AL-QUR’AN ANU MAWA PAROBAHAN NUJU KAMULYAAN
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَلَوْ اَنَّ اَهْلَ الْقُرٰٓى اٰمَنُوْا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكٰتٍ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ وَلٰكِنْ كَذَّبُوْا فَاَخَذْنٰهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ
(QS al-A’rof [7]: 96)
Alhamdulillah, Alloh masih ngaruniakeun ni’mat iman jeung Islam nepika di bulan Romadlon ieu. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan salamina ku Alloh dilimpahcurahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad Shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika poé kiyamah.
Prak geura tarakwa aranjeun sadaya ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa. Ieu bulan téh, bulan nalika Alloh ngagembléng kaom Muslimin pikeun ningkatkeun katakwaan urang sadaya. Lamun anu halal baé bisa ku urang tinggalkeun dina bulan Romadlon, sakuduna anu haram ogé bisa ditinggalkeun ku urang sadaya dina bulan-bulan séjéna.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Romadlon téh nyaéta bulan istiméwa. Di bulan ieu Alloh nurunkeun Al-Qur’an. Al-Qur’an téh pituduh pikeun umat manusa supaya bisa hirup kumbuh di dunya kalawan salamet.
Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنٰتٍ مِّنَ الْهُدٰى وَالْفُرْقَانِۚ
“Bulan Romadlon téh nyaéta bulan anu dijerona Al-Qur’an diturunkeun, anu jadi pituduh pikeun manusa, anu pinuh ku sagala rupa panjelasan tina éta pituduh, sakaligus anu ngabédakeun (haq jeung batil)”. (TQS al-Baqoroh [2]: 185)
Leuwih ti kitu, Al-Qur’an ogé turun dina peutingan anu kacida istiméwana, nyaéta Lailatul Qodar. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنَّآ اَنْزَلْنٰهُ فِيْ لَيْلَةِ الْقَدْرِ
“Saéstuna Kami nurunkeun Al-Qur’an dina waktu Lailatul al-Qodar”. (TQS al-Qadr [97]: 1)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Turunna Al-Qur’an saéstuna nyaéta kajadian anu kacida pisan dahsyatna. Ieu sakumaha dina dawuhan Alloh:
لَوْ اَنْزَلْنَا هٰذَا الْقُرْاٰنَ عَلٰى جَبَلٍ لَّرَاَيْتَهٗ خَاشِعًا مُّتَصَدِّعًا مِّنْ خَشْيَةِ اللّٰهِ ۗوَتِلْكَ الْاَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُوْنَ
“Lamun Al-Qur’an ieu ku Kami diturunkeun di luhureun gunung, anjeun (Muhammad) pasti nyaksikeun gunung éta tunduk jeung beulah paburencay kusabab sieun ka Alloh. Pangumpamaan éta téh ku Kami dijieun pikeun manusa supaya maranéhna daék mikir”. (TQS al-Hasyr [59]: 21)
Nalika nafsirkeun ayat ieu, Imam ath-Thobari nyebatkeun, “Gunung téh tunduk sarta beulah kusabab kacida pisan sieuna ka Alloh singsanajan gunung téh kacida pisan teuasna. Taya lian kusabab éta gunung kacida hariwang teu sanggup nyumponan hak-hak Alloh anu diwajibkeun ka dirina, nyaéta ngagungkeun Al-Qur’an”. (Ath-Thobari, Jami’ al-Bayan fii Ta’wil al-Qur'an, 23/300)
Anapon Imam al-Baidlowi nafsirkeun ayat ieu ku nyebatkeun, “Ayat ieu mangrupakeun gambaran kacida pisan gedéna kahébatan jeung pangaruh Al-Qur’an”. (Al-Baidlowi, Anwaar at-Tanziil wa Asroor at-Ta’wiil, 3/479)
Kusabab éta pisan, nurutkeun Abu Hayan al-Andalusi, ayat ieu mangrupakeun panyacad ka manusa anu teuas haté jeung parasaanana teu kapangaruhan saeutik ogé ku Al-Qur’an. Padahal lamun gunung anu ngadeg jeung kuat baé pasti tunduk jeung patuh kana Al-Qur’an, sakuduna manusa mah leuwih pantes pikeun tunduk jeung patuh kana Al-Qur’an. (Abu Hayan al-Andalusi, Bahr al-Muhiith, 8/251)
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Sajarah ngabuktikeun yén Al-Qur’an téh bener-bener mawa parobahan gedé pisan pikeun umat manusa. Bangsa Arab anu baheula dipinuhan ku kabodoan jeung kadloliman sarta mangrupa-rupa kama’siyatan saperti perzinahan, perjudian, mabok-mabokan, nipu dina jual-beuli, riba, maéhan ka orok-orok anu karék gé lahir, peperangan antarsuku, jeung séjén-séjéna; robah total nalika datang Al-Qur’an.
Kalawan bimbingan langsung Rosululloh shollalluhu ‘alaihi wa sallam, maranéhna robah 180 darajat. Tina poék nuju cahaya. Tina kajahiliyahan nuju kana kamulyaan. Tina kabiadaban nuju kana paradaban mulya. Tina hiji bangsa anu teu diperhitungkeun jadi bangsa anu mingpin paradaban sapanjang rentang waktu anu kacida pisan panjangna, 14 abad lilana.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Sakabéh kamajuan parabadan Islam jeung kaom Muslim salila mangabad-abad éta tangtu pédah Al-Qur’an. Ieu téh diaku ku para cendekiawan Barat. “Sakuduna diingetkeun, Al-Qur’an nyangking peranan anu leuwih géde pikeun kaom Muslim tinimbang Bibel dina agama Kristen… Saéstuna, hiji kitab saperti ieu téh sakuduna dibaca kalawan saloba-lobana di Barat, utamana dina mangsa ayeuna…”. (E. Denisen Ross, saperti dicutat dina buku Kekaguman Dunia Terhadap Islam)
Prof. G. Margoliouth dina De Karacht van den Islam nulis, “Panalungtikan geus nuduhkeun yén anu dikanyahokeun ku sarjana-sarjana Éropa ngeunaan falsafah, astronomi, élmu pasti, jeung élmu pangaweruh saperti kitu, salila sababaraha abad saméméh Rénaissance, sacara garis badagna datang tina buku-buku basa Arab. Al-Qur’an pisan anu méré dorongan pangheulana pikeun studi-studi éta perkara diantara urang-urang Arab sarta babaturan maranéha”.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Lamun urang ngaku iman kana Al-Qur’an, mangka wajib pikeun urang salawasna ngarujuk kana Al-Qur’an; naha dina kahirupan pribadi, masyarakat katut nagara. Naon hartina ngimankeun kana Al-Qur’an anu jadi pituduh kahirupan, namung dina sapopoé pituduh Al-Qur’an téh diapilainkeun. Eusina teu diamalkeun. Hukum-hukumna teu diterapkeun dina sakabéh aspék kahirupan.
Fakta ngabuktikeun lamun henteu ngarujuk kana Al-Qur’an saperti mangsa kiwari, nagri ieu aya dina karuksakan. Kamiskinan, pangangguran, kama’siyatan, korupsi, kriminalitas teu bisa diréngsékeun. Kateuadilan hukum beuki terang-terangan dipintonkeun. Sakabéh karuksakan ieu taya lian akibat tina sikep umat Islam, khususna para pangawasana, anu embung diatur ku Al-Qur’an.
Ieu téh bukti paringetan Alloh subhanahu wa ta’ala:
وَمَنْ اَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِيْ فَاِنَّ لَهٗ مَعِيْشَةً ضَنْكًا وَّنَحْشُرُهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ اَعْمٰى
“Sing saha baé anu ngabalieur tina paringetan Kaula (Al-Qur’an) mangka pikeun manéhna kahirupan anu rupek jeung dina Poé Kiyamah jaga Kami bakal ngumpulkeun manéhna dina kaayaan lolong”. (TQS Thoha [20]: 124)
Kusabab kitu, geus waktuna urang sadaya balik deui kana Al-Qur’an anu mulya. Ngamalkeun sakabéh eusina dina sakabéh aspék kahirupan. Alloh ngajanjikeun kabarokahan pikeun urang sadaya tina hal éta:
وَلَوْ اَنَّ اَهْلَ الْقُرٰٓى اٰمَنُوْا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكٰتٍ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ وَلٰكِنْ كَذَّبُوْا فَاَخَذْنٰهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ
“Lamun seug mah pangeusi nagri ariman jeung tarakwa, pasti Kami bakal mukakeun pikeun maranéhna kabarokahan ti langit jeung bumi. Tatapina, maranéhna ngabarohongkeun (ayat-ayat Kami). Kukituna Kami nyiksa maranéhna kusabab naon-naon anu geus ku maranéhna dilakukeun”. (TQS al-A’rof [7]: 96) []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar