PERJOANGAN ISLAM

 KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا،
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا.
أَمَّا بَعْدُ؛ فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى :
وَلْتَكُنْ مِّنْكُمْ اُمَّةٌ يَّدْعُوْنَ اِلَى الْخَيْرِ وَيَأْمُرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ ۗ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ
_Sakuduna aya diantara aranjeun sagolongan jalma anu ngajak kana kahadéan (Islam) jeung ngalakukeun amar ma’ruf nahyi mungkar. Maranéhna téh jalma-jalma anu aruntung._ *(TQS Ali Imron [3]: 104)*
Alhamdulillah, puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Alloh, Robb samesta alam, anu parantos nyiptakeun langit jeung bumi kalawan sagala eusina anu sampurna. Sholawat miwah salam kawilujengan teu aya eureuna mugia salamina dicurahlimpahkeun ka Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam, utusana-Na anu pinuh kasabaran sareng tuladan sampurna pikeun umat manusa. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu salamina istiqomah nyepeng pageuh Islam dugika akhir zaman.
Hayu urang babarengan mikirkeun kaagungan Alloh, sarta mikirkeun kacida mulyana ajaran anu didugikeun ku Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Kalawan pinuh ku kasadaran ngeunaan wujud Mantena, hayu urang ngabuleudkeun tékad pikeun salamina ningkatkeun katakwaan ka Alloh kalawan sabener-beberna takwa, ku cara na’atan sadaya paréntah-Na sareng ngajauhan sagala cegahana-Na. Mudah-mudahan urang dipaparinan kakuatan pikeun ngahalalkeun anu halal jeung ngaharamkeun anu haram, sarta terus lumampah dina jalan anu lempeng pikeun ngahontal rohmat sareng kabarokahan Mantena.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Kaputusan Mahkamah Konstitusi (MK) dina Senén kamari (22/4) ngeunaan Sidang Sengketa Pilpres 2024 nguciwakeun pikeun pihak anu masih miharep kana kaadilan. MK nolak sakabéh gugatan ti Pasangan Calon Presiden dan Wakil Presiden 01 (Anies-Muhaimin) jeung 03 (Ganjar-Mahfud MD) ngeunaan sangkaan kacurangan Terstruktur, Sistematis dan Massif (TSM) dina Pilpres 2024.
Kaputusan ieu sacara éféktif ngonfirmasi kameunangan Pasangan Calon Presiden jeung Wakil Presiden 02 (Prabowo-Gibran). Kaputusan MK ieu ngulang deui naon anu geus kajadian dina Pilpres 2019, nyaéta pasangan Jokowi-Makruf Amin ogé “dimeunangkeun” ku MK, singsanajan Pilpres 2019 ogé loba pisan tuduhan kacurangan TSM.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Payus jeung sakuduna urang sadar, kacurangan TSM saéstuna henteu ngan sering kajadian dina prosés Pemilu/Pilpres wungkul. Kacurangan TSM justru “ngadarah daging” dina sistem pulitik démokrasina sorangan.
_*Kahiji:*_ Démokrasi curang tina sisi asasna. Sékularisme téh nyaéta wujud kacurangan anu pang dasarna. Pasalna, démokrasi ngaku kana ayana Pangéran (agama), tapi nolak kana aturan Pangéran (agama) dina ngatur kahirupan manusa. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا ادْخُلُوْا فِى السِّلْمِ كَاۤفَّةً ۖوَّلَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ
_Yeuh jalma-jalma anu ariman, prak geura arasup aranjeun kana Islam kalawan sagemblengna, sarta ulah aranjeun nuturkeun léngkah-léngkahna sétan. Saéstuna sétan téh nyaéta musuh anjeun anu tétéla._ *(TQS al-Baqoroh [2]: 208)*.
_*Kadua:*_ Curang dina hal kadaulatan jeung kakawasaan. Sistem Démokrasi ditanjeurkeun ku dua pilar: (1) kadaulatan (_as-siyaadah, sovereignity,_ hak nyieun hukum hukum) dina leungeun rahayat; (2) kakawasaan (_as-sulthaan, power,_ pangaruh) ogé dina leungeun rahayat. Praktékna, éta pangakuan téh teu bener. Kadaulatan dina demokrasi sabenerna aya disabagéan jalma anu diuk di DPR jeung pamaréntahan, didukung ku para oligarki (cukong modal).
Prinsip kadaulatan (hak nyieun hukum) dina leungeun rahayat patukang tonggong jeung prinsip Islam anu negeskeun yén ngan Alloh subhanahu wa ta’ala salaku Anu Nyieun hukum. Lain manusa. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
اِنِ الْحُكْمُ اِلَّا لِلّٰهِ
_Saéstuna hak nyieun hukum téh nyaéta milik Alloh_ *(TQS al-An’am [6]: 57)*.
_*Katilu:*_ Curang dina hal mihak. Démokrasi ngaku mihak ka rahayat, tapi reremena mah justru ngadukung kapentingan sagolongan leutik anu boga modal atawa oligarki.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Islam téh nyaéta agama pikeun sakabéh makhlukna (alam). Alloh ngutus Rosululloh shollallohu ‘alaihi wasallam kalawan mawa syaré’at Islam anu rahmatan lil ‘alamin. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ
_Teu pati-pati Kami ngutus anjeun (Muhammad) anging supaya jadi rohmat pikeun sakabéh alam_ *(TQS al-Anbiya’ [21]: 107)*.
Hukum Islam mihak ka sakabéh jalma. Contona, hukum neukteuk leungeun anu maling, anu Rosululloh shollallohu ‘alaihi wasallam nolak lamun diterapkeun kalawan tebang pilih. Mantena ngadawuh:
_Éstu kahancuran jalma-jalma saméméh aranjeun kusabab maranéhna téh, lamun salahsaurang ti golongan gegedén di tengah-tengah maranéhna maling, maranéhna ngantepkeun. Tapi, nalika anu maling di tengah-tengah maranéhna téh jalma lemah cacah kuricakan, maranéhna nanjeurkeun hukuman teges (had) ka jalma lemah téa. Demi Alloh, saéstuna lamun seug mah Fatimah binti Muhammad maling, pasti kaula sorangan anu bakal motong leungeuna!_ *(HR al-Bukhori sareng Muslim)*.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Diterapkeuna sakabéh aturan Islam bakal ngaleungitkeun sagala wujud kateuadilan, ogé mupus segala wujud kacurangan. Hal ieu didasarkeun kana sajumlah alesan:
_*Kahiji,*_ Tina sisi dasar/asas. Dina Islam, asas kahirupan sosial jeung pulitik nyséta akidah. Saurang pamingpin kudu boga kasadaran yén sakabéh kalakuanana akibatna di dunya jeung di akhérat.
_*Kadua,*_ Tina sisi pilar pulitik. Dina pulitik Islam, aya dua pilar penting: (1) kadaulatan dina kakawasaan Alloh subhanahu wa ta’ala (syari’ah); (2) kakawasaan dina leungeun umat.
_*Katilu,*_ Tina sisi mekanisme koréksi ka pangawasa anu lapis-lapis. Prosésna dilakukeun ku individu, kelompok (partai pulitik Islam), lembaga saperti Majelis Umat jeung Mahkamah Madlolim. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wasallam ngahargaan aktivitas nepikeun bebenaran di hareupeun pangawasa anu dlolim. Mantena ngadawuh:
أَفْضَلُ الْجِهَادِ كَلِمَةُ حَقٍ عِنْدَ سُلْطَانٍ جَاِئرٍ
_Jihad anu paling utama nyaéta nepikeun bebeneran di hareupeun pangawasa anu méngpar (dlolim)_ *(HR ath-Thobaroni sareng al-Baihaqi)*.
*Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,*
Geus sakuduna umat Islam henteu deui ngagantungkeun harepanana kana démokrasi, kusabab démokrasi mah teu saluyu jeung prinsip-prinsip Islam. Geus waktuna pikeun umat Islam miceun konsep démokrasi sarta fokus kana usaha nerapkeun syariah Islam kalawan sakabéhna dina kahirupan maranéhna.
Pikeun ngahontal hal ieu, kaom muslim perlu nuturkeun _(nulad)_ ka Rosululloh sholallohu ‘alaihi wasallam dina nanjeurkeun Islam. Léngkah-léngkahna diantarana nyaéta ku ngawangun partéy pulitik Islam ningkatkeun da’wah, ngawangun opini publik ngeunaan Islam, jeung nyadarkeun umat ngeunaan pentingnya pulitik Islam. Nepina kana kakawasaan kudu dilakukeun ngaliwatan jalan umat, didukung ku maranéhna anu ngabogaan kakuatan, pikeun nerapkeun syaré’at Islam dina sakabéh sisi kahirupan, utamana dina sistem pamaréntahan Islam (Khilafah). []
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ، وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
KHUTBAH II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ.
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أَمَّا بَعْدُ؛ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ،
وَقَالَ تَعاَلَى:
إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ، وَارْضَ
اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآء مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ،
اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ.
اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ.
رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Komentar