamdu.
Ma’âsyirol Muslimîn rohimakumulLôh.
Dina khutbah anu kadua ieu, hayu urang sadaya ngado’a, neneda sareng munajat ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Mudah-mudahan Alloh ngabulkeun kana pamundut urang sadaya. Mudah-mudahan Alloh maparin ka urang sadaya kasabaran sareng kaikhlasan. Sarta mudah-mudahan oge Alloh nguatkeun kata’atan urang, ngalanggengkeun katakwaan urang jeung mancegkeun urang pikeun tetep istiqomah di jalan Mantena. Kucara kitu akhirna Alloh subhanahu wa ta’ala maparinan pitulung-Na ka urang sadaya sahingga urang bener-bener tiasa ngahontal kameunangan anu sajati. Ku tanjeurna Islam di luhureun ieu dunya.
قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ: ﴿إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا﴾.
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلىَ آلِهِ وَذُرِيَّاتِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُ بِإِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللَّهُمَّ حَمْدًا شَاكِرِيْنَ، حَمْدًا مُتَنَعِّمِيْنَ، حَمْدًا يُوَافِيْ نِعَامَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيْدَهُ، يَا رَبَّنَا لَكَ الْحَمْدُ، وَلَكَ الشُّكْرُ، كَمَا يَنْبَغِيْ لِوَجْهِكَ الْكَرِيْمِ، وَعَظِيْمِ سُلْطَانِكَ.
اللّهُمَّ اغْفِرْ لَنَا وَ لِوَالِدِيْنَا وَارْحَمْهُمْ كَمَا رَبَّوْنَ صِغَارًا. اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ الأَمْوَاتِ، إِنّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ، فَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ، بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِيْنَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنا، وَأَصْلِحْ لنا دُنْيَانا الَّتِي فِيهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لنا آخِرَتَنَا الَّتِي اِلَيْهَا مَعَادُنا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِي كُلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ.
اللّهُمَّ اجْعَلْ عَمَلَنَا عَمَلًا صَالِحًا مُتَقَبَّلًا, مُوَافِقًا بِأَحْكَامِكَ وَخَالِصًا لِوَجْهِكَ
اَللّهُمَّ تَقَبَّلْ مِنَّا صَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَقِيَامَنَا وَكُلَّ أَعْمَالِنَا الصَّالِحَاتِ وَاغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَاعْفُوْا عَنَّا تَقْصِرَاتَنَا وَارْحَمْنَا بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ سَلَامَةً فِيْ الدِّيْنِ، وَعَافِيَةً فِيْ الْجَسَدِ، وَزِيَادَةً فِيْ الْعِلْمِ، وَبَارَكَةً فِيْ الرِّزْقِ، وَتَوْبَةً قَبْلَ الْمَوْتِ، وَرَحْمَةً عِنْدَ الْمَوْتِ، وَمَغْفِرَةً بَعْدَ الْمَوْتِ. اَللَّهُمَّ هَوِّنْ عَلَيْنَا فِيْ سَكَرَةِ الْمَوْتِ، وَنَجَاةً مِنَ النَّارِ، وَعَفْوًا عِنْدَ الْحِسَابِ.
اَللَّهُمَّ إِنَّا نَسْتَعِيْنُكَ وَنَسْتَغْفِرُكَ، وَلاَ نَكْفُرُكَ، وَنُؤْمِنُ بِكَ وَنَخْلَعُ مَنْ يَفْجُرُكَ. اَللَّهُمَّ عَذِّبِ الْكَفَرَةَ الذِّيْنَ يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِكَ، وَيُكَذِّبُوْنَ رُسُلَكَ، وَيُقَاتِلُوْنَ أَوْلِيَاءَكَ.
اَللَّهُمَّ يَا مُنْزِلَ الْكِتَابِ، وَمُهْزِمَ اْلأَحْزَابِ، إِهْزِمِ الْيَهُوْدَ وَاَعْوَانَهُمْ، وَصَلِيِبِّيْنَ وَاَنْصَارَهُمْ، وَرَأْسَمَالِيِيْنَ وَاَعْوَانَهُمْ، وَاِشْتَرَاكِيِيْنَ وَشُيُوْعَهُمْ.
اَللَّهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ، وَاقْتُلْ مَنْ قَاتَلَ الْمُسْلِمِيْنَ.
اَللَّهُمَّ أَهْلِكِ الْكَفَرَةَ وَالْمُشْرِكِيْنَ، وَالْمُنَافِقِيْنَ واَلْفَاسِقِيْنَ، وَدَمِّرْ أَعْدَائَكَ أَعْدَاءَ الدِّيْنَ.
اَللَّهُمَّ ارْحَمْ أُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ أُمَّةَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، اَللَّهُمَّ اجْعَلْنَا مِنْ أُمَّةِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ.
اَللَّهُمَّ أَنْجِزْ لَنَا مَا وَعَدْتَنَا عَلَى رَسُوْلِكَ، بِعَوْدَةِ دَوْلَةِ الْخِلاَفَةِ الرَّاشِدَةِ عَلَى مِنْهَاجِ النُّبُوَّةِ، تُعِزُّ بِهَا اْلإِسْلاَمَ وَاَهْلَهُ، وَتُذِلُّ بِهَا الْكُفْرَ وَاَهْلَهُ، وَاِجْعَلْنَا مِنَ الْعَامِلِيْنَ الْمُخْلِصِيْنَ لِإِقَامَتِهَا، بِإِذْنِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
ربَنَّاَ ظَلمَنْاَ أنَفْسُناَ، واِنْ لمْ تَغَفْرِلْنَاَ وتَرَحْمنْاَ، لَنَكُوْنَناَّ مِنَ الْخاَسِريِنَ،
رَبَّنَا لاَ تُؤَاخِذْنَا اِنْ نَسِيْنَا اَوْ اَخْطَأْنِا، رَبَّنَا وَلاَ تَحْمِلْ عَلَيْنَا اِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا، رَبَّنَا وَلاَ تُحَمِّلْنَا مَا لاَ طَاقَةَ لَنَا بِهِ، وَاعْفُوْا عَنَّا، وَاغْفِرْ لَنَا، وَارْحَمْنَا، اَنْتَ مَوْلاَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ.
رَبَّنَا آتِنَا فِيْ الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِيْ اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ، ربنا تقَبَّلْ منِاَّ وَاسْتَجِبْ دُعَائنَاَ إِنَّكَ أَنْتَ السَّمِيْع العْلَيِمْ وَتُبْ عَلَيْنَا إِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ.
وَسُبْحَانَكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ، وَسَلامٌ عَلَى الْمُرْسَلِيْنَ، وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM