CARA PIKEUN NGABÉBASKEUN PALÉSTINA
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ وَالْفِتْنَةُ اَشَدُّ مِنَ الْقَتْلِ ۚ وَلَا تُقٰتِلُوْهُمْ عِنْدَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ حَتّٰى يُقٰتِلُوْكُمْ فِيْهِۚ فَاِنْ قٰتَلُوْكُمْ فَاقْتُلُوْهُمْۗ كَذٰلِكَ جَزَاۤءُ الْكٰفِرِيْنَ
(QS al-Baqoroh [2]: 191)
Alhamdulillah, Mantena Alloh Anu Maha Nulungan. Mantena Alloh anu ngahirupkeun jeung anu ngamaotkeun. Mantena anu ngagilirkeun kakawasaan. Mantena pangawasa sajati pikeun sakabéh pangeusi alam semesta. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dilimpahcurahkeun ku Alloh ka panutan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wasallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Ta’atan sadaya paréntah-Na jeung jauhan sanéskanten cegahana-Na, naha nalika dina kaayaan bungah atawa susah, dina kaayaan lega atawa rupek. Iraha baé jeung di mana baé sarta dina kaayaan kumaha baé. Ingetkeun, takwa téh nyaéta anu bakal nangtukeun darajat urang sadaya di sagédéngeun Mantena.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Teu aya kecap anu pas pikeun digantélkeun ka Zionis Yahudi anging biadab! Kumaha teu biadab, maranéhna ngebom rumah sakit Al Ahli di Gaza Salasa peuting kamari, korban anu maot leuwih ti 500 urang sakaligus, naha éta pasén, perawat, nepika dokter. Éstu ieu téh kakejeman anu diluar wates kamanusaan.
Tuluy naha masih kénéh percaya, urang kana pangakuan Zionis la’natulloh ieu yén maranéhna keur ngabéla diri?
Maranéhna terus ngabombardir Gaza ti jarak jauh. Geus 6.000 ton bom diragragkeun di Gaza, wilayah anu sempit kitu. Jumlah ieu sarua jeung bom anu diragragkeun ku Amérika di Afghanistan dina waktu sataun. Leuwih ti kitu, maranéhna ogé ngagunakeun bom “fosfor putih” anu teu meunang dipaké perang ku dunya internasional kusabab ngakibatkeun karuksakan anu dahsyat kanu jadi korbanna.
Geus mah kitu, maranéhna nyebarkeun hoaks kakejeman pasukan Hamas anu sama sakali teu kabuktian. Anéhna, masih kénéh aya kaom Muslim di nagri ieu anu ngabéla Zionis la’natulloh ieu.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Saéstuna pangeusi dunya téh geus ditipu ku Zionis la’natulloh kalawan dibantuan ku nagara-nagara kafir Barat. Maranéhna ngaku keur ngabéla diri, tapi unggal poé maranéhna ngarampas taneuh, ngusir, sarta ngabunuh rahayat Paléstina kalawan teu milih-milih, awéwé, barudak leutik, jeung kolot.
Maranéhna ogé ngabohongan urang saréréa, ku ngaku yén maranéhna téh nyaéta pangeusi asli jeung pamilik sah Paléstina. Kanyahokeun ku sadayana, saéstuna omongan manéhna éta téh nyaéta kabohongan anu dikarang ku jalma anu ngadegkeun nagara Yahudi, Theodore Herzl. Saéstuna maranéhna téh nyaéta agrésor anu teu boga rasa kamanusaan. Teu aya hiji ayat ogé dina kitab suci anu tiheula, komo deui dina Al-Qur’an mah, anu negeskeun yén Paléstina téh taneuh anu dijangjikeun ku Pangéran keur maranéhna.
Anu sabenerna, kaom Zionis Yahudi meunangkeun éta taneuh Paléstina pédah dibantuan ku Inggris jeung Prancis ngaliwatan Perjanjian Sykes-Picot. Dua nagara éta ngadukung diwangunna nagara Yahudi dina taneuh Paléstina. Dua nagara ieu sapongkol pikeun ngahancurkeun Khilafah Utsmaniyah. Maranéhna tuluy ngajadikeun lemah cai kaom Muslim, kaasup taneuh Paléstina, dianggap jadi harta rampasan maranéhna.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Muncul pasualan, kumaha atuh carana pikeun ngabébaskeun Paléstina téh? Ngan hiji jawabanana: Jihad fi Sabilillah. Ieu bahasa anu pang kahartina ku Zionis Yahudi. Lain perdaméyan. Komo deui ngan sakadar “kutukan” jeung “kecaman” mah.
Singsaha baé anu masih kénéh waras otakna, bakal bisa ningali kamustahilan ngaréngsékeun panjajahan Zionis Yahudi ngaliwatan jalur pulitik. Geus sabaraha puluh kali perundingan dilakukeun, naha ngaliwatan anu diluluguan ku nagara Barat atawa ku PBB sacara langsung. Naon hasilna? teu aya. Malahan mah wilayah Paléstina beuki ngorotan, dicaplok ku Zionis.
Leuwih ti kitu, Islam ngaharamkeun daméy jeung sosobatan jeung saha baé anu merangan kaom Muslim. Kukituna naon baé wujudna éta perdaméyan, komo deui solusi dua nagara anu ditawarkeun Barat, éta téh haram.
Perhatikeun dawuhan Alloh subhanahu wa ta’ala:
اِنَّمَا يَنْهٰىكُمُ اللّٰهُ عَنِ الَّذِيْنَ قَاتَلُوْكُمْ فِى الدِّيْنِ وَاَخْرَجُوْكُمْ مِّنْ دِيَارِكُمْ وَظَاهَرُوْا عَلٰٓى اِخْرَاجِكُمْ اَنْ تَوَلَّوْهُمْۚ وَمَنْ يَّتَوَلَّهُمْ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ
Saéstuna Alloh geus nyaram ka anjeun ngajadikeun babaturan anjeun jalma-jalma anu merangan anjeun lantaran agama, ngusir anjeun ti nagri anjeun, jeung mantuan (jalma lian) pikeun ngusir ka anjeun. Singsaha baé anu ngajadikeun maranéhna sobat dalit, mangka maranéhna téh kaom anu dlolim (TQS al-Mumtahanah [60]: 9).
Sarta anu leuwih pentingna deui, syaré’at Islam geus ngawajibkeunn jihad fi sabilillah ka kaom Muslim nalika maranéhna diperangan ku musuh. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
فَمَنِ اعْتَدٰى عَلَيْكُمْ فَاعْتَدُوْا عَلَيْهِ بِمِثْلِ مَا اعْتَدٰى عَلَيْكُمْ
Singsaha baé anu nyerang ka anjeun, prak serang manéhna kalawan saimbang ku serangan anu dilakukeun kumaranéhna ka anjeun (TQS al-Baqoroh [2]: 194).
Alloh subhanahu wa ta’ala ogé maréntahkeun pikeun ngusir saha baé anu geus ngusir kaom Muslim:
وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ
Prak perangan maranéhna dimana baé anjeun manggihan maranéhna jeung prak usir maranéhna ti tempat maranéhna geus ngusir aranjeun (TQS al-Baqoroh [2]: 191).
Syaikh Taqiyuddin an-Nabhani rohimahulLooh dina kitab Asy-Syakhsiyyah al-Islaamiyyah Jilid 2 negeskeun yén jihad téh nyaéta fardhu ’ain lamun kaom Muslim diserang ku musuh. Fardhu ain ieu lain ngan keur Muslim Paléstina wungkul, tapi ogé bisa ngalegaan pikeun kaom Muslim di sabudeureun wilayah Paléstina lamun serangan (agresi) musuh teu bisa diungkulan ku warga satempat.
_Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,_
Geus waktuna urang sadar, ningali kanyataan pulitik ayeuna, teu mungkin kaom Muslim ngaharepkeun pihak séjén, kaasup PBB. Kusabab PBB pisan anu ngokojoan lahirna nagara Yahudi éta. Para pangawasa nagri Muslim teu bisa diharepkeun kusabab maranéhna téh saukur anték Barat.
Kusabab kitu, Paléstina ngan bisa dibébaskeun lamun Khilafah tanjeur. Khalifah bakal ngahijikeun nagri-nagri Islam jeung ngusir para panjajah ti wilayah Islam.
Lamun baheula Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngusir kaom Yahudi ti Madinah kusabab kalakuan khianat maranéhna, ayeuna waktuna umat Islam ngusir maranéhna tina taneuh kaom Muslim.
Mangka, ngawujudna Khilafah Islamiyah nyaéta kacida vital na jeung wajib pikeun kaom Muslim kusabab bakal jadi panyalindungan umat. Khilafah téh nyaéta taméng anu bakal ngaraksa umat sahingga maranéhna ngarasa aman jeung tengtrem, genah merenah tumaninah. Ku Khilafah, harta, getih jeung jiwa umat moal ngocor kitu baé saperti kiwari. Ku khilafah, umat ieu bakal aya anu ngabéla jeung ngabales kabiadaban musuh-musuh Islam. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH KADUA*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar