BAHAYA ULAMA DINA PANTO PANGAWASA

 نَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ.

أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا،
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا.
أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَاَنَّ هٰذَا صِرَاطِيْ مُسْتَقِيْمًا فَاتَّبِعُوْهُ ۚوَلَا تَتَّبِعُوا السُّبُلَ فَتَفَرَّقَ بِكُمْ عَنْ سَبِيْلِهٖ ۗذٰلِكُمْ وَصّٰىكُمْ بِهٖ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ
_Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin,_ Sagala puji kanggo Allah Subhanahu wata’ala anu parantos nganugerahkeun ka urang sadaya ni’mat iman sareng Islam, sarta ngumpul ngariungkeun urang di tempat anu diberkahan ieu. Sholawat sinareng salam kawilujengan mudah-mudahan salamina dicurahlimpahkeun ka panutan urang sadaya, Nabi Muhammad Shollallohu ‘alaihi wasallam, teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, sareng sadaya umatna nepika akhir zaman.
Teu kakantun khotib umajak, hayu urang terus satékah polah ningkatkeun katakwaan urang sadaya. Di mana baé, iraha baé, jeung dina kaayaan kumaha baé. Margi takwa téh anu bakal nangtukeun darajat urang sadaya disagédéngeun mantena.
_*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*_
Menteri Investasi atawa Kepala Badan Koordinasi Penanaman Modal (BKPM) Bahlil Lahadalia boga rencana pikeun méré wilayah izin usaha pertambangan (WIUP) ka organisasi masyarakat (ormas) kaagamaan ngadatangkeun protés. Alesan Pamaréntah méré konsési pertambangan ka ormas kusabab maranéhna boga jasa ka bangsa jeung nagara. Salian ti éta, ogé supaya izin usaha pertambangan ulah ngan dikawasa ku parusahaan-parusahaan raksasa. Sababaraha ormas saperti KWI, PGI, jeung HKBP nolak, samentara PBNU narima kalawan alesan kabutuhan.
Salian ayana pasualan karuksakan lingkungan, méré konsési pertambangan dihariwangkeun jadi alat pikeun meuli haté ormas Islam jeung tokoh-tokohna. Akibatna, aya para ulama bakal cicing dina barisan kakawasaan. Nalika saperti kitu, pangawasa meunang legitimasi tina sagala rupa kawijakanana anu bisa ngarugikeun masyarakat jeung patukang jeung syaré’at Islam. Bisa ogé fatwa ulama dipaké pikeun nutupan sagala rupa kagoréngan-kagoréngan kakawasaan.
Dina kondisi saperti kitu, tangtu musibah pikeun umat lamun para ulama kalahkah jadi stempel kawiijakan dlolim pangawasa atawa jadi bémper pangawasa pikeun nyanghareupan umat. Panutan urang Nabi Shollallohu ‘alaihi wasallam ngingetan yén golongan anu jadi sabab panggedéna karuksakan umat nyaéta para ulama anu jadi fasék. Dawuhan Mantena:
هَلَاكُ أُمَّتِي عَالِمٌ فَاجِرٌ وَعَابِدٌ جَاهِلٌ، وَشَرُّ الشِّرَارِ أَشْرَارُ الْعُلَمَاءِ،
_Karuksakan umat kaula nyaéta ulama anu jahat jeung jalma bodo anu ibadah (teu maké élmu). Panggoréng-goréngna kajahatan nyaéta kajahatan ulama_ *(HR Ahmad)*.
Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wasallam ngingetan para ulama pikeun ati-ati dina campur jeung pangawasa, kusabab deukeutna jeung maranéhna bisa ngadatangkeun fitnah jeung ngajauhkeun ti Alloh. Dawuhan Mantena Shollallohu alaihi wasallam: _“Sing saha baé anu ngadatangan panto-panto pangawasa tangtu bakal kakeunaan fitnah. Henteu saurang hamba beuki deukeut jeung pangawasa anging beuki jauh ti Alloh”_ *(HR Ahmad, Abu Dawud, al-Baihaqi, Ibnu 'Adi, sareng al-Bukhari dina kitab Târîkh al-Kabîr)*.
Dina riwayat anu séjén, Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wasallam ngadawuh: _“Kudu waspada aranjeun kana panto-panto pangawasa kusabab saéstuna hal éta téh bakal nyababkeun kasusahan jeung kahinaan”_ *(HR ath-Thobaroni sareng ad-Dailami)*. Ulama saperti al-Munawi dina kitab _Fayd al-Qodhiir_ ngajelaskeun yén ngadatangan panto-panto pagawasa bisa mawa kasulitan anu pohara pikeun ulama sarta posisi anu hina di dunya jeung akhérat.
Ulama salafus-sholih méré tuladan ku teu ngadatangan istana-istana para pangawasa. Contona, Imam Malik nolak paméntana Kholifah Harun ar-Rosyid pikeun ngadatangan istanana ku nyebutkeun yén _Al-‘ilmu yu’taa wa laa ya’tii (elmu mah didatangan, lain ngadatangan)._ Nepika, ulama baheula nyacad kalakuan ngadatangan pangawasa pikeun jabatan jeung kakayaan, nganggap kalakuan anu kacida pisan goréngna.
_*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*_
Singsanajan kitu, lain hartina ulah aya ulama anu ngadatangan para pangawasa. Tapi, kadatangan maranéhna lain pikeun néangan harta jeung jabatan, tapi pikeun ngalakukeun amar ma’ruf nahyi mungkar sarta ngoréksi sikep kaliru jeung dlolim para pangawasa. Maranéhna ngalaksanakeun naon anu diparéntahkeun ku Panutan Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wasallam: _“Pamingpin para syuhada dina Poé Kiyamah nyaéta Hamzah bin Abdul Mutholib jeung saha baé anu nangtung di hareupeun pangawasa anu jahat, tuluy manéhna nyegah éta pangawasa jahat tina kamungkaran jeung nitah manéhna ngalakukeun kama’rufan, tapi satuluyna éta pangawasa téh maéhan dirina”_ *(HR ath-Thobaroni)*.
Pakait jeung kawijakan pertambangan, misalna, aya tilu pasualan anu sakuduna ditepikeun ku para ulama. _*Kahiji:*_ Ngoréksi rézim pangawasa tina kawijakan pertambangan anu ngan nguntungkeun oligarki, teu nyejahterakeun rahayat, tapi justru nyiptakeun rupa-rupa karuksakan jeung kasusahan. Para pangawasa kudu diajarkeun yén Islam ngaharamkeun kalakuan anu nyababkeun kamadaratan pikeun lingkungan, komo deui pikeun manusa. Dawuhan Nabi Shollallohu ‘alaihi wasallam:
لاَ ضَرَرَ وَلاَ ضِرَارَ
_Teu meunang aya kamadaratan, ogé teu meunang nibankeun kamadaratan (ka jalma lian)_ *(HR Ibnu Majah)*.
_*Kadua:*_ Para ulama kudu nepikeun ka para pangawasa hukum Islam ngeunaan ngokolakeun tambang anu sakuduna dikawasa ku nagara pikeun kasejahteraan rahayat. _*Katilu:*_ Para ulama boga kawajiban nyadarkeun umat sarta ngajelaskeun ka maranéhna yén sabab karuksakan wanci kiwari nyaéta teu diterapkeun na syaré’at Islam dina sagala widang kahirupan. Alloh Subhanahu wata’ala parantos ngélingan:
وَاَنَّ هٰذَا صِرَاطِيْ مُسْتَقِيْمًا فَاتَّبِعُوْهُ ۚوَلَا تَتَّبِعُوا السُّبُلَ فَتَفَرَّقَ بِكُمْ عَنْ سَبِيْلِهٖ ۗذٰلِكُمْ وَصّٰىكُمْ بِهٖ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ
_Ieu téh jalan-Kaula anu lempeng. Prak tuturkeun éta jalan jeung ulah aranjeun nuturkeun jalan-jalan (anu lian). Sababna, jalan-jalan éta téh bakal ngapaburencaykeun aranjeun tina jalan-Na. Anu saperti kitu Alloh maréntahkeun supaya aranjeun tarakwa_ *(TQS al-An’am [6]: 153)*.
Mudah-mudahan para ulama teu kajebak fitnah pangawasa, tuluy ngabalieur ngabenerkeun kabohongan jeung kadloliman maranéhna. Éstu kacida pisan tegesna ancaman ti Alloh Subhanahu wata’ala ka para ulama anu sapongkol jeung para pangawasa anu dlolim.
_WalLoohu a’lam bi ash-showaab._ []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH KADUA
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ؛ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ، وَقَالَ تَعاَلَى:
إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM