100 TAUN TEU AYA KHILAFAH: UMAT KATALANGSARA
KHUTBAH KAHIJI
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَامَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا،
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ
_Jeung Kami teu ngutus anjeun (Muhammad), anging supaya (jadi) rohmat pikeun samesta alam._ (QS al-Anbiya’ [21]: 107).
Alhamdulillah, sagala puji ngan kagungan Mantena. Anjeuna Anu Maha Gagah, Maha Adil, Anu Maparin Rezeki, sarta Maha Bener. Sholawat sareng salam kawilujengan mugia salamina dicurahlimpahkeun ka panutan urang sadaya junjungan alam Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu salamina istikomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang terus satékah polah ningkatkeun katakwaan urang sadaya ka Alloh subhanahu wa ta’ala kalawan sabener-benerna takwa. Iraha baé, di mana baé jeung dina kaayaan kumaha baé. Tinggalkeun sadaya anu teu meunang, dicegahku Alloh jeung Rosul-Na. Cumponan sanéskanten paréntah-paréntah-Na, singsanajan urang sadayana bakal ngarasa beurat ngalaksanakeunana.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Bulan ieu jangkep 100 taun kaom Muslim di sakuliah dunya hirup teu dipayungan ku Khilafah. Teu boga pamingpin anu ngahijikeun umat. Pas 3 Maret 1924 / 28 Rajab 1342 H Inggris ngaliwatan antékna, Mustofa Kamal At-Taturk, hasil ngahasud sabagéan rahayat jeung tokoh Turki pikeun mérésan, ngaruntuhkeun, jeung mupus khilafah ti luhureun ieu bumi.
Padahal, dumasar kana ijma shohabat, umat Islam teu meunang kosong tina imamah/kholifah leuwih ti tilu poé lilana. Ayeuna, geus kaitung 100 taun. Cing cobaan pirajeunan itung, geus sabaraha poé?
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Meureun aya di sabagéan hadirin anu nyanggah teu satuju, urang kan geus boga pamingpin masing-masing. Pasualanana, naha pamingpin saperti kitu anu digariskeun ku Islam? Naha urang sadaya dicontoan ku Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pikeun paburencay saperti kiwari? Naha Rosul maréntahkeun urang pikeun nuturkeun sistem démokrasi hasil pamikiran Aristotélés, Plato, Machiaveli ti Yunani?
Jawabanana, tangtu henteu. Sakali deui henteu. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam maparin pangajaran supaya urang téh ngahiji. Rosul nyontoan ka urang kumaha prak-prakanana ngajalankeun nagara dumasar kana sistem Islam. Sohabat Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, jalmi-jalmi anu dijamin ku Alloh asup surga, ogé nuturkeun cara Nabi. Maranéhna ngahijikeun sakabéh bangsa, suku, ras, jeung warna kulit, dina papayung Islam.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Urang sadaya kudu sadar, paburencayna urang wanci kiwari ngajadikeun umat ieu lemah jeung dikawasa ku para panjajah. Perhatikeun, kumaha bisa kajadian kaom Muslim anu jumlahna 1,7 milyar leuwih teu bisa ngéléhkeun Zionis Israél anu nyaplok taneuh Paléstina? Padahal jumlah pangeusi Israél ngan 7 jutaan urang.
Ogé kumaha mungkin bisa kajadian Muslim Rohingya bisa kadungsang-dungsang lunta ti lemah caina, dianiaya ku rezim Myanmar, teu aya anu bisa nulungan. Padahal, para pangawasa Arab paboro-boro royal ngahambur-hamburkeun duitna pikeun meuli klub maénbal.
Éstu kaom kaum Muslim keur katarajang kamorosotan dina pamikiran Islam. Katinggaleun dina sagala widang kahirupan.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kanyahokeun, imam atawa kholifah disebut ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam jadi taméng anu méré panyalindungan ka umat. Dawuhan mantena:
إِنَّمَا اْلإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
_Saéstuna Imam/Kholifah téh nyaéta taméng; jalma-jalma perang di satukangeun manéhna jeung nyalindung ka dirina_ (HR Muslim).
Imam al-Mawardi dina kitabna, _Al-Ahkaam As-Sulthooniyyah,_ nyebutkeun yén Imamah nempatan posisi anu ngaganti kanabian dina ngajaga agama jeung urusan dunya. Nalika Khilafah Islamiyah leungit, leungit ogé taméng anu ngaraksa umat. Kusabab kitu dibubarkeunana Khilafah Islamiyah mangrupakeun musibah anu kacida pisan gedéna pikeun dunia Islam. Teu ayana Khilafah, sagala rupa krisis mahabu kalawan teu bisa dieureunkeun. Umat kaleungitan pangraksa jeung anu mélaan maranéhna. Teu ayana Khilafah, kahormatan, harta jeung getih umat dikocorkeun kalawan murah ku Barat jeung ku musuh Islam lianna. Umat ieu dijajah di sakabéh nagri sarta kakayaan alamna dirampog. Loba generasi umat ieu dimurtadkeun. Pikirannana diruksak ku paham sékularisme, liberalisme, pluralisme, sinkrétisme. Nabi urang dinistakeun. Éta sakabéhna lumangsung kalawan laluasa.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Anu leuwih nyedihkeun deui, saenggeus runtagna Khilafah Islamiyah, umat kalahkah mikeun kasatiaan (loyalitas) maranéhna ka Barat anu ngahancurkeun tempat panyalindungan maranéhna. Siga barudak anu geus kaleungitan indung salaku anu méré panyalindungan kusabab dibunuh, tapi satuluyna si pembunuh malah dipuja jeung dipercaya jadi tukang nulungan.
Cobi tingal, kumaha umat ieu sakitu pisan percayana ku solusi anu dibawa ku nagara-nagara Barat saperti AS, Inggris, atawa Perancis. Maranéhna percaya lembaga internasional jieunan Barat saperti PBB, IMF, World Bank salaku pihak anu meles bakal nulungan umat ieu. Padahal, prak kanyahokeun, nagara-nagara Barat jeung sakabéh lembaga jieunanana justru beuki nyéréd umat kana kahancuran.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Urang kudu yakin, ngan Alloh subhanahu wa ta’ala wungkul anu bakal ngangkat ieu umat nuju kana kamulyaan. Lain Barat, lain jalma-jalma kafir. Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngingetan:
اَللّٰهُ وَلِيُّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا يُخْرِجُهُمْ مِّنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَوْلِيَاۤؤُهُمُ الطَّا غُوْتُ يُخْرِجُوْنَهُمْ مِّنَ النُّوْرِ اِلَى الظُّلُمٰتِۗ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ
_Alloh téh nyaéta anu méré Panyalindungan pikeun jalma-jalma anu ariman. Mantena ngaluarkeun maranéhna tina sagala rupa popoék nuju cahaya (iman). Sabalikna, jalma kafir mah, panyalindungan maranéhna téh nyaéta thooghuut. Maranéhna (thooghuut) ngaluarkan jalma-jalma kafir tina cahaya nuju kana sagala rupa popoék. Maranéhna para pangeusi naraka. Maranéhna langgeng di jerona._ (TQS al-Baqoroh [2]: 257).
Kusabab kitu, yeuh kaom Muslim, teu aya deui jalan pikeun urang anging nanjeurkeun deui khilafah anu bakal nerapkeun hukum-hukum Alloh kalawan sagemblengna (kaffah). Tangtu lain maké jalan kakerasan. Urang kudu nuturkeun jalanna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Tegesna nyaéta Jalan Da’wah.
Al-Qodhi Al-’Alim Syéikh Taqiyuddin an-Nabhani rohimahulLooh nyebatkeun yén cicing tina usaha pikeun nanjeurkeun Khilafah nyaéta mangrupakeun salahsahiji kama’siyatan panggedéna. Sababna, teu ayana Khilafah nyababkeun hukum-hukum Islam katotolérkeun saperti dina widang muamalah, pidana, jihad, pulitik, jeung kanagaraan.
Ingetkeun dawuhan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam:
مَنْ خَلَعَ يَدًا مِنْ طَاعَةٍ لَقِىَ اللَّهَ يَوْمَ الْقِيَامَةِ لاَ حُجَّةَ لَهُ وَمَنْ مَاتَ وَلَيْسَ فِى عُنُقِهِ بَيْعَةٌ مَاتَ مِيتَةً جَاهِلِيَّةً
_Sing saha baé anu ngaleupaskeun leungeunna tina kata’atan (ka Imam atawa Kholifah), manéhna pasti papanggih jeung Alloh dina poé Kiyamah jaga kalawan teu boga hujjah (argumen) pikeun mélaan dirina. Sing saha baé anu maot dina kaayaan teu aya baiat dina beuheungna, mangka manéhna maot ku cara maot jahiliyah_ (HR Muslim).
Didieu pisan pentingna urang berjoang ngabalikeun deui syaré’at Islam kalawan sagemblengna (kaffah) dina handapeun papayung khilafah. []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
*KHUTBAH II*
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ
Komentar
Posting Komentar