HAKEKAT MI'RAJ

 اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعْمَةِ الْاِيْمَانِ وَ الْاِسْلاَمِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْاَنَامِ . اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَ بَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ :سُبْحَانَ الَّذِيْ اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلًا مِّنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الْاَقْصَى الَّذِيْ بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِن آيَاتِنَا قلى اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ

Maha Suci (AlIah} anu geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji peuting ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsho, anu sakurilingeunana ku Kami diberkahan, pikeun Kami nembongkeun ka manehna ti antara ayat-ayat Kami. Saestuna Anjeunna Anu Maha Ngadangu, Anu Maha Uninga”. { QS, Bani Israil: 1}.
ISRO MI`RAJ
Hadirin Ahli Jum’ah, Rahimakumulloh !.
Intipati anu dicandak ku Rasulullah SAW. anu janten bekel nalika isro mi’raj saparantosna dibedah dadana ku Malaikat Jibril sareng Mikail dikumbah ku cai zamzam kanggo ngabersihkeun sareng ngajembarkeun manah Kanjeng Nabi, saterasna manahna dipinuhan ku Iman haqiqotul haqiqoh, kaislaman anu kuat, mental sabar sareng hilim, elmu anu nyagara sareng kayaqinan anu kuat.
Urang salaku umatna moal tiasa mi`raj hakeki sapertos Kanjeng Nabi SAW., mung upami mi’raj ma’ani hartosna naekeun harkat sareng darajat diri dipayuneun Allah mah mungkin bae tiasa sarta kedah diusahakeunana ku jalan anu lima tadi, mung ari urang mah kedah ngusahakeun nyalira:
1. Kedah ngusahakeun ningkatkeun iman, minimal dugika iman `iyan, kaimanan anu disarengan ku rasa diteuteup, didangu ku Gusti Allah SWT. { Syarah Safinatun Naja, kaca 9 ). Kanjeng Rasulullah SAW. Ngadawuh dina ngawaler patarosan Malaikat Jibril ngeunaan ihsan:
اَنْ تَعْبُدَ اللهَ كَاَنَّكَ تَرَاهُ فَاِنْ لَّمْ تَكُنْ تَرَاهُ فَاِنَّهُ يَرَاكَ
“ Yen anjeun ibadah ka Allah kaya-kaya anjeun ningali ka Allah, mun anjeun teu ningali ka Allah, maka saestuna Allah ningali ka Anjeun”,
2. Ningkatkeun kaislaman nyaeta kujalan maksakeun ngalakonan naon rupi piwarangan Allah, tos lir anu wajib, anu sunnatna oge sakuat tanagi dikeureuyeuh dilakonan. Pamakruhan dikantunkeun, sumawona anu haram.
3. Ngagaduhan mental hilim{bijaksana} tegesna leuleus jeujeur liat tali, laer aisan landung kandungan, tara getas harupateun sahaok kadua gaplok.
4. Elmu anu nyagara, teu aya dinten anu kalangkung kanggo nambihan elmu, teu gaduh peraosan tos seueur elmu, tambih elmu kalah beuki tambih karaos bodona diri. Rasul anu sakitu luhur elmu panemuna jembar panalarna tur digayuh ku Allah masih keneh dipiwarang ngadu’a:
وَ قُلْ رَبِّ زِدْنِيْ عِلْمًا
“ Jeung pok ucapkeun: ’Nun Gusti Pangeran abdi tambihan abdi elmu”.{QS. Tho-Ha: 114} Oge pidawuh Kanjeng nabi SAW :
كُلَّ يَوْمٍ لَا اَزْدَادُ فِيْهِ عِلْمًا لَا بُوْرِكُ لِيْ فِي طٌلُوْعِ الشَّمْسِ ذَالِكَ الْيَوْمِ
“ Tiap poe anu kaula teu tambah elmu, maka kaluarna panonpoe dina eta poe teu aya barokahna pikeun kaula “.( Iqozhul Himam, kaca 354 }.
5. Nyaeta kayaqinan nyepeng agama anu kuat, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan henteu runtuh ku diasongan tahta, henteu leeh ku dibibita harta sareng wanita, istiqomah.
Hadirin Ahli Jum’ ah Anu Mulya !.
Jalmi anu ngamilik sifat-sifat anu dicarioskeun nembe dimana-mana ngalaksanakeun shalat, tangtos shalatna tiasa jadi alat pikeun naekeun martabatna dipayunaneun Allah oge sadaya makhluk. Sakamuha sumping wartos ti Kanjeng Nabi SAW ngadawuhkeun:
اَلصَّلَاةُ مِعْرَاجُ الْمُؤْمِنِ
“ Ari shalat teh tangga jang naekeun darajat mu`min “. { Mirqotul Mafatih, Juz 1, kaca113 }
Malihan dina aosan tahiyyat shalat diabadikeun gundem caturna Kanjeng Nabi SAW sareng Gusti Allah nalika mi`raj di sidratil Muntaha. Kawitanana kanjeng Nabi SAW ngucapkeun:
اَلتَّحِيَّاتُ الْمُبَارَكَاتُ الصَّلَوَاتُ الطَّيِّبَاتُ لِلَّهِ
Gusti Allah ngawaler ku dawuha-Na:
اَلسَّلَامُ عَلَيْكَ اَيُّهَا النَّبِيُّ وَ رَحْمَةُ اللهِ وَ بَرَكَاتُهُ
Kanjeng Nabi SAW emut ka ummatna miharep kasalametan oge dipasihkeun ka ummat, maka Anjeunna ngucapkeun:
اَلسَّلَامُ عَلَيْنَا وَ عَلَى عِبَادِ اللهِ الصَّالِحِيْنَ
Saparantosna kitu, sadaya penduduk langit sareng bumi {para malaikat} sasarengan ngucapkeun:
اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مَحَمَّدًا رَّسُوْلُ اللهِ
{ Syarah Kasyifatu Syaja, kaca 64 }.
Muga-muga shalat urang sadaya janten wasilah naekna darajat di dunya sareng akherat !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
KHUTBAH KA II
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِىْ اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَمِيْنُ . اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . رَبِّ اْجْعَلْنِيْ مُقِيْمَ الصَّلَاةِ وَ مِنْ ذُرِّيَّتِيْ رَبَّنَا وَ تَقَبَّلْ دُعَاءِ . اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ الرِّضَى وَ الْيَقِيْنَ . رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَ الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Komentar

Postingan populer dari blog ini

NGABAGEAKEUN BULAN RAMADHAN

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA

KRITÉRIA PAMINGPIN NURUTKEUN ISLAM